mswa - mangle 2445

57

Upload: mitrasunda

Post on 24-May-2015

1.229 views

Category:

Documents


21 download

DESCRIPTION

MSWA - Mangle 2445

TRANSCRIPT

Page 1: MSWA - Mangle 2445
Page 2: MSWA - Mangle 2445

Duka mémang tos dirarancang ti béh ditu, ti jamanpamaréntahan walikota nu ti heula, duka raran-cang walikota anyar. Duka rarancang dadakan ti

aparat pamaréntah Kota Bandung pikeun ngabagéakeundunungan anyar anu cenah nya arsiték ahli lingkunganhidup nya ogé ngabudaya sarta wanoh kana keretegmasarakat Kota Bandung. Geura waé dina nutupkeunbulan September 2013, hartina jero dua minggu pamarén-tahan walikota anyar, Ridwan Kamil, asa loba pisan acarararaméan anu ngalibetkeun kum masarakat Kota Ban-dung.

Dimimitian ku Bapa Walikota ngajak warga Bandungresep deui tumpak sepédah boh keur kaséhatan boh keurindit ka pagawéan. Pan ari saréréa indit-inditan kana sepé-dah mah, Kota Bandung téh meureun hawana beresihhenteu sumpek kakotoran teuing ku haseup kenalpotmobil.

Acara Jabar Expo di Sabuga, disusul ku féstifal kase -nian kabudayaan dur-der di sawatara kacamatan nepi kapuseur kota. Di Ujungberung pan aya féstifal Tari Bénjang

anu dijarugjugan ku masarakat anu resep sarta miharepbisa ngahirupkeun deui seni tradisi. Braga Féstifal di jalanBraga, némbongkeun rupa-rupa kamonésan boh nutradisio nal boh nu modéren. Pasanggiri Kawih Sunda nudipokalan ku Panglawunan Kawih Sunda, lumangsung diSTSI, dijarugjugan ku kaum muda nu micinta seni kawihSunda.

Miss Tjitjih, Sandiwara Sunda anu matuh di Jakarta,ditanggap deui ku urang Bandung siga nu enya arélingdeui kana Sandiwara Sunda anu di Bandung geus lila taramanggung. TVRI Bandung, najan bari tengah peuting gésok mintonkeun garapan Sandiwara Sunda Miss Tjitjih.

Dina Manglé nomer ieu ogé aya laporan kagiatanYayasan Rancagé anu ngalélér Guru Basa Sunda anuHégar, Cénghar, Motékar, jeung Beunghar ku PiagemHardjapamekas. Iwal ti piagem aya panyecepna deuih.Taya sanés ieu téh mangrupi pangjurung ka guru sangkanngahangkeutkeun pangajaran basa jeung budaya Sunda.

Saha ari Miss Tjitjih, saha ari Hardjapamekas, manggahanca baé nomer ieu. (Helins)***

Bandung Mapag Kota Budaya

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518,

Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.

RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG

RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,

WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib -

rata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian

Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE-

TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, DOKU-

MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRA CETAK

Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN

Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti

(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista

(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,

IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,

Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.

Page 3: MSWA - Mangle 2445

LAPORAN

Hadiah Hardjapamekas 2013

Pangajen ka Guru Basa Sunda

di Tapel Wates .................................... 8

PURIDING PURINGKAK

Nu Matak Muringkak di Majingklak

Nyi Roro .......................................... 24

KOLOM

Ni’mat Anugrah Alloh SWT

Tan Wilangan

H.Usep Romli (Mekah) ................... 28

Perluna Sifat Jujur

Juniarso Ridwan ............................. 48

IMPLIK-IMPLIK

Pasanggiri Juru Kawih 2013

Mekelan Kareueus jeung Kabungah

......................................................... 46

CARITA PONDOK

Bulan Dina Cappucino

Kiki Pratiwi Arsapraja ..................... 18

Dongéng Arina

Endah Dinda Jenura ........................... 20

Cupu

Maman, S.Pd. ....................................... 26

NU MANEUH

Lawang Saketeng ................................. 1

Kaca Tilu ............................................. 3

Munara Cahya ................................... 14

Mimbar Atikan .................................. 26

Gedong Sate ...................................... 30

Mangle Alit ........................................ 31

Katumbiri .......................................... 36

Dongeng Aki Guru ............................ 40

Nyusur Galur .................................... 42

Carpon Lucu ..................................... 49

Pangalaman Para Mitra ..................... 50

Ha... Ha... Ha ..................................... 52

Bale Bandung .................................... 54

Tarucing Cakra .................................. 55

Lempa Lempi Lempong .................... 56

CARITA NYAMBUNG

Carita Sarebu Samalem (176)

............................................................. 10

Gogoda Ka Nu Ngarora (15)

M.A. Salmun

............................................................. 12

­Sekar­MangléGINA

5TAMU

Dr. H. Wawan Diasomantri;

Jadi Direktur, Nyarék Kuli di Nagri Batur

Po

tre

t : R

eis

yan

Indradi anggur ngabetem ditaros ku ing -kang carogé téh. Tungtungna mah hayoh

nu naros, hayoh nu ngajeten.“Yayi, ku naon bet balem baé ditaros téh,Geulis? Saha nu masihan ieu cupu téh?”

Resi Gotawa hantem merekpek kupatarosan, patarosan éta-éta kénéh.

Indradi angger ngabetem.....

22

Cupu

Panata Rias&Raksukan: ZIQHAA by Intan Wedding PackageIka ? Hj Euis Jl. Srimahi Dalam 10

Phone. (022) 5204436, Hp. 08157157066 Hp.

087722811977

Page 4: MSWA - Mangle 2445

Berdikari

Pancasila téh masih kénéhangger dasar nagara. Tapisaha nu masih kénéh inget?

Ku nagarana sorangan gé geusdipopohokeun. Tanggal 1 Juni, nubéh ditu mah sok disarebut lahirnaPancasila, ayeuna mah tiiseun.Tanggal 1 Oktober, nu biasa sokdisebut Hari Kesaktian Pancasila,geu teu aringet. Mun ditanyakumaha runtuyanana Pancasila,umumna mah geus teu apal. Paling-paling TVRI nu sok inggeteun waékana Pancasila téh. Mun tas beritaminangka panutupna téh laguGaruda Pancasila. Pancasila nulima diruntuykeun hiji-hiji. Tapijaman kiwari, saha nu sokngabandu ngan TVRI?

Pancasila téh sigana jadi urusanteu penting keur bangsana sora -ngan gé. Anu jadi pokona lantarandi dinya aya Sukarno. Teu bisadipungkir nya Sukarno anu mimitimertélakeun Pancasila téh. TapiBung Karno sorangan ti awalnageus nétélakeun, yén Pamcasila téhlain jieunanana. Manéhna mahngan semet ngaguar tina anu geusnyampak di masarakat urang.Kalawan panjang lébar di -terangkeun ari nu ngaranna Pan-casila téh naon baé, naon gunana,sarta kudu kumaha ngamalkeun -ana.

Orokaya ninggang sakalinaSukarno dirurud tinakakawasaanana, Pancasila gé milukababawa. Henteu ari nepi kadipiceun mah, da teu wani. Anu ka-jadian saterusna sasat dijauhkeuntina nu ngaranna Sukarno. Nu di-

gegedékeun lain tanggal 1 Juni tapitanggal 1 Oktober. Nu kududitabeuh lain jasana Sukarno tapijasana Suharto. Malah Pancasilajadi bahan penataran anu sipatnawajib keur sakumna warganagara.Saha baé, kudu boga sértifikat anunétélakeun geus lulus Penataran P-4. Éta sértifikat téh dianggap saktilantaran jadi salasahiji sarat pikeunditarimana usul dina sagala urusan.

Ninggang sakalina Suharto géruntag, nu ngaranna Pancasila gémilu jadi burakrakan. BP-7, nu tadi -na sakitu saktina dina urusanPanca sila duka ka mana losna.Jeung euweuh nu ngarasa leungi-teun deuih. Padahal keur dinamangsana aya mah taya saurang gépejabat anu henteu capétang dinanyaritakeunana.

Minangkana Taufik Kiemas anucenah ngasongkeun usul ngeunaanOpat Pilar nagara téh. Diantarana,aya Pancasila. Malah nepi kangahagal keun ngajugjug ka Florespikeun mulangkeun katineung kanu boga hadasana, lantaran nya didinya, dina taun 1930-an, Sukarnomuseurkeun pikiranana dina raragahayang ngungkab deui nu ngarannaPancasila téh.

Ari pingpinan nagara siganamah ngan semet heueuh-heueuhbueuk. Kana sagala rupa gé teuweléh unggeuk. Ngan dina lebahmana nu kudu diheulakeun jeungmana anu bisa diengkékeun, étamah béda deui urusanana. TahPanca sila kaasup kana golongananu diengké-engké. Dina harti, nyairaha boa.

Naha geus meujeuhna lamunsikep urang kana Pancasila dibebe-nah deui?

Geus rada loba éta gé anunyarita mah. Intina mah cenahurang téh geus méngpar tina Panca -sila. Lebah mana méngparna,umumna mah notogna téh kanaurusan ékonomi. Pakaya anu sakitubeungharna téh ku urang geus di-jual jaar, dimurah-maréh ka deu -ngeun-deungeun. Loba contonajeung loba buktina. Tapi saha nudaék ngadéngé? Malah umumnamah urang ayeuna téh geus ngarasabener. Kita sudah berjalan di atasrél yang sebenarnya. Apan kitukekecapan dina pidatona ogé.

Tapi naha atuh bet jadi kieu?Lamun rada dibandungan, anunyarita pajar urang geus méngpartina tujuan asal téh lolobana mahanu geus mararén tinakalungguhan ana. Ari basa keurjeneng na mah henteu kitu basanaanu kadéngé téh. Naon sababna betkitu? Lantaran, lamun nginjeumbabasan dina guguritan tembangcianjuran mah, gamparan sokngabibingung.

Sok wé geura, tina rupa-rupa nungaranna kawijakan pamaréntah,nu mana anu bisa dicekel kalawanpageuh? Urang ulah mopohokeunPancasila, cenah. Urang kudu balikdeui kana UUD 1945 anu asli, anusaméméh diamandemén, cenah.Kitu sotéh ceuk ujaring anu geus teubaroga kakawasaan.

Sigana SBY gé bakal kitukekecapan ana. Tapi engké lamungeus marén. AM

Manglé 2445 3

Page 5: MSWA - Mangle 2445

4 Manglé 2445

A s s a l a m u a l a i k u mWr.Wb.

Punten ngiring ngintunserat ka Ais PangampihManglé. Simkuring sokngaraoskeun kacidareueusna umat Islam sokngalaksanakeun kurban.Ieu ibadah, keur nu kurbankacida mulyana, lantaranmémang ieu ibadah nasfiahtéh miha rep rido Alloh Swt.

Ngan nu jadi émutantéh sual dampakna téa.Kahiji pangpangna umatmasakin, nu sok ngadadakloba alias ngaburudul. Titaun ka taun, nu mariskintéh bet asa beuki namba-han. Dina haté, naha kur-ban bisa ngurangan jumlahmiskin? Naha tiasa jadicara keur ngabebenahumat nu leuwih raharja?Eta mah nyanggakeun kanu langkung terang. Nganupami téa mah henteutiasa ngungkulan karahar-jaan jeung kamiskinan,dina hartos mung saukurnyegah kalaparan poéharita wungkul, simkuringmah langkung satuju pamikurban dilaksanakeun kupribadi masing-masingwaé, henteu dikokola keunku panitia.

Sakitu, hatur nuhunkana perhatosanana.

Wass.

Pa Aep HendriyanaGumuruh Bandung

Nitip Bandung UlahPundung

Assalamu’alaikum Wr.Wb.

Sampurasun!Ais Pangampih Mang lé

nu dipihormat, ti payunngahaturkeun réwu nuhunku ditampina ieu seratngalangkungan éléktronikKoropak Mang lé. Mugiabaé Mang lé, majalahSunda hiji-hiji nu mandiri,eusina mundel, masing di-pasihan panangtayungansareng kakiatan Gusti dinangamumulé sareng miarabasa Sunda salami na.Amin.

Dina kasempetan ieu,simkuring ngahaturkeunwilujeng ka walikota kotaBandung anyar, hususnaka Kang Ridwal Kamil.Mudah-mudahan dinasalami mancén dipasihankakiatan kanggo ngalak-sanakeun amanahmasarakat.

Nyi Manglé, saterasnamah, simkuring ngiringmasihan pandangan kaKang Emil, sok sanaossimkuring percaya ka wali -kota ayeuna mah pinterjeung rancagé.

Nu kahiji dina sualméntal birokrasi. Dikukumaha baé ogé, KangEmil mah sanés asalna tibirokrat. Papadaning kitu,atuh cara ngabebenah ogéulah wani teuing tapi ogéulah ngantep teuing.Tangtu dina hal ieu mé-mang teu gampang, tapisahenteuna Kang Emilkedah nyonto ka Jokowidina ngabebenah birokratdi DKI. Wani nyontoan nubener, éta koncina.

Saterusna dinangabebenah pangwangu-nan Bandung, tangtu moalbisa sosoranganan. Nyapalebah dieu mah KangEmil cukup ku méré conto

‘blusukan’ ka daérah-daérah. Dina ningkatkeunékonomi, kantenan kudumampuh adil antarapangu saha jugala jeungpangusaha handap. Sana-jan Bandung téh kota Jasa,tapi apan buktina mah,lolobana mah pangusahakelas handap.

Tah, upama masalah-masalah saperti kitu hen-teu dilaksanakeun, ulahnyalahkeun upama Ban-dung bakal pundung. Dinaharti, alamna bakal ruksakogé jalmana teu puguhudagan, jauh tinakatengtreman jeung kara-harjaan.

Sakitu waé, mudah-mudahan aya mang-paatna.

Udin SirojudinCikutra Bandung

Assalamu’alaikum Wr.Wrb.

Sampurasun!Damang Ais Pangam-

pih Mangle? Hatur nuhunatuh pami damang mah.Simkuring kacida reu -eusna ka Majalah Mangle,nu kantenan keur wargaKota Bandung mah kacidamangpaatna, utamanadina ngamumule basa sas-tra atanapi budaya Sunda,nu ebreh budayana wargaKota Bandung.

Saha waé wali kotana,masarakat mah, moalweléh ngabagéa keun. Kitutéh, dijurung ku pang-harepan mudah- mudahannu ngageugeuh Bandungtéh bisa ngalaksanakeunpancén na.

Mémang loba pasaulannu kudu dibebenah kuwali kota katut réng -rénganana téh. Ngan,bawirasa aya nu leuwihpenting batan ukur nam-bal sulam jeung ngoméansarana ogé prasarana nuaya di Kota Bandung.

Keur nu dumuk di pa-sisian kota Bandung,héabna pangwangunantéh karasa pisan. Ngan,dina kaayaan kitu téh, teujarang nu leugiteunpakasaban. Sanggeuskaséséréd nepi ka ahirnakapaksa loba nu ngajuallahanna, pakasababananagé loba nu leungit. Nuasalna bisa ngagunakeunlahan sabudeureunana,najan lain anuna, antuknamah éta bisa. Atuh, teujarang nu leungiteunpakasaban, saperti ngukut

ingon-ingon, melak tu-tuwuhan jeung sajabana.Kitu téh, balukar lahan diBandung salin rupa lan-taran jadi milik nubaleung har jeung pangu -saha jugala.

Kahayang mah, pa-maréntah Kota Bandungbener-bener nalingakeunwarga asli Bandung. Ulahnepi ka loba nu bibit buitBandung kapaksa éléh kudeungeun-deungeun nungakuna jadi warga Ban-dung gé ukur aakuanan,lantaran teu bogapadumu kan, ukur bogaKTP wungkul.

Wa Galih, Rancasari,

Kota Bandung

KurbanNgurangan nu Katalangsara

Harepan Urang PasisianKota Bandung

Page 6: MSWA - Mangle 2445

Remen ngageuri, mun ningalinu riab jadi kuli. Komo ukurbuburuh di nagri batur, saperti

di Malaysia. Apan loba nu kacarita nububuruh, bari jeung ukur ngandel -keun tanaga mah, lir dianggap‘kékéséd’, teu diajénan darajat ka-manusaanana. “Mending gé digarawédi urang batan kuli matak tungara dinagri batur mah,” ceuk Dr. H. WawanDiasomantri, Dirut WGUS mukawangkongan. Ngobrol téh pasosorébada asar, sawatara waktu ka tukangdi salasahiji kantorna di MTC/MIMJalan Sukarno-Hatta, Bandung.

Dr. H. Wawan Diasomantri, apalpisan kana poténsi nagri sorangan.Lemah cai téh, mun dikokolakeunkalayan hadé, bakal nguntungkeunjeung ngaraharjakeun balaréa. Conto -na, widang kalapa sawit bisa jadisalasahiji andelan ékonomi bangsa.“Lahan Nusantara kacida saénakanggo melak kalapa sawit,” ceuk ieukonsultan pakebonan kalapa sawittéh.

Mangpaat kebon kalapa sawit, bisanaratay. Lian ti ngahasilkeun minyak,bisa ngawadahan ratusan rébu tanagagawé. Hartina, bisa ngurangan nunganggur, mantuan pamaréntah nga-

5

Dr.­H.­Wawan­Diasomantri;

Jadi Direktur

Nyarék Kuli di Nagri Batur

Ngajak, lain ukur cumeluk ku

omongan, da jeung prakna. Inyana

milih jadi diréktur, demi dulur-dulur

teu liar jadi kuli di nagri batur. Saha

nu boga karep kitu téh? Taya lian ti

Dr. H. Wawan Diasomantri, Direktur

Utama PT. Warekon Geoperta Utama

Sejati (WGUS).

***

Page 7: MSWA - Mangle 2445

hontal karaharjaan masarakat. “LahanIndonésia kacida saéna kanggo melakkalapa sawit. Jantén, tibatan jadiburuh ukur ripuh di nagri batur, apanleuwih hadé digarawé di urang,”pokna tandes naker.

Ludeung MandiriUpama H. Wawan neundeun

harepan kana pakebonan kalapasawit, lantaran apal pisan kanapiuntungeun ana. Kituna téh, me-mang, ahlina dina nataharkeunpikebo neun kalapa sawit mah. Remennarima pesenan ti pausahaan-pausaha an jugala boh panguahapribumi boh asing. “Muka lahan sawitperyogi dana ageung, ratusan milyardugi ka triliunan. Contona, mun ukurngebon 5000 hektar, sakirang-kirang -na butuh modal 400 miliar.Malah,dugi ka panén mah tiasa dugika 500 miliar,” pokna.

Gedéna waragad nu dimodalkeun,butuh balitungan nu asak jeung pasti.Sabab, bisana nepi ka metik hasilnatéh kudu melak heula. Hartina, butuhwaktu jeung kapastian. Ti mimitimelak nepi ka hasil munggaran butuhdangka waktu nepi ka opat taun. Salilacan ngahasilkeun, butuh waragadkeur miarana. “Peran konsultan kedahtiasa ngabalitungkeun sagala rupanati ngawitan tatahar lahanna,nyayagikeun padamelna, ogé nepi kanu tumali sareng ngokolakeun hasilpanén kalapana,” pokna.

Kamampuhan H. Wawan natahar -keun kebon kalapa sawit, meunangkapercayaan ti pausahaan-pausahaanbadag. Loba invéstor nu maké jasa PT.WGUS. Eta téh pausahaan konsultanpakebonan nu sohor ka jauhna. Di-adegkeun ku H. Wawan Diasomantridina taun 1996. Nu ditawarkeunana,jasa, pangpangna nu mangrupa ‘sur-vey design’ jeung ‘planning’ keurkaperluan pakebonan, hususna kebonkalapa sawit. Nu dipigawéna, motré-tan lahan ti luhur, niténan sumberdaya lahan, mininjmen pangwangu-nan pakebonan, sarta minijmen natacaina keur kapereluan pakebonan téa.Data-data hasil survéy bisadimangpaat keun keur ngebon sawit,coklat, karét, jeung sajabana.

Kamampuhan H. Wawan ngokola -keun PT WGUS, didadasaran ku luangjeung pangalamanana dina widang

6 Manglé 2445

Milih jadi direktur ngarah katurut batur

Ngasakkeun pangalaman di lapangan

Sareng kulawarga, garwa, putra, mantu, sareng putu

Page 8: MSWA - Mangle 2445

Manglé 2445 7

survey, ngukur, lahan, ogé icikibung-nan dina widang pakebonan kalapasawit. Ditambah deuih patékadananahayang mandiri sangkan bisa saloba-lobana mantuan pihak séjén bogalahan gawé jeung meunang pangasi-lan. Ahirna, satutas boga pangalamanwelasan taun ahirna jadi Direktur PT.WGUS, balad-baladna puluhankalayan ngabogaan masing-masingkaahlian. “Janten pamingpin, kedahmampuh ngamangpaatkeunkaahlian-kaahlian anggota nudipingpin na,” pokna méré luang.

Nu maké jasa PT. WGUS, lain ukurbangsa pribumi, tapi deuih pausa-haan-pausahaan asing, sapertiMalaysia, Koréa, Jepang, Cina, jeungsajabana. Di antarana, PT. Astra AgroLestari, Tbk., CT Agro, Tianjin JulongGrup, Medco Agro, Grup Ciputra, PT.Triputra Agro Persada, PT. Jaya AgraWattie, Tbk, Gema Raksa Group, ZTEGrup, jeung PT BW Plantations Tbk.

Hartina, H. Wawan téh meunangkapercayaan ti balaréa. “Intina PTWGUS maparin palayanan kanggo nugaduh karep ngadegkeun pausahaanperkebunan, ti ngawitan rarancangdugi ka ngadegkeunana,” ceuk ieuteureuh Imbanagara, Ciamis, JawaBarat nu lahir taun 1955 téh.

Jadi konsultan, butuh kaper-cayaan pihak nu maké jasa. Hartina,PT. WGUS gé ngutamakeunkapentingan nu boga modal sangkanusahana untung. Jasa saperti kitu,kacida dibutuh keunana ku pangu -saha. Lantaran, nu boga modal dipakebonan, teu bisa langsungnalinga keun kamekaran usahana.Jauhna ka lahan usahana, ogé lan-taran kasibukanana, nu boga duitmah, ukur mercayakeun kaparaminijer di lapangan. “Tugaskonsul tan, nyadiakeun informasi nudibutuhkeun ku investor. Istilahna,sakumna asét pausahaan di lapa ngan,dipindahkeun kana méja invés tor.Tina informasi nu dilapor keun, nuboga kakawasaan di éta pausahaantéh bisa nangtukeun putu san keurkapentingan pausahaan ana,”pokna.

Ku lantaran kitu, ieu teureuhGaluh téh, teu weléh boga karep nam-bahan pangaweruh. Najan geus jadidirektur pausahaan sohor, teungarasa sugema ku pangaweruh nugeus nyampak dina dirina. Atuh, getol

naker ula-ilu kana palatihan atawatraining gé. “Intina, nurutan jalma-jalma nu ahli dina widangna, sarta di-larapkeun dina pausahaan anu béda.Nu penting mah ‘konsépna’ anu kedahkapimilik téh,” pokna nyarankeun.

Salila icikibung dina widangna, H.Wawan medal-medalkeun kaya ilmiahnu sumebar dina rupa-rupa tulisan. Diantarana, tumali jeung survey irigasidi Jambi, Jember, Sulawesi; Panguku-ran lahan perumahan di Cilegon, Ci -rebon, Cilacap, jeung sajabana;Pangukuran lahan transmigrasi diRiau, Kalimantan, Irian, jeung sajaba -na; Survey Trace Gas Pertamina; Sur-vey keur Konstruksi PLTA; jeungSurvey keur lahan pakebonan.

Kamampuhan H. Wawan mingpinpausahaan jeung jadi konsultan, meu -nang pangbagéa ti balaréa.Pangharega an gé jul-jol ti mana-mana. Atuh, piagam jeung piala nutingkatna nasional jeung Asean ogéaya kana tujuh welasna ( nepi ka taun2013). Ku lantaran kitu, teu anéh,upama loba pihak nu ngajénankaahlian jeung hasil karyana. Malah,dina bulan September (2013) nuanyar kaliwat, ieu Dirut PT. WGUS téhnarima panglélér gelar Doktor Hono -ris Causa ti University of BerkleyMichigan Amerika.

Ngalap MangpaatH. Wawan Diasomantri téh anak

kadua ti tujuh sadulur. Ti bubudak,aya dina lingkungan kulawarga nungandelkeun kahirupanana tina lahanusaha. Nya, tangtu wé rupa-rupausaha na gé saperti nyieun tahu,tempé, jeung sajabana. Karep Wawanharita gé, hayang jadi pangusaha!

Nilik kana ‘bakat’ akademikna,kaasup onjoy. Apan, keur kelas lima géditawaran guruna sangkan milu ujianjeung kelas genep. Taksiran, gurunage percaya, ieu budak kelas lima téhpimampuheun milu ujian kelas genep.Ahirna, mémang lulus!

Lalampahan saterusna, sakolannatéh di Bandung, da sina jadi anémer,kawas éyangna ti bapa. Blus wéh, kaSTM PU, jurusan Géodesi. Kituna téh,kabita ku ngaranna, ‘aneh’ ceukpikirna harita mah eta ngaran‘géodesi’ téh. Ngan, ari cekel gawésabada lulus ti STM mah, jauh tinakahayang kulawargana, teu jadi ane-

mer, da kalah jadi pagawé tukangnyurvéy, jadi purah ngukur lahan.Atuh, jarambah da remen miang kaluar Jawa kaasup ngasruk leuweungSumatra, Kalimantan, jeung Papua.

Waktu kuliah kénéh bari digawé(1982) ngawani-wani manéh,ngawangun rumah tangga jeung Dra.Hj. Nannie Iryani Rahayu. Garwanamah geus jadi guru di salasahiji SMAdi Bandung. Ngan, kuliah Wawanmah kateug, teu diréngsékeun, damilih museurkeun pipikiranana kanapancén gawéna di pausahaan jugala.

Wawuhna jeung dunya kalapasawit, dimimitian waktu cekel gawé diPT. PT Astra Agroniaga (AyeunaPT.Astra Agro Lestari, TBk). Pancéngawé H. Wawan harita, nyurvéy.Pangalaman ana nu puluhan taun, jadipaham kana nataharkeun pakebonankalapa sawit nepi ka bubbuk leutikna.

Salila jadi pagwé, hatena mah teuweléh hayang mandiri. Ceuk pikirna,mending jadi direktur, batan jadi kuli.Lantaran, mun jadi pingpinan, bisamantuan pihak sejen, sangkan bogapagawean. Ku lantaran kitu sabadaasak mikir, gilig wéh kaluar tipagawéan ana (1996), ngadegkeun(PT.WGUS) jeung babaturanana.

Népakeun jiwa wirausaha ka pihakséjén, dimimitian ti kulawargana. H.Wawan sadar pisan kulawarga nu jaditanggung jawabna kudu mangpaatlain ukur keur dirina, tapi ogé keur nulian. “Perkawis pilihan profesi kumahabarudak. Nu écés, kedah mangpaat,sanés ukur kanggo diri sareng kula -warga, tapi ogé kanggo balarea,” saurieu rama Dokter Wendi Adam So-mantri, Arya Nirwana Somantri,Lc,Mochammad Ramdani Somantri, SP.,sareng Akbar Ginanjar Somantri téh.

Karep jeung kadaék H. Wawannéts ka putra-putrana. Nu cikal geusmacakal, jadi dokter jeungngadegkeun klinik kaséhatan. Nukadua,waktu keur kuliah kénéh diMesir gé teu nyusahkeun kolot, lan-taran babarengan jeung babaturan -ana ngarentalkeun kandaraan. Atuh,komo deui ayeuna, da masing-masingbarudakna gé, lian ti cekel gawé luyujeung kaahlianana, tetep ancrub kanadunya usaha, kaasup si bungsu nukuli ah kénéh, geus jadi minijer dipausahaan nu ditaratas ku kulawarga -na.*** (Ensa)

Page 9: MSWA - Mangle 2445

Manglé 2445

Pikeun guru-guru basa Sunda nu tugas ditapel wates tangtu lain pagawean nu en-teng-enteng bisa ngajarkeun basa

Sunda ka murid-muridna, dimana sapopoenapamake basa Sunda “bersaing” jeung pamakebasa liana saperti Jawa, Batawi jeung basalianana. Tapi pikeun guru nu ngamilk kompe-tensi akademis jeung profesional tur bogasikep jeung dedikasi nu luhur niat nga-mulyakeun basa jeung budaya Sunda hal etateu jadi hahalang, malah sikep guru nu kitupandena geus meunang apresiasi jeungpanga jen ti Yayasan Kebudayaan Rancagenyaeta “Hadiah Hardjapamekas”.Hadiah nugeus lumangsung kagenepkalina taun ieu di-pasrahkeun ka Sanu Mulyadi (Guru basaSunda SDN 1 Munjul Kacamatan Astana-japura-Cirebon), Wahyu “Juwar” Hidayat(guru basa Sunda SMP di Desa Cinere-Depok), jeung Wiwin Widaniawati (guru basaSunda SMAN 10 Tasikmalaya).Acarapamasra han hadiah lumangsung poe Saptu diIsola Resort (Aula Anthurium lt.3) UniversitasPendidikan Indonesia (UPI/IKIP) Jl. Dr.Setia budi No.220 Bandung (28/9). Sapertibiasa, kagiatan ieu hasil gawe bareng antaraYayasan Kebudayaan Rancage jeung JurusanPendidikan Bahasa Daerah FPBS katut Prog -ram Studi Pendidikan Bahasa dan BudayaSunda Sekolah Pascasarjana UPI.

Rektor UPI Bandung Prof. Sunaryo Karta -dinata nu harita rawuh dina acara pamsrahanHadiah Hardjapamekas bareng jeung ino-hong sunda liana saperti Wahyu wibisana,Ajip Rosidi, RTH, Hawe Setiawan, ErryRiyana Hardjapamekas, UU Rukmana, TeddyANM, Karno Kartadibrata, Abdulah Mustafa,Distam, jrrd, nyebutkeun yen sacara kasatmata pendidikan/pembelajaran basa daerahdi Indonesia kacida heureutna, kawatesanan,jeung satemenna jadi kawenangan pemda,naha unggal pemda merhatikeun kahirupanbasa daerahna? Wallohualam, cenah ge. Nganhusus pikeun Jawa Barat rektor kacidanganuhunkeunana ka pemda Jabar nu geusnempatkeun mata palajaran basa Sunda jadipendidikan di sakola-sakola. Hal ieu dipiharepjadi bagean tina pembinaan kabangsaan, basajeung budaya Sunda jadi bagean budayanasio nal, jeung urang ngatik-ngadiidik anakbangsa bari dibekelan ku wawasan nasional,alhasil ajen-inajen lokalna engkena bakalngawangun niley-niley nasional. Kitu saurnatandes. Ngeunaan hadiah Hardjapamekas, “Hal ieu mangrupi hiji apresiasi, motivasi,sareng rojongan , ngokohkeun kayakinankana naon anu parantos dipilampah ku guru-guru basa Sunda teh aya nu merhatoskeun.

Hadiah Hardjapamekas pikeun ngarojongkreatifitas guru basa Sunda”’ kitu saurna.

Kitu pisan cek Ajip Rosidi ge basa merekaterangan pers ka wartawan, “Hardjapa -mekas teh hadiah pikeun guru-guru nu nu-muwuhkeun kacinta murid-muridna kanabasa Sunda. Parantos sapuluh taun mayengYayasan Rancage masrahkeun hadiah ka parapangarang, tah bisana maranehna ngarang tehkulantaran aya guruna, “ Ku kituna guru basasunda nu cek Rahmat Taufik Hidayat (RTH-Pupuhu Yayasan Kebudayaan Rancage)salaku pangjaga ajen-inajen nungawanohkeun jeung ngadidik murid-muridna ku basa Sunda, ge kudu diajen. Sababcek Ajip, basa Sunda kiwari geus nyirorot, lan-taran urang Sundana sorangan kiwari geus teunyaraaheun, “Bapana jeung indungna Sundatapi budakna dididik nyarita ku basa Indo -nesia, eta megatkeun generasi basa Sunda.Basa sunda kaasup nu milu antri pikeuntumpur luyu jeung kateranan para ahli nunyebut keun tina 6000-7.500 basa nu aya didunya satengahna(3.500) baris musnah dinaahir abad ieu”,kitu saur Dewan PembinaYayasan Kebudayaan Rancage pinuh kahari-wang. Tapi aya oge basa nu geus carem tapikulantaran loba nu ngagunakeun deui jadihirup deui saperti basa Hawai jeung basaWales (Inggris) nukungsi dipedar ku C.W.Watson di sababaraha seminar jeung mediamassa, nu umajak lamun basa Sunda hayanghirup kudu nyontoan urang Wales, tapi cekAjip mah moal bisa cenah di Sunda mah, lan-

taran para pajabatna teu “ngabela” kawas diWales, taya perhatianana, padahal ku undang-undang otda ge sabenerna para gegeden tehbisa netepkeun basa Sunda salaku “basapangan teur” kadua salian ti basa Indonesia disakola-sakola. Paling ngan poe Rebo/Jumaahdi kabupaten jeung kota cenah ge.

Kahariwang nu sarua ditandeskeun kuProf.Dr.Dadang Sunendar (Wakil RektorBidang Kemahasiswaan & Kemitraan UPI),Memang hiji kondisi nu teu gampil cenahngamumule basa (budaya) Sunda di satenga -hing kurungan teknologi jeung modernisasimah, estu inisiatif nu mulya, cenah ge lamunaya nu terus ngamumulena.Tapi dugi ka irahabasa Sunda bisa hirup di tatar Sunda? Bakalkumaha nasib basa sunda 50 taun ka hareup?Na bakal hirup atawa tumpur kasedekkeun kubasa Indonesia/asing nu hirup di wewengkonurang?

Calon Guru Kudu Kokojayan diKampus

Tapi insyaalloh lamun aya keneh urangSunda/guru-guru basa Sunda nu rancagejeung bumela ka Sundana, saperti nu geusdipilampah ku Sanu Mulyadi, Wahyu “Juwar”Hidayat, jeung Wiwin Widaniawati nu di -rojong ku kaum akademisi, pamarentah katutmasarakatna , basa/budaya Sunda moaltumpur kari catur.

Sanu Mulyadi umpamana, sok sanajanjadi guru basa Sunda di SD wewengkon per-

8

Rektor UPI, ngarojong kreatifitas guru Basa Sunda

Hadiah Hardjapamekas 2013

Pangajén­ka­Guru­Basa­Sunda­di­Tapel­Wates

Page 10: MSWA - Mangle 2445

Manglé 2445 9

batasan antara budaya Sunda jeung Jawa nutangtu wae loba barebedanana, tapi ti taun1982 nepi ka kiwari mayeng ngajarkeun basaSunda 2 jam dina samingguna. Padahalkakurangan buku-buku sumber cenah ge, ba-heula gampang dibeuli ku siswa kiwari taya,lian ti kitu ngajarkeun basa Sunda diwewengkon Cirebon mah cenah teu gampanglantaran aya wewengkon nu husus make basaSunda – Jawa jeung Jawareh (Jawa sawareh),tah siswa ge aya nu ti Sunda aya nu ti Jawa,“Abdi di perbatasan, Desa Munjul Sunda,Sidamulya Jawa, abdi aya di Cantilan nu cam-pur. Ari di bumina barudak teh ngaranggobasa Jawa, di sakola basa Sunda, tah aringarobrol sareng rerencanganana mah kubasa Jawa deui,” Pokna bari seuri.Tapi sok sanajan kitu aya oge pikareueuseu-nana cenah tugas di Cirebon teh, aya muridnu sapopoena make basa Jawa, tapi jadipinun jul ngadongeng basa sunda sa -Jabar diPangandaran taun 2010. Ti daerah Sundana-di Babakan oge aya nu pinunjul kahijisababaraha kali. Lalaki pituin Sunda kalahiranSumedang 4 Juni 1962 nu geus 31 taun ngan-jrek di Astanajapura- Cirebon lian ti ngajar,tukang ulin ngider ngalatih kasenian, Degung,Kacapi, Upacara Adat Sunda.Di sakolana geaya gamelan Degung cenah butut-butut ge.Margi dina sunda mah teu leupas tina senijeung budayana”, kitu cek alumni Jurusanbasa Sunda Universitas Sebelas April (Unsap2003) Sumedang.

Kitu deui Wahyu “Juwar(Juru Wawar –ngaran tokoh nu diperankeunana nalika aktifdi teater kampus)” Hidayat, nu tugas ngajar diwewengkon Depok, kulantaran indung-bapamurid-muridna teh kalolobaanna lain tiSunda tangtu jadi hiji tangtangan.Memanghese cenah lamun niatna rek maksakeun

Hiji basa ka lingkungan anyar mah, tapikudu jadi “juru wawar”, kudu bisa mikat etnissejenna kaasup Depok nu mangrupa “Indo -nesia leutikna”.Carana dina ngajarkeunkalimah-kalimah basa Sunda Juwar mah kuapresiasi sastra jeung budaya, ku maca sajakbari dicontoan heula ku anjeunna, tah da

meureunan baheulana Juwar aktif di GSSTF(Gelanggang Seni Sastra Teater da Film)Unpad, Pamass Unpad, Tepass (TeaterPaguyuban Sastra Sunda) Unpad, KelompokStudi Sunda Rawayan, jeung Paduan SuaraMahasiswa (PSM) Unpad, seni sastra, senipanggung lain barang anyar deui, atuh murid-mridna arolohok katajieun, tungtungna geusresep mah naranyakeun harti kalimah nu ayadina sajak. Kukituna alumni Sastra SundaUnpad (86-91) kalahiran Garut 31 agustus1967 umajak ka para mahasiswa programSunda utamana nu rek jadi guru/dosen boh diUnpad, UPI atawana Unpas, “ Prak geurakokojayan di kampus nepi ka jibregna, boh rekaktif di teater, sastra, penca, jeung sajabana,ke bakal karasa geus lulus jadi bekel kakuatannu rohaka dina mangsa ngajar, cenah ge.Sabab basa mah teu leupas tina sastra jeungbudayana”, kitu saurna bari miharep sangkanpara guru dibekelan kamampuan pedagogigjeung dramaturgi.Hal ieu ngingetkeun Juwarnu dina mangsa kongres basa sunda (90-91)dipiwarang ku Pa Sayudi (panyajak) jeungbapa na Ajat Subarja (pamilik sanggar tem-bang-tari Inten dewata Kadungora-Garut),“Lamun hidep resep kana seni panggung, adiaktor, kudu jadi guru sangkan unggal poemanggung di kelas jadi juru wawar (Juwar)”.

Ari nu disanghareupan ku WiwinWidania wati mah budaya kota. Indung- ba-pana cacarita ku basa Indonesia ari murid-muridna aya kasieun ngagunakeun basaSunda, sieun salah, kamalum loba undak-usukna, nawaran “dahar” ka saluhureun“tuang” keur sorangan mah kapan “neda”,jeung sajabana. Tah hal eta ku guru pinilih tiSMAN 10 Tasikmalaya ditandeskeun kamurid-muridna, “Ulah seueur kasieun badenyarios sunda mah geura pok wae sarengjalmi/murid nu ngagunakeun duabasa/leuwih mah kapan saur para ahli gebakal langkung pinter sabab utek katuhunanandean saniskara harti basa (perbenda-haraan kata). Maenya kawon ku urang Jer-man nu dugi ka kiwari ge tetep ngagunakeunbasa daerahna, basa ingris mah mung di-

aranggo ku supir taksi, janten urang ge kedahreueus nganggo basa Sunda”, kitu saur alumniJurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBSUPI (92) jeung S2 –Program Studi PendidikanBahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pasca -sarjana UPI(2012), nya Alhamdulillah kiwari90% muridna ngagunakeun basa Sunda.

Riwayat Hadiah Hardjapamekas

Sakumaha nu pada uninga ngaran “Ha-diah Hardjapamekas” nyokot tina nagaranino hong atikan di Jawa Barat, R. SobriHardja pamekas (1913-2005). Lalaki kalahiranCianjur 23 September 1913 icikibung dinadunya atikan ti taun 1950-an, sabada saacanaancrub di lingkungan pamarentahan. Sabadangarengsekeun atikanna di Jerman, Hardja -pamekas ngawulang di Jurusan PendidikanBahasa jerman FPBS IKIP (UPI) Bandung,tapi anjeunna ge ageing pisan perhatosannaka kamekaran basa Sunda.

Anugerah Hadiah Hardjapamekas di -mitian taun 2008. Panaratasna dianatara ErryRiyana Hardjapamekas, putra suargi Hard-japamekas.Saterusna penganugerahan Ha-diah Hardjapamekas jadi program taunanYayasan Kebudayaan Rancage. Panarima ha-diah, guru basa Sunda nu ngajar di SD/MI,SMP/MTs, jeung SMA/SMK/MA; dipilih hijidina “jenjangna’ sewang-sewangan, hadiahnamangrupa piala/laying pangajen jeung duitsapangaji lima juta perak.

Dina hal penileyan/pangajen taun ieu, cekEllin Syamsuri wawakil ti GirangPangajen/juri, aya 10 nomini ti 27 Kabupatenguru basa sunda nu aya di Jawa Barat: 4 urangguru ti 4 Kabupaten, 3 guru SMP ti 3 Kabu-paten, jeung 3 guru SMA ti 3 Kabupaten. Nudiajenna dianatrana “jam terbang” atawaluang na, guru nu kudu bisa digugu (jadi contohade keur murid jeung masarakat) jeung di-tiru (kompetensina hade, tagogna pantes)cindek na idealna guru kudu hegar (darehdeh),cenghar (sehat, motekar/kreatif) jeung beung-har (ku elmu, amal jeung beungharhatena)***ASEP GP .

Para guru nu bumela kana kasundaan dirojong para inohong Nu kasinugrahan Hadiah Hardjapamekas(Kenca:Wahyu, Sanu, Wiwin)

Page 11: MSWA - Mangle 2445

10 Manglé 2445

Bagian

176

Sakumaha nudisaran keun kusobat na, ku

Komaru jaman téh ditu-rut. Ieu pamuda, lang-sung ka puseur kotangadatangan istana nuditempatan putri Budur.Di dinya, manéhnagogorowokan nawarkeunjasa, saperti umumnaahli nujum jeung tabibnu biasa nambaan.

Sakur nu ngadéngéomongan Komarujaman,karageteun. Atuh, jul-jolnyampeurkeun éta nono-man. Bréh wéh kanyaho -an, éta pamua téh, dedegsampé rupa hadé, neng-gang rurupaanana ti parapamuda umumna.

Loba nu heran jeungmanglebarkeun ku nilikparipolah jeung rurupa -an éta nonoman téh.Héran, lantaran bangunnu kacida yakinna kanakamampuhan pribadi.Padahal, paraahli nujumnu tiheula gé teu mam-

puh ngubaran putri nuahirna mah nandanganhukuman.

“He, Ki Silah! Andikaleuwih hadé teugogorokan kawas kitu!”ceuk urang dinya nukarunyaeun ka Komaru-jaman.

Nu diomongan kituteu nolih. Malah,gorowokna téh mingkintarik nepi ka prajuritista na gé kalaluar titempat na, ka-gareuwahkeun ku étasora.

Komarujamanngagorowok deui.Nyebut keun dirina téhahli ngubaran nu sang-gup nyageurkeun putrinu keur nandangan tung-gara. Ngadéngé caritaankitu, nu ngajaga putritéh silihrérét jeungbaturna. Geus kitu,salahsaurang di antaranagura-giru ngabéjaan kaRaja Ghayur.

“Kitu, kasaurananana

téh!” ceuk salahsaurangbadéga ka rajana.

“Di mana ayeuna?”“Di payuneun istana

endén putri!”Raja Ghayur nga-

datangan éta tempat.Bréh lalaki nu umurnakawasna mah pakokolotsupa jeung anakna.Sajongjongan rajangahuleng, teu pupuguhbet ngarasa karunya kaéta pamuda téh. Ceukpikirna, mun nyata-nyatagagal, tangtu bakal jadimamala. Putusan raja,moal lanca-linci luncatmulang. Saha waé nubisa ngubaran, rékdikawinkeun ka anaknasarta meunang ganjaranrupa-rupa dunya barana.Ngan, sabalikna,mungagal, tangtu baris meu-nang hukuman nu kacidabeuratna.

Raja cangcaya kanakamampuhan Komaru -jaman. Inyana mahleuwih suka mun éta pa-muda ngabatalkeunpakarepanana. Ceukpikirna, leuwih hadé étanonoman téh teu

neruskeunpakarepanana. Tapi,Komaru jaman keukeuhhayang dibéré kasem-petan nyoba-nyoba ka-mampuhanana najanahirna kudu nandanganhukuman mun teu luyujeung kahayang raja.

Sanggeus nyarita kitu,Komarujaman ngaharir-ing. Eusina ngedalkeuneusi haté nu éta kekeca-pan téh saperti nu biasadihaleungakeun ku PutriBudur. Atuh, raja géngahuleng sarta timbulkapanasaran hayangnyaho bulé-hideungnalalampahan si pamuda.

Ngadéngé kakeyengéta pamuda, Raja Ghayurpanasaran. Ahirna,ngidi nan sarta nitahsababaraha urang praju-rit nangturkeun ahlinujum ka tempatanakna.

Komarujaman bu -ngah kacida.Leumpangna gé gura-giru naker, miheulaanpangawalna. Kawasnahayang geura-geuratepung jeung nu dipika-

Page 12: MSWA - Mangle 2445

Manglé 2445 11

cangcamna.Ti lawang ka roha -

ngan tempat PutriBudur, kahalangan kusababaraha rohanganséjén. Da, tempat putrimah ayana téh dijerowawangunan béh tukang,nu mun diosorang tilawang hareup gé kudungaliwatan gang heula.

Ahirna, Komaru -jaman jeung pangiringnacunduk ka éta tempat.Sanggeus bébéja ka nungajaga, nu anyar datangtéh bisa asup ka roha -ngan nu ngablag. Didinya aya tempat hususnu pantona dipipidinganku lalangsé. Nya di dinyaputri Budur téh cicingna.Ngahaja pantona gé teuditutupan, lantaranngarah nu ngajaga babariasup ka dinya sarta bisanalingakeun kaayaanputri tina lalangsé nu re-meng-remeng.

Najan teu dipantoan,teu dikerem, Putri Budurmah teu bisa ka mana-mana, lantaran sukunadiranté. Sapopoéannaukur diuk jeungngagolér. Kaayaananamingkin lila mingkinpikawatireun, suda kanadahar, jeung langka sarépeuting, lantaran panga -ruh haténa nu tibelat kalalaki nu teuing di manaayana.

Peuting ka-203

Sanggeus aya dilawang panto nu ukur di-tutupan ku rérégan,pangi ring Komarujamannyarita. Cenah, nya didinya tempatna putri nukeur nandangan tung-gara téh. Geus lila lakerteu kaluar ti wawangu-nan, lantaran dianggapsiwah ku raja.

“Mangga wé kalebet!”ceuk pangiring.

“Keun wé urangubaran ti dieu!” walonKomarujaman.

Ngadénge omongankitu, éta badéga téhhéran. Lantaraan, asa teubiasa ngubaran nu geringukur ti kajauhan. Apan,umumna mah nu geringtéh dibawa nyarita,malah kudu digulang-gapér ku nungubaranana.

“Ih, asa teu ilaharatuh ari ngubaran tiukur ti kajauhanmah!”pokna deui.

Komarujaman teunyarita. Manéhna sila

sarta nyanghareup kanarérégan. Geus kitu mah,ngahariringkeun sair nueusina kawas nu nginge-tan. Cenah, ubarana hatémah, ku cara papanggihjeung nu dipiasih. Ngan,upama ngarasa diteung-teuingan ku nu dipika -cinta, taya deui ubaranalian ti pitulung ti Nu Ma-hakawasa.

Sanggeus ngahariringkitu, Komarujamanménta keretas jeungpulpén ka badéga. Teuhésé, koreleng wé nupentaan keretas téh karohangan séjén.

Datangna deui téh mawabarang sapaméntaKomaru jaman.

Gap éta pamudanampa-nan keretas jeungpulpénna. Trét nuliskeunsair, diilo teleb nakerngimeutan kekecapan nugeus ngajangélék jaditulisan. Geus kitu,manéhna ngalaan ali nunapel dina jariji kencana.Saterusna mah, étasuarat nu dijerona ayaalian téh dipasrahkeunka badéga sina dibikeunka Putri Budur. ***

(Hanca)

Page 13: MSWA - Mangle 2445

12 Manglé 2445

“Dikinten ku abdi mahnaon baé, perkawis parna,boro kagét,” ceuk sungut Sari,ari ceuk haténa mah puguhlain deui. “Naha kitu-kitubaé. Upami badé gé jéngkélbari balilihan, kedah abdi,” –tah ieu mah enya terus jeunghaté ucap téh— “Si Piahménta kitu-kitu baé mah,atuda hakna, kitu adilna,meujeuhna baé, teu anéhteusing.” –éta omongansaéstu na jeung sabenerna,tapi Sari ngucapkeunana teuihlas, henteu clik putih, clakhérang— “Émutan abdi mahkanggo kalulusan sadayana,upami mung sakitu mahpaméntana, saé dicumponanbaé, bilih jadi gujrud.”

Lir ngadadak coplokbangbaluh haté, lir panonpoé némbongan tina sela-selareueuk angkeuh, Usmansirikna teu ngoréjat bawaningatoh ngadéngé omonganpamajikan ana kitu, cengkatbari neuteup, pok nanya:“Kumaha Enden? HenteuEngkang téh lepat dangumah? Kukupingan Engkangtéh cumponan baé?”

Sariningrat maksakeunmanéh imut: “Ih, cepil téh betngadak-ngadak liwar!

Sumuhun, mangga baé,sanggem abdi gé; éta mahhakna Nyi Rapiah, kitu adilnakitu leresna, naha kedahdikorétkeun. Malah kedahnamah abdi, garwa nu anom nukedah kawon.” (Padahal mahari dina haténa mah: “Aingeukeur kasedek kaselempék,mung ngalawan matak ancur,apa boléh buat, saheulaananmundur-mapan, gampangengke geus meunang dangkangangseg deui”).

Ucap teu terus jeung ati, letah teu luyu jeung

bayah, omongan jalma muna -

pék, osok aya akibatna, malindes ka dirina, teu béda ti barang palsu, teu guna ka nu miboga.

Lantaran tangtunganAgan Sariningrat jiga léahjiga sadrah, nyokot jalanmundur-mapan téa, ditenjo tiluar mah imah-imahna jigatetep angger répéh rapihbérés-roés sabaréto, padahaldi jero mah lir durukan huut,seuneun ngageremet teupareum-pareum nyatuanhuut garing.

Ari ku dicandung ona-man, teu pati dijieun pikir, daharita mah biasa nepi ka di-tilu-diopat gé dianggap jamakbaé, kitu sotéh lamun “adil”atawa teu jauh teuinggéséhna antara para marutéh. Tapi ari cara Sariningratmah, anu ti barang kawingeus dibéré meunang, di-pangmeunangkeun duméh“agan” anak ménak, ari ieudidadak ditaragal ku tanjakalsakitu tarahal garihalna sasatdijungkir-peutikeun, asangadadak digebug mamaras,atuh saha nu teu nyeri!

Najan paroman katénjonatetep marahmay, réngkakpolah kadeuleuna angger rin-tih tur jatnika, ari akal mahnu ngagolak ku panas, teuweléh jalan, nyiar hayangmulangkeun kanyeri ka NyiRapiah, teu weléh dipikirdibulak-balik, boh laku, bohkasar asal rekep-rikip.

Sabot kajadian-kajadiandi luhur jalan, Nyi Dampi ogeanu diancam ku Nyi Rapiah –ieu mah tulen pokal NyiRapiah, lain pamagahanLuih—teu cicingeun, ceukpribahasana tea mah cara an-jing tutung butut, teng kaditu, teng ka dieu ngade-dengekeunngadeudeuleukeun pijala-neun geusa narik AganSarining rat jadi “daga -

nganana. Dasar Nyi Dampibosa wisit jagi GOGODA KANU NGARORA akal téh teuweléh nimu, jalan teu burungmendak, katerengan cukup.

Kawas enya magarpamae nan tara sepi pawit,palacuran tara suda layan,bangsat boga bae palingeun,tukang gerejud, setan mang -rupa manusa ge tara beakeungeusan ngabibita, Nyi Dampige geus manggih jalan.

Sakali ieu Nyi Dampi téhhenteu tandang ku maneh,tapi ngajurungkeun“muridna nu geus meunangdiploma” nya eta Agan Lilis.

Harita téh poe Jumaahisuk-isuk, Sariningrat keurngajulaeu bae dina dipan dipatengahan (jaman haritamah teu kaitung dusun neun-deun dipan atawa korsi maledi patengahan téh), geus beu-rang téh acan mandi-mandiacan, beberes bebenah masabodo lajangna, ka dapur geusteu ahyang campur, anggeusku ngandelkeun Bi Asmi,awak geus teu pati dipalire,babangunan téh rek kadewulrek jamburaul keun bae.Kitu na téh perbawa panas kumaru jeung jengkel ku salaki.Diwaaskeunana téh tipupeuting dina saminggusalaki na sukan-sukan carapanganten anyar jeung NyiRapiah. Da keur panas, teu

{ 15 }Ku M.A. Salmun

Page 14: MSWA - Mangle 2445

Manglé 2445 13

kapikir ieuh: naha NyiRapiah moal nyerieunhatena, dicangkolong opatpeuting dina saminggu.Dasar jelema tea bae, aranglangka nu inget kana kanyerikapeurih nu lian, nganhayang ngeunan sorangan,komo ieu mah kangarananjeung maru.

“Pangapunten,” ceuk Lilisti luar.

“Rampes,” tembal Saribari hudang memeres gelung,ngusap beungeut, langgeor katepas, ngarudin, baju gejeroeun sarung.

“Ya Alloh, geuning Euceu,haturan!” ceuk Sari barinyumputkeun kabingung.“Sisinarieun sisinanteneunrurumpaheun ka abdi.”

Lilis pura-pura teu mireu -ngeuh kana pamulu bingungparoman susah téh, serewelpisan jiga nu heueuh sono:“Duka, da Euceu tos ayasaming gu mah hate nyong -srong hayang ka dieu, teuwantun jung sotéh, aringgisbilih Enden teu kersangangken, rumaos bae Euceumah baraya ge kacingcalangti Manglayang.”

“Gusti Pangeran,” walonSari, “naha Euceu sasaurangkitu, apan urang saaki, in-dung abdi téh adina tuangrama!” Bari Lilis dikaleng:“Nam urang di lebet, naonEuceu téh bakuna nganggoManglayang-manglayangkitu. Teu lucu ah, dijembel kegeura.”

Jeung enyana, Sari téhduka kumaha, bet atoh ka-datangan dulur misanna téh,asa aya geusan malidkeunkasedih, asa boga batur keu -eung, beungbeurat hate teuasa ngabandul teuing.

Lilis, pura-pura teu i -ngeuh: “Ari Aom tos angkatka padamelan?”

Sari: “Teuing atuh!Taroskeun ka anak Si HajiNgopet ... hemh, hayang téhdibeledag gelap ka inyah.”

Lilis: “Har, naon ieu téh,sararieun ah, jiga nujusarusut. Uih deui we Euceumah,” bari pura-pura rekngalesotkeun nu ngaleng.

Sari: “Angger ari geusogoan téh. Da sanes ambek

ka Euceu abdi mah, ngewaka Si Eta tah, Si GusureunBuaya, sangeuk nyebutngaranna ge lah.”

Lilis: “Leuh leueuh,hadena bae ninggang diEnden, geulis ka baeud-baeudna, jamotrot téh mataktambah sono. Mun ku nusejen mah Euceu téh ngejat,sararieun.”

Jeletot Sari ngajembelbirit bari ocon: “Baku ari geusngolo téh, kabisa ti bubudak,hag siah karasa tah, nya!”

“Aduh!” ceuk Lilis nga -gurubug bari seuri, “manasina ulin kakamarangan diburuan Eyang Patih, nyiwittéh ku teu kira-kira.”

Sari: “Ngewa tuda, makengolo.”

Lilis ngartieun yen dirinakeur dipake meupeuskeuyang tapi pura-pura bae,malah rada ngahajakeunkalah disundut sakali, ngarahdibanjur sakalian geusngagedag engke, pokna:“Paingan atuh Euceu téhkeyeng pisan hoyong ka dieutéh, sihoreng Enden nuju

kabarubuhan. Ari kahayangtéh geus peupeuriheun.Aceuk jadi jalma katalang -saraya, seubeuh dicacampahdeungeun, atuh Enden mahsing mulus, sung lulus bang -lus, salindungeun Euceu, dabaraya nu lian mah apan nyaeta tea di hareupeun beu -ngeut Euceu teu heuleum-heuleum ceplak pahang,basana ge Si KacingcalangManglayang. Padahal indungEuceu téh ti barang pruk kaUa suargi, bejana jadi poharanyantrina, teu tingal salatngaji, ibadah-puasa. Enyatadina ngaronggeng tea mah,tapi jalma geus babalik pikir,geus ngalebur tapak, geushirup bageur, ku baraya tibapa hayoh bae dipepehek,dugi ka sapertos Ama Ranggasareng Ibu kalektor mahwerat nyaretu ka Patih, kersanyakolakeun Euceu sagala,bubuhan ka putu,Manglayang-Manglayang ge.Ninggang di Euceu siriknateu dikukuprak dianjingansakalieun deudeuheus ge.Cacad na téh dumeh indung

Euceu kungsi jadi ronggeng.Eeuceu téh lain disaramabat,dijareujeuhkeun sina jadijelema bener, bet kalahdibendengan, disieuhkeun.Naon dosa Euceu? Pedah in-dung Euceu geulis matakkapengpeongan bapa Euceu?Magar menak sok adil pala-marta téh, ninggang dibaraya Euceu mah manabuktina? Nu luhur lalengus,nu harandap tambelar. Kalahka aragulna bae ku payungbutut.”

“Paratnos-parantos!” eukSari, “Euceu mah kitu, ah,keur carang tpang téh, ariamprok bet nyeuseul ka abdi,aya kadua nyombo ka dulurnu nuju dipuuk bingung.”

“Lilis nyerengeh: “Sanesnyeyseyk, Euceu mah keurnyarioskeun baraya!Samarukna jadi menak téhanggeus ku turunan bae teukudu menak ka hate-hatena.Nya! Hmh, humayua teuing!”Lilis ngarenghap sakeudeung,pok deui ngadadak nyim-pang: “Lah ku baretah lah didieu,” bari rurat-reret, “kuiasaan Enden mah ngaturbumi téh. Kieu-kieu teuingmah, sugan kapatihan bae,ieu mah.”

Sari: “Tah, tah, tah, NyiJucung mah geus prak deuibae ngolo téh.”

Lilis ngabarakatak: “Hah,hah, hah! Nyi Jucung; enyakeur budak Euceu ari di-gelung téh sok dijucung,ayeu na mah, tuh...” barinembong keun gelung. Nyaluis nya gede ... tingali, sang-gul kieu nu di sebat Si Hayu-Tuturkeun téh; hah, hah,hah,”

“Ke nanan Ceu,” omongSari, “linggih-linggi di dieu,abdi bade mandi heula. Palayngaleueut naon, cikopi,citéh?”

Lilis: “Nam, nam atuh rekmandi mah! Geulis-geulisngajejedig, yey, boro-borolalaki, Euceu ge rujit nenjo -na.”

Jeletot Lilis dijembelmani ngagurubug. Sari hu-dang bari ngadelekan ocon:“Hayoh, Si Jucung, SiPangolo an, kop tah geulis tahnu ngajeletot.” (hanca)

Page 15: MSWA - Mangle 2445

Teu mangmang deui, kanggourang salaku muslim,sumping na sasih Dzulhijjah

mangrupi pangémut yén dina sasihéta aya peristiwa penting tegesnaibadah haji sareng qurban atanapiIdul Adha. Dina peristiwa éta ogékacatet uswah atanapi conto tula -deun ti insan-insan pinilih, tegesnanulad uswah kulawarga Nabi Ibro-him 'alaihi salam. Dina ritual ibadahhaji natrat lalampahan sareng tapaklacak kulawarga Ibrohim anu intinanyoko kana wedelna taohid, akidah,sareng kaimanan ka Alloh SWT.Leres, kanggo kaom muslim mahwedelna tatapakan taohid sarengiman téh mangrupi konci geusanngahontal kabagjaan lahir tumeka -ning batin, dunya rawuh ahérat.

Ku tatapakan taohid sareng imananu kiat, sagala rupi pangrobédahirup di alam dunya ieu bariskaungkulan. Sawangsulna, upamidina diri kulawarga urang suwungkaimanan nu saleresna, hapa atikanmoral sareng ahlak Islami, barissesah ngungkulan sagala rupi pang -robéda hirup. Ari margina, hartoskabagjaan kanggo kaom muslimmah ukuranana sanés sarupi upami -na baé kabagjaan lahiriah duméhharta banda ceuyah, nanging kedahngawengku karaharjaan batin.

Tah karaharjaan atanapikabagja an lahir tumekaning batintéh katawis tina réngkak paripolahkulawarga Nabi Ibrohim a.s. anupanceg nyepeng deleg taohid sarengiman ka Alloh SWT anu tangtosnakedah ditulad ku urang sadayanamalah mandar ngahontal harepan

bagja lahir tumekaning batin, boh didunya boh di ahérat.

Aya paripaos ka cai jadi saleuwika darat jadi salogak. Kitupengkuhna akidah sareng taohidkula warga Nabi Ibrohim ogé. Geura,nalika Nabi Ibrohim kénging pancénti Alloh sangkan meuncit putrana kuanjeun, Ismail, anu sakitu laminadikantunkeun, katawis sauyunan -ana.

Ingkang garwa, Siti Hajar,barang ngadangu iber sangkan NabiIbrohim meuncit putrakameumeutna, sok asal leres pancénti Alloh SWT, anjeunna teu mung-pang, teu galideur, teu unggut kalin-duan teu gedag kaanginan, éstutumut kana naon-naon nu nujudiperjoangkeun ku ingkang carogé.Sanaos sétan ngagoda nu cenah naindung téh aya ku téga ngantep bapamaténi getihna sorangan. Siti Hajarpanceg, langkung percanten kanacariosan ingkang carogé batanpanggoda sétan.

Tuang putra, Ismail, ponpilalagitos masagi taohidna ti murangkalihkénéh. Sanaos anjeunna badé di-paténi, diteukteuk beuheung ku nujanten rama, henteu ieuh mungpangwangkelang da tos yakin éta téhmangrupi kadeudeuh sarengkanyaah Alloh SWT. Numawi,anjeun na sumerah pasrah, "ManggaApa, geura caosan pancén ti Alloh,abdi rido," kitu pangintenpibasaeun ana téh.

Atuh tos kantenan Nabi Ibrohim,anjeunna teu mangmang deuinyumponan pancén ti Alloh numangrupi ujian nu teu kinten

abotna. Nanging, ku kersaning asihGusti, korban téh sanés meuncit Is-mail, tapi digentosan ku domba.Nya janten syaréat ibadah qurbankanggo urang ayeuna, nu teu kedahkorban meuncit anak, nangingcekap ku domba atanapi sapi.

Seueur tuladeun tina perjoangankulawarga Nabi Ibrohim utaminadina mageuhan akidah sareng imananu saleres-leresna. NumutkeunDrs. Syahminan Zaini dina bukuna,"Khutbah Jum'at", aya lima hal anudipidamel ku Nabi Ibrohim nalikamilari sareng ngadegkeun hak atawabebeneran.

1. Nabi Ibrohim kacida teusapagodos na kana kapercayaanjeung kahirupan bangsana anureumbeuy ku kamusrikan kaAlloh.

2. Ku kituna, teras Nabi Ibrohimngayakeun panalungtikankalayan soson-soson, sahasaleresna anu kedah disembahku manusa. Anjeunna kéngingkacindekan geuning anu payusdisembah mah anging AllohSWT anu nyiptakeun alam katutpangeusina. Tah ieu bebeneranatawa hak mah.

3. Nabi Ibrohim nepikeun éta hakka kulawarga jeung bangsana(kaomna) kalayan daria. Tapitetep wijaksana.

4. Dina nepikeun hak ieu, NabiIbrohim mayunan halanganharungan ti ditu ti dieu. Kuanjeun na dipayunan ku carangorbankeun naon baé anu ayadina diri anjeunna, dugi ka

Nulad UswahKulawarga Ibrohim a.s.

Ku Féndy Sy. Citrawarga

14 Manglé 2445

Page 16: MSWA - Mangle 2445

putra na ku anjeun anu kacidadipikacintana dikorbankeun.Jabi ti kitu, anjeunna sayoginampi rosiko anu tumiba dugi kaanjeunna rido diduruk hirup-hirup.

5. Alatan réla korban sarengwawanén narima rosiko, NabiIbrohim kasinugrahan kabagja -an dugi ka namina dipiémutsareng dipihurmat ku balaréasareng ku Alloh SWT tug ka ki-wari.

Sakali deui, sépak terjang jihadNabi Ibrohim sakulawarga kedahjanten uswah, conto, kanggo urangsadayana salaku muslim dinangawangun kulawarga soléh.Anapon prakprakanana, sajabinulad Nabi Ibrohim ogé dijejeran kuuswah Nabi Muhammad saw. mi-nangka panumbu dawah nabisareng rosul sateuacanna turanjeun na janten rosul pamungkasnu tos dibekelan papagon Islam anusampurna.

Dina hal ieu, anu kedahlangkung diperhatoskeun nyaétataohid sareng kaimanan. Teu badékitu kumaha, jaman kiwari kaayaankulawarga muslim réa nu tigebruskana jurang kacilakaan ku margiparantos nebihan akar-akar agamanyaéta iman sareng akidah. Leresari seueur téa mah nu percanten kaAlloh. Nu ngangken mumin, mus-lim, sareng jujuluk agung sanésna.Nanging, dina ngamalkeun ajaran-ajaranana kirang sampurna. Malahseueur nu ngan sakadar ngangken.Da ningan kabuktosan, nu masiatpabalatak, nu curaling teu éling-éling, korupsi beuki ngabaju,kajaha tan sareng kamungkaran tayaeuih-euihna. Aya salaki bageur,pamaji kan teu bener. Indung bapatakwa, budakna doraka, anak soléhkolot salah. Ieu mangrupi gambaranhenteu sauyunana hiji kulawargadina miharep rido Gusti. Malahjaman kiwari mah sok kacaturkeunsakulawarga ancrub kana dunya pe-teng. Beu!

Alloh SWT ngadawuh: "Hé kaomkula, prak aribadah ka Alloh,satemen na teu aya Pangéran salianti Mantenna. Mantenna anu geusnyiptakeun anjeun tina taneuh

jeung anjeun anu ngamamurkeun -ana. Maka, peredih pangampuraNajeung tobat ka

Mantenna. Saéstuna Pangérankula kacida parek rohmatNa jeungngobul du'a hambaNa." (QS Hud:61)

Ayat di luhur mangrupi pépélingyén iman anu diadumaniskeunjeung taohid baris mampuh nyegahhancurna akidah, nyatana pangaruhhaliah dunya. Cindekna, lamun uru-san dunya teu dipager ku iman anuwedel tangtos baris cilaka. Geura,nalika urang meunang hartamucekil mani asa jasa sorangan, di-itung-itung taya tungtung,dibahruteng mani anteng tayacacap na. Sedengkeun nimat karuniaAlloh dilali-lali, kahihilapkeun kungétang bati. Antukna kawajibanbabakti ka Gusti kaluli-luli. Padahalapanan urang diciptakeun ku Allohtéh taya kajabi anging kanggoibadah ka Mantenna.

Beuki kendor nyepengan taliagama Alloh, tos moal boa bakalleuwih mangprung nunutur hawanapsu, baris leuwih jauh maléngostina garis hukum-hukumNa nuantuk na bakal leuwih wani nyoranghirup sahayuna, agama ukur jadikaulinan jeung bahan geuhgeuyan.

Alloh SWT ngawawadian:"Nyaéta jalma-jalma anu nga-jadikeun agamana keur kaulinanméakeun waktu keur gogonjakansahingga kahirupan dunya geusnipu maranéhna. Ku kituna, dinapoéan kiamat ieu, Kami mopoho -keun maranéhna sakumahamaranéhna baheula mopohokeunkana pinanggih jeung poé ieu, jeungku sabab maranéhna nolak ayat-ayat Kami." (QS Al A'rof: 5)

Kacida rugelna upami urangdugi ka diapilainkeun ku Gusti NuMaha Suci alatan urang ogéngapilain keun kana kahémansareng kadeudeuh Mantenna,nyaéta hirup aya dina ugeran papa -gon Islam. Satemenna Alloh SWTparantos ngawanti-wanti ka urangsadayana yén urang téh asal tiManten na tur mulang ogé moal kamamana anging ka Mantenna. Mu-lang dina hartos kedah tanggungjawab kana sagala rupi hal anu tosdipidamel. Hanjakal urang mah

hirup téh bet diprogram ku haliahdunya, ngaluli-luli kana baristumiba na jeung ajal pati baringahihilap keun atanapi haré-harékana ayana poé hisab, balitunganamal.

Ngeunaan hal éta diuningakeunku jungjunan urang, Nabi Muham-mad saw., sakumaha nu kaunggeldina hadis nu hartosna:

"Baris datang ka kaom kula hijimangsa jeung nalika éta(maranéhna) leuwih mikacinta limaperkara nepi ka maranéhnamopoho keun lima perkara sejénna.Maranéhna leuwih mikaresepmarebut keun tahta nepi kamaranéhna mopohokeun bekel keurdi alam kubur. Maranéhna riweuhngabahruteng pakayana nepi kamaranéhna mopohokeun amalan-amalan poé Hisab. Maranéhnadiririweuh dunyana nepi kakapentingan ahératna diluli-luli.Maranéhna ngararangkénankahirupan dunyana nepi ka pohobebekelan keur sabada maot. Jeungmaranéhna teu maliré dosa-dosananepi ka mopohokeun tobat kaAlloh."(HR Turdzi sareng IbnuHiban)

Kitu gambaran jalmi anu paran-tos diuningakeun ku Nabi saw. turbuktos kalayan nyata teu méncogdeui. Dina kahirupan alam modérenkiwari nu cenah disebut jamanglobali sasi, pacampur pacaruknabudaya umat manusa sadunya, a -geung pangaruhna kana jiwa sarengkapribadian kaom muslim. Soksanaos henteu sadayana. Anu hen-teu téh, tegesna anu dina dirinaparantos nyampak bénténg akidahsareng iman anu wedel sakumahaanu dipibanda ku kulawarga NabiIbrohim a.s.

Mugia dulur-dulur urang anudina taun ieu nyumponan pancénibadah haji sing janten haji mabrur,mulang ka lemah cai janten uswahka urang sadayana. Atuh anu ibadahqurban, nya kitu deui mugi ditampiku Alloh SWT sareng aya tapaknadina katakwaan. Da apan sanés da -ging anu dugi ka Alloh mah, angingajén-inajén katakwaan anu enas-enasna taya kajabi anging tina aki-dah sareng iman anu wedel téa.

Aamiin. ***

Manglé 2445 15

Page 17: MSWA - Mangle 2445

Kurban Pausahaan

Patarosan:Ais Pangaping Tanya Jawab

Munara Cahya nu dipihormat,tuma ros perkawis hukum kurban.Biasa nu kurban aya nu atas namitujuhan, sorangan atanapi sok ayanu atas nami pausahaan. Nu jadipatarosan, kumaha hukumna pamikurban atas nami lembaga atanapipausahaan, naha kénging? Haturnuhun kana waleranana.

Wassalam,

AbdullohPerumahan Griya Cinunuk

Bandung

Waleran:Hatur nuhun kana

patarosanana. Sateuacan ngawalerkana patarosan di luhur, saénaurang sami-sami medar heulakatangtuan-katangtuan hukumngalaksanakeun ibadah kurban,boh dina prak-prakanana atanapisual jinis héwan nu tiasa jadikeunhéwan kurban.

Dina saréat Islam jinis héwannu tiasa dijantenkeun héwan kur-ban nyaéta domba, sapi sarengonta. Jumhurul ulama sapama -degan henteu sah kurban saupamangagunakeun salian ti tilu jinishéwan éta. Kurban hiji dombapikeun hiji jalmi (saurangeun)kalayan tiasa ganjaranana diniatanpikeun sadaya kulawargana, boh numasih jumeneng kénéh atanapi anutos ngantunkeun. Hal ieu dumasarkana pidawuh Kangjeng Rosul nuunggelna kieu: “Dina jaman Rosu -lulloh SAW. aya hiji jalmi (salaki)meuncit hiji domba kalayan

dikurban keun pikeun dirina sarengkulawargana” (HR. Turmudzisareng Ibnu Majah). Numutkeunpaham Imam al-Syaukani, Haditsieu ngajelaskeun yén kurbandomba (hiji) pikeun saurang tapiganjaranana tiasa diniatan pikeunsadaya kulawargana.

Kurban sapi tiasa dilaksanakeunku tujuh urang, sedengkeun kurbanonta sabagéan ulama aya anu nga-gaduhan pamadegan sami sarengsapi nyaéta pikeun tujuh urangeun,sanaos aya deui sabagian ulamalianna nu ngameunangkeun kurbanonta pikeun sapuluh urangeun,guman tung kana ageungna badanontana.

Anapon ngeunaan hukumibadah kurban, para ulama geusmufakat hukumna sunnahmuakkadah, nyaéta sunah anukuat, lantaran Kangjeng RosulMuhammad SAW nganjurkeun kasadaya umat Islam pikeun ngalak -sana keun ana, sareng manten nahanteu kantos ngantunkeun ana.Malih numut keun paham ulamaMadzhab Hanafi kurban hukumnawajib pikeun nu mampuh ngalak-sanakeunana, iwal iyana nujungalaksanakeun ibadah haji nu ayadi Mina.

Anapon sual nu jadi patarosandi luhur, nyaéta kurban atas namijama’ah majlis ta’lim atanapikelompok, lembaga, pausahaansareng sajabina ku cara iuranatanapi patungan. Cara saperti kieumah, nu kapendak, henteu kaasupkurban, tapi kaasup sodaqoh biasawaé. Sok sanajan dilaksanakeunanadina poé Idul Adha, tetep héwananu disodakohkeunana ogé henteusami sareng kurban. Cara atanapi

modél saperti kieu mah, henteu ayakateranganana, boh tina haditsatanapi ijma’ para sohabatna.Margi kitu kurban atas namipausaha an henteu kaasup kurban.

Kanggo patarosan di luhur,langkung telebna mangga tiasaurang nalungtik kana salah sahijihadits. Wiréh Nabi MuhammadSAW. kantos ngalaksanakeun kur-ban atas nami dirina, kulawargana,sareng umatna. Unggelna éta ha-dits nyaéta “Aisyah ngariwayatkeunRosululloh SAW nyuhunkeun duadomba nu tandukan, sukuna anuwarna hideung, beuteungna nuwarna belang hideung, jeung dinasabundeureun panonna aya warnahideung. Lajeng Rosululloh SAWnyarios ka Siti Aisyah: ‘He Aisyah,candak péso anu kénging ngasah kadieu. Teras Aisyah mangnyan-dakkeun éta péso. Saatosna kituRosululloh SAW nyandak dombaanu tadi teras dipeuncit baringucap keun: “Kalawan nyebatasma Alloh, Ya Alloh mugi ditampiieu kurban ti diri abdi Muhammad,kulawarga Muhammad, sarengumat Muhammad’”. (HR. Muslim).Sabagian ulama ngajelaskeun yénkurban anu dilaksanakeun ku Nabisaperti kitu husus pikeun Nabiwungkul. Katerangan ieu tiasaditingal dina kitab “Syarah HaditsImam Tirmidzi”.

Sedengkeun sabagéan ulamalianna ngajelaskeun, yén hadits diluhur maksudna, saha baé anungalaksanakeun kurban meunangnyebutkeun jalma lian atawa kula -wargana atawa jama’ahna pikeunnarima ganjaranana. Tapi lainhartina jalma anu disebut tadi toscumpon ngalaksanakeun kurban.*** Wallohu ‘alam.

16 Manglé 2445

Tanya Jawab Munara CahayaGawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS

Page 18: MSWA - Mangle 2445

Universitas Pasundan, paguronluhur anu aya dina iuh-iuhYayasan Pendidikan Tinggi

(YPT) Pasundan, komarana ngelebetka sakuliah dunya. Kapercaya masa -rakat ka ieu paguron luhur tangtunateu leupas tina rupaning alesan. Sabab,ieu paguron luhur anu pernahna diBandung, Jawa Barat, Indonesia teh,kaasup salasahiji Perguruan Tinggi pi-nunjul ka 50 sa Indonesia. Matakpayus upama Unpas jadi salasahiji per-guruan tinggi pilihan jeung solusi keurmasasarakat. Kitu téh deui luyu jeungvisi katut misi Paguyuban Pasundan.Éta universitas jinek naker nyitak lulu-sanana nu “Luhung Elmuna, PengkuhAgamana, tur Jembar Budayana”.

Kalungguhan Unpas di Jawa Barat,memang luyu jeung ngaranna. Jadipribumi di sarakan sorangan. Sageuyteu bisa makalangan, da puguh di tem-pat bali geusan ngajadi. Ngan, tangtuwé, nu nyuprih élmu di éta lembaga téhlain waé urang Jawa Barat jeung Ban-ten nu lolobana sélér Sunda, tapi deuihti jauhna, kaasup sélér-sélér séjén tisakuliah Nusantara. Malah, kadieua-nakeun Unpas gé jadi pangjugjuganmahasiswa ti mancanagara.

Ti taun ka taun Jumlah mahasiswaUnpas teu weleh undak. Hartina, ieupaguron luhur pada muru, jadi pilihankeur masarakat anu rek nyiar elmu.Boh anu aya di sarakan, boh nu ti lu-areun pulo Jawa Barat. Ku kituna ieupaguron luhur teh meunang predikat,paguron luhur unggulan.

Unpas nu dumuk di Bandung, JawaBarat, teu tuna ti pangaruh nu karan-dapan ku Jawa Barat. Enya, apan tatarSunda téh pangjugjugan. Kituna téhkeur rupa-rupa kapentingan, kaasupnu boga karep nyiar élmu. Kanyataankitu, matak gedé haté keur sing sahawaé, lantaran ku gedé karep nyiar pan-gaweruh, hartina boga kahayang nam-bahan kamampuhan. “Tangtos,

lemba ga atikan téh kedah ngajan-tengkeun alumnina jeung ngagaduhankamampuhan akademik sareng tiasangalarapkeun élmuna di masarakat,”kitu Prof. Dr. Ir. H. Eddy Jusup,Sp.,M.Si., M.Kom, Réktor UniversitasPasundan (Unpas) nepikeun bianta -rana dina acara Orientasi PengenalanMahasiswa Baru (OPMB) mahasiswaUnpas taun akademik 2013/ 2014sawatara waktu ka tukang di SABUGA,Bandung. Hadir dina eta acara Koordi-nator Kopertis Wilayah IV, KetuaUmum Paguyuban Pasundan Prof. Dr.H.M. Didi Turmudzi, M.Si, Ketua YPTPasundan, Drs. H. Makbul Mansyur,M.Si, para Wakil Rektor Unpas, ping-pinan Fakultas, Prodi, Unsur pangurusAlumni Unpas, sarta tamu ondangansejenna.

Taun ieu, nurutkeun catetan sajarah,jumlah mahasiswa anyar Unpas kawi -lang panglobana. Mahasiswa taunakademik 2013/2014 ieu, anu ditarimadi Unpas jumlahna leuwih kurang4839 urang. “Ieu teh tangtos man-grupa kapercaya masarakat ka Unpasanu kacida ageungna.” Kitu pokna

Rektor Unpas nepikeun kareueusna. Undakna jumlah mahasiswa anyar,

tangtu hasil rancage gawe babarengansakumna civitas akademika, kaasuppara alumnina deuih. Kiwari angka‘student body’ Unpas geus nyumponan17 rebu. Ku kituna, saur Rektor Unpasnegeskeun deui, eta kapercaya masa -rakat ka Unpas, masing tetep dipiarasahade-hadena. Sangkan kaparigelanjeung kapunjulan rupaning widang diUnpas, hasilna saluyu jeung harepanmasarakat. “Unpas kedah janten solusinu katara ayana jeung karasa mang-paatna ku balarea,” kitu harepan Rek-tor Unpas tandes naker.

Tina sakitu jumlah mahasiswa anyar,diantarana aya 20 urang mahasiswaasing ti 11 nagara deungeun.

Dina gelar acara OPMB Unpas, paramahasiswa anyar harita diwajibkeunmarawa beas. Sabada dikumpulkeun,eta beas teh jumlahna kurang leuwihaya 14 Tonna, anu saterusna dibagi -keun ka masarakat anu perelu turngabutuhkeun. Salian ti eta, saban ma-hasiswa ge diwajibkeun mawa 4 sikibuah alpuket pelakeun di hulu walu -ngan Citarum . Eta kagiatan teh mang -rupa salasahiji program Unpas dinararaga kaengeuh jeung kanyaah lem-baga kana lingkungan.

Ketua Panata calagara OPMB UnpasDr. Deden Ramdhan, M.Si., nu ogeWakil Rektor III Unpas netelakeun,tina jumlah 4.544 urang mahasiswaanyar, aya 44 urang diantarana nuasup ka Unpas ngaliwatan jalur Pro-gram Beasiswa Bidik-Misi.

Deden netelakeun, OPMB taun ieu,.Jejerna “Menyongsong dan Mengapre-siasi Abad Emas Unpas Dengan Mem-persiapkan Generasi Unggul,”.

Dina umurna ka 53 taun, ceukDeden, Unpas boga angen-angen nyi-tak mahasiswa unggulan nu dituturu-san, Nyakola, Nyantri, Nyunda turNyantika.***

Manglé 2445 17

Unpas Jadi Solusi jeung Pilihan Masarakat

Prof. Dr. Ir. H. Eddy Jusup, Sp.,M.Si.,M.Kom, Réktor Universitas Pasundan

Page 19: MSWA - Mangle 2445

18 Manglé 2445

Sabada kapan -cegan nungtutmuguran.Sabada léngkahteu apal deui ka

mana lajuna, nya di dieupisan apan tempat urangpada-pada nyumputkeun

kalangkang. Dina capuc -cino nu pinuh ku lautancoklat. Lebah dieu ayanabulan urang, bulan nu min-deng dipupusti. Bulan dinacapuccino.

Jam sabelas peuting, nutémbong ukur sababaraha

urang. Nu diuk, nu silihgunem catur dina rupa-rupa basa. Sakali-sakali sili-hteuteup tapi atra pi rang-pirang kapalsuan. Cappuc-cino masih kénéh antengditeuteup. Lagu-lagu kali-wung kapireng maturan

haté nu suwung.Sedeng manéhna nudiuk deukeut jan -déla méh sababa -raha kali neuteuplangit padahalbulan tetep atra dinacappucino urang.

Angin ngahiliwirkana lebah jandélanu ngeblak muka.Duaan pabetem-betem. Pagunemanukur atra ‘na dadaséwang-séwangan.Geter -geter betkarasa nungtutan le-upas tina wirahma.Manéhna ngeluktungkul témbongalum. Tuluy tanggahlalaunan neuteupsaheulaanan.Manéhna pasti ru-masa. Rumasaeunngudar pasini nugeus lila dicangreud-keun.

“Geura dileueutatuh cappuccino -na...” manéhnawakca

Laju ngolébat baé kanapirang-pirang panineunganurang duaan. Nganteur-nganteur kana implenganmangsa munggaran tepungtuluy lawung kapigan-drung. Enya, apan cappu-cino téa sababna mah.

Bulan dina

CappucinoCarpon Kiki Pratiwi Arsapraja

Page 20: MSWA - Mangle 2445

Manglé 2445 19

Urang duaan pada-padaseneng kana cappuccino.Mindeng anteng di ieu kafé.Manéhna nu nyampeur -keun ngajak silihmika -wanoh. Sosobatan.Lalaunan rasa atra katresnatuluy anjog di ieu lalakon.Kasatiaan sihoréng méh pe-unggas atawa mémangkudu gancang dipungkas.Padahal lima taun lainwaktu nu sajorélat.

Komo lamun kudu nepika nilemkeun panineung -an. Ah...

“Manawi akang tos lali,dina cappuccino ieu ayabulan. Bulan nu salawasnadipupusti...”

“Sanés, sanés hartosnalali. Namung...”

Manéhna teu kebatnyarita. Padahal kahayangmah wakca perkara naonnu karandapan. Bongan ba-heula geus paheut moalnyumput-nyumputkeunkaliwung. Naha bet ayeunangajirim kayakinan nusuwung. Lain, ieu mah lainmanéhna nu ilahar.

Lain manéhna nu sala -wasna maturan milanglewang jeung impian.

Di dieu, di kafé nu teuingpikeun ka sabaraha kalinaurang anteng nepung-nepung keun impian barinyarungsum teuneung namangsa keueung. Ayeunadi kafé ieu kénéh, manéhnamegatkeun réwuningimpian. Anjeun nu antengnyidem rusiah sedeng ku -ring baris lana mibandaguligah. Naha anjeun ingetgeus sabaraha hiji bulandina cappuccino nu habéndipesen saban anjog kadieu? Bulan dina cappuc-cino, di dinya nganciknagandrung duaan. Di dinyanu jadi saksi katineung.

“Ondangan tos disebar.WO ogé tos konfirmasi..”

Anjeun ngarénghap.Lagu kaliwung masihkénéh ngagalindeng.Sedeng antara urang tetep

simpé pada-pada antengdina implengan séwang-séwangan. Laju urang silihteuteup.

Teuteup nu nyidem pi-rang-pirang rusiah. Ah, teu-teup manéhna teuteup nusalawasna nyaliarakeunrasa simpati. Teuteup numeruhkeun ringkang jeungkaringrang. Karasa wanciterus ngamalir tina nungeyembeng dina kongko-lak.

“Ulah salempang, kasati-aan baris salawasna mare -ngan. Apan ieu ogé demimasa depan urang..”

Ukur bisa seuri konéng.Kasatiaan, cenah. Kasatianmana anu dimaksud? Kasa-tiaan manéhna nu disa mu -ni keun atawa boa nu leu ngit sabab geus lawas di-tandonkeun.

Teu lila leungeun ma -néhna tepung jeung leung -eun kuring.Leungeun-leungeun nupada-pada ditepungkeundina ranggeuman. Tapi pa-guneman masih kénéh atradi jeroeun dada séwang-séwangan. Cappucinnodina cangkir nungtut ni-isan.

Kitu pisan, éstu kitupisan. Mangsa simpé teubisa jadi jawaban tinamangpirang kaguligah,manéhna rikat nepungkeunranggeuman. Tapi ranggeu-man tetep teu bisa ngawadaranggeuyan karémpan nutan watesna. Ranggeumannu kiwari taya bédanajeung ieu capuccino. Tiis.

“Ulah kuciwa lantaran nugeus ditataharkeun teu bisadilaksanakeun, sabab lainhartina urang teu ngajodo.Jaga, pasti bakal aya waktuanu leuwih merenah. Lainkétang, jaga bakal aya...”manéhna guntreng nyaritatapi saenyana ieu ceuli teuhayang mirengkeun kananaon nu tadi diwakcakeunku anjeun. Laju cimata nga-jurung lamunan, mamawa

panineunangan kanamangsa éndah nu duaan.

Kapan di dieu pisanharita manéhna imut pinuhgeugeut. Tuluy wakca yénkuring téh tembang pang-harepan. Enya, tembangpangharepan nu ayeunalaju nungtut muguran.

“Hampura Akang...” ceukmanéhna deui.

Simpé. Sabada manéhnawakca balaka ngeunaan pi-rang-pirang kasuwung.Ukur angin katigin nu hili-wirna karasa, hawana mi -nuhan bayah. Teu, teucukup méré kakuatan. Lajuaya nu ngamalir dina pipibeuki lila sihoréng beukiatra kaliwung.

“Kapan ti kapungkur ogéakang geus wakca teu kudururusuhan. Butuh waktupikeun ngalelemu sepuhurang. Ku akang kapangeus kasawang ti anggalna.Kiwari akang teu bisapakumaha iwal ti jalir kanajangji...”

Bulan dina capucino nudisanghareupan beukitilem. Kahalangan ku nubeuki ngeyembeng dinakongkolak. Lebah dinyamanéhna teu salah, teunyalahan. Mémang ka -ayaan téh teu luyu jeungharepan. Teu pernah luyujeung harepan urang.Harepan urang duaan.

Mémang karasa hanjakal,bet kudu rurusuhan. Betteu ngukur ka kujur nim-bang ka awak. Kasatiaan nudipupusti sihoréng kududipungkas, geus sakudunadipeunggaskeun. Kaayaan-kaayaan nu teu saluyu, nuleungiteun wirahma téhtétéla teu bisa disarungsumukur ku rasa gandrungnajan ngagunung.

Kolot urang pada-padateu nyaluyuan kana sabanlambaran carita urang nuéstu katumbirian.

Lain, lain teu wani lulu-asan kudu ngarempag kananaon-naon nu geus jadi

kasapukan dina hirup. Kasapukan-kasapukan

nu geuning teu karasalebah mana adilna pikeunurang duaan. Pikeun ku -ring, Kang!

Bulan dina coppucinourang geus teu wudu ni-isan. Hésé pisan ma-palérkeun rasa dina narimakanyataan. Kanyataan yénboa ayeuna pisan tepungpamungkas di ieu kafe. Pa-mungkas urang mesenbulan dina coppucino nukamari mah karasa pisanni’matna. Di dieu mung-garan tepung, di dieu ogésihoreng urang mung -kaskeun tepung.

“Hampura akang, ham-pura akang.....” kapirenganjeun teu weléh tamada.

Ringtone hapé disada.Anjeun neuteup anteb.Kuring mencrong hapé lajungusap nu ngamalir dinapipi.

“Halo.. sareng saha ieu?Oh, Bapa. Aya naon Pa?Muhun insya Alloh minggupayun wangsul ka lem-bur...”

Hapé geuwat ditundadina méja kapireng ayakénéh nu nyarita.

Sihoréng nu ngamalirdina pipi beuki lila teu eu-reun-eureun. Disusut kutisue, laju geuwat ngusap-keun wedak jeung lipstikkana biwir.

Lagu kaliwung masihangger ngagalindeng. Teulila cengkat tuluy inditninggalkeun bulan dinacappuccino. Manéhnajeung kasatiaan nu geus peunggas.

“ ......lain ketang, jagabakal aya pijodoeun anu sa-jati keur papada urang,”sora anjeun hawar-hawarkokolébatan.

Kitu deui, sora bapa nuatra kénéh kapireng dinatelepun, “Geura balik,Ujang! Bapa hayang pang-gih jeung pipamajikaneuntéa.” ***

Page 21: MSWA - Mangle 2445

20

SINGHORÉNGleuwih tiris ti pa-nyangka Ban-dung téh, cékArina ka kuring.

Tilu bulan ka tukang,méméh usum hujan, Arinanganjang ka dinya. Kapon-congok kénéh ku manéhna,cakrawala bulao nu ngem-bat langit lénglang, mayu -ngan lir méré harepan,lambaran anyar, kabébasan.Hanjakal, sanggeus lekasanpoé sukan-sukan jeungsobat-sobatna jaman kuliahbaheula, rérés ngabeberahjeung ngabebetah manéh,méga-méga laun minding -an langitna, datang ceu -deum, gebrét hujan. HatéArina disudat panineungan.Panineunganana dicarita -keun ka kuring.

Arina jeung Sém panggihdi pésta, mabok, merdika.Arina teu rémpan samasakali basa dibedol ku Sémka apartemenna di lantétujuh. Lumrah. Surti. Saruadéwasa, teuleum di umpa -lan lambak kani’matan.Arina kasaréan, cenah, hu-dang, nyeri sirah, nginumubar, tuluy nyileungleumdeui dina kasur Sém nu ha-neut, nepi ka isukna.

“Euweuh nu istiméwa.Geus ilahar harita mah, damémang kitu jamanna, “cek manéhna. Arina ukurngalakonan nu ku manehnageus dianggap lumrah,biasa. Pabeubeurang poéisukna, Sém imut, mang -nyieunkeun Arina kopi,ménta nomer ponsélna,tuluy nganteurkeun nepi kalawang panto apartemen,bari ngajak panggih deuiisukna. Isukna, tuluy isuknadeui. Panggih kaopat

kalina, aya rasa nu béda.Aya cinta nu marengantepung di hotél téh. CintaArina henteu nogéncang, daSém males cintana. Enténgpian Sém ngajak Arina pin-dah ka apartemenna, hirupbareng, bari tacan aya be-ungkeutan ti bale nyung-cung. Enya, tembal Arinabasa ditanya daék henteu -na, bari tuluy ngaringkidhirup, kabagjaan, jeungharepanana ka apartemenSém. Harita, cek Arina, kakuring manéhna ngarasadunyana éndah. Cek Arinakénéh, Cinta jeung Kaadilan

sarua lolongna. Éta nudibaca ku Arina dina buku-buku dongéng ti jamanbudak. Déwa Cupid jeungDéwa Thémis téh saruadibengker panonna kulamak, hartina Cinta jeungKaadilan mah walatradibikeunna, teu cueut kasasaha. Tapi kakarasanggeus dalapan bulanpindah ka apartemen Sém,Arina ngarti yén dimanaCupid muka bengkerpanonna, Thémis bakalnakolkeun palu kaadilansagedorna. Teu pira

sababna mah. Basa mulanggawé, Arina nimu beung -keut buuk warna bungurtarétés kristal Swarovki,ngagolér dina sela-sela sofarohang tamu. Lain beung -keut buukna. Ogé lain be-ungkeut buuk Sém. BuukSém mah teu jabrig, ceukArina. Sidik beungkeutbuuk awéwé. Arina jebi.Tapi teu burung mencrongbeungkeut buuk éta salila-lila, diwanohan ku haténa,dipapantes nu saha, diim-pleng mending dikumaha -keun. Panceg. Nu ngagolér

Manglé 2445

Dongeng Arina

Carpon Endah Dinda Jenura

Page 22: MSWA - Mangle 2445

Manglé 2445 21

diantep bae di dinya. Teudipindahkeun, diilikan,komo dicagap mah.

Beungkeut buuk éta eu-weuh hak ngagoler dinasofa, ceuk uing mah. Tapisigana Arina gé ngarasa teuboga hak mindahkeun. Étamah sofa Sém, lain sofauing, ceuk Arina. Panonnarada carindakdak basangadongéng. Tilu poé tiharita, beungkeut buuk étageus euweuh tina sela-selasofa, lir disulap sangkanngaleungit ku cara goib. Numatak hémeng, singhoréngbeungkeut buuk éta bisamindah rupa jadi suwengplatina nu cicing handapeunbantal di kamar saré. Haritamah ku Arina kacagap, teukahaja, bongan leungeunnanyulusup ka handapeunbantal. Teuing suweng saha.Lain suweng Sém. Sém mahlalaki, ceuk Arina, tara di -suweng. Tiis platina patare -ma jeung ramo Arina. Tiisnu sumarambah. Tiis nutuluy nyangaruk dinabayahna, ulin jero uteukna.Sém midua haté? Kuringcolohok. Arina teu nem-balan. Tapi cenah manéhnalangsung ngoréjat. Gidig kabalkon. Belewer! Suwengplatina ngoléang ka jauhna,tujuh lanté handapeunapartemen bari diparanca-han tong balik deui. Gidigdeui Arina, ka kamar cai,ngadon ngumbah leung -eunna. Ngumbah leung -eunna. Deui jeung deui.Sanajan tangtu baé,manéhna teu bisa ngumbahkalangkang beungkeut buukjeung suweng éta.

Nu pangheulana karasatéh copong, cenah. Asa ayanu leungit ti dirina.Leuleumpangan di aparte-men, asup ti rohang ka ro-hang, asa nincak asa henteu.Nu dicagap ku Arina teumalik nyabak dirina. Cahayateu mantulkeun deui sagalanu ditempo ku matana.Poék. Lewang. Arina leungi-teun cecekelan.

“Ku naon?” hiji peutingSém nanya. Di méja makan.

“Ku naon kumaha?” Arinamalik nanya.

“Asa pias.”“Capé.”“Istirahat atuh,” Sém

ngusap pipi Arina, tuluytungkul deui kana piringsteak hareupeunana. Segutngahuap.

Rey panas. Lain pipiArina. Tapi haténa. Pésosteak dina leungeunnakarasa tiis. Siga tiis suwengplatina. Mun seug éta pesoditancebkeun kana dadaSém, Arina nanya ka kuring,naha bakal karaseun nyecebtiisna, kitu? Nyerina? Kumamun ditancebkeun kanamatana, nya? Ngarahmanéhna teu bisa nempoawéwé séjén deui. Awéwé numaké beungkeut buuk bu -ngur jeung suweng platina.Sina lolong Si Sém, cenahdeui.

Kuring teu nembalan.Malieus tina piring jeung

lamunanana, Arina tuluynempo kalangkangna sora -ngan dina kaca antik nunaplok di tengah rohang.Umurna can tilu puluh-tilupuluh acan. Pagawéan boga.Ngora eukeur. Rupa nyam-pak. Ti baheula manéhnadiogo ku dunya. Tapi lainharita. Harita mah ma -néhna, awéwé nu dirina di-rangsadan katimburu.

“Ngalamun,” Sém nunjukpiringna. “Séépkeunemamna,” cenah deui,cengkat, noél gado Arina,tuluy ngaléos ka dapur,ngumbah piring urut da-harna, siga biasa. Sém pohoteu mangumbahkeunkalangkang beungkeut buukbungur jeung suwengplatina tina uteuk Arina.Arina hayang poho. Hayangrapih jeung kanyeri. Ham-pura, ceuk kuring, kudungahampura Sém, éta carahiji-hijina. Ngahampuralalaki nu geus midua haténa.Sakali ngahianat mah eu-weuh hartina, Arina. Boa

ukur séks. Lain cinta. Boasarébu boa. Teu kudu di-gegedékeun. Sing jembarpangampura. Manéh gé lainawéwé suci nu luput tinasalah jeung dosa. Manéh gékungsi hianat, lin? Baheula,jeung lalaki séjén di jamanmana. Boa ieu wawalesna,tarimakeun. Mangka ulahépés méér. Sing kuat. Ieumah carita klasik di sabandongéng cinta. Sém ukurngalakonan caritana, manéhwayahna kabagéan nu nyerihaténa. Arina tungkul.

Kuring nyaho, saban poéArina paséa jeung kalang -kang beungkeut buuk bu -ngur jeung suweng platinaéta dina sirahna. Arinapaséa jeung dirina sorangansanajan nyaho manéhnahayang jeung kudunamaséaan Sém. Henteu. Teubisa. Arina teu wasa ngéwaka éta lalaki. Arina cinta.Arina ngarasa bagja.

“Dunya uing éndah,”pokna. Kuring ngusapanbuukna.Cipanon Arina mu-rubut. Saméméh aya beung -keut buuk bungur jeungsuweng platina éta, ing-hakna. Lungse paséa jeungsirahna sorangan, Arina le-ungiteun kabetah jeung ka-hayang. Teu lila, torojolsimpé ka apartemenna --apartemen Sém, Arina ngin-getan kuring. ApartemenSém didongdon Simpé nugawéna kukulintingan disaban rohang, nyieuh-nyieuhkeun harepan jeungkabagjaan. Arina nempoSimpé nembongan dimana-mana. Ngawasa.

Hiji peuting, dua bulansanggeus Suweng Platina.

“Aya naon, sih? Asa ci-cingeun pisan ayeuna mah.”Sem kerung, eureun macabukuna.

“Taya nanaon,” cek Arinanu ker nukangan.

Sém nangkeup Arina, nyombo, ngaharéwos,nyium ceulina.

Arina cengkat. “Heup!Heup, Sém. Geuleuh. Ka

ditu sing jauh.”Sém neuteup Arina. Arina

neuteup ubin. Geus nanceb,pokna ka kuring isukna,péso steak nu tiis téa. Lainkana dada atawa mata Sém.Tapi kana haténa.

Isukna, Sém teu balik.Isukna ge kitu. Tuluy isuknadeui. Saminggu campleng.Suwung. Arina teu néangan.Ukur ngalalarkeun panén-jona ka sakuliah apartemen.Ngararasakeun Simpé numingkin ngalanglaung. Cu-lang-cileung. Nyieun pa-guneman dina angen-angen.

“Eta beungkeut buuksaha, Sém? Suweng saha?”

“Lain nu sasaha, Arin.”“Jawab! Nu saha?”“Teu penting nu saha-sa-

hana mah. Nu penting mahukur manéh. Sejenna teupenting.” Arina gogodeg.

Cenah Cinta jeung Kaadi-lan sarua lolongna. Tapikakara sanggeus dalapanbulan pindah ka apartemenSém, Arina ngarti yén di-mana Cupid muka bengkerpanonna, Thémis bakalnakolkeun palu kaadilansagedorna. Ayeuna Arinateu lolong deui. Manéhnaningali kanyataan, sanajanteu miharep kaadilan. Eu-weuh dengdem, cenah. Ukurnyeri haté jeung capé. Bon-ganna Sém geus nipu. Moaldaék manéhna ditipu deui.Pukul sapuluh isuk-isuk,tanggal 10 Maret, Arinanyieun putusan, nyingkahanJakarta. Manehna nyingka-han Sém, jeung sakédétdunya éndahna. Ka Ban-dung, pokna bébéja ka ku -ring. Ka kota nu singhoréngleuwih tiris ti panyangkana.Ka Bandung Arina cunduktilu bulan ka tukang, méméhusum hujan. Kasaksiankénéh ku manéhna, cakra -wala bulao éta ngembat la -ngit lénglang, mayung lirméré harepan, lambarananyar. Kabébasan. Tapi teulila. Ceudeum tuluy datang.Gebrét hujan. Haté Arinadisudat panineungan. ***

Page 23: MSWA - Mangle 2445

22 Manglé 2445

Indradi anggur nga-betem ditaros ku ing -kang carogé téh.Tungtungna mahhayoh nu naros, hayoh

nu ngajeten.“Yayi, ku naon bet balem

baé ditaros téh, Geulis? Sahanu masihan ieu cupu téh?”Resi Gotawa hantemmerekpek ku patarosan,patarosan éta-éta kénéh.

Indradi angger ngabetem.“Ieu cupu téh dipaké ayang-

ayangan ku Anjani. Katingali -eun ku Subali sareng Sugriwa.Kabitaeun meureun lanceuk-lanceukna téh. Nya tuluy baéparebut. Subali-Sugriwa keu -keuh hayang ngarebut, dapanasaran meureun hayangmilu nyo’o. Ari Anjani,keukeuh teu mikeun. Pagu-lung-gulung tungtuna mahbarudak téh, parebut cupu.Anjani nepi ka ceurik, da em-bung cocoanana direbut ku nujadi lanceuk. Tungtungna éléhdéét Akang téh, nya tuluy di-

rawatan wé éta cupu téh kuAkang. Tapi kagét Akang téh,da geuning cupu téh minang -ka tawis katineung ti hijibébéné. Aya aksaraan ay lapyu geuning. Diteruskeun kanaseratan ‘tawis cinta ti akangka nyai’,” Resi Gotawa papan-jangan ngajelaskeun.

Indradi haben ngabetem. “Teg wé Akang téh nyang -

ka, Anjani téh horeng geus di-ajar bobogohan. Budak baujaringao kénéh téh geuninggeus diajar ngambeu lalaki,”Resi Gotawa bari ngarénghapheula sakedapan. Ari nu nga-bandunganana, Indradi, teulémék sakemék-kemék acan.Anggur tungkul lir kapas kai-bunan.

“Tapi barang ditanya budaktéh, saha lalakina nu tos begérmikacinta ka hidep, ari jawab -na téh ‘da éta mah sanés nuabdi’. Ari kitu nu saha, ceukAkang deui. ‘nu mamah’ kitucenah,” Resi Gotawa niru-nirusora Anjani. Indradi anggurnyegruk. Aya nu karasa ha-neut tina juru-juru panonna.Ngeclak sakeclak-sakeclakmapay pipi.

“Rarasaan téh asa Akangcan kungi masihan tawiskatineung nu sapertos kitu kaNyai. Rumaos sotéh masihanhapé blékbéri, waktos Nyaiulang taun nu katujuh welas.Rumos sotéh masihan sujukiértiga waktos Nyai palay tiasanyetir nyalira. Rumaos sotéh

masihan téb, waktos nyaipalay pésbukan dina layarnanu rada lega. Cupu mahAkang téh asa teu kantosmasihan. Barina ogé kanggonaon cupu, asa dina caritawayang baé, asa dina lalakonRamayana. Teu ayeuna mahNyai, teu payu nu kararitutéh,” Resi Gotawa maninengtéréwélé.

“Nyai, sok ayeuna mah kan-tun terus terang waé kaAkang, blak-blakan wé, bruk-brak, balaka wé pamasihansaha ieu cupu téh?” ResiGotawa bari angger panang -an na nyenyepeng cupu, cupumanik astagina.

“Saha lalakina nu tos neun-deun kahéman ka Nyai? Sok,balaka wé, da moal ambekAkang ogé, hoyong terang baéieu mah.”

“Ngamaklum Akang ogé, daNyai teh geulis kawanti-wanti,éndah kabina-bina. Titisandewi kahiyangan téa atuh.Ngamaklum Akang ogé, Nyaitéh sok pésbukan geuningsareng lalaki séjén. Tapikapan Akang teu ngawagel.Heug baé, dapon haté Nyaisugema. Tapi kana cupu nuhiji ieu mah Akang téh asapanasaran. Kilang kitu, daAkang mah moal ngambek,ukur hoyong terang wungkulsaha lalakina nu neundeunhaté ka Nyai.”

Indradi angger ngajeten.Indradi haben ngabetem.Indradi tetep teu lémék.Indradi ngahuleng ngaraga

meneng.Kilang kitu na lebet manah

mah pagaliwota. Kebek kukarumasa, rumasa dirinakungsi silih teukeurankanyaah. Kungsi silih pika -geugeut, silih pikameumeut,jeung lalaki nu teu weléhnyangkaruk lebeting manah -na. Saha deui lalakina atuh arisanes Sang Batara Surya, sangmahadéwa di kahiyangan.Enya, Batara Surya téa. Di-angken ku anjeunna, haté teuweléh maskét ka Sang Batara.Tapi éta téh baréto, mangsamasih kénéh lalagasan.Anapon nepi ka ayeuna masihkénéh nyangkaruk, kalayanteu bisa dipapalérkeun,

CupuCarpon Maman, S.Pd.

Page 24: MSWA - Mangle 2445

Manglé 2445 23

tamaha baé da bongan diri di-anugrahan rasa resep ka bé -béné. Nya ti sang batara téaéta cupu téh, Batara Surya.Minangka tawis kacinta étatéh. Hamo bisa dipopoho,matak disimpen disidemrapih ogé. Ngan Anjani betkumawantun nyonyo’o. Dasarbudak atuh, teu nyaho yén étatéh jimat nu kudu disimpendisidem, ulah nepi ka ingkangcarogé Resi Gotawa uning a -eun. Indradi neundeun étacupu buni naker. Nepi kakolotna narima lamaran tiResi Gotawa, éta cupu diteun-deun dibuni-buni. Hamodipiceun, da tawis kacinta téati beubeureuh. Ku jembarnahaté Sang Batara, waktos In-dradi oléng pangantén sarengResi Gotawa, Batara Suryaogé hadir, ngiring nyakséni.Samalah ngiring aub, ngiringnyumbangkeun lagu sagalarupa da hajatna nanggaporgan tunggal. Laguna téhlagu ‘Syahdu’, karangan RomaIrama téa. Malah masihankado sagala rupa beubeureuhtéh. Maké jeung cipika-cipikitéa jeung nu keur oléng pan-gantén téh. Teu, teu terang -eun Sang Resi mah yén nungahaleuang lagu Syahdu téhmaruna. Yén nu nyalam baricipika-cipiki téh maruna.

“Geulis, bojo Akang. Cingpok atu nyarios. Ku naon betbalem baé?” sakali deui ResiGotawa tumaros.

Indradi angger ngajeten.Indradi haben ngabetem.Indradi tetep teu lémék.Indradi ngahuleng ngaraga

meneng.“Aéh aéh, Nyai. Ku naon bet

baham téh kawas nu dikonci.Ku naon bet cicing baé, jigaarca baé Nyai mah,” ResiGotawa. Wejar meneng-meneng lara, menengé atinira. Dak dumadak alamdunya gonjang-ganjing.

Langit dumadak angkeub,panonpoé teuing ka mendi.Kekecapan Sang Resi horéngsaciduh metu saucap nyata.Palebah ngedal “jiga arca”, sa-harita kénéh jelegedeg Indra -di janten arca.

Resi Gotawa cumalimba.Teu sangka sacongo buukbakal pikitueun. Kilang kitu,

kama’lumeun da Resi Gotawatéh sang maharesi. Saucap-saucapna teu weléh ngabuk-tos. Kecap-kecapna langkungseukeut tibatan pedang nupangseukeutna. Ananging soksanaos kitu, hanjakal mahsalangkung-langkung. Bi -ngung, kaget, amarah, tim-buru, pacampur ngajadi hiji.Pamustunganana, belewer téhcupu nu dicepengna dialung -keun, lajeng kumalayang diwiati. Ningali cupu nu nga -layang di awang-awang, Su -bali sareng Sugriwa lajengpahibut muru. Adi lanceukpaudag-udag muru cupu.Kacarios éta cupu di awang-awang papisah antara wadahjeung tutupna. Lajeng dua-nana ragrag kana lemah. Dakdumadak, lelemah nu kating-gang ku wadahna ngajang-gélék janten talaga. Ki Dalangmasihan nami éta talaga, Ta-laga Nirmala, talaga sungapanhurip jeung hirup. Sing sahanu ancrub kana éta talaga,baris panggih jeung karahar-jaan. Nu halabhab baringarasa seger. Nu kudisanbaris lita waras sabihari. Nugoréng patut, baris katingalikasép mun lalaki, jadi geulismun awéwé. Nu hayang jadipresidén, nu hayang jadi gu-bernur, jadi bupati, nepi ka nuhayang jadi érté pisan, munseug mandi di éta talaga, ka-palayna baris tinekenanan.Nu hayang kénging jodo, sa-harita kenging jodo. Nu diajarngarang hayang énggal di -muat, baris énggal dimuat ariseratanana alus mah. Jagatpawayangan nétélakeun, Ta-laga Nirmala téh talaga ajaibnu ngandung berkah ti Sang -hiyang Dewa Batara Surya.

Sawangsulna, tutup cupusami ninggang lemah. Éta ogésami, lemah nu katinggangdumadak janten talaga, kate-lah Talag Sumala. Nu ieu mahsawangsulna ti Nirmala, nuieu mah talaga sungapan ma-mala. Kacarios adi lanceukSubali sareng Sugriwa ngudagcupu téh ngudag tutupna.Barang éta cupu niban lemah,pas anjog pisan Subali Sug-riwa. Atuh kantenan duananatiteuleum ka jero talaga.Duana roroésan. Ngan untung

duanana pinter ngojay, dageus latihan ngojay sabanminggu ka Cibulan, balongkaramat kalereun KotaKuningan téa.

Aya rasa kagét di papadaduaanana. “Héh, Monyét.Naha anjeung kumawani nga-halangan niat kaula. Kaula rékngudag cupu. Naha Andikabet ngahalangan, héh?” ceukhiji monyét ka monyét nu hijideui.

“Ngahina siah, Kunyuk! Nateu nyaho sia téh monyet? Betnyebut monyét ka kaula,”ceuk monyét nu tadi disebutmonyét.

“Ngaran kaula Subali, lainmonyét sakumaha nu dituduhku anjeun.”

“Huah, Subali nanahaon?Subali mah manusa pituin,lanceuk kaula Putra ResiGotawa, resi nu sakti kabina-bina.”

“Naha sia ngaku-ngakulanceuk ka kaula? Kaula mahteu boga adi mangrupamonyét siga Andika!” ceukmonyét nu ngaku ngaran Su -bali.

“Ngahina siah nyebut kun-yuk ka kaula, Kunyuk! Kaulamah Sugriwa, adi Subali,putra Resi Gotawa. Adi kaula,awéwé, Anjani.”

“Yayi, bener anjeun téhSugriwa”

“Bener.”“Waduh, tiwas… tiwas. Ana

kitu mah urang téh jaradimonyét. Nya kaula Subali,lanceuk Sugriwa. Lanceuk An-jeun, Sugriwa.” Gabrug dua-nana parangkul-rangkul,ceurik balilihan bari paungku-ungku. Kacarios, Anjani ogésarua ngungudag cupu. Ngu -ngudag dua lanceukna, Subalijeung Sugriwa. Ku lantaranpangawak awéwé, sakumahatarikna ogé lumpat, anggerteu bisa ngudag nu jadi lan -ceuk. Tungtungna, banget kucapéeun, reg manéhna reu -reuh sisi talaga pisan.

“Naha aya talaga ku hérangnaker?” ceuk pikirna. Teu lo -ba nu dicatur, ongkoh halab-hab naker, inyana lajengancrub kana éta talaga.Kekemes. Sipeunteu. Sakeda-pan mah enyaan karasa seger.

Ananging, geus jadi titis

tulis Hyang Widi, barang han-jat, kagét lain meumeueusan.Suku Anjani nu dipaké ancrubtéh dak dumadak robahwujud jadi suku monyét.

Atuh pananganna samijanten leungeun monyét, bu-luan teu bénten ti leungeunmonyét. Nya kitu deuirarayna, robah jadi beungeutmonyét.

“Tobaaaat, Gusti, ieung. Tu-lungaaan, Gusti,” Anjani nga-jerit maratan langit ngocéakmaratan jagat.

“Sada sora, Anjani,Kakang,” saur Sugriwa.

“Teu pindo, Yayi, enya siga-siga sora Anjani,” témbal Su -bali. Lajeng duaanana muruka nu bieu ngajerit. Horéng simana horéng, sami Anjaniogé ancrub téh ka TalagaSumala, sungapan sagala ma-mala. Tiluanana, paungku-ungku, nyeungceurikan nasibdiri. Padahal tiluanana putraResi Gotawa-Déwi Indradi;raja jeung prameswari Kara-jaan Kiskenda.

**Ku hal éta, Mitra, pieun -

teungeun keur urang sadayaminangka mahluk nu kumelipdi alam wadag. Melak bon-téng moal jadi cabé, melakcabé hamo jadi bonténg.Melak goréng moal jadi hade,melak hadé hamo jadi goréng.Akibat laku lampah indungsalingkuh jeung lalaki séjén,ngabarérang ka anak incu.Sanajan dibuni-buni, nugoréng baris kapanggih.

Kacarios, Dewi Indradi nujadi patung, bakal ngajang-gélék deui jadi manusa dialam nu bakal datang. Nyaéta,nalika patung Indradi dipakéneunggeul karaton Indra -prasta di nagri Aléngka, waktumerangan Rahwana. Ari nuneunggeulna, teu aya sanésincuna ku anjeun, HanomanPerbancana Putra, monyétputih putra Anjani nu nikahka Batara Bayu, déwa angin.Hanoman biluk ka Sri Rama,ngabantosan waktos meran-gan Rahwana, waktos perangngarebut Sinta, dina caritaRamayana.

“Sakitu carios carangan nukapihatur, tutup lawang sigo-taka,” saur Ki Dalang.***

Page 25: MSWA - Mangle 2445

24 Manglé 2445

Taun tujuh puluhdapalanan, ku -ring kapeto jadiketua senat dikampus salah

sahiji paguron luhur diBandung. Sakumaha nugeus direncanakeun tianggalna yén bakal diaya -keun bakti sosial di we -wengkon Majingklak,nyaéta hiji lembur nu per-nahna di sabudeureunNusa Kambangan, RawaLakbok - Ciamis.

Sakumaha ilaharna munrék ngayakeun bakti sosial,saméméh prak kudu diti -ngali heula kaayaan lem-burna, ceuk basa Indonesiatéa mah “survey lokasi”. Numiang ukur tiluan, kuring,Anto jeung Satrio. Anto baringagandong ransel tumpakmotor Honda CB, kuringdiboncéng ku Satrio kanamotor BMW.

Indit ti Bandung badalohor. Nepi ka hiji lemburnu teuing naon ngarana,wanci geus ngagayuh kaMagrib. Kuring jeung ba-baturan ngaraso bari dala-har heula di hiji warung disisi jalan.

“Pa, upami badé ka Ma-jingklak ti palih dieu teraskamana nya?” kuring nanyakanu boga warung.

“Dupi Encép ti palihmana téa? Badé aya piker-saeun naon ka Majingklaksosontenan kieu?” tukangwarung kalahka maliknanya bari kerung.

“Ti Bandung, Pa. Tos pa-heut jangji, badéngadeuheusan ka Pa KuwuMajingklak.

Aya peryogi,”walon ku -ring bari tuluy ngaregotgelas eusi cientéh haneut.

“Ti palih dieu mah ayadua jalan. Nu hiji ngalang -kungan gunung kapur tapirada tebih. Jalan nu hijideui mah caket, mipir-mipir walungan Citanduy.Atuh tos wengi kieu mahsaéna mending kénéhkarulem di dieu. “Énjingditeraskeun deui,”ceuktukang warung.

“Naha kunaon kitu Pa?”Satrio nanya.

“Sanés nyingsieunanBapa mah. Urang dieu ogétara aya nu wantuneunwengi-wengi ngulamprengka dinya. Komo ayeunamah malem Juma’ah ping 1Kaliwon deuih. Bilihkumaha onam,” ceuk tu -kang warung hariwang eun.Gebeg, enya geuning ayeu -na malem Juma’ah! Kuringsilih pelong jeung Satrio,tuluy ngarérét ka Anto.Tapi dasar si Anto budakWanadri téa… wanian!

“Halakh, sieun ku naonatuh? Da urang ka dieu téhboga niat alus. Ké geus Isamah hayu urang arindit!Bisi kapeutingan mantén!”ceuk si Anto bari caca-muilan ngadahar goréngan.Dikitukeun mah kuringéléh déét. Ba’da Isa, kuringtiluan amitan ka tukang

warung.Najan reyem-reyem ngan

ukur dicaangan ku sorotlampu motor, kuring masihbisa niténan kaayaansakurilingna. Mimiti mahenya kaciri jalan nu diso-rang téh, di beulah kencawalungan Citanduy téa. Dibeulah katuhu kebon eurihmani jarangkung. Katingaliti kajauhan aya sababarahaimah nu rada paanggang.Tapi, beuki lila geus teukatingali di beulah katuhuaya imah, da euweuh listriknu hurung.

Kaayaan jalan nu leutikngabalukarkeun motor teubisa sajajar. Antukna motorkuring ti heula, dituturkeunku motor Anto. Kaayaansepi jempling, iwal ti soramotor jeung gaang nuréang. Di satengahing jalan,kasebrot ku lampu motor tilebah hareup katingali ayajelema keur leumpang.

Ningali aya motor titukang, éta jelema nyisiméréan jalan. Reg, motorkuring eureun dituturkeunku motor Anto.

“Mang, badé angkat ka-mana?” ceuk kuring nanyaka éta jelema.

“Aéh Jang, Emang badéka tungtung lembur. Nu-mawi ieu téh kawengianwangsul ti dayeuh. Kumargihoyong téréh dugi, nya ka-paksa baé nikreuh,”ceuk étalalaki tengah tuwuh.

“Geuning urang sajuru-san Mang? Hayu atuh, ngi -

ring baé kana motor abdi,”ceuk Anto nawaran. Étalalaki nu ngawanohkeunmanéh ngarana Ahrom,katangen mani atoheunpisan.

“Jang, tos baé dugi kadieu. Tuh, rorompokEmang mah palih ditu,”ceuk Mang Ahrom nunjukka sababaraha imah nu per-nahna di lebakkeun jalan,katingali aya célak célakobor di hareupeun hijiimah.

“Har, ituh Emang…manawi téh badé ngajajap-keun abdi dugi ka ditu? Én-jing nembé mulih deuisasarengan ka dieu,” ceukAnto ngalengis hayang di-anteur.

“Moal Jang, karunya kabarudak Emang pasti geusnarungguan oléh-oléh.Omat nya Jang, ti dieuterus wéh mapay jalan sata-pak. Ké di palebahpengkolan kudu ati-ati,didinya aya batu peun-taseun walungan. Tah, didinya téh paragi munjungkeur jalma-jalma nu hayangtéréh beunghar. Kadé ulahwani wani tunyu-tanya kasaha baé oge. Mun manggihjeung naon waé tong di-paliré,” ceuk Mang Ahrommére pepeling bari tuluyamitan.

Dius deui kuring tiluanindit. Enya waé, di lebahpéngkolan mani nyam-buang seungit menyanjeung kekembangan. Bulu

Nu Matak Muringkak di MajingklakKu Nyi Roro

Page 26: MSWA - Mangle 2445

Manglé 2445 25

punduk ngadak-ngadakmaruringkak mani asa kan-del. Kagok jauh, kebat baé.Lempeng, teu luak lieuk.

Kasorot ku lampu motorkatingali aya aki-aki makébaju hideung, sirahna makéiket, disoléndang sarung.Aya nu matak hémeng,kuduna mah geus sakitukakolotanana éta aki-aki tehleumpangna bongkok,tokroh-tokroh kundangiteuk. Ieu mah alah batanbudak ngora jagjag belejag,leumpangna gé bari acleng-aclengan jiga nu ngajlenganbatu-batu tincakeun.

Reg éta aki-aki eureun,tuluy nulak cangkéng.Pameunteuna baketut ha-seum. Halisna nu geushuisan duanana carengkat.Durilak-durilak, éta panonaki-aki ngadurilak. Durilakka Satrio, tuluy ka kuring,panungtungan ka Anto.

Di tukangeun éta aki-akiaya wanoja leumpang, tapinaha siga nu ngageuleu -yeung? Beuki lila beukideukeut. Gusti! Karék haritakuring ningali aya wanojasakitu geulisna. Éta wanojamaké raksukan kabayabodas siga pangantén.

Rambutna nu panjangngarumbay katebak angin.Aya siger nu patinggurilapdina sirahna.. Leungeunnanu curentik nyekel tungtungkarémbong, lir putri turun tikahyangan

Panon putri nu cureuleukmencrong seukeut. Halisnangariut, pameunteuna siganu bendu. Motor nu keurditumpakkan ku kuringrada gagaléongan, ciganapipikiran Satrio teu bisamuseur. Inget kanapépéling Mang Ahrom, ku -ring nepak tonggong Satriobari ngaharewos nompo

kana ceulina, “Yo! Istigpareuy! Lempeng, tuluy kahareup!”.

Kuring tiluan keukeuhnyekel papatah ti MangAhrom, daék teu daék majungadeukeutan Si Aki jeungNyi Putri. Dua rombonganadu hareupan, sarua pada-pada arembung éléh.

Kasebrot ku lampu motorpanon si Aki beuki molotot,bahamna kekerot, leung -eunna tipepereket siga nuhayang ngerekeb-ngerekebbaé.

Satrio ngagas motorna,nyakitu deui Anto. Si Akijeung Nyi Putri beuki lilabeuki deukeut... beukideukeut... beuki deukeut...Kuring geus teu kuatawahing ku sieun.

Awak ngadegdeg. Biwirkekerenyeman maca sagalarupaning susuratan. Panondipeureumkeun. Teu lila...

Wush! Wush! Karasa, ayaangin dua kali ngahius.

Sanggeus rada jauh, ku -ring tiluan eureun heulabari silih pelong tapi eu-weuh nu ngomong sake -mék-kemék acan. Reuwaskareureuhnakeun. Gerungdeui motor nu ditumpakkannuluykeun deui lalampa-han. Aya kana satengahjamna, di hareup katingaliting kariceup cahaya obor.Ceuk kira-kira kuring mah,sigana éta lembur Majing -klak.

Alhamdulillan, teu lilaanjog ka nu di tuju, geusloba jelema ngagimbungmarawa obor. Ujug-ujug ayalalaki rada kolot nyampeur -keun ka kuring tiluan.

“Wilujeng sumping Cép,syukur tos salalamet mah.Bapa kenging wartos ti PaCamat yén badé aya tamumahasiswa ti Bandung.Urang dieu mani tosélékésékéng, dareudeupeun.Ari manawi téh badésarumping sonten badaAshar, ari pék tos badé te -ngah wengi geuning?

”sihoréng Pa Kuwu nungabagéakeun. Kuringjeung babaturan ukur imutbari nyolongkrong ngajaksasalaman ka pribumi.

Pa Kuwu langsung nga-haturanan ngarereb diimahna. Sajeroning leum -pang Pa Kuwu culang-ci -leung siga nu sieun aya nungadéngéeun. Manehnatuluy nanya lalaunan,“SanésCép, dupi tadi di jalan teumendak nanaon? Pan ayeu -na téh malem Juma’ah Kali-won. Tara aya pamayang nuunggah ka laut, da Nyi Putrinu ngawasa laut kidul sokngaroris jalan-jalan dirén-cangan ku badégana nu tosaki-aki”.

Kuring, Satrio jeung Antoteu ngajawab, kalahkangadon papelong-pe-long.***

Saung Indung, 30September 2013

Page 27: MSWA - Mangle 2445

26 Manglé 2445

Basa ngawitan nguping mah sugan téhngaran rumah makan Sunda nu per-nahna di Cijagra, sabangsa “Saung

Léngkong”, “Babakan Siliwangi” jeung “Sin-dang Rérét”. Enya, ari di Cijagrana mah, tapilain réstoran Sunda nu kawentar pais laukemas Majalayana sanajan salah saurang nungokolakeunana “asma”, asli Majalaya.“Ranggon Cijagra” téh sihoréng ngaranpadépokan Tembang Sunda nu ditaratas kutilu juru mamaos sénior nyaéta NénéngDinar, Héri Suhérianto jeung Élis Rosliani.Tiluanana kungsi nyangking juara PTSCDamas tur kiwari geus kaasup diva nunyong colang di lingkungan seni galin-deng Sunda tradisi mah. Saléngkah deuijadi maéstro ngadagoan aranjeunnaleuwih euyeub ku karya cipta tur geushasil “nyitak” murid-murid nu suksés sigaaranjeunna. Conto maéstro mah jenatnaHj. Euis Komariah. Numutkeun kuringEuis Komariah mah lain baé suksés, tapiogé SIGNIFIKAN nyaéta sajaba anjeunnanyalira suksés, Euis ogé hasil ngadidikmurid-muridna suksés kawas anjeunna.Geura baé para juru galindeng nyong-colang kawas Ida Widawati, MamahDasimah, Rina Oesman, Nénéng Fitri,Maé, Élan, Ujang Supriatna, Arliyani,Gan-gan, Héndrawati, Rosyanti, RikaRafika jeung Rita Tila kungsi nampapang ropéa husus ti Euis Komariah. Kaasupduaan tina tilu kokojo Ranggon Cijagra ogéapan hasil atikan anjeunna. Malah…aéhnaha bet kalah medar kokojo-kokojona?Apan rék nyaritakeun rést…, éh padépokantembang Sunda “Ranggon Cijagra” téa.

PipilsapatanHoréng “Cijagra” lain baé nuduhkeun

tempat ngadegna padépokan, tapi ogémang rupa kirata tina “Cinta Jadi GalindengSora”. Naon éta téh ma’nana? Ceuk salahsaurang kokojona pajah galindeng seni soratéh mangrupa ébréhan rasa kaéndahan, aripuncakna rasa éndah taya lian ti cinta aliasasih. Ari “ranggon”? Éta mah poho teu di-tanyakeun. Tapi ceuk wangwangan kuringmah, bari itung-itung milu ngeuyeubanma’na, apan ari ranggon mah saung luhur ditengah sawah nu plung-plong ka mana-mana. Éta nandakeun kasadaran yén tem-

bang Sunda mangrupa salah sahiji unsurkasenian nu teu misah tina kontéks sosial-budaya Sunda nu leuwih jembar. Ku kitunainsan-insan seni ogé wawasanana kudujembar dina harti wanoh tur ngahargaanrupa-rupa kasenian séjénna. Jeung kudujembar manah deuih nyaéta silih hormatjeung sasama tur nyinglar sikep heureut“bener aing, henteu batur”. Kabéh ogémuseur dina tujuan ngarojong nanjeurnakualitas kahirupan manusa Sunda. Sajabati éta ranggon mah tihangna opat jeung aya

tarajé pikeun naék simbul tina lima karak-teristik profésionalime: Dangongan, Soraan,Élmuan, Ahlakan jeung…Duitan. Sanajankacirina ukur pipilsapatan, tapi unggal or-ganisasi, kaasup “Ranggon Cijagra”, munhayang tanggoh kudu boga tatapakan fil-safat nu ngandung ajén-inajén luhung wu-judkeuneun jeung tujuan jelas hontaleunsarta kagiatan-kagiatan nu luyu jeung visi &misi organisasi.

Ranggon Cijagra Saliwat“Ranggon Cijagra” téh awalna mah ukur

ririungan latihan mapag pasanggiri tem-bang Sunda méh tilu taun katukang dite -ruskeun sabadana ku nu paralay neraskeundiajar mamaos. Tapi jadi manjang ruang-ri-ungna téh méh saminggu sakali di bumikontrakan Nénéng Dinar di Cijagra. Bisa di-itung ku ramo mimitina mah nu haladir téhkaasup para pamirigna. Nyatana beuki lila

beuki nambahan nu haladir téh, pang-pangna siswa SMU jeung mahasiswa, malahayeuna mah katambahan ku murid SDjeung SMP. Teu saeutik deuih diantara“alumnus”na nu hasil nyangking juara dinapasanggiri tembang jeung kawih di Ban-dung jeung di daérah-daérah. Atuh tuluynamah saréréa ngarasa perlu ayana wadah numaneuh pikeun nu resep tembang jeungkawih Sunda. Brol baé gelar “Ranggon Cija-gra” tanggal 30 Nopember 2011 diparajianku notaris Nanny Warmana SH.

Kawasna mah niténan ka-giatan Ranggon Cijagra nu dariatur geus bukti hasilna, sanajanteu ngahaja promosi ka ditu kadieu, perhatian ti sawatara bu-dayawan, sasama seniman, lem-baga pendidikan, instansi pemdajeung para simpatisan mimiti jul-jol. Rada remen deuih jadi pang -jugjugan mahasiswa nu keurnyusun skripsi jeung tésis. Malahaya kandidat doktor ti sarakanjeung mancanagara nu ngahajanguyang data ti “Ranggon Cija-gra”.

Naon tujuanana? Luhur, nya -éta milu miara jeung mekarkeunseni galindeng Sunda tradisidina harti jembar di kalangan

generasi nonoman nu jembar wawasan turmibanda karakter pinuji. Idéalistis pisan,nya? Enya, visi jeung misina mah idéalistis,tapi prakprakan ngawujudkeunana praktis.Geura baé, latihan waktuna saminggu sakaliti jam 14.00 – 17.00 pikeun kawih, ari ma-maos mah ti jam 17.00 – 20.00. Nu lalati-han kawih loba nu nyambung ngiringlatihan mamaos. Kitu deui sabalikna. Ayaalusna nyaéta jadi silih pikawanoh jeungsilih hargaan kana kaéndahan mamaosjeung kawih nu ahirna nimbulkeun sikepjembar kana seni Sunda umumna. Parapupuhu nu tiluan ogé sami aktip ngatiksareng ngalatih. Atuh sangkan teu “pacorokkokod” aya pembagian tugas nu luwes. KangHéri bagian “népakeun” lalaguan anyarjeung ngatik budi pekerti, Téh Élis nambi-han pangaweruh ngeunaan seni budayaSunda, ari Téh Nénéng bagian ngalatih téh-nik galindeng katut penghayatanana.

RANGGON CIJAGRAPadépokan Anyar Tembang Sunda

Ku HD. Bastaman

Kokojo Ranggon Cijagra. Ti kénca:Heri Suherianto, Neneng Dinar sareng Elis Rosliani

Page 28: MSWA - Mangle 2445

Manglé 2445 27

Tangtu tiluanana gé ngiring ngahaleuangnyontoan. Da kurang apdol atuh mun guru-guru galindeng teu mintonkeun kaahli -anana mah. Ras inget jaman keur sakola diSMP 2 Bandung aya guru olahraga nu ung-gal nyontoan gaya ngojay di “Céntrum” sokti sisi baé bari nganggo raksukan jeunglancingan pondok bodas anyar.

Aya babaturan nu lenger ngajongklokeunanjeunna…. gejebur…. kekerebekan méh ti-teuleum. Sihoréng teu tiasaeun ngojay!

Ngatik Karakter Ngatik karakter mah diantarana ngabi-

asakeun silih hargaan. Upamana baé munaya nu séjén keur ngahaleuang kudu diban-dungan, komo mun guru keur nyontoanmah kudu buru-buru ditandaan “notasi ca -cing”. Ngahargaan sasama pamilon, pang-pangna ngahormat pamirig jeung parasepuh nu hadir, lain ku “hotbah” tapi kuprak, upamana dicontoan rengkuh munju -ngan. Suasana latihan diusahakeun akrabtur gumbira sangkan para pamilon nulolobana nonoman ngarasa resep, betah,sumanget, bébas jeung wantér nga-haleuang. Atuh sangkan motivasi diajartetep kuat sok diajak milu pagelaran.

Upamana baé dina pagelaran PadépokanMayang Sunda tanggal 13 Séptémber nukaliwat, Ranggon Cijagra mintonkeun toro-bosan nyaéta mamaos Cianjuran diram-pakkeun dina lagu-lagu Lingga Hiang,Kinayungan jeung lagu panambahna Séng-got Pangemat. Keun, tong waka euyeubgeureuh bawél cegék kawas sasari bisi me-ungpeuk kréativitas. Diayakeun “ujian”deuih bari dijangjian saha nu panghadénabakal jadi “asistén” pelatih. Kaharti munpara nonoman téh sasatna paunggul-unggulngudag préstasi. “Fastabiqul Khairat” saurMama Ajengan mah nyaéta paheula-heulanyieun kahadéan, dina hal ieu pabisa-bisanembang.

Jul-jol pangrojongPara pamilon latihan ogé dibiasakeun

nataharkeun sorangan tempat latihan,bébérés deui sanggeus réngsé, kaasupngumbah piring tilas taruang. Da sok disug-uhan tuang atuh ku nu kagungan bumi.

“Ti mana kénging “mang Dana” mang -kaning unggal minggu éta téh?” nanya ka nungokolakeunana.

“Sok aya baé nu ngintun boh asakna bohatahna” walonna.

“Nyuhunkeun donasi?” cékéng. “Paralun teu acan kantos ka sasaha ogé.

Nanging upami aya nu ihlas maparin mahpiraku ditolak” pokna.

“Mun teu aya nu ngintun?” nanya deui. “Gampil. Masak bae nyalira di dapur

saaya-aya, da seseringna mah kitu” walonnaénténg, “Nanging da sok aya baé nu saraémanah. Sakapeung ujug-ujug aya nu ngin-tun tuangeun sapuratina. Rijki kanggo nu

sarumping tangtosna gé. Malih aya nu sokngantunan ‘kanggo transportasi parapamirig’ saurna. Kantos kajantenan nujusumedeng “kanker” alias kantong keringmayunan latihan engké sonten aya dalangkawentar mundut CD “Celempung Ban-dung”, dihaturanan dua, bro maparin artosnu nyekapan pisan kanggo nyuguhan nulalatihan harita. ‘Yeuh ti abah jeung ambumilu nyuguhan’ saurna”. Ditataan éta gésaha-sahana nu sami ngarojong, kalebetpara panembang sénior di Bandung nu sokneleponan ngarojong kagiatan latihan. “Sa-dayana ogé éstu ngiatan sumanget ka sa-daya” pokna. Kitu deui nu kagungan bumi,istri sepuh urang Minang nu linggih diJakarta. Anjeunna mah mercantenkeunsagemblengna ka Nénéng Dinar sina ngeu-sian bumina nu ublug-ablag. Mun sumpingka Bandung hég kaleresan aya latihan sokbaku anjeunna mah ngintun pasakan sapu-ratina ala “Sederhana”, rumah makanPadang nu kawentar téa.

Jul-jol pangrojong spontan ti mana-manatéh kawasna mah lantaran para kokojo“Ranggon Cijagra” ngajalankeun “The Prin-ciple of Giving” alias “Asas Méré-mawéh”.Dalilna, mun urang méré kahadéan kasasama kalawan ihlas, hiji waktu urangbakal nampa deui rupa-rupa kahadéan nuleuwih loba tur leuwih hadé ti nu séjén. Dinahal ieu ngajar élmu seni galindeng kalawanihlas, ganjaranana nampa pangrojong timana-mana tur teu disangka-sangka.

Eunteung-eunteungRanggon Cijagra, manjing babasan “sepi

ing pamrih, ramé ing gawé”, horéng dinataun ieu geus nyieun album anyar tembangCianjuran judulna “Eunteung-eunteung”.Nu mamaosna Nénéng Dinar jeung HériSuhéryanto. Duanana ceuk kuring mah paspisan ngagalindengkeun mamaos Cianju-ran, sarua tapis dina téhnik “ulin sora” jeungjero penghayatanana. Ari Gan-gan Gar-mana (kacapi), Yusdiana (rincik), Dédé Su-parman jeung Iwan Mulyana (suling) kabéhogé pamirig nu geus boga ngaran tur seringmagelaran di sarakan jeung mancanagara.

Aya genep pasang lagu mamaos jeunglagu-lagu panambahna dina laras Pélog.Kabéh ogé “cianjuran banget” ceuk barudakayeuna mah dina harti lagu-laguna sarwalinduk, halon tur matak kelar dipirig kacapi,rincik jeung suling maké kemprang hascianjuran. Kualitas juru galindeng jeungpara pamirigna jadi “jaminan mutu” pikeunalbum “Eunteung-eunteung”. Contona dinaciptaan Héri “Béntang Kamelang”, NénéngDinar ngaluarkeun sénggol anyar nu uniktur nyari pisan lebah “mugi énggal tepangdeui, kedal jangji rék saati”. Sénggol Dinar!Atuh Héri dina “Nyawang Gunung” gan-dang naker.

Sakedik kritik ti sim kuring nyaétasusunan lagu-lagu dina ieu album kabéh ogé

sarwa linduk, halon, alon tur mélanholikdina laras Pélog, teu kaselapan lagu hégarkawas dedegungan. Cacak instrumentaliabubukana teu lincah nu ngébréhkeun ka-pakaran para pamirigna jeung teudipungkas ku “Kalangenan” lagu hégarkarya Héri Suhéryanto, kadanguna bakalmonoton alias ngeuyeumbeu. Muga-mugabaé dina album kadua nu béjana ayeunakeur dirarancang, nyusun laguna dumasarkonsép nu jelas tujuanana tur leuwih vari-atif.

Saterusna, masing sarua linduk, kelar turmélanholis, lagu munggaran “Eunteung-eun teung” nu ngantét jeung lagu panam-bahna “Tawadu” karya Gugum Gumbiraéstu unik kakupingna. Karya-cipta carogéalmh. Hj. Euis Komariah téh euyeub kudongkari jeung motif galindeng nu radabéda ti mamaos klasik cianjuran, aya petitjeung gentem séjén, malah karaos aya nu-ansa ciawian saulas. Ceuk kuring mah nité-nan struktur rumpaka jeung perbawalaguna leuwih loyog kaasup Sekar Anyar nujero ma’nana. Mangga geura lenyepanrumpaka “Eunteung-eunteung” lir ngajakngeunteungan diri sorangan. Atuh lagupanambahna “Tawadu” saliwat mah kawasébréhan kageugeut hiji pribadi ka pribadi nudipiasih. Tapi hakékatna mah (kawasna)ngagambarkeun pangalaman batin akrobka Mantenna. Éndah pisan. Pantes mun jadilagu wajib dina Pasanggiri Tembang Sunda.

Harepan jeung PangdungaDina usum tigerat ku pajemuhan ma-

maos jeung muguranana pakumpulan-pakumpulan tembang Sunda nu barétokungsi jaya, hadirna “Saung Cijagra” éstuméré harepan. Sanajan umurna karék“léléngkah halu”, tapi geus bukti méré hasilnyata. Muga-muga “Ranggon Cijagra” kahareup jadi salah sahiji wadah nu bisamekar-mencarkeun seni galindeng Sundatradisi. Sakurang-kurangna jadi émbrio“Sakola Tembang Sunda” nu jadi cita-citasaréréa, da “kurikulum”na geus condong kadinya. Insya Allah.

Aéh, méh baé hilap. Kantos naros kieu kanu ngokolakeun, “Dupi pihak Disbudparuningaeun?”.

“Kantenan, malih kalintang rumojongna”walonna, “Pa Nunung Sobari salaku Kadis-budpar, ngémutan sangkan konsistén dinapembinaan para nonoman. Pangangkennadiantawisna dina Gelar Karya Nano S. éstunyumangetan sadaya. Kitu deui kintunantuangeun matak marahmay tur ningkat -keun gairah nu latihan”.

“Alhamdulilah. Mugi-mugi baé “RanggonCijagra” kaajak ngiring misi kasenian Sundaka mancanagara” cékéng mungkas obrol -an.***

Ciputat,20 September 2013

Page 29: MSWA - Mangle 2445

28 Manglé 2445

GEUS kasawang ti anggalna yénbakal kitu tungtungna. Bakal hen-teu unggut kalinduan, henteu

gedag kaanginan. Enya, perkara UjianNasional (UN) téa. Sakitu réa nu ngélin-gan gé yén UN téh réa mudorotna mananmaslahatna, ih da neugtreug wé pa-maréntah téh. “Konvensi Rakyat” nu di-wangun ku para pakar atikan, tapi nu teu“kapaké” ku pamaréntah, geus nyin-dekkeun yén UN téh leuwih hadé tong di-ayakeun deui. Ngahahambur duit wung kul bari hasilna teu karuhan. Ayana UNtéh kalah ngadidik murid pikeun teujujur. Lamun ti leuleutik geus diajar teujujur, geus gedéna téh teu mustahil jadikoruptor. Padahal apan korupsi téh keurdibasmi ku KPK. Malar ka hareup mahkorupsi téh jadi musuh saréréa, nepi kasing saha baé ogé ngarasa narah milam-pah curaling. Di sawatara sakola gé apangeus dimimitian aya atikan anti korupsi,malar jagana korupsi téh dijarauhan. Tapiupama murid geus diwarah teu jujur tiayeuna, da kabuktian réa pisan murid nuniron (nodong, nyonték) dina waktu mi-gawé UN, ihtiar sangkan jagana ngaja-rauhan korupsi téh geus pasti moal kaalabuahna.

Guru-guru gé nganggap teu perlu ayanaUN téh. Ayana UN nétélakeun yén pa-maréntah geus teu percaya ka guru. Dakuduna mah, cék guru téh, nangtukeunlulus teu lulusna murid téh teu kudu kuUN. Pasrahkeun wé ka sakolana séwang-séwangan. Apan sakola nu apal pisankana kamampuh murid saurang-sau -rang na téh. Pinter henteuna murid ayaréngkola dina rapot. Ari UN, gegedénamah untung-untungan. Réa murid nu disakolana kawilang pinter tapi hasil UN-nateu nyugemakeun. Sabalikna, aya muridnu di sakolana ukur pas-pasan, hasil UN-

na alus pisan. Alhasil, leutik gedéna angkadina UN henteu ditantukeun ku bodo pin-terna murid tapi ku kondisina harita. Iwalti kitu téh ditangtukeun ku “kasempetan”.Bisa niron pasti alus, teu bisa niron mahlapur. Hartina, UN téh ngawarah basilat.

Nu diwarah basilat téh lain muridwungkul tapi lembaga nu disebut sakolatéa. Apan bakal goréng kasebutna upamaréa murid di hiji sakola anu henteu lulusUN. Ku lantaran kitu ditarékahan malarmurid réa nu lulus. Tarékahna mah bisahadé bisa goréng. Réréana mah keun baéihtiar teu hadé gé asal muridna réa anululus UN. Tuh pan, UN téh apan ngawa -rah teu hadé.

Ari pamaréntah keukeuh peuteukeuhmalar UN kudu aya téh, bari pamadegan -ana hnteu unggut kalinduan, henteugedag kaanginan téh, cénah mah pikeunévaluasi. Pikeun ngukur maju mundurnamurid dumasar kana sistim atikan nukeur dipaké ayeuna. Upama kabutianmunur, nya ath sistimna anu kududirobah téh. Iwal ti sistim téh kuriku-lumna deuih anu kudu dioméan teh. Ka-harti upama kurikulum téh asa remenpisan rubah-robahna dina dunya atikandi urang mah. Ayeuna, dina taun 2013,pamaréntah geus ngawanohkeun deuikurikulum 2013. Nu cénah réa pisan bé-dana jeung kurikulum saméméhna. Atuhguru téh rampang-reumpeung, ngawagudeui, ngabaru deui.

Ari tina jihad pamaréntah, ayanakurikulm anyar téh hartina ayana deui ka-giatan panataran. Ayana deui proyék,ayana deui kasempetan pikeun misah -keun heula “jang ka imah”. Da apan cékselenting bawaning angin mah dipak-sakeunana UN téh kuaran aya patalinajeung anggaran. Cenah, anggaran keurUN taun ieu geus aya réngkolna dina

APBN, tur geus disaluyuan ku DPR. Nahaoknum di DPR aya nu kabagéan atawahenteu, walahualam. Ngan nu matak hé-meng téh apan Mahkamah Agus geusnetepkeun yén UN téh kudu dieure-unkeun heula saméméh Kemendikbudngabebenah heula sawatara hal nu nang-tukeun kana lancar henteuna UN. Majartéh MA mah da teu nitah UN diuereun -keun, ngan pasualan-psualan téknis kududioméan. Saha nu salah saha nu benertangtu hésé nangtukeunana, da puguhgeus diatur sangkan kaputusan MA bisaditapsirekun rupa-rupa, bisa multitafsirtéa. Ku lantaran pamaréntah keukeuhpeuteukeuh ngayakeun UN, tur guru-guru keukeuh nganggap UN téh teu perlu,antukna nya adu regeng. Dina poéanmiéling Hari Guru Internasional, guru-guru rék démo. Salila 10 menit guru-gurubaris mogok-ngajar. Minangka protéskana kawijakan pamaréntah nu ayapatalina jeung dunya atikan, anu remenpasalia jeung kahayang guru-guru. Tapida apan ngaranna pamaréntah, sugrikawijakanana daék teu daék kudu dilak-sanakeun. Bongan aya sawatara pihak nungabogaan pamadegan yén pamaréntahmah ulah éléh ku rahayat. Pamaréntahkudu salawasna meunang.

Tapi da bisa kituna téh, pamaréntahulah éléh enggoning nyanghareupan ra-hayat téh, upama pamaréntah geusngarasa yakin yén kawijakanana teusalah. Yén kawijakanana kudu dijalan -keun lantaran pikeun kapentingan ra-hayat nu leuwih réa. Ari leuwih réajumlah rahayat nu teu satuju kana kawi-jakan pamaréntah mah nya leuwih hadépamaréntah téh ngéléhan manéh. Da aringéléhan manéh mah pasti teu kasebutéléh.***

([email protected])

DI KIWARI MACA BIHARI(21)

Catetan Budaya YAYAT HÉNDAYANA

(Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas)

Henteu Unggut Kalinduan Henteu Gedag Kaanginan

Page 30: MSWA - Mangle 2445

Manglé 2445 29

Tiap daérah boga kaunggulanmasing-masing. Dina ngamang-paatkeun kaunggulan alam ieu

bisa kusaha waé, tapi tetep aya aturanjeung norma nu kudu dituturkeun turulah dirempak aturanana. Tapi dinaprak-prakanana loba pisan lahan anugeus teu kapaké deui balukar kaunggu-lanna geus euweuhan deui, balukarnaéta lahan téh jadi lahan kritis.

Saperti lahan kritis di KabupatenCianjur nu legana nepi ka 50.000 hék-tar. Sabagéan lahan kritis ieu téhmang rupa lahan titinggal galian C anucan direklamasi (proses nyieun lahandaratan anyar).

Galian C téh nyaéta galian urutbahan tambang nu biasana dipaké keurpangwangunan infrastruktur boh wa -ngunan pribadi, swasta atawa pa-maréntah. Salah sahiji conto galian Canu asalna ti walungan nyaéta Batu,Koral, jeung keusik walungan. Biasanabahan galian C ieu téh sakabehna dikokolakeun ku pihak swasta. Kusabablokasi galian C di daerah mah pernahnadeukeut jeung padumukan masarakat(desa), biasana pihak swasta mérékasempetan ka masarakat desa sabu -deureun pikeun milu gawé jadi“pengumpul batu” di tambang galian C.

Tina 32 kacamatan di Kabupaten

Cianjur, aya dalapan kacamatan la-hanna kritis panggedéna. DiantaranaKecamatan Gekbrong, Warung Kon-dang, Sukaresmi, Cikalong, Agrabinta,jeung Leles.

Nurutkeun Kepala Dinas Kehutanandan Perkebunan (Dishutbun) Cianjur,Mochamad Ginanjar, Lahan kritis ieutéh sakuduna dijadikeun heula “ruangterbuka hijau” (RTH ) kucara ngalaku -keun heula reboisasi. Nepi ka ayeunangan tilu lokasi RTH nu aya di Kabu-paten Cianjur, nyaeta Babakan Karet,kawasan Universitas Suryakancana(Unsur) Cianjur, sarta urut TerminalMuka. Jumlah RTH ieu, ceuk Ginanjar,kurang pisan. Nu jadi masalahna, tirarancang Tata Ruang jeung Wilayah(RTRW) Provinsi Jawa Barat (Jabar),mémang Cianjur diwajibkeun kuduboga lahan kurang leuwih 60 perséntina lega wilayahna, tapi nurutkeundata Badan Perencanaan & Pembangu-nan Daerah (Bappeda) Cianjur, luasRTH-na ngan aya 30 persén.

"Lahan-lahan kritis ieu mémanglahan-lahan anu tos dikantunkeun kupara pangusaha galian. Kanggo rekla-masi, salami ieu diantara pangusahaéta teu acan aya nu mayar kompensasireklamasi lahan. Mung saukur sababa -raha patani anu ngagarap di lahan kri-

tis ku cara sistem séwa ti desa satem-pat," ceuk Ginanjar.

Ku kituna, Dinas Kehutanan jeungPerkebunan nyiapkeun waragad nugedéna Rp2,8 Miliar pikeun ngarekla-masi lahan kritis jadi RTH atawaRuang Terbuka Hijau. Anggaran ieuasalna tinu anggaran Kementerian Ke-hutanan sarta sésana Rp 1,2 M tinaAPBD Cianjur.

"Anggaran ti Kemenhut dibagikeunka 33 kelompok di tiap kacamatanngalangkungan program Kebun BibitRakyat (KBR). Tiap kelompok kéngingRp 50 juta kanggo program penghi-jauan. Sedengkeun anggaran tinaAPBD Cianjur kanggo programpenghijauan sareng panataan RTH nuaya," pokna jéntré.

Program RTH, nurutkeun Ginanjar,mangrupa hiji diantara tarékah nung -kulan lahan kritis di Kabupaten Cian-jur. Kiwari keur diupayakeun nyusunpeta rarancang dina énggoning nga-garap lahan kritis.

“Pamaréntah bakal teras ngupaya -keun kanggo ngauihkeun deui fungsilahan kritis jadi lahan produktif,ngalangkungan program-program anutos di tataharkeun ku pamaréntahdaérah, provinsi sareng pamaréntahpuseur,” pokna deui.*** (AS)

Lahan di Daérah Loba Kénéh nu Perlu Dibebenah

Page 31: MSWA - Mangle 2445

30 Manglé 2445

Ni’mat anugrah Alloh SWT kamanusa, katut sakabeh mah -lukNa, tan wilangan. Rea mang -

laksa-laksa. Dina Q.s.Ibrahim : 34, AllohSWT nangtang ka manusa “ wa inta’uddu ni’matallohi, la tuhsuha”.

Pek itung ni’mat Alloh nu dibikeun kaaranjeun, tinangtu moal kaitung.

Atuh dina Q.s. Ar Rohman, nepi katilu puluh kali Alloh SWT tumaros, ni’-mat naon deui nu rek diangles? Kabehgeus lengkep disayagikeun, ti langit, tibumi, ti dasar sagara. Allah SWT MahaWijaksana tur Maha Berehan dinangatur rejeki pikeun umatNa, nu jadibagean tina sagemblengna ni’matkahirupan di satangkaraking jagat.

Keur nu nohonan ibadah haji, sagalabukti ni’mat Alloh SWT, lir ngamparhareupeun panon. Atra katara, nyatakarasa, ku nu daek jeung mampuhngimplengna. Ti mimiti ni’mat ibadah,sumembah pasrah wungkul ka Anjeun -na. Dainunah lillahi wahdah.La syari -kalak. Museur ka hiji-hijina sembaheun,taya sasaruanana. Husu unggal waktu.Teu ngingetkeun cape jeung bosen.

Kabeh ngabring ka Baitulloh. Timimiti reup peuting , nepi ka tungtungbeurang. Pikeun towaf, salat, dzikir,tadarus Quran,jeung sajabana kalawan

tujuan ngadeukeutkeundiri ka Alloh SWT (taqor-rub illalloh). Hiji perkaranu hese dilakonan dilemah cai.

Saluareun kagiatanibadah “madloh”, kasak-sen ramena kagiatansapopoe nu patali jeungekonomi katut sosial.Prinsip “suplay and de-mand” lumangsung kala -wan saimbang. Padagangnyayagian rupa-rupa ka -perluan sapopoe, boh da -har nginum, boh pakean.Nu meuli siap ngamang-paatkeun, dumasar ka-

mampuhan sewang-sewangan.Teu kahalangan ku beda bangsa jeung

basa. Ruket dalit ngahiji dina “ta’aruf”.Silipikawanoh.Luyu jeung tujuan AllohSWT nyipta rupa-rupa seler bangsa,warna kulit, taya lian pikeun “li ta’aaro -fu”. Satata saharkat. Taya nu kudungarasa leuwih pinunjul. Sabab ka-mulyaan di antara sakabeh manusa,mungguh Alloh SWT, nyaeta “atqokum”Nu pangtakwana ka Alloh SWT.

Salah sahiji ni’mat Alloh SWT nu teukaharti ku akal saliwatan, nyaeta reanaingon-ingon, keur“dam” (denda)haji tammatu (ngaheulakeun umrohti batan haji) jeunghaji qiron (ngahi-jikeun umrohjeung haji), sartakeur hadyu (qur-ban dina 10-13Zulhijjah).

Ngaleuya. Etajutaan hewan, ka -yaning domba,embe, onta, sapi,geus sayagi di tem-pat-tempat pame-

uncitan. Acan ingon-ingon nu dipeuncit keur

kaperluan dahareun sapopoe. De-ungeun sangu sumber protein hewaninu kebek ku gizi jeung nutrisi.

Padahal mun direka ku logika jeungmatematika, estuning pikaheraneunpisan. Geura wae, onta, sapi, embe,domba, rata-rata anakan sataun sakali.Paling rea ngalahirkeun opat anak.Malah rereana mah ukur hiji. Bari ung-gal waktu didaharan terus ku jutaanmanusa, katut sato hewan nu kabeukinakana daging (carnivora). Tapi teu beak-beak.

Bandingkeun jeung ucing atawa beu-rit. Taya sahiji ge jalma nu sok ngaha-jakeun dahar daging ucing jeung dagingbeurit. Bari jeung ucing atawa beurit,mindeng pisan anakan. Sakali ngalahir -keun ngawelas. Tapi jumlahna anggerwe saeutik. Populasina ukur saukur aya.Lusles teuing ka marana. Malahbangkena ge langka kapanggih.

Allohu Akbar. Alloh Maha Agung.Maha Adil. Maha Bijaksana dina ngaturkasaimbangan kaperluan mahlukNa.Pangpangna manusa.

“Fa biayyi ala-i Robbikuma tuka -dzdziban ?”.Ni’mat Alloh naon deui kuaranjeun diangles?”***

Ni’mat Anugrah Alloh SWT Tan Wilangan

Ku H.Usep Romli (Mekah)

Page 32: MSWA - Mangle 2445

Adi-adi, nepangkeun heula ah, aya sobat urang anu palay ngiring midang jantenAdi-adi, nepangkeun heula ah, aya sobat urang anu palay ngiring midang jantencover Manglé Alit. Nami lengkepna Rayas Muhamad Haikal, putra Ibu Répicover Manglé Alit. Nami lengkepna Rayas Muhamad Haikal, putra Ibu RépiYayu Nurhasanah, S.Pd sareng Bapa Asép Zuhairi Saputra, S.Pd. Dédé RayasYayu Nurhasanah, S.Pd sareng Bapa Asép Zuhairi Saputra, S.Pd. Dédé Rayastéh yuswana alit kénéh pisan, teu acan sakola tapi cita-citana saé pisan, palaytéh yuswana alit kénéh pisan, teu acan sakola tapi cita-citana saé pisan, palayjanten guru. Ngala ka Ibu Rama geuning nya...nu kasép téh?***janten guru. Ngala ka Ibu Rama geuning nya...nu kasép téh?***

Rayas Muhamad Haikal

Page 33: MSWA - Mangle 2445

Sababaraha minggukalangkung, abdi dicandakjalan-jalan ka pasar kagét

Kabupatén ku Ibu. Disebat Pasarkagét Kabupatén téh, pédah étapasar nu barang-barangna sagalamirah téh, ayana di caket KantorKabupatén Bandung, di Soréang.Saleresna mah sanés pasar nyaan,tapi anu icalan museur di dinya,janten jiga pasar. Rupi-rupi anu di-ical di dinya téh. Ti ngawitanbarang-barang aralit saperti co-cooan dugi ka barang-barang arage-ung. Malah aya ogé anu daganglauk sareng akuariumna. Abdi mahsok sering mésér kasét péés di dinyatéh. Saleresna mah di bumi ogé tosseueur kasét péés téh, tapi abdi sokresep waé. Abdi sok méséran téhkasét sépak bola. Ku Ibu ogé soksering diwagel, tapi abdi sok keu -keuh hoyong, da eusi sareng timnamah bénten-bénten, janten resepwaé. Dina hiiji dinten, abdi téh bethoyong mésér akuarium. Pédah dibumi Emang aya akuarium. Lami-lami margi abdi sering ameng kabumi Emang, jadi kabita hayanggaduh akuarium sorangan. Abdinyuhunkeun ka Ibu.

“Bu, wios nya mésér akuarium?”“Mangga...tapi badé tiasa ngu-

rusna maol? upami teu diurus mahbisi paraéh laukna,” saur Ibu semuanu nyarék.

“Badé atuh, Bu. Jangji!” ceukabdi bakating ku hoyong dipang-mésérkeun.

Meureun pédah abdi keukeuhbari luwa-lewé rék nangis, Ibuahirna mangmésérkeun akuariumukuran alit.

“Laukna ulah waka seueur teu-ing nya, lima wé....cekap!” saur Ibubasa abdi nyuhunkeun sapuluh.

Sateuacan dugi ka bumi, abdi,Ceuceu sareng Ibu nyimpang heulaka supermarkét. Abdi milih hiasanakuarium, margi di Mamangtukang akuarium anu tadi mah,henteu mendak anu cocok.

Sadugina ka bumi, lauk-lauknatéh ku abdi dilebetkeun heula kanaémbér. Sateuacan dieusian cai bere-sih, akuarium téh diwasuh heula,ngarah beresih sareng ical keke-bulna. Lauk téh katingalina mah re-sepeun. Komo basa dina akua riumna ku abdi dilebetan kerangsareng hiasan-hiasan anu kéngingmésér di supermarkét téa.

Dua dinten ti harita, kapayuneun bumi aya tukang laukngalangkung numpak sapédah. Ditukang lauk, abdi ningal aya kuyaaralit, lalucu. Abdi jadi kabita ho -yong pisan kuya kanggo ngarénca -ngan lauk, ngarah seueurréncangna. Karaos ku abdi, seueurréréncangan téh resep pisan.

“Mang, pami kuya dihijikeunsareng lauk...moal nanaon kitu?”abdi naros ka tukang dagang lauk.

“Moal, Cép....resepeun geuraloba baturna!” saur tukang dagangbari ngasongkeun kuya ka abdi.

“Laukna moal diemam kukuyana, kitu?” abdi panasaran.Émut ka Ibu, teu sadaya lauk tiasadihijikeun sareng kuya. Bilih kuyamah galak ka lauk aralit mah, saurIbu basa éta. Hanjakalna ayeunaIbu nuju ka pasar, janten abdi teutiasan naroskeun.

“Nyaan nya, Mang....moaldiemam ku kuya?” abdi panasaran.

“Moaaaaal, Kasép....meni teupercanten ka Si Emang, nya? Yapkadieu artosna...dua rébu!” saurtukang lauk bari namprak.

Margi resep téa, abdi mésér

kuya. Ceuceu ogé kaleresanana téhnuju ameng rada tebih deuih, jan-ten abdi teu tiasa naroskeun kasasaha.

Kuya kénging mésér téh énggaldilebetkeun kana akuarium, dihi-jikeun sareng lauk téa. Ti dinten éta,hilap wéh abdi téh tara ngalongok-longok akuarium. Abdi nuju resepameng mobil rémot sareng Wili.

Dina hiji dinten, Ibu nyauran tilebet bumi. Abdi anu nuju amengmomobilan sareng Wili, énggalnyampeurkeun.

“Kulaaaan.....! naon, Bu?”“Kadieu geura.....!” Ibu ngaléos

ka kamar abdi. Abdi nuturkeun,bari can ngartos.

“Ieu geura tingal ku Dédé.....meni bau kieu cai akuarium téhgeu ning....!” Ibu mencrong barisemu anu nyalahkeun. Abdi ngahu-leng, rumasa lepat teu ngalongok-longok lauk jeung kuya.

“Saur Ibu ogé.....kedah ati-atiupami badé ngahijikeun kuya jeunglauk. Tuh...hawatos, laukna sa-dayana paraéh....!” saur Ibu baringagiwing akuarium ka dapur.Teras diwasuh di tempat wawasuhpiring.

“Dédé hilap nya...lauk bet dihi-jikeun sareng kuya, bari teunaroskeun heula ka Ibu?” saur Ibudeui. Abdi teu ngawaler nanaon.Abdi ngan unggeuk-unggeukan,bari kaduhung. Abdi hawatos kalauk anu janten korban. Ari kuyamah henteu lepat, da panginten étatéh lauk dahareunana. Abdi jangjika payun mah bakal langkung ati-ati.***

KINTUNAN: Arif RahmanKelas 5 SDN Suka-

mukti 2 Désa Sukamukti – Kata-pang Kab. Bandung

Carpon Manglé Alit

Mésér Akuarium

Manglé 244532

Page 34: MSWA - Mangle 2445

Manglé 2445 33

Adi-adi, hi -dep tangtugeus apal

kana rupa-rupakembang. Cing,ngaran kembangnaon waé anu hi -dep apal? Tuuu-uuh, geuning ayanu tiasa ngawaler,nya? Aya kembangsapatu, kembangsedep malem, kembang srangéngé,kembang malati, ekmbang eros.Tah, aya geuning anu ngawalerkembang eros ogé?

Saha nu teu apal kana kembangeros, nya? Dina basa Indonésia mahkembang eros téh disebutna “BungaMawar”. Adi-adi kantos apal, sokaya istilah “mawar berduri”? malahdina lagu Pop Indonésia jaman ba-heula mah, mawar berduri téh jadijudul lagu.

Leres, adi-adi, kembang eros téhmémang “berduri”, cucukan. Lamunurang kurang ati-ati mah, matak ka-tojos. Matak, lamun pareng mang-gih kembang eros, kadé téh kucucukna. Enya ogé kembangnasaraé rupana, cucukna mah anggerwé nyeri lamun nojos mah.

Kembang eros téh kaasup kanagenus Rosa, jadi teu salah lamunurang Sunda mah nyebutna Eros(Ros). Kembang eros téh nepi ka ra-tusna “spésiés”, sumebar di daérahsub tropis nepi ka daérah-daérahtropis, di antarana Indonésia. Dialam bébas, kembang eros kaasuptutuwuhan anu jangkungna bisanepi ka 5 méter. Lamun jangkungnanepi ka sakitu, cucuk-cucukna ogétangtu jadi baradag. Lantaran cu-cukna gedé, jadi jiga watangna,cucuk kembang eros anu jangkungmah bisa dipaké panétéan lamunaya nu naék pikeun metik kem-bangna. Kembang eros anu jaradi

sorangan, biasana “kelopakna”leuwih carang, jadi prosés “penyer-bukanana” leuwih gampang. Tapi,kembang eros anu ngahaja dipelakku jelema, biasana “kelopakna”leuwih rékép. Kembang eros téhrupa-rupa warnana, aya anu beu -reum, kayas, bodas jeung konéng.

Kembang eros kaasup tu-tuwuhan anu mikaresep cahayapanon poé. Bida dipelak dina pot,bisa ogé dipelak langsung dinataneuh. Di daérah tropis jiga di In-

donésia, kembangeros bisa subur di ma -na baé, ti dataran ren-dah nepi ka datarantinggi (pagunungan).Suhu udara pikeun tu-muwuhna kembangeros, handapna antara14 darajat – 18 dara-jat, luhurna 20 darajat– 30 darajat.

Sangkan kembangeros subur, urang bisa ngagunakeunpupuk NPK (babandingan 5:10:5)lobana 5 gram satangkal. Pupukbakal hadé hasilna lamun dipakédina waktu saméméh kembangan,dina mangsana kembangan jeungsanggeus kembangna layu. Pupukdiawurkeun di sabudeureun tangkalpanghandapna, tutup ku taneuhbari terus disiram.***

(Téh Narti/Sumber: TabloidRumah 2007)

Urang Teguh Yuuuu!TI mimiti hulu nepi kana suku, aya dina sirah.

Naon cing? *** (Rinda-Bandung)

Jawaban diserat dina kartu pos nganggo perangko sacekapna, ulahhilap ditémpélan kupon UTY no. 1241. Kintunkeun ka Manglé Alit, Jl.Lodaya No. 19 Bandung 40262, saelat-elatna dua minggu saparantos

medal.Jawaban UTY No. 1237Nu leres : Maén Pé-ésNu kénging hadiahna:

1.Yeni MulyaniJl. Karatagan 2 no 17

Bandung 402952. Ardi S

Jl. Kh. Ahmad DahlanRt. 03 Rw. 05

Cianjur3. Tito

Jl. Kamojing BLK N0 135ACikampek

Kupon UTY No. 1241

Kembang Eros

Page 35: MSWA - Mangle 2445

34

Page 36: MSWA - Mangle 2445

Ku Nila Karyani, S.Pd

Kelas V

HAYU URANG NGARANG TÉA!

Adi-adi, dina sababaraha édisi kaliwat, Tétéh kungsi sababaraha kali ogé medar soal“ngarang”. Pasti adi-adi ogé émut kénéh, naon anu disebut ngarang. Ngarang atawa nulis mang -rupa kagiatan nyaritakeun hiji kajadian dina wangun tulisan, boh mangrupa tulisan anu eusinaluyu jeung kanyataan (kajadian anu sabenerna) atawa karangan fiksi (kajadian anu lain sabener -na, tapi diréka-réka ku pangarangna).

Pikeun hidep anu kakara diajar, nulis fiksi bisa jadi mangrupa pagawéan anu rada hésé. Lan-taran, lian ti kudu bisa milih kekecapan, nyusun kalimah nepi ka ngawujudna jadi carita anungaguluyur, lamun teu karandapan ku sorangan mah pasti rada susah. Tapi lain hartina hidepmoal bisa nulis karangan fiksi. Hiji mangsa mah pasti bisa. Ku nambahan umur jeung pangala-man , ditambah ku maca rupa-rupa buku atawa tulisan, pangaweruh hiji jalma bisa nambahan.Otomatis bakal nambahan ogé kana “daya impleng” (ngaréka-réka) kajadian anu teu nyata, jadisaolah-olah nyata.

Kulantaran hiji hal éta, pikeun diajar mah urang bisa waé ngamimitian ngarang kungadongéngkeun pangalaman pribadi. Hartina, naon rupa anu ku urang kaalaman langsung,boh anu aya patalina langsung jeung diri sorangan boh anu kabandungan dina kahirupan batur.Nulis pangalaman pribadi atawa nyaritakeun pangalaman batur anu kasaksian ku urang, bisajadi leuwih gampang batan nulis carita anu diréka. Gampangna lebah mana? Anu pasti, kumahaguluyurna (kronologis) kajadian, bisa langsung “asup akal” pikeun nu maca. Upamana baé dinangaguluyurkeun “ngaran poé” dina hiji carita. Lamun nyata mah kajadianana, pasti moal salahdina nyebutkeun poé sanggeus Rebo, pasti Kemis. Tapi, lamun carita rékaan, bisa jadi masalahkitu ogé pabeulit, matak bingung ka nu maca. Éta mah ukur conto leutik, ngarah gampang ka-hartina.

Dina néangan téma atawa jejer carita, lantaran dina kahirupan sapopoé téh loba pisan anukarandapan, tangtu bakal loba piliheun. Lamun ku hidep diinget-inget deui, kajadian dina jerosapoé-sapoéna téh tara aya anu sarua persis. Najan enya saban poé kagiatan rutin hidep téhsakola, tara aya anu sarua persis ari kajadian saméméh, saenggeus, malah dina waktuna diajarogé. Pasti aya bédana.

Naon anu dicaritakeun dina paragrap di luhur, kakara conto leutik, tapi geus aya anu bisadicaritakeun. Komo lamun urang nyaritakeun hal-hal séjén anu leuwih loba unak-anikna.

Sakeudeung deui hidep bakal ngalakonan UTS (Ujian Tengah Seméster) jeung Idul Adha,pasti hidep bakal loba ngarandapan pangalaman anu bisa jadi carita. Buku-buku naon waé anukudu disiapkeun, iraha waktu hidep ngapalkeun, kumaha rasana waktu nyanghareupan ujianjeung sajabana. Kitu deui lebah nyaritakeun kumaha hasilna. Kumaha degdeganana waktu réknarima hasilna, meunang peunteun sabaraha, kumaha rasana meunang peunteun goréng jeungalus jeung sajabanan. Lamun caritana ngeunaan Idul Adha, hidep bisa nyaritakeun kajadian-kajadian nu karandapan dina waktu harita. Di mana hidep sholat Idul Adha, di mana meuncithéwan kurbanna, resep henteuna nyaksian héwan kurban dipeuncit jeung sajabana.

Tah, adi-adi, ku pedaran di luhur, mudah-mudahan hidep boga gambaran kumaha ari prak-prakanana ngarang, nyaritakeun pangalaman pribadi. Diantos pisan karya adi-adi pikeun ngeu-sian rubrik Carpon Manglé Alit anu beuki dieu téh beuki jarang baé anu ngintun ka pangasuh.Urang hangkeutkeun deui sumanget nulis, sangkan dina waktuna aya sayémbara ngarang engké,geus moal matak ngawagu deui dina ngarangna. Diantos pisan!****

Manglé 2445 35

Page 37: MSWA - Mangle 2445

36 Manglé 2445

Suksesna pangwangunan salasahijidaerah, Jawa Barat hususna, bakaltembong katara ayana jeung ka -

rasana teh upama ekonomi jeung karahar-jaan masarakat di eta tempat hirup barijeung hurip.. Demi alat ukurna, konci ka-suksesan pangwangunan ekonomi, di-antarana, rupaning potensi sumber daya,boh manusana-alamna boh sumber dayapangrojong lianna kaasup seni jeung bu-dayana. Ku kituna, mun seni jeung budayatradisi di saban daerah di wewengkon JawaBarat hirup jeung mekar, nya tangtuekonomi masarakatna ge milu punjul.

“Hirup huripna seni budaya tradisi di hijiwewengkon, mangrupa salahiji wujudhirupna ekonomi masarakat di eta tempat,”kitu ditetelakeun Prof. Dr. Ahman Sya Dir-jen Ekonomi Kretaif Berbasis Seni BudayaKementrian Pariwisata & Ekonomi KreatifRI, basa muka acara Pagelaran WayangGolek ‘“Gelar Tilu Dalang Nonoman, TiluJagat Sa Carita” dina raraga kagiatan Akti-vasi Taman Budaya 2013, Saptu peutingsawatara waktu ka tukang di Teater Ter-buka Taman Budaya Jawa Barat, JalanDago Selatan, Bandung. Hadir dina etaacara Dra. Hj. Popong Otje Djunjunan(Anggota DPR RI), Drs. H. Uu Rukmana,M.Si., Wk. Ketua DPRD Propinsi JawaBarat, Drs. Nunung Sobari, MM Kadispar-bud Jabar, para pajabat Disparbud Jabar,

para tokoh seniman budayawan JawaBarat, sarta rebuan panongton.

Prof. Ahman Sya neundeun harepan,seni-seni tradisi titinggal karuhun henteuwae ngan ukur jadi hiji kareueus nu nganukur aya, tapi kudu jadi banda anu bisangahudang sumanget geusan nem-bongkeun kareueus jati diri bangsa. Ku ki-tuna, seni-seni tradisi di Jawa Barathu susna masing hirup tur hurip, dimumulekalawan dimekarkeun. “Seni-seni tradisisalawasna kudu diwanohkeun ka sakumnamasarakat, para generasi ngora hususna.Sangkan para nonoman wanoh rareuseu-peun bariu jeung ngaapresiasi ajen inajenkana eta senina,” pokna. Ku kituna, Porf.Ahman neundeun harepan, ka pamarentahdaerah, kabupaten/kota, di kacamatan-ka-camatan atawa di desa-desa mun bisa sabanacara akbar nasional, digelar kagiatan senibudaya tradisi.

Sajeroning kitu Dra. Hj. Popong nete-lakeun, sim kuring di dewan, teu bosan-bosen gogorowakan nepikeun angen-angenmasarakat nu aya di daerah, sangkan bohlegeslatif boh eksekutif nu aya di puseurjeung di daerah salawasna kudu mer-hatikeun ajen inajen seni-seni tradisi nu ayadi saban daerah. Tangtuna, ari programgarapan bisa laksana teh kudu dirojong kuwaragad atawa anggaran. Tah kukitunaceuk Hj. Popong negeskeun keur ngahirup-huirpkeun program seni budaya di daerahkudu diperhatikeun pisan. Sabab, ari senijeung budaya teh mangrupa wujud tinaatikan karakter enggoning ngawujudkeunkareueus jati diri bangsa.

Sawirahma jeung naon anu dikedalkeunbieu, Drs. H. Uu Rukmana minangka WakilKetua DPRD Propinsi Jawa Barat nu teuweleh gede kacinta jeung katineungna kanaseni budaya Sunda netelakeun, yen sim ku -ring nepi ka iraha wae oge tetep bakal mer-hatikeun seni-seni tradisi nu hirup di sabandaerah di Jawa Barat. “Insa Alloh, ngawitanpertengahan sasih Oktober ieu, nya sam-inggu sakali di YPK bakal midangkeunpagelaran seni wayang golek nu baris diro-jong ku dalang-dalang nu aya di JawaBarat,” kitu pokna Kang Haji Uu Rukmanatokoh Sunda anu gede kacinta jeungkanyaahna kana seni budaya Sunda.

Kagiatan Aktivasi Taman Budaya 2013minangka salasahiji program Ditjen Ekono -mi Kreatif Berbasis Seni Budaya Kementer-ian Pariwisata & Ekonomi Kreatif RI

gedurna estu katara jeung karasa mang-paatna ku balarea. Ku kituna, Kepala DinasPariwisata dan kebudayaan (Kadisparbud)Jawa Barat Drs. Nunung Sobari, MMnepikeun harepanana, mudah-mudahanwae taun payun, Disparbud Jabar dipaparinkapercantenan deui enggoning ngama -lirkeun program kagiatan anu sarupa. “Ka-giatan Aktivasi Taman Budaya kacidaageung mangpaatna kanggo masarakat, bohkeur palaku senina boh masarakat umum.Ku eta kagiatan, ajen inajen seni budaya tra-disi nu aya di Jawa Barat bakal tetep hirupbari hurip, sarta dipikawanoh tur diapresi-asi ku sakumna masarakat deuih,” kitukedalna Nunung Sobari nepikeun kareu -eusna.

Pagelaran Wayang Golek ‘“Gelar TiluDalang Nonoman, Tilu Jagat Sa Carita”harita dipidangkeun ku dalang WawanDede Amung Sutarya, dalang Apep AS Hu-daya, jeung dalang Dadan SunandarSunarya. Katilu dalang nonoman minton -keun hiji tongtonan anu kacida luhungna,parigel ngigelkeun ekspresi jeung unjukkabisana masing-masing, pon kitu deuiwarna jeung karakter ti tilu dalang nono-man nyurup dina adumanis hiji tongtonananu kacida punjulna. Olahanna, beda tibiasa. Aya daya kreatif jeung daya kapunju-lan i masing-masing kaparigelan ti eta tiludalang***

Seni jeung Budayana HirupEkonomi Masarakatna ge Maju

Prof. Dr. H. Ahman Sya, Dirjen EkonomiKreatif Berbasis Seni Budaya

Drs. Nunung Sobari, MM., Kadisparbud Jabar

Page 38: MSWA - Mangle 2445

Manglé 2445 37

Geus 25 taun lilana MangHaji Juju Junaedi jeungPabukon Saba Désa (Kelil-

ing) babakti ka urang sisi.Tina anclang-anclangan saba 9

désa bawahan Kacamatan Darang-dan Purwakarta, ayeuna boga 10désa. Tumpak sapédah hadiah ti PaHaji Uu Rukmana anu ayeunakaselir jadi Wakil Ketua DPRD JawaBarat, kadieunakeun RCTI ogéngirim sépédah, atuh ayeuna mahgaduh serep, ceuk Haji Juju, bu -ngah.

Ari pabukon kakayaanana téhkapan buku, majalah jeung nuséjén-séjénna. Kangaranan bahanbacaan, kajeun disebut majalah tilasgé gedé kauntunganana keur numaca, nyaéta nambah élmu pa -ngaweruh jeung luang pangalaman.Nu tadina teu nyaho jadi nyaho, anutadina teu bisa jadi bisa, kabéh dia-jar pinter tina bacaan. Wanoh kapara pamingpin ogé apan tina ba-caan.

Urang sisi kiwari geus palintermaca jeung gedé kahayangna nam-bah élmu pangaweruh. Nyaho kaRatu Inggris, ka Presidén Amerika,ka Pa SBY ogé kapan gegedéna mahtina bacaan, ceuk urang lembur.Mang Juju dipikacinta ku uranglembur lantaran geus 25 taun lilanamilu minterkeun maranéhna.

Saban poé kadéngé sora sapé-dahna “kirining…kirining…Baradéyeuh kulem ujeung nu geulis!”pokna,

Sorana harus, maksudna mahkulem jeung nu geulis teh jeung ma-jalah MANGLE anu gambar jilidnawanoja-wanoja geulis.

Bisana tingtorojol jalma-jalma tiimahna, pangpangna ABG, malahbarudak leutik gé milu ribut dahayang maca Manglé Alit cenah.

Majalah jeung bacaan séjénna téhdiinjeumna diséwa, sapoé sarébupérak, tampolana tepi ka lecekmalah tepi ka rajét majalah anu ta -dina mulus alus téh. Teu diun-dakeun da teu maké BBM, kapankana sapédah ngiderna ogé.

“Ah sawios wé, asal rayat daékmaca,” ceuk Haji Juju, anu ogéngiderkeun pabukon kelilingna kasakola-sakola, kacida dibagéakeun -ana ku murid-murid sakola, da lobaanu pabukon sakolana teu nyimpenManglé. Malah ka kantoran ogéHaji Juju laha-loho,”Baradé yeuhguneman sareng nu geulis,” pokna,bari némbongeun Manglé anu gam-bar jilidna wanoja geulis. Biasanasapoé gé tamat ari pagawé mah, dalancar macana.

Mang Haji Juju resep maca ti keurdi SD kénéh, lantaran ramanangalanggan Manglé téh ti nomer hijikénéh, ti barang Manglé brol di-lahirkeun di Bogor taun 1957.

Ku ramana dikumpulkeun, di -beundeul da apik pisan kana bacaantéh. Haji Juju diwaris sabreg-abregbacaan ku bapana. Nya terus dipakémodal ngadegkeun pabukon, mi -mitina mah sa-RT, terus sa-RW,ahirna salembur jeug sadésa. Padangaba géakeun. Da atuh euweuh ba-caan séjén salambar-lambar acan dikampung mah. Baheula mah teurabul nu dagang Koran cara ayeuna.

Haji Juju ayeuna geus pangsiun tiperkebunan Gunung Héjo, tapiterus jadi pabukon saba désanamah. Imahna anyar, rada angang tibédéng Gunung Héjo, tapi pabu -konna beuki payu. Supir-supir treukmacana di warung.

“Ayeuna téh nuju ngagetkeun pro-gram 4B, nyaéta Buku, Buka, Baca,Bisa,” ceuk Mang Haji Juju.

Sing saha baé anu nyekel buku

kudu dibukaan, pék dibaca, pastisagala bisa. Naon baé anu kabacatina éta buku atawa bacaan prak tu-rutan pigawe, pasti bisa. Pasti dinabacaan téh aya widang tatanén, pe-ternakan, karajinan, téhnik, jeungsagala rupa élmu pangaweruh.

Lian ti ngiderkeun bacaan, MangHaji saban poé sok ngiderkeun su -ling buatan anakna. Sakola-sakoladipapay, atuh raresepeun pisan,loba guru anu ngabagéakeun. Malahbarudak sakola ménta diajar niupnasagala rupa. Tapi ceuk Mang HajiJuju, kadieunakeun mah loba baru-dak anu embungeun diajar nyulingdeui. Lantaran dicarek ku jalma anuboga anggapan, yén cenah sulingmah kaulinan sétan.

Haram hukumna niup suling téh.Lamun geus kitu, Pa Haji ukur bisarumahuh, ngurutan dada sorangan.

Ku alpukahna sorangan, MangHaji sok ngagelar pasanggiri maca.Lamun keur aya mahasiswa KKN,waragadna sok réréongan jeung ma-hasiswa, juarana asup kana Mangléalit.

Dumasar kana jasa-jasana, pang-pangna ka séké sélér di palemburan,jeung kadaék Mang Haji anu béda tibatur, Mang Haji dilélér rupa-rupalayang pangajén, ti mimiti tingkatkacamatan, kabupatén, propinsi tepika nasional. Malah Bupati Pur-wakarta anu towéksa ka rayatnangiangkeun Mang Juju ka Tanahsuci Mekah. Anu matak ayeuna dite-lah Mang Haji Juju. Nu ngajénanseni nyuling jeung sulingna ogéBapa Bupati, pokna, lantarananjeun na mah seniman, budayawananu kacida cinta jeung bumélana kaSunda jeung seni budayana. Kituwangkongan jeung Mang Haji,sawatara poé ka tukang.***

(Hrs)

Pabukon Saba Désa Haji Juju25 Taun Babakti ka Urang Sisi

Page 39: MSWA - Mangle 2445

38 Manglé 2445

Page 40: MSWA - Mangle 2445

Manglé 2445 39

Page 41: MSWA - Mangle 2445

40 Manglé 2445

Usum katiga geus mang-bulan-bulan, tapi cantémbong ayana toton -

dén rék datang usum ngijih.Tatangkalan gararing, pon kitudeui jeung huma. Pepelakanteu jaradi alatan kakurangancai. Aki jeung Nini Balébat teukurang ripuhna nyanghareup -an usum nu ayeuna mah.

Unggal poé hantem ngilikanlangit, susuganan aya abrulanpapatong nu rabeng di langit.Da cenah mun geus rabeng pa-patong di langit téh usum ngi-jih moal lila deui bakal datang.Lain, lain papatong anu rabengdi langit, tapi malah sada tu-raés anu silitémbal ti unggaljuru-juru leuweung jeunghuma. Atuh ari kitu mah kanadatangna usum ngijih téh pi-jauheun kénéh.

“Aluk mah geura indit kahuma atuh, Aki! Susugananwaé aya anu bisa dibawa balikka imah.” Di kitukeun téh AkiBalébat teu gimir saeutik-eutikacan. Pangacianana angger an-teng ngilikan paulna langit.

“Dasar ieu mah aki-aki téhteu bisa pisan diarah gawéna.Sidik di imah téh geus sami -nggu euweuh béas-béas acan.Maenya rék satuluyna ngada-har dangdaunan waé? Jaba dageuning daun-daun gé gara -ring ayeuna mah, geus euweuhanu bisa diala.”

“Nini ogé pagawéan téhngan ngangluh wé unggal poétéh.”

“Ih atuh nya meureun rékngangluh gé. Di imah euweuhbéas jang kéjoeun, komo deu -ng eunna mah. Ari nyampaksalaki ukur sila mendeko bari

neuteup langit cara nu teuéling. Rék teu ngangluhkumaha sok!”

“Nya atuh dahar wé anu aya.Lainna sampeu téh masihkénéh aya di goah?”

“Aya ogé da teu loba atuh,Aki. Paling gé bisa nepi ka tilupoé deui. Jaba uing mahhayang dahar sangu. Asa geuslawas.”

“Apan tadi Nini téh geusnyarita, béas mah pan béak.Rék dahar sangu kumahaatuh?”

“Nya matakna geura piki-ran! Ulah ngan diuk waé pa-gawéan téh. Moal enya bakalujug-ujug aya béas lamungawé ngan ukur diuk mah. Kaditu aluk mah ka dayeuh.Néangan ka pasar.”

“Ari ka pasar mah atuh kududibeuli béas téh. Nya duittimana atuh, Nini?”

“Ih apanan duit mah ayabasa ngajual jagong keur usumpanén anu kamari.”

“His. Ulah atuh éta mah.Ngan sakitu-kituna duit téh.Kawilang jarang jalma nu nga-hajakeun néang ka dieu ngansaukur rék ngaborong jagongAki. Ulah ah éta mah, nyaah.”

“Ari enggeus kudu kumahadeui? Nini téh lapar, Aki. Geusteu karunya deui ka Nini?”

Dikitukeun mah Si Aki téhéléh. Isukna langsung dadahutda rék maksakeun indit kadayeuh. Tapi geuning Si Ninitéh embungeun ari ditinggal -keun sorangan di imah mah.Keueung cenah paribasanatéh. Hayang milu waé kadayeuh. Katurug-turug kawi -lang langka lalampahan ka

dayeuh téh, pon kitu deuijeung Aki Balébat.

Aki jeung Nini Balébat éstuka dayeuh téh munggaranpisan. Ngan ngandelkeuntatanya ka batur. Éta gé semetnanyakeun pasar. Da bogamaksud ka dayeuh téh nganrék meuli béas wungkul. Ananepi ka pasar, duanana tangkangahuleng hélokkeun,

“Aki! Ieu nu ngaranna pasartéh? Geuning mani lega kieu.Jaba itu réa pisan kadaharananu ararahéng pisan. Nini mahnembé ningali kadaharan anukitu téh.”

Si Aki ogé teu kurang hoo -keun mata simeuteun. Dapada-pada sarua munggaranunggah ka dayeuh. Horénganu disebut dayeuh ku Akijeung Nini Balébat téh nya étadésa Panaragan nu aya di halispasir. Jeung deuih anu disebutpasar téh nya éta warungsangu jeung warung kadaha-ran barudak nu aya di éta lem-bur. Mana nyangka kitu gé daAki jeung Nini Balébat mahkarék pisan harita unggah tigunung téh.

“Aki! Nini mah hoyong kuéhanu warna beureum jeung héjonu éta tah, Ki!”

“Haaar ari Nini. Apananurang ka dieu téh rék néanganbéas keur engké ngéjo.”

“Kajeun teuing lah teu ngéjosangu gé. Aya kénéh sampeupan di goah téh. Deungeunnamah kajeun teuing nu aya waé.Rék dangdaunan gé kajeunteuing lah.”

Atuh Si Aki bingung ku duaku tilu. Pangna unggah kadayeuh gé da rék meuli béas,

lain rék meuli kadaharan nukararitu. Tapi da Si Akingéléhan. Éléh ku kahayangawéwé mah. Si Nini mahpuguh leungeunna gap kanadahareun nu warna beureumjeung héjo, gap kana dahareunanu hiji deuina anu ceukmanéhna kakara manggih.

Teu karasa duit anu dibawatéh geus béak dipaké meulikadaharan. Meuli béasna mahtangka bedo. Si Nini manimésem waé sapapanjang jalanbasa ngagémbol kadaharan nudipikahayangna.

Unggal poé Si Nini nga-hanca kadaharan anu kumanéhna dibeuli.

Tapi da geuning karék duapoé gé éta kadaharan geusbéak deui. Nyamos nu ayageus béak mah. Si ninibaluweng deui. Rék daharnaon deui kahareupna. Ari SiAki, ngan ukur bisa ngajejeléhwungkul.

“Tong mikiran jang sahari-taeun wungkul geura, Nini!Pikiran ogé jang kahareupna.Ayeuna éta kadaharan geusbéak mah, apanan angger wébalik deui ka mimiti.”

Dikitukeun mah Si Niningan ngaheruk bae. Manghan-jakalkeun baheula pas unggahka dayeuh teu meuli béas waé.Ana geus nepi ka ayeuna,dahar balik deui kana sampeuda usum katiga téa. Mun hadémilik mah keur usum kieu téhSi Aki sok mawa iwung bawa tileuweung. Aki jeung Nini Balé-bat balik deui kana kahirupansakumaha biasana deui. Daharanu aya sakapanggihna di leu -weung. (Imam Nurdin)

Lalakon Aki jeung Nini Balébat(Unggah ka Kota)

Page 42: MSWA - Mangle 2445

Pangwangunan Kota Ban-dung nu kacida mesatna,éstu dibarengan ku rupa-

rupa pasualan nu butuh kuléngkah-léngkah nu daria dinangungkulanana. Tarékah nudilaksana keun téh lain saukurpikeun ngudak rupa-rupa prédikatsacara formal, tapi ogé kudu bener-bener karasa sacara nyata kumasarakat. Pikeun mulangkeundeui ajén Kota Bandung minangkaKota nu aman, tengtrem tur tartib,Walikota Bandung M.RidwanKamil jeung Wakil Walikota Ban-dung Oded Mohammad Danial, nu

diistéenan tanggal 16 Séptémber2013 sarta mancén gawé nepi kataun 2018, boga udagan BandungJuara dina sagala widang pang-

wangunan. Pikeun ngahontal étaudagan, aparat pamaréntahankudu rikat tur rancagé dinangalaksana keun program-program

Manglé 2445

Walikota & Wakil Walikotanu anyar diistrénan,

disarengan ku geureuha

Rupa-rupa pasualan kudu disang -hareupan ku Walikota sarta Wakilna

Page 43: MSWA - Mangle 2445

42 Manglé 2445

pangwangunan.Minangka Walikota, M. Ridwan

Kamil ogé boga program unggulanjeung program unggulan pikeunngawujudkeun Kota Bandung mi-nangka kota nu tengtrem turéndah. Di antarana program jeungkagiatan “Jumaah Sasapédahan”(Jumat bersepedah ). Saban poéJumaah para pagawé nu biasana kakantor tumpak mobil atawa motor,ti mimiti ayeuna kudu makaé sapé-dah. Éta hal pikeun ngabiasakeunPNS (Pagawéi Negri Sipil) sanga -kan miang ka pagawéan téh

tumpak sapédah. Pikeun ngarojongéta program, M. Ridwan Kamil mi-harep saban réstoran jeung hotélméré diskon ka saban konsuménnu maké sapédah, pikeunnémbong keun yén pausahaan nuaya di Kota Bandung éstu nga -rojong kana program anu keur di-gedurkeun ku pamaréntah KotaBandung.

Program unggulan liannanyaéta Program Bendungan Run-tah, anu mangrupa tarékah pikeunngaberesihan walungan. Walunganbakal dilengkepan ku alat pikeunngahérangkeun cai. Sedengkeunprogram anu aya pakaitna jeungpameredih balaréea mah, nyaéta

program “URC (Unit ReaksiCepat) Nambal Jalan”. PatugasURC bakal siap narima laporanjeung pamaredih ti masarakat,sangkan jalan anu raruksak gan-cang dioméan. Salian laporan timasarakat, tim URC ogé mariksansaban jalan nu aya di Kota Ban-dung. Anu geus parna tingkatkaruksakanana gancang dioméan,sakurang-kurangna ditambalheula.

“Masarakat ogé kedah nga -rojong sareng ngiring aub kanggonyukséskeun éta program, ku cara

masihan laporan ka padamelDBMP atanpi Dinas Bina Margadan Pengairan , ngalangkungantelepon atanapi ngalangkunganakun twiter,” kitu ditandeskeun kuWalikota Bandung, sawatara waktunu kaliwat.

Walikota ogé ngahangkeutkeunprogram Taman Tematik pikeunngawujudkeun Kota Bandung jadikota anu éndah tur hégar.Rencana na, pemkot bakal nga -wangun 600 taman kalawan gawébareng jeung pihak swasta. Kirawipemkot Bandung keur ngawangun30 taman tématik, salian ti béda-béda rupana saban taman téh bakalboga cirri has séwang-séwangan,

Misalna baé Taman Cemara numangrupa taman potograpi.

Pamaréntahan Kota Bandungogé kudu mangkas jalur birokrasi.Saban SKPD (Satuan KerjaPerangkat Daerah ) kudu bogaAkun Twiter nu langsung nyam-bung kana akun pingpinan,sangkan komunikasi antara aparatjeung pingpinanna jadi leuwih gan-cang, tur bisa leuwih gancang dinangungkulan rupaning pasualan,boh di widang pamaréntahan bohdi widang pangwangunan. Ku kitu -na, saban pasualan ku itungan

menit bisa diréspon ku Walikota.Jadi, saban pasualan bisa langsungdilaporkeun sarta langsung di-ungkulan tanpa ngaliwatan rapatnu méakkeun waktu.

Pikeun ngajalankeun éta prog -ram, para kepala dinas kudu bisangoperasi keun akun twiter, sartarikat tur rancagé dina ngungkulansaban pasualan anu aya di masa -rakat. Ku ayana éta program,masarakat anu boga pasualan turaya pakaitna jeung salah sahijiDinas, bisa langsung laporan ngali -wa tan akun twiter, sarta pasualan -ana bisa gancang kaungkulan.

Dina kamandang RidwanKamil, Kota Bandung téh kudu

Walikota Bandung ngahangkeutkeun gerakan tumpak sapédah

Page 44: MSWA - Mangle 2445

Manglé 2445 43

leuwih “dihéjokeun” deui sartanambahan lahan RTH (Ruang Ter-buka Hijau ), ngaliwatan program“Gerakan Pagar Hijau”, nyaéta ka-giatan melak tatangkalan nungarambat di kantor-kantor, bohkantor pamaréntah boh kantorswasta. Masarakat ogé dipiharepmilu ngarojong, ku cara melaktatangkalan di pakarangananaséwang-séwangan.

Pemkot Bandung ogé terus nga-hangkeutkeun gerakan babarenganbeberesih. Dimimitian ku PNSKota Bandung, nu boga kandaraan

kudu dilengkepan ku alat-alatkabersihan. Jeroning lumampah tiimah ka kantor jeung sabalikna,mun ningali runtah di jalan kudumulungan runtah heula. Hal éta di-laksanakeun dina saminggu tilupoé, nyaéta poé Senén, Rebo, jeungJumaah.

“Ku program sapertos kitu, di -piharep PNS janten tuladan dinanyiptakeun keberesihan lingku -ngan séwang-sewangan, sarta terasditurutan ku masarakat. Masarakatbakal ngagedurkeun sumangetbebere sih nu dikawitan ti dirinasorangan dugi ka lingkunan leutiksapertos kulawarga, rukuntatangga, sareng rukun warga,”

kitu ditétélakeun ku Walikota lulu-san S2 ti Univesity of CaliforniaAmerika widang tata kota taun2001.

Caah cileuncang di Kota Ban-dung nu biasa datang dina usumngijih gé, éstu teu leupas tina per-hatian Walikota. Éta pasualan di-ungkulan ngaliwatan program“pasukan gorong-gorong”, nupancénna meresihan kamalir-ka-malir cai atawa susukan(drainaseu) anu marendet. Pikeunngalaksanakeun éta program,disiap keun 1000 urang rélawan.

Dina tahap awal kacatet geus aya500 urang rélawan nu bakal siapmeresihan susukan nu aya kénca-katuhueun jalan.

Pasualan kaséhatan ogé henteudipopohokeun. Pikeun ngaronjat -keun darajat kaséhatan masarakatsacara walatra, dilaksanakeunngaliwatan program “Kartu SehatBandung Juara, nu mangrupaprog ram keur masarakat Kota Ban-dung nu kurang mampuh, sangkanbisa uubaran sacara haratis.

Program unggulan pasanganWalikota M Ridwan Kamil jeungWakil Walikota Bandung OdedMohammad Danial téh, nyaétangayakeun gawé bareng jeung KPK

(komisi Pemberantasan Korupsi),nu dilaksanakeun sacara kom-préhénsip, sarta ngadisain modélpemberantasan korupsi pikeunngawujudkeun pamaréntahan nuberesih tur berwibawa, sarta di -piharep jadi conto keur kota-kotalianna di Indonésia .

Tantangan nu disanghareupanpikeun ngalaksanakeun éta prog -ram-program téh nyaéta ayanaiklim masarakat anu individualis -me, nu ngalantarankeun maranéh -na mentingkeun dirinaséwang- séwangan. Hal sarupa kitu

ngalantarankeun tatanan masa -rakat jadi radikal progrésip nu bisanumuwuhkeun konplik, sartabakal ngaganggu stabilitas pulitikjeung ékonomi, anu brasna ngan-cam kana kamekaran iklim inves -tasi kota nu kondusip. Jumlahpadumuk nu teu bisa dikadalikeunogé ngadatangkeun pasualansosial. Di antarana nambahananajumlah masarakat anu ngaligeuh,teu boga gawé, nambahan ana jum-lah kulawarga miskin, pangwangu-nan nu teu bisa dikandalikeun, nukadituna ogé ngabalukarkeun ngu-ranganana RTH nu ngalantaran -keun pemanasan global.***Cucu/Dédé

Runtah masih kénéh jadi pasualan anukudu diréngsékeun ku Walikota anyar

Walikota Bandung nambal jalan anu ruksak

Page 45: MSWA - Mangle 2445

RH. Lily Sumantri Dina Bunga Rampai

Kungsi Jadi Dalem Bandung Dua Periodeu

Nyusur galur ti ngawitan nomer ieunyelang heula tina nyusur galur nukapungkur, nyaba ka lalakon heubeul

ti karaton ka karaton, ti nomer ayeunaminggu ayeuna urang ngaguar pangala manbap RH. Lily Sumantri anu kantos kaselurjadi dalem Bandung tepi ka dua periodeu.Luang pangalaman anu diguar dina buku“Buna Rampai” Catatan Perostoiwa “Men-genang kembali Masa Pendudukan JepangDari Perjoangan Menuntut KemerdekaanIndonesia Hingga Detik Proklamasi Ke-merdekaan Indonesia 17 Agustus 1945.”Sapanjang neruseun perjuangan ngeusiankamerdekaan ngalaman kaselir jadi DalemBandung tepi ka dua priodeu.

Bapa RH . Lily Sumantri dibabarkeundi Bandung 14 Januari 1928 PendidikanUmum ; HIS/SR 1935-1942. STM 1942-1044. Siswa Koto Seyin Yoseyo (SekolahPelayaran Tinggi) 1944-1945.

Pendidikan Militer; Reguler TrainingPerwira Angktan III /54 Pusat LatihanPertempuran TT III/Siliwangi

1939 di Lembang . KUPALTU INF/Kursus DAN Ki Angkatan ke I /1960 /KU-PALDA Ajudan Jenderal

TNI-AD angkatan ke III/II/ 1965 / 1966. Calon Siswa SESKOAD REGULERangkatan ke 8/ 1970.

Kungsi Jadi Dalem BandungTepi ka hijrah ka jogja taun 1947-1948

jadi Dan Ton Inf. Tasikmalaya. Perwira Staf Brigade di Staf. Brig. XII

siliwangi jogjakarta taun 1948-1949. Aju-dan Kepala staf. Brigade XII waktu Op-erasi PKI Madura. Kepala Seksi IVBataliyon 317 (Waktu Operasi RMS). Per-wira Staf. Bataliyon di Bat. Inf. 352. BatInf, 317 ( Pangkat Letda tepi ka lettu . Taun1949 tepi ka 1958 Komandan Kompi IIBT. Inf. 324 taun 1955-1957 (PangkatKapten). Wan Dan Yon Inf. Yonif 328dan Yonif 315 taun 1957-1963. Kasi Sko-rem 63/SGD Cirebon 1963 (PangkatMayor) . Dan Dim 1712.

Manokwari Irian barat taun 1963. DanDen ma Skodam VI Siliwangi taun 1964 -1966. Dan Dim 1612 Tasikmlaya 1966-1968. Dan Dim 0609 Bandung 1968-1969.Wa/As.VI Kas. Kodam V Siliwangi 1969(pangat Letkol). Ti dieu ngajleng kaselirjadi Bupati kabupaten Dt . II Bandungsalila dua periodeu leuwih 1969-1975,perio deu kadua 1975-1980, peresisna 11

taun leuwih 2 bulan.Nincak pangkat Kolonel sabada maren

jadi dalem Bandung, RH Lily Sumantridipercaya kepal Staf Kekaryaan DaérahDaérah F/Jabar. Dep. Hankam / SistenSospol / Lksusda Jabar 1981- 1983.Anggota MPR-RI jeung FABRI No . c . 7701982-1987, Wajil Ketua IV MADA LVRIJawa Barat 1984. Wakil Ketua IV MADALVRI Jabar 1989 tepi ka kapilih jadiKetua mada LVRI Jawa barat. Ketuaumum Pusat KUD Jabar 1985- 1988.Ketua Panasehat Pusat KUD Jabar ti taun1988. Ketua Umum Dewan koperasi Indo -nesia wilayah Jawa Barat ti taun 1993.Panasehat Dekopinwil Jabar ti taun 1993.Anggota DPR-RI / MPR-RI ti FKP taun1992-1997. Ketua Koperasi ProdusenPakaian Jadi Bhakti Anugrah taun 1997-2002. Ketua pembina Yayasan PendidikanBale Bandung. Ketua Tugas Prakasa Sili-wangi ti taun 2010.

Tanda-tanda jasa anu katampi ku RH.Lily Sumantri, Bintang Gerilya, BintangKartika Eka paksi Bintang.

Sewindu, Satya Lencana PK I & II.Satya Lencana Kesetiaan 8, 16, 24. SatyaLencana G.O.M. I, I & II, Satya LencamaG.O.M. III/RMS. Satya Lencana G.O.M.V/JBR. Satya Lencana Penegak. SatyaLencana Dharma Bintang LVRI. MedaliAngkatan 45.

PROLOOGOerang Dunya ka II kajadian taun

1939 tepi taun 1945 sabudeureun Eropajeung Aprika.

Jepang ngabewarakeun perang jeungInggris katut Amerika taun 1941, saterusnangajelegur Perang Asia Timur Raya ( 1941-1945), anu nyéréd jepang nyanghareupankakuatan penjajah Barat di Asia Teng-gara, diantarana Karajaan Walanda,naga-ra jajahana Indonesia, Karajaan Ing-gris jajahana Malaka ( Malaysia, Singapura,Brunei , Sabah jeung Birma (Manmar).Perancis, nagara jajahana Pilipina, jeungkapuloan sabudeureun Pasipik sarta per-lawanan bangsa-bangsa sabudeureunanaanu hayang merdeka.

Mangsa harita Jepang kacida kuatna,tanggal 8 Desember 1941 sacara ngadadakjeung hebat, Jepang mampuh ngancur -keun pertahanan laut Amerika di PearlHarbour. Tanggal 10 Desember 1941 bisangalelepkeun Armada Laut Inggris “Prince

of Wales” jeung “ Repulse ” ku 50 pesawatpembom torpedo, Jepang ngagempurPearl Harbour ku Jepang ngagejretkeunmoril pasukan Sekutu, kaayaan sapertikitu ngagampangkeun Jepang ngaranjahPulo Luzon 12 Desember 1941, Guam 13Desember 1941 jeung Penang 16 Desem-ber 941.

Jepang Ngajorag IndonesiaSaméméh ngajorag nagara – nagara di

pakrulan kaasup Indonesia, ungal peutinJepang terus-terusan awong-awonganliwat siaran radio, ditujukeun ka Indo -nesia, sipatna propagnda anu intensipliwat radio tokyo. Siaran propagandanasalawasna dibuka ku lagu Indonesia Raya.Ari materi poko siarana medar sual-sual“Penjajaan Barat” anu nurutkeun jepangkacida kejemna jeung kudu gancangdipungkas.

Bulan Januari - Pebruari 1942, Jepangdipingpin ku Admiral Kurita ngajoragdaérah-daérah anu bogaen bahan keurkapereluan perang saperti Tarakan, balik-papan sumber minyak jeung Banjarmasin.Saterusna Jepang ngaranjah Manado,kendari, langsung ka Ujung pandang, teruska bali jeung Indonesia bagian timur.

Tentara ka XVI nu dipingpin ku letnanjenderal Hitochi Imamura jeung MayorJenderal maruyama tanggal 1 Maret 1042ngabalabuhkeun kapalna terus nurunkeunpasukana di bojonegoro, cirebon, Bantensaterusna dibagi dua koloneu, sakoloneumuru ngulon Tangerang. Sakoloneu deuika nyusur Rangkasbitung jeung leuwiliangti dinya bangblas ka bogor.

Divisi ka 38 nu dipingpin ku KolonelShoyi nurunkeun pasukana di EretanIndra mayu jawa Barat

Kagiatan éta diteruskeun ku gerakancepat ngarebut lapang pangapungan Kali-jati jeung ngaranjah kota subang jawaBarat. Tentara Walanda anu geus

Walanda serah BongkokanPertahanan Darat jeung Laut Walanda

geus kacida hengkerna. Komo sabadakapal laut ‘ Krel Doorman” dilelepkeun kuJepng di basisir Laut Jawa mah. Ku ayanaserangan dadakan jeung Jepang unggul,tentara Jepang tipoporose mertahankeunCiater. Tentara Jepang jeung sakabéh deta -semen nu aya di wilayah Timurdiketruken keur ngagempur Ciater. Balukarserangan Jepang, pertahanan Walanda diCiater amburadul . Pertahanan Walanda

44 Manglé 2445

Page 46: MSWA - Mangle 2445

ahirna mundur tepi ka Lembang.Tapi soréna 7 Maret 1942, Pertahanan

terahir Walanda di lembang digempurdeui ku Jepang tepi ka kudu mundur deuitepi ka ahirna mah ditalukeun lembangdirebut ku jepang. Sabulan jepang nga -rebut lembang, jalan ka Bandung tembongbeuki ngemplong. Sapoé saméméhnanyaéta tanggal 6 Maret 1942 PanglimaAngkatan Darat Walanda Letnan JenderalTer Pooten ngutus mayor Jenderal J.J.Pessman ka Lembang nepungan kolonelShoyi pikeun ngusulkeun supayadibadamikeun rencana gencatan senjatajeung pingpinan tentara jepang, ku KonelSgoyi usul ditarima hadé. Tapi sabadahalet dilaporkeun ka letnan jenderal Hi-tochi imamura, malah nolak terusmaréntah keun ka bawahana pikeun mentasupaya Gupernur jenderal Walanda Jen-deral tjarda van Starkenborgh gancangnepungan Hitochi pikeun badami antarawalanda-Jepang, rencanana 8 Maret 1942di lapang pangapungan kalijati Subang.Gupernur jenderal dumasar kana usulLetjen ter pooten nolak heula paméntapihak Jepang. Hitochi puguh baé amarahditolak kahayangna ku Walanda téh.Saterusna Hitochi ngaluarkeun ultima-teum, tandes pisan “ Lamun Walandakeukeuh nolak paménta Jepang, kota Ban-dung arék dibombadir tepi ka ancurlebur. Sajeroning kitu pesawat – pesawattempur Jepang Kamikaze terus muihmuntir muter kota Bandung bari terusngancam, malah hiji bom ngajelegurdeukeut alun-alun (Regensweg), korbanrayat anu teu tuah teu dosa patulayahngababatang jadi wadal bom Jepang. Nga-bandungan ancaman Jepang anu sakituserieusna, gupernur jenderal WalandaTjarda van Starkenborgh anu harita jadigeumper kaweur li ancaman Jepang,barengan jeung letnan Jenderal TerPooten katut sajumlah gegeden Walandaliana gagancangan muru lapang pangapu -ngan Kalijati Subang nophonanpameredih letjen Hitochi Imamura. Lang-sung babadamian.

Dina éta babadamian pigpinan tentaraJepang ngingetan pamaréntah walanda diindonesia supaya gancang masrahkeun dirisagemblengna. Lamun nolak, moal di-engkekeun deui kota Bandung artek di-bombadir tepi ka ancur lebur. Lain omongkosong ukur nyingsieunan tapi arékdibuktikeun dina kanyataan ceuk Hitochi.

Ahirna Gupernur jenderal Tjardajeung Panglima tertinggi Karajaan Wa-landa di Indonesia Letnan jenderal Ter-pooten tanggal 8 Maret 1942 ahirna serahbongkokan ka jepang tanpa sarat

ditarima ku Letjen Hitochi Imamuradina kapitulasi Kalijati Subang.

Kajadian di Kalijati harita, dina detik-detik dipasrahkeunna tanpa sarat , kupamarén tah nu digendeng ku panglimaTentara Walanda tanggal 8 maret 942 réh

mangrupa kajadian penting nu ngandungsajarah.

Na harita dingkas musnana penjaja-han Walanda di Indonesia. 350 taun lan-dung Indonesia dikeukeuweuk kuWalanda, lamun jalma téa mah geus kuduajingjangjawing waktu dibébaskeun tinaranggeumanana téh.

Kajadian 8 Maret 1042 ku Jepang di-jadikeun poé kaunggulan perang Asiatimur Raya. Ti mangsa harita pisan Indo -nesia resmi dijajah ku Jepang.

Pamarentah Militerismeu JepangKadigjayaan satriya Samurai caturkeun

geus mampuh meruhkeun para dan JawaBarat.

Bangsa Indonesia kungsi ngarasamang reueuskeun, Kasangsaraan anupanjang na 350 taun aya anu mang-maleskeun. Jadi henteu kudu heran upamadina awal kadatangan balatentara Jepangka bui Indonesia pada ngabageakeun,malah rada kaleuleuwihi awahing ku bu -ngah-bungahna geus leupas tina tranggeu-man Walanda. Konvoi tentara jepangdibagéakeun ku keucap “ BANZAI” .Samarukna mah datangna pasuan Jepangka bui Nusantara téh kusabab sarua pada-pada urang Indonesia, arek babarenganngamerdekakeun Indonesia, Sang dwi-warna mimitina mah ngelebet sajajar jeungbandera Hino Maru.

Osamu Seirei No. I dikaluarkeun kuPanglima Tentara ka XVI eusina nyebu-teun yén tentara Dai Nippon arékneruskeun pamaréntahan di Indonesia

jeung bakal gancang ngawujudkeunkaraharja an. Tapi rayat Indonesia kacidakuciwana sabada karana Jepangngabophong, caritaan manisna ngan ukurkapalsuan, tindakan tentara Jepangsabalik na tina ucapan para pamigpinna,maranéhanana kejem, tegaan telenges tayarasrasan teu manusiawi, malah nyangsararayat, nganiaya ku kakejeman tanpa dosa.Pikeun mulihkeun kaamanan, katartibanjeung nguatan kakawasaanana pamarén-tah militer jepang namplokeunana kaper-cayaanna ka pamaréntah Militer AngatanDarat Gunseibu nu dipingpin ku para ko-mandan militer angkatan darat. Salilamulihkeun kaamanan jeung katartiban,Gunseibu tugasna ngabentuk pamarénta-han daérah di tempat tugasna ogé.

Lajuning laku Pamaréntah MiliterJepang anu ngaheulakeun pamulihan ka -amanan jeung katartiban.

Ngarasa tibabaradug kana sijep rayatIndonesi anu sipatna ngalawan. Sabadangarasa mantep, pamaréntah militer jepanggeus ngaluarkeun Osamu Seiriei No 2, nutumali jeung larangan rapat-rapat jeungkumpulan atawa pasamoan. Teu lila, di -kuatan ku Osamu Seirei No. 3 nu ngalarangpergerakan-pergerakan jeung forum diskusiatawa anjuran ngeunaan atu ran atawagagasan ngeunaan susunan organisasi na-gara. Ku dikaluarkeunana Osamu Seireiatawa undang-undag. Pama rén tah milterJepang geus ngawalan tindakan nekenbangsa Indonesia. Nu nga langgar kanaOsami Seirei diancam hukuman sabeurat-beuratna. ***HRS/Hanca

RH. Lily Sumantri jaler istri

Manglé 2445 45

Page 47: MSWA - Mangle 2445

46 Manglé 2445

PIRAKU teu kagagas, nyaksian nono-man Sunda némbongkeunwewesénna dina ngawih lagu-lagu

Sunda. Teu rék kitu kumaha. Atuda salilaieu sok mindeng ngadéngé kahariwang SeniSwara Sunda téh bakal lastari. Pajar téh tinakanyataan katara, gejala kana carem téhgeus deukeut. Para seniman karawitanSunda senior nungtutan dipundut ku NuMaha Kawasa, gantina can témbong re-nung. Atuh nu jarumeneng kénéh geus lobanu ngalésotkeun aktifitasna dina dunya seniswara Sunda. Ari gantina? Boa aya boa hen-teu. Pajar nonoman Sunda téh boro-borohayang wanoh kana seni Sunda, dalahnyararita gé lolobana mah geus ku basa In-donésia waé.

Kahariwang téh nyalahan ku nyaksianPasanggiri Juru Kawih Sunda 2013 kamarimah. Atuda cék Eka Gandara, Ketua Pangau -

ban Kawih Sunda Jawa Barat dina pidatona,ieu Pasanggiri Juru Kawih téh diiluan ku 154urang patandang Anggana Sekar jeung dala-pan grup Layeutan Swara. Tangtuna gé ti sa-Jawa Barat. Aya ti Kota Bandung, KotaCimahi, Kabupaten Bandung, KabupatenBandung Barat, Sume dang, Garut, Cianjur,Purwakarta, Tasikmalaya, Subang, Bogor,Karawang, jeung Majalengka. Tuh aya 60%na daerah sa-Tatar Sunda nu ngirimkeunwakilna téh. Salila opat poé, ti tanggal 23 nepika 36 Séptémber 2013, Gedong Sunan AmbuSTSI téh haneuteun ku galindengna sorapatandang.

Komo, cék Eka Gandara kénéh, asalnamah aya 170 urang patandang AngganaSekar jeung 9 grup Layeutan Swara nu daf-tar téh. Tapi 15 urang mundur, jadi tinggal154 urang deui. Éta téh ngawengku 55urang pameget jeung 54 urang wanoja. AriLayeutan Swara, sagrup mundur, tinggaldalapan deui. Sakitu gé matak reugreug.Komo cenah da Pasanggiri téh bakal di-ayakeun dua taun sakali. Muga-muga waésing nambahan ti taun ka taun jumlahpatandangna.

Uang KadeudeuhAcarana dibuka ku Wakil Ketua DPRD

Jawa Barat, Drs H. Uu Rukmana Msi, satu-tas pidato sambutan Drs H. Nunung Sobari,Kadisbudpar Jawa Barat ngawakilanGuber nur Jawa Barat nu teu tiasa hadir.

Dina biantarana Uu némbongkeunkatineungna ka para pamilon ieu pasang-giri. Kadeudeuhna téh mangrupa hadiah

spontan, gedéna Rp 5 juta keur juara kahiji,Rp 2 juta keur juara kadua jeung Rp 1 jutakeur juara katilu. Éta téh keur sakabeh golo -ngan pasanggiri. Apan aya tilu golongan,Anggana Sekar istri, Anggana Sekarpameget, jeung Layeutan Swara. “Ieu mahéstuning ti sim kuring pribadi, ngiring bi -ngah, ngiring reueus ningali seueur nono-man anu janten pamilon,“ pokna. Salian tiUu, Gubernur Jawa Barat ngaliwatanKadisbudpar ogé ngahadiahan duit Rp 500rébu séwang ka 10 patandang finalisharepan wanoja jeung pria.

Atuh sabada biantara muka pasanggiri,Uu ogé didaulat kudu kaul. Dibarengan kuNunung Sobari, Uu ngahaleuangkeun laguDi Langit Bandung Bulan Keur Mayung.Malah nu nongton, para pamilon LayeutanSwara nu ngajajar di korsi penongton milungawih rampak, marengan. Suasanakarasana jadi hegar.

Barieukeun milihBabak Penyisihan ngan diayakeun keur

para patandang Anggana Sekar, da Layeu-tan Swara mah dina poé pembukaan gébérés, langsung dipeunteun waé saha-sahajuarana, anu diumumkeun dina poépanutu pan. Teu wudu matak gegebeganngabandungan para patandang. Atudamani aralus. Komo patandang pamegetmah, mani matak barieukeun milih.Umumna geus ngawasa lagu, turngajiwana ana. Ngan meureun dina téhnikvokal, henteu kabéh geus ngawasa. Buktinaloba anu dina babak penyisihan diramal

bakal pijuaraeun, dina babak final mahkalah melempem. Powerna turun, peng-hayatan ngurangan. Lebar. Sabalikna ayaanu tandang leuwih alus batan keur dinababak penyisihan.

Tina 154 patandang téh, kapilih sapuluhurang finalis wanoja jeung sapuluh finalispria.

Sony Riza Windyagiri, Arif Ramdan,Diki Dzikriawan, Taufik Mukhariman,Guna wan, Deni Mulyana, Gilang AnggaG.M, Nana Warna, GJ Setra Pramuditajeung Rudi Iskandar ti patandang pria. Ariti patandang wanoja, Tina Setarawati,Nurul Cholidania, Nurul Septiani, YantiNur Aprian ti, Dwi Rahayu, Dwi Septiani,Alivia Mutiara, Iis Sumarni, Puput Pujiatijeung Nada Destyara.

Nu 20 urang téh diajén deui, pikeunmilih kajuaraan atawa pinunjul. Ngan ayatilu juarana mah, nu dua deui harepan Ijeung harepan II. Puguh gé matak hookeun.Aya nu meneran jeung kahayang penonton,aya ogé anu géséh. Malah teu saeutik anubener-bener mélését tina panyangka. Tapiatuda apan aya juri anu nangtukeun benerhenteuna, alus goréngna, payus jeung hen-teuna mah. Mangkaning jurina gé lain han-dap-handap, éstuning para pakar dinawidang karawitan Sunda, anu geus moalbireuk deui. Geura wé, Dr Suhendi AfriantoS Sn. M.Sn, Dr Yus Wiradiredja S.Sn. M.Sn,Ida Rosida S. Sn, Uwar Warliah S.Sn, jeungNunung Nurmalasari S.Sn.

Ari lagu anu digalindengkeun lolobanamah sanggian Mang Koko/Wahyu Wibi -

Pasanggiri Juru Kawih 2013

Mekelan Kareueus jeung Kabungah

Juara kahiji pameget Sony Riza Windyagiri jeung Juara kahiji wanoja Tina Setarawati

Page 48: MSWA - Mangle 2445

sana jeung Nano.S. Di antarana waé In-dung, Peuting jeung Pangharepan, GupayPileuleuyan, Di Langit Bandung Bulan keurMayung, Bungur Jalan ka Cianjur, ( MangKoko/Wahyu Wibisana), Ngalagena,Kalangkang Memang Sesah (Nano.S) jrrd.Nu minangka luareun ti éta ngan ayasababaraha lagu, di antarana Leungiteunsanggian Yus Wiradiredja/Zahir Zachri,Bulan Sapasi sanggian Gugum Gumbira.,jste. Cek Yus Wiradiredja mah, asa leuwihloyog lamun disebut Pasanggiri Juru KawihSunda Mang Koko-an.

Manusa LangkaDina sambutan panutupna Kadisbudpar

Jawa Barat Drs H. Nunung Sobarinétélakeun rasa bungahna nyaksian lobananonoman nu milu tandang. Cék Nunung,para patandang anu milu pasanggiri téh kudungarasa reueus. Lantaran henteu loba anukasinugrahan sora alus tur bisa ngawih téh.

“Para patandang téh geus kaasupmanusa langka. Pék wé dibandingkeun jeungpenduduk Jawa Barat anu jumlahna kurangleuwih 45 juta, ngan aya 154 urang anu milukana ieu pasanggiri. Pan istiméwa,” cékNunung.

Nunung miharep ieu sirung-sirungharepan téh bakal leuwih nerekab, jeungnambahan

Lamun nyaksian sagemblengna ieupasanggiri, karasana téh basajan tapi daria.Boh dina pembukaan boh dina panutupantaya hiburan anu “wah”. Cukup ku tampilanlayeutan swara ti para juru kawih/panem-bang senior, di antarana Neneng Dinar, IdaRosida, Ida Widawati, Elis Rosliani, MamahDasimah jste, anu ngahaleuangkeunsababaraha lagu.

Tapi basa ngumumkeun para juara,karasana jadi leyur, henteu daria teuing. Étawé maké diguguyonkeun, asa dina acara kuistelevisi. Para finalis téh dihaturanan ngajajardi panggung. Pikeun nangtukeun harapandua, sababaraha patandang dipénta majusaléngkah. Terus ditawarkeun ku MC kasababaraha urang penongton. Maké ayakecap kieu sagala. “Sok mangga ka payunsusuganan wé aya milik,“ cenah ka patan-dang.

Geus aya limaan nu dipénta majusaléngkah, kakara MC ngahaturanan nubakal maca ngaran saha sabenerna nu jadijuara téh. Geus kasebut ngaran nu juara,patandang nu tadi maju saléngkah téhmundur, balik deui kana barisan. Terus di -papay nepi ka nu meunang juara kahiji.

Aya nu manghanjakalkeun, pédah tinasakitu dariana para patandang, ari lebah di-umumkeun asa diheureuykeun. Para patan-dang téh tangtuna gé geus enya-enya latihan,

ari dina ahirna panitia kawas ngajén ka numiluan lotré, karasana babalagonjangan.Tapi aya ogé anu satuju, cenah, keun baé atuhngarah teu tegang teuing.

Komentar panongton ogé ditujulkeun kawawakil Layeutan Swara. Dina ngabagikeunhadiah, dangdosan wawakil ti grup manisahinasna pisan. Da payusna mah ngaguna -keun dangdosan basa tampil, leuwih alusnakumplit sagrupna. Ari kitu mah karasana asamisah, jeung jadi ningnang. Mangkaningpatandang Anggana Sekar sakitu gareuliskarasépna, dangdanan kéwes tur ginding.Kawasna henteu dikudukeun ku panitia. Daka patandang fina lis mah diumumkeunsangkan ulah gentos dangdosan.

Para JuaraSabada opat poé di Gedong Sunan Ambu

STSI Jalan Buahbatu Bandung haneuteun kusora-sora halimpu jeung galindeng kasunda -an, kapilih para juara tina 154 patandang. Tipatandang Wanoja, Juara kahji Tina Setara -wati, juara kadua Yanti Nur Aprianti, juarakatilu Nurul Cholidania, Harapan hiji PuputPujiati jeung harapan dua Iis Sumarni. Ari tigolongan pameget, juara kahji Sony RizaWindyagiri, juara kadua Rudy Nurhidayat,juara katilu Taufik Muhariman, harepankahiji Gilang Angga GM, harepan dua GJSetra Pramudita. (Aam Amilia)

47

Iis Sumarninu matak geregeteun

BASA kakara cat gé naék ka panggung,Iis Sumarni geus narik ati. Atuda warugananu mencenit, jeung pamuluna nu manis,matak kayungyun. Ari pék téh kalah nga-jengjen sababaraha detik mah. Kudunamah patandang nu asup final téh nikukur,ngenalkeun sorangan ka penonton. Pada-hal Iis téh patandang nu kadalapan (nomertandang 82), nu pantesna mah geus lobaconto. Ari ieu kalah ngajengjen. Na aridibéjaan téh manéhna colohok, terusnepak tarang bari istigfar, nandakeunkakara sadar, yén poho teu buru-burungenal keun diri. Atuh ger waé nu nyaksiansaleuseurian. Malah Iis gé teu riuk-riukéra, da milu seuri.

Sakitu detik gé geus kaciri, ieu patan-dang mibanda bakat jadi entertainer. Dahenteu terus demam panggung atuh ku ka-jadian bieu téh. Der waé ngawih. Aringong, ari ger waé nu lalajo keprok. Tinaku teu nyangka mojang mencenit téhmibanda sora anu halimpu, tur penghaya -tan nu jero jeung artikulasina nu jelas. Dualagu nu dihaleuangkeunana, Nineungjeung Néangan. Antaré wé ngawihna téh,éstu teu kaciri aya “beban”.

Kawasna henteu loba seniman anugeus boga bakat kawas kitu. Umumna mahmun dimimitian ku salah téh sok terusgrogi. Iis mah henteu, tandang bari lu -deung wé, hararampang. Sakitu geus

diumum keun ku panitia, nu lalajo nganmeunang keprok dina pamungkas tan-dang. Lebah Iis mah, kakara réngsé laguwajib gé, ger waé keprok. Geus puguh basamungkasan mah, wuwuh eundeur nu kep -rok jeung suit-suit sagala. Kawasmaawahing ku geregeteun téa.

Iis, mojang geulis mencenit téh lahir diBandung 1 Juni 1996, ti kulawarga BapaEngkus Kosasih jeung Ibu Sumartini. Munkaréréanana seniman seni sora Sunda téhlahir ti lingkungan seniman anu sarua, Iismah taya teureuh ti sasaha gé. Ramanaturu nan dagang, ari ibuna enya-enya iburumahtangga. Cenah basa asup ka SMKIgé mimitina mah mugen, da taya karepkana kasenian Sunda.

Ari Iis resep kan lalaguan naon atuh?“Abdi mah resep kana lagu-lagu India,

nu nyanyina Shahrukh Khan,” jawabna. Ngan ku ramana dijurungkeun

sangkan sakola di dinya. Aya rasa hayangbabakti ka kolot, komo nyaksian kumaharesepna ramana kana lalaguan Darso, Iisngéléhan. Tapi tétéla beuki lila mah beukiresep geuning sakola di SMKI téh. Komosabada dihiap ku Ibu Elis Rosliani, yén Iisboga bakat. Kabéhdieunakeun pada nyam-bat, ku Euis Komariah, Neneng Dinar,Mamah Dasimah jeung Ida Widawati.Saur aranjeunna sora Iis téh saé, pokna. Dasaméméhna mah cék Neneng Dinar ieumojang téh cicingeun pisan. Tapi cenahsora na téh alus, boga bakat nu lain leutik-leutik.

Iis kungsi nyoba milu Pasanggiri IdaWidawati Cup di Garut, malah jadi Juaraharepan kahiji. Keur Iis ieu téh prestasianu luar biasa.

“Kanggo abdi mah tong bujeng-bujengjanten juara, tiasa tampil ngiring pasang-giri gé tos mangrupi anugrah ti Allah SWT,anu ageungna hésé nyebatkeunana. Sa-hanteuna abdi tos tiasa ngabuktikeun yéntiasa ngawih. Naon anu dipikahoyong kupun bapa parantos kalakonan,” pokna.

Sanggeus loba nu muji, sumanget Iisbeuki nambahan. Dina dadana ngagedurcita-cita hayang jadi jurukawih anu alus.Nu matak Iis ayeuna kuliah di STSI Ban-dung, pikeun jurusan karawitan. Loba nungaharéwos, cenah mun aya mah katang-tuan panitia, Iis pantes jadi patandangfavo rit. Atuda matak gemes jeung gerege-teun. (aa). ***

Manglé 2445

Iis Sumarni nu matak geregeteun téa

Page 49: MSWA - Mangle 2445

Pihartieun nu lumrah ngeunaan jujursok disebut bisa ngajaga amanah atawaati-ati nyekel amanah, jujur mangrupa

sifat manusa anu luhung. Oge minangkasalasahiji rusiah diri hiji jalma pikeun meu-nang kapercayaan ti jalma sejen. Kajujuranjadi perkara anu penting geusan nangtukeunpayus jeung hanteuna hiji jalma diamanatan,lantaran tina laku jujur eta bakal tumuwuhsikep tanggungjawab jeung kapercayaan.

Kusabab jalma jujur umumna baris bogasikep tanggungjawab kana naon rupa hal anudiamanatkeun ka dirina, tangtu manehnabakal salawasna ihtiar enya-enya enggoningngajalankeun rupa kawajiban kalawan daria.Jalma anu dina dirina ngamalir getih kajuju-ran, moal wasa nganyerikeun jeung nguciwa -keun batur.

Kajujuran minangka perhiasan anu taraleupas ti jalma luhung elmu jembar panalar.Sabab inyana boga kayakinan rehing jujur tehteu sakadar tameng diri pikeun nakis kacang-caya batur, tapi parentah Alloh anu wajib di-larapkeun dina ucap lampah, luyu sarengpidawuhNa:

“Saestuna Alloh geus nimbalan ka anjeunpikeun nepikeun amanat ka jalma anu haknarimana”. (Q.S. an-Nisa: 58).

“Hey jalma anu ariman, poma maranehulah rek hianat ka Alloh jeung ka RosulNa,jeung poma ulah hianat kana amanat-amanatanu geus dipercayakeun ka maraneh, barimaraneh nganyahokeun”. (Q.S. al-Anfal: 27).

Dua ayat di luhur, netelakeun yenmanusa salian ti sok remen tara jujur ka di-rina jeung ka batur, oge sok rajeun teu jujurka Alloh sinareng ka Rosulna, ku cara teu tolihmumul ngalaksanakeun parentah Alloh kalihrosul-Na. Lantaran kitu, beuki tetela yen ka-jujuran miara amanat kaasup salasawiosparentah Alloh anu wajib dilakonan ku sabanjalma iman.

Jalma nu boga sifat jujur bakal dipiajrihdipihormat ku balarea, dipercaya migawerupa hal anu penting, tina lakuna bakal timbulkapercayaan anu nenangkeun jeung ngajaminrasa aman ka balarea. Jujur lain pagawean nuenteng, lamun hate teu bener-bener beresihjeung ikhlas. Jujur bakal loba robedana jeungbangga migawena.

Kajujuran ngawengku tilu hal: jujur dinakayakinan, jujur dina ucapan jeung jujur dinapagawean (tindakan). Anu dimaksud jujurdina kayakinan nyaeta kaikhlasan hiji jalmamilampah amal, teu migawe hiji hal karanariya atawa sum’ah sumawonna. Anapon jujurdina ucapan maksudna salawasna mawa bejaanu bener, teu nyilakakeun atawanyasarkeun, ucapan teu pasalia jeungkanyata an.

Jujur dina tindakan hartina sagala amalpagawean dumasar sanubari anu disarande -keun kana bebeneran wahyu Alloh jeungsunah Nabi. Daria jeung enya-enya nga-jalankeun tugas sanajan keur kaperluan jalmaloba, napak dina bebeneran tara sulaya,kereteg batin jeung gerakan lengkahna teupasalia.

Jujur jeung percaya kana kajujuran mi-nangka dua hal anu ngabeungkeut pageuh talimimitran antara para Rosul jeung jalma jalmaanu ariman. Alloh parantos dadawuh:

“Jeung jalma anu mawa hak (Muham-mad) sarta anu ngabenerkeun kana eta hak,nya maranehna jalma-jalma anu tarakwa.Pikeun maranehna aya saniskara anu di -pikahayang ku maranehna di Pangeranna, etateh ganjaran pikeun jalma-jalma anu migawekahadean”. (Q.S. Az zumar:33-34).

Alatan luhungna ajen kajujuran, Allohoge maparin sifat jujur ka para Nabi-Na,salajeng na dirojong maparin mu’jizat mi-nangka tanda agung, ciri bukti kajujuran paraNabi, geusan numpes tur ngancurkeun linyokbohongna musuh-musuh Alloh anu nangtangnambalang teu narima gumelarna para Nabiutusan Alloh Ta’ala.

Pangrojong Alloh ka para Nabi anupertela nanjeurkeun bebeneran ku kajujuran,dibuktikeun ku ancur leburna musuh-musuhAlloh, binasa ku jalan datangna topan, gempabumi (lini), angin, diteuleumkeun di laut,tilem di bumi jeung di cai. Sedengkeun paraNabi tur kaumna anu satia, disalametkeuntina rupa-rupa balabencana. Eta minangkaciri pinasti ti Alloh keur negeskeun kajujurannabi-nabiNa yen aranjeunna bener-benerutusan Alloh anu dimulyakeun. Sabalikna anuteu nampa kana hak kanabian dihinakeun turdibinasakeun.

Al-Qur’an parantos nyebatkeun dinasawatara ayatna, di antawis para Nabi anupinuji sifat jujurna nyaeta Nabi Ibrohim, Is-mail sinareng Nabi Idris. Sanes hartosna nabisanesna boga codeka dina kajujuran, tapingagambarkeun pancegna sifat jujur dina dirimarantenna dugi ka ucapan, tindakan, jangjijeung perjangjian-perjangjian marantennananjeur ajeg dina bebeneran tur kajujuran.

Alloh oge dadawuh muji kajujuran NabiMuhammad Saw:

“Malah manehna (Muhammad) tehmawa hak jeung manehna geus ngabener -keun para utusan (anu tiheula)”. [Q.S. AsShaffat:37].

Alloh oge parantos mertelakeun sipat-sipat hambaNa anu ariman, jalujur dinakaimanan, pagawean, perjuangan jeung per-jangjian-perjangjian maranehna:

“Nya maranehna jalma-jalma anu balener

(imanna) jeung nya maranehna jalma-jalmaanu takwa” (Q.S. Al Baqarah: 177).

Dawuhan Alloh anu eusina muji sahabatNabi ti Kaum pakir Muhajirin jeung Anshoranu jalujur kaunggel dina surat Al-Hasyr ayat8:

“Pikeun pakir anu hijrah anu diusir tipadumukan-padumukanana turta ninggal -keun hartana, maranehna miharep kurniajeung karido ti Alloh, sarta maranehna nga-bantu alloh katut rosulna. Maranehna tehjalma-jalma anu balener”.

Sadayana para sahabat Rosululloh ke -nging pangangken sarta pamuji ti Alloh dinaAl-Qur’an, aranjeunna oge dipuji Rosulullahdina sawatara hadits. Sifat-sifat tur ahlak parasahabat anu nembrak minangka bukti kajuju-ran anu pertela.

Bebeneran agama moal bisa nanjeur, ponkitu deui kahirupan dunya moal lumangsungberes roes kajaba sifat jujur dipiboga ku sahawae jalma anu ngokolakeunana. Kapan lan-taran lampah jujur para sahabat jeung ahli-warisna, ayat Qur’an jeung sunah Rosul dugika urang bari teu kurang, eta lantaran dibawaku jalma-jalma pinilih anu ngutamakeun ka-jujuran jeung ngajaga sipat amanah anu kuat.

Para ulama oge parantos negeskeun kaurang, ngeunaan lalakon sajarah para sahabatradiyallohu anhum, kumaha aranjeunnapaboro-boro milampah kahadean jeung ka-hadean maranehna anu nganteurkeun ajendirina leuwih unggul ti umat sejenna.Nganteur keun aranjeunna jadi umat pang-hadena anu dicipta geusan mere mangpaat kaumat lianna.

Balik deui ka urang, minangka umat pa-mungkas nu nyicingan ieu alam, naha masihkeneh kabita ku agrengna laku jujur anu barisngabuahkeun kamulyaan? Atawa saenyananu jujur jaman kiwari geus dianggap perkarabasajan, beh dituna disebut tinggaleun jamanalatan kajujuran nu jarang atawa geus teudiperelukeun.

Naha jangji Alloh anu ngajaminkasalametan keur anu jalujur geus teu matihalatan dina emprona jalma jujur moal bisasilih ledot, silih kusrukkeun, silih dedetkeunanu geus jadi tradisi atawa seni persainganhirup jaman kiwari? Jalma jujur bakal katipu,alatan teu parigel nyusun strategi, anu rukunwajibna kudu nyimbutan kajahatan kukajuju ran pupulasan.

Tangtuna jujur beda jeung bodo, malahbisa jadi bararodo jalma anu teu ngupayakeunkajujuran lantaran jujur minangka tameng nungarumat ajen diri miara kapercayaan. UkurJujur anu baris ngabedakeun martabatmanusa antara mulya jeung hina.

Wallahu’alam

Perluna Sipat JujurKu Juniarso Ridwan

48 Manglé 2445

Page 50: MSWA - Mangle 2445

Manglé 2445 49

Ku U. Syahbudin

disundakeun ku Agus Mulyana

Page 51: MSWA - Mangle 2445

Manuk béo nu Mang Odéd, aluspisan. Buluna hideung meles. Sora -na ngoncrang. Pinter bacéo deuih.

Bisa nurutan sagala kekecapan nu kadéngéku manéhna.

Unggal poé, éta béo sok dikencarkeuntina kurungna. Geus dimandian jeung dibérényatu bungbuahan, diinuman sacukupna, di-antep wé sina leupas. Gegeleberan di buruansaurilingeun imah. Tara liar jauh. Sumawon -na kabur. Pasosoré hideng sorangan asupkana kurungna nu pantona ngahajadibukakeun.

Pakasaban Mang Odéd sapopoé, noko.Kawilang kajojo di salembur éta mah.Bubuhan tacan aya saéngan. Teuing ké lamundi deukeut alun-alun tulus ngadeg super-markét mah.

Loba nu balanja daratang. Béo nu ucla-acle di dinya, sok ngucapkeun salam:

“Assalamualaékum….”persis jelema.Mun salamna ditembalan, béo sok tuluy

nanya :“Balanja ? Mangga naon sakapalay..”Nurutan Mang Odéd atawa Ceu Sumi,

pamajikan ana. Nu teu apaleun mah, nubalanja na anyar pinanggih, disangka soratukang toko wé. Barang apaleun sok nyebut“Jadol”

Gancang béo nurutan :“Jadol !”Salian ti nu balanja, hareupeun toko

Mang Odéd sok loba nu ngariung. Ngadonngaropi bari ngawangkong. Bubuhan disaya-gian bangku handapeun tangkal kérsen kahot.Béo oge sok gagalacangan dina dahan kérsenlamun pareng di handapna keur loba nu nga -riung.

Hiji poé Néng Santi balanja. Dang-dananan “ngamodé”. Calana jin jeung kaosoblong merecet. Nepi ka katémbong awaknanu bahénol, kacitak sagalana. Leumpang di -gitek-gitek. Atuh bujurna oyag. Randa canlubar idah Néng Santi téh. Karek sabulandiserah keun ku salakina nu anyar, nu timbu-ruan pisan leuwih ti urut salakina nu ti heula.

“Aduh…Néng Santi, Neng Santi, “KangOdon nepakan tarang, sanggeus Neng Santingaléos. Ngageblay sakapeung badis macanteunangan. Juta-jeté sakapeung badis

penyanyi organ tunggal rék ngamimitiannyora.

“Teu lebar-lebareun salakina, nya,”tem-bal nu séjén.

“Heueuh, lebar ku goyang géolna wé, “ceknu mairan.

“Néng Santi téa éplok céndol….”kitusaterusna caritaan nu ngariung. Dibungbuanku cawokah, jorang, porno. Ma’lum nu ngar-iung bangsa babangkak wungkul.

“Neng Santi téa éplok céndol !”celeng -keung béo nurutan.

“Éplok céndol téa pédo elom,”salahsaurang nambahan.

“Éplok céndol téa pédo élom !”béo nuru-tan deui.

Isukna, Ceu Sumi keur muka rollingdoortoko, béo nyelengkeung tina jero kurung.

“Néng Santi téa éplok céndol ! Éplok cén-dol téa pédo élom !”

Pudigdig Ceu Sumi napsu. Gajleng ka jeroimah. Nyenghor salakina. Pajar naksir NengSanti.

“Baruk? “salakina kerung. Reuwasongkoh. Ujug-ujug dituding teu puguh.

“Tuh béo bieu nyarita !”Ceu Suminyureng. Jejebris. Baketut haseum. Keur mahgeus aya kacuriga, da ari balanja téh NéngSanto sok rada lila. Sajaba ti barang beuli sokrajeun uplek cacarita jeung salakina.

Barang dideukeutan ka deukeut kurung,béo di sada deui :

“Néng Sumi téa éplok céndol. Éplok cén-dol téa pédo élom !”

“Haramjadah !”Mang Odéd kukulutus.“Babatok béo ngadorakakeun siah!”

Mémang geus rada lila Mang Odéd pu -sing ku éta béo. Bacéona sok sakacumplang-campléng. Malum sato . Teu boga pikiran.Naon waé nu kadéngé diturutan. Kaasupkekecapan nu matak rawing ceuli jalmasopan.Matak kaééraan.

Geus pamajikanana ambek mah, MangOdéd ngarasa panceg éta beo kudu diwarah.Kudu dihukum. Ceuk béja, sangkan pohokana sagala nu kungsi kadéngeeunana, sirahbéo kudu dibutakan.

“Kajeun teuing engké kudu ngalatih deuibacéo anyar. Sangkan nu ieu leungitwe,”geren tes Mang Odéd.

Bulu dina sirah béo dikerik nepi ka bolé-nang pisan. Tangtu ngéwa katenjona. Nyasaméméh buluan deui mah mending dikerembaé. Tong dikencarkeun. Disingkurkeun kajuru warung nu rada poék. Malah kurungnage dikerembengan ku lawon hideung urutsarung butut.

“Lantaran sia sok nyarita jorang, porno,cawokah, ku aing dibutakan, terus dikerem!”Mang Odéd terus kukulutruk sanggeusréngsé ngurud bulu hulu béo.

Puguh wé, ngadadak sepi. Tara aya sorahas mapag nu balanja Ongkoh béona ogemuru kusunu. Embung disada sakecét-kecétacan.

Aya nu pangangguran nanyakeun. HajiMangsur, langganan matuh.

“Ka mana sepi ieu teh? Sora béo teukadéngé ?”Haji Mangsur nu harita datangngulir, ukur dicalana sontog, dikaos oblongjeung bubudugulan, nanyakeun. Tasdibolena ngan harita téh. Sirahna maniherang. Ngahaja nyiar sabun jeung sampo,keur mandi badag saméméh Jumaahan.

“Aya, dikerem. Bonganbangkawarah,”témbal Mang Odéd.

“Bangkawarah kumaha ? Watir teuing…”Haji Mangsur kekecrék. “Béo sakitu capé-tangna…”

“Keuheul tuda, sok bacéo cawokah, jo-rang jeung porno. Didugulan huluna….”

“Cingan nénjo….karunya teuing,”HajiMangsur kekecrék terus.

Kurung dicokot ku Mang Odéd.Kurubung na dibuka. Song ka hareupeun HajiMansur.

Beo gigibrig. Panonna rucang-riceng.Sérab. Tas ti nu poék, ari bray caangngadadak.

“Euleuh enya wé…” Haji Mangsurgogodeg bari tetep kekecrék. “Teu nyora deuiayeuna mah,kawas ti heula nya, ka nu balanjatéh ngucapkeun salam.”

Beo mébér-mébér jangjang. Miceuncangkeul. Terus ucla-aclé jero kurung. Pékneugteup ka Haji Mangsur. Ari pok téh étabéo butak nyarita :

“Haji Mangsur, Haji Mangsur, sokngomong jorang, cawokah, porno nya? Geu -ning éta sirahna butak !”.***

50 Manglé 2445

Béo­ButakKu H.Usép Romli HM

Page 52: MSWA - Mangle 2445

Dibunderan ku SpidolHiji waktu Mama Ajengan ngajelaskeun

Bab Thoharoh. Sakumna santri kalongsaregep ngabandungan penjelasan MamaAjengan. Teu sirikna taya nu wasa batuk-batuk acan. Najis téh rupa-rupa, saurna. Lan-taran mun ditaan sarupa-sarupana mah moaltamat satengah peuting, ku Mama rékdicarita keun gurat badagna waé, saurna semuguguyon. Najis kabagi tilu bagian, aya najishampang/mukhoffafah, aya najis sedeng/mu-tawaasithoh, jeung aya najis beurat/mughol-ladhoh.

Sabada dicontoan hiji-hiji, satuluynaMama Ajengan nétélakeun prak-prakannyucikeun ana. Malah, diémbohan ku penjela -san ngeunaan kautamaan/fadhilah keur singsaha nu tulatén ngaropéa masigit. Pang-pangna pisan mah ngariksa tina sagala rupanajis. Apan masigit téh kudu salilana suci,saurna tandes.

Ku lantaran kitu, isuk jaganing géto sahabaé nu pangheulana manggihan najis dimasigit nya manéhna nu kudu pangheulananyucikeun éta najis téh, saur Mama Ajenganngawawadian. Méh kabéh santri kalongunggeuk, nuduhkeun satuju kana naon-naonnu ditepikeun ku anjeunna, kajaba Si Kaslan.Ngarah teu ngarasa wegah jeung jadi ibadahkadé niatna sing ikhlas, saurna deui sakalianuluk salam nandakan pangajian geus lekasan.

Si Kaslan, sabenerna kaitung santri kalongnu lemburna pang deukeutna ka masigit.Ngan ti sabot aya pangajian Bab Thoharoh,sok ngahaja mandeurikeun manéh. Ékolna,cenah bisi di masigitna kabeneran aya taikotok. Sangeuk teuing kudu beberih dimasigit. Di imah sorangan ogé teu dipaksa kukolot mah tara, jero haténa.

Cilakana nu boga pikiran kawas kitu téhtétéla lain Si Kaslan wungkul. Kocap, hijiwaktu basa Mama Ajengan lebet ka masigitinya na rada kagét lantaran aya tai kotok ledokngajajar satilu-tilu kabadé karék cerot tinaliang tagégna. Luak-lieuk sakedapan, tayasantri sapotong-sapotong acan. Antukna rikatnéangan spidol. Kapanggih. Gutret nulis:“Awas, tai kotok”. Saentasna kitu tuluydibunde ran sakandel-kandelna. Ngarahbabari kacirieun ku santri.

Kabeneran nu pangheulana asup kamasigit téh Si Kaslan. Nempo aya tai kotok di-bunderan Si Kaslan boga ideu, gutret nulisgigi reun tulisan nu geus aya: “Nurustunjungpisan sia téh. Pan ceuk Ajengan, saha numanggihan tai kotok pangheulana éta nu kudumeresihan”. Geus kitu Si Kaslan kaluar baédeui. Karék nukang ku Si Kaslan kadéngéeunsoara Mama Ajengan nyalukan: “Lan! Kaslan!Tuh, di masigit aya tai kotok satilu-tilu”.***

(Mahmud Yunus)

Bakiak RambutanAsa teu salah salah teuning, mun masa

SMA disebut masa paling indah teh. Nepikasok dijarieun tema lagu rumaja sagala. Me-

mang rea kajadian nu matak “berkesan”. Hal-hal nu matak pikaeraeun tapi pikaseurieun.Harita mun teu salah mah kelas tilu, kajadian -na kaalaman ku kuring sabatur-batur.

Usum hujan usum bubuahan. Harita gekeur usum buah rambutan. Dahan rambutannu sakitu leubeutna teh ngaroyom kaluhureun mushola sakola, ngaliwatan ben-teng. Tangtu wae nu boga tangkal rambutanmah batur, tatangga sakola. Dasar barudaklalaki keur mareujeuhna cengos, buah rambu-tan nu karek karoneng teh geus dirancang rekdipenta bari moal bebeja kanu bogana!

Singket carita, eta buah rambutan nu geusbareureum pikabitaeun teh geus manjing“dipenta”. Ngan kumaha carana: rek ditaekanhese da tangkalna di luar benteng, mun diajulteu boga gantar, rek silih punggu angger wemoal nepi. Where there’s a will there’s a way…..Tah dumasar kana eta “pituduh” antuknamanggihan ideu senjata bakiak teh. Mimitanamah ketang pedah mun wudhu sok makebakiak. Teuing saha nu ngasongkeun ideuawalna mah. Ngan beres shalat lohor berja-maah barudak lalaki sarerea satuju bakiak nupasolengkrah di buruan mushola teh rek di-jadikeun senjata keur nembakan rambutan.

Belewer…… bakiak hiber. Rambutan teubeunang .

“Terus….terus…” nu lain ngahatean.Belewer deui bakiak rabeng beuki sumangetdibaledogkeun. Burusut…aya nu murag.Lumayan meunang saranggeuy. Atuh dikelaspahibut ku sireum bari paheula-heula ngasaanrambutan. Barudak awewe oge miluan, kupkop ngasaan. Malah mah ngahatean sing reacenah ngala rambutan teh. Kitu pokna.

Isukna jam istirahat kabeh barudak lalakigeus siap ngajajar. Teu lila bakiak nu aya diburuan mushola pindah leungeun, tuluynamah pating belewer nembakan rambutan nunangtang pikabitaeun. Atuh teu hese teuing arigeus meunang bala bantuan mah. Teu lilabeubeunangan teh geus katingali mucekil. Eh,dasar ku napsu, sakitu geus rea oge masihngarasa kurang. Antukna kusabab sumangetteuing bakiak teh marurag ka luareun ben-teng. Geus teu dipirosea, paduli teuing.Belewer deui….pluk deui rambutan…gancangdiburu ku babaturan. Kitu jeung kitu we meu-nang sababaraha jongjongan mah. Keur meu-jeuhna napsu maledogan, celengkeung tehsora ibu-ibu:

“Enceeeep….punten teu kenging dibaledo-gan bilih reksak kenteng.”

Gebeg! Sarerea ngahuleng tuluy silihreret…can ge kumpul pangacian geus pok deuiti luar benteng:

“Bilih hoyong rambutan mahnyungkeun we kadieu…….” Geus teu hayangngadenge deui, beretek lalumpatan ka kelasbari rimbil ku rambutan. Reuwas jeung era!

S. Munawar Alumnus SMANSA Purwakarta

Komplek Puskopad Tanjungsari - Sumedang

Buka Puasa Bareng BesanKajadian dina bulan Ramadhan 2010

moal bisa leungit tina ingetan adi kuring,Dani nu imahna di Lembang.

Kira-kira ba’da Ashar telpon ngirining:“Halo. Assalamu’alaikum. Abdi Cicih

istrina Mustofa ti Depok” calon bésan Daninelpon, kabeneran nu narima Atéh,pamaji kan Dani.

“Eh, wa’alaikum salam. Mani reuwas.Kumaha damang?” daréhdéh.

“Alhamdulillah. Ieu abdi sareng kula -wargi nuju aya di Bandung , bubar upacaraperesmian toko busana Muslim anutatanggi”

“Oh. Atuh sindang heula ka rorompokdi Lembang nya, da tos caket atuh ti Ban-dung mah”

“Muhun mangga. Ieu ogé tos gaduhrencana bade sindang ka dinya. Kinten-kinten tabuh limaan panginten nya”

“Muhun, mangga, diantos pisan, ulahhenteu nya”

Pamajikan Dani hayang ngabagéakeuncalon bésan nu munggaran pisan rék ngan-jang ka imahna.

Buru-buru balanja ka pasar Lembang,meuli bahan-bahan asakan, mani macem-macem, dua kérésék gedé pinuh.

Datang ka imah, bahan-bahan asakangancang diguar, tuluy kabéh di masak,mani pak-pik-pek.

“Pa. Pangmasakkeun sangu nya, ri-weuh yeuh” ka Dani salakina.

“Enya. Gampang ieuh maké rice cookermah” geuwat Dani ngisikan béas, sup kanarice cooker, dicaian, tuluy stékerna di-colokeun.

Kira-kira tabuh lima calon bésannguru nyung daratang katut anak-anakna,diitung-itung aya tujuhan.

Untung asakan geus bérés. PamajikanDani gura-giru kacai mandi da luut-léétkésang.

Sémah ditarima di kamar tamu, ngob-rol jeung Dani ngalér-ngidul bari nung-guan waktu maghrib.

Kaluar ti cai, pamajikan Dani sasala-man jeung sémah, tuluy bébérés nyadia -keun asakan dina méja makan.

Dug…dug…dug… dug…dug… dug…dug… Allohu Akbar…Allohu Akbar!Waktu maghrib.

“Badé sholat di masjid. Dupi masjidpalih mana?” ceuk calon bésan ka Dani.

“Palih kulon. Hayu sareng atuh” jawabDani

Breng kabéh ngabrul ka masjid, iwalpamajikan Dani nu bébérés kénéh di ruangmakan.

Balik ti masjid, sémah dariuk deui diruang tamu.

Kaciri pamajikan Dani ngagupayanDani ti ruang makan.

Beungeutna katingali rada sepa.“Pah. Ari papah teu tiasa diandel -

keun…” beungeutna bareubeu siga nahanceurik.

“Aya naon kitu?”“Rice cooker na teu acan dicetré keun.”

Abah Téa

Manglé 2445 51

Page 53: MSWA - Mangle 2445

Sok MabokAde: “Lebar uing mah, lebar!”Adi: “Lebar naon sok teupupuguh?”Ade: “Éta Néng Pipit sakitugeulisna geuning sok mabok.”Adi: “Lah ari nanaon téh.Maenya anak ustad sokmabok?”Ade: Puguh enya. Basa poéMinggu kamari ka Pangan-daran, sajajalan dina mobiltéh ... babalongkéngan.Mabok.”Adi: “Ih, sugan téh maboknaon.”

IzzulKomplek Vijaya Kusuma

Cipadung - Bandung

Dipahing PisanSales Girl: “Bapa sok nyesep?”Lalaki: “Is puguh wé atuhEnéng.”Sales Girl: “Cobian atuh ieuproduk enggal cap Garam.Haratis Pa!”Lalaki: “Aduh Néng punten,moal ah.”Sales Girl: “Naha?”Lalaki: “Nyaéta Bapa téhgaduh panyawat hiperténsi.Janten sagala rupi anu ngan-dung garam mah, dipahingpisan.”

IzzulKomplek Vijaya Kusuma

Cipadung - Bandung

Béda SaeutikAlo: “Mang rék meuli héd-pun?”Emang: “Ah, keur naon héd-pun!”Alo: “Pan paranti nga-SMS arijauh ka Si Bibi!”Emang: “Henpun meureunlain hedpun?”Alo: “Lah béda saeutik mahatuh jamak wé Mang.”

IzzulKomplek Vijaya Kusuma

Cipadung - Bandung

KalimahGuru: “Cik Iis, jieun hiji

kalimah nu maké kecap birit!”Iis: “Kang Manap sok lobarejeki na. Sabab inyana ham-pang birit. Daékan mun di -tutah titah nepi ka loba anumuruhan!”Guru: “Bener. Cing Bro lainkalah heureuy. Jieun kalimahanu maké kecap jabrig!”Ibro: “Hulu Pa Guru butak.Naha atuh lain sina jabrig?”Guru: “Silaing mah... Geuskalimahna kasar, ngahinadeuih ka déwék. Ka hareup!”

Anissa Fitri WulansariGang Kujang - Bandung

PenyiarNina: “Ceuk béja cenah SiAdul di kotana ayeuna téh jadipenyiar.”Nani: “Puguh enya.”Nina: “Penyiar radio naoncenah?”Nani: “Laon penyiar radio SiAdul mah. Tapi penyiarbarang rongsokan.”

Anissa Fitri WulansariGang Kujang - Bandung

Carita heubeul Anak cacing : “Pa tadi pa-panggih jeung jelema, sirahnabuluan, jeung sukuna ogébulu an tapi carang.”Bapa cacing : “Cing atuh tongngomongkeun jelema lah,geuleuh, jaba pan keurdahar.”

Ila KarmilaJl. Wastukancana 89

Bandung

Duit100 rebu : “Woyy... ka manawaé, meuni kucel jeung lecetkitu?”1000 : “Ah biasa wé geuskukurilingan. Ti tukang asintuluy ka tukang cilok tuluy katukang parkir, matakna awakjadi kucel kieu.”100 rebu : “Pantesan atuh,urang mah kaluar ti bankterus asup kana dompet artis,jalan-jalan ka mall terus super

market, asup deui ka dompétpajabat. Matak urang mahjeger jeung heuras teu cigamanéh, kucel.”1000 : “Ooh kitunya..., tapiurang mah kucel-kucel gékungsi asup kana kéncléngmasjid meunang saminggumah. Tapi asa can kungsi pa-panggih jeung manéh dinaJero kéncléng mah.”Duit 100 rebu ngulapéséraeun...

Ila KarmilaJl. Wastukancana 89

Bandung

Ngabsén Murid Guru. : Aceng...!! Murid : Hadiiir pak....!! Guru. : Rinaaaa....!! Murid : Hadiiir pak....!! Guru. : Ujuuuu....!! Murid : Teu lebet pak..! Guru : Menya teu lebet, pantokelas sakitu gedéna? Murid : Eeuuuh...

Zamzam Z.Jl. Cibankong No. 12

Tukang EndogUju : “Mang, sabarahaan hiji -na?”Tkg Endog : “Hijina duarébu!”Uju : “Ari nu peupeussabraha?”Tkg Endog : “Sarébu jang!”Uju : “Sok uing rék ngaborongmang, asal pangmeupeus -keun heula mah endogna 50siki.”

Zamzam Z.Jl. Cibankong No. 12

CapéMaman: "Ka mana waésilaturah mi lebaran téhMon?"Momon: "Burber ka ditu kadieu, nyaan capé, uyuhannyawaan kénéh gé!"Maman: "Uluh, naha?"Momon: "Enya, geura wé tassolat sunat téh jung murubapajeung indung di Cipadung.Tirilik ka aki jeung nini diPasirhuni, laju ka uyut diCibaduyut. Geus kitu, bereng-beng ka lanceuk

di Pameungpeuk, ka uwa diBaladéwa, ka Mamang diCitamiang,teu lami ka adi di Cimindisakalian ka bibi di Cimahi.Teu poho ka kabogoh diCipondoh. Laju muru dulur diCianjur. Teu kaliwat baraya diSurabaya!"Maman: "Nyaan hébat.Pantes rék capé gé. Éta kaSurabaya nyaantepi nyah?"Momon: "Na maké teu tepi?Asal pulsana wé beuneur, kuSMS!"Maman: "Si gejul, hanasdidéngékeun!"

Féndy Sy. CitrawargaBandung

Obat LintuhKurdi : Asa beugang awak téhjiga congcorang!Omo : Heueuh, hayangngalintu han awak meuni hésépisan, naon ubarna nya?Kurdi : Hayang apal carana?Omo : Kumaha tah?Kurdi : Meuli wé pur hayam,huut badag ogé teu nanaon.Pan hayam ogé di parab ku nukitu mah téréh lintuh.Omo : Képrééééttt!!!

Melly AgustinaJl. Dewi Sartika No. 34

Ngopi+ Bro, ngopi can?- Acan, sibuk kénéh yeuh!+ Sibuk naon?- Sibuk meulahan suluh, cansempet ngopi, katambah siengkohna teu méré nganjukkopi.+ Karunya, éta mah DL bro....- Naon DL téh?+ Derita Lo..., hahahaaa...

Melly AgustinaJl. Dewi Sartika No. 34

Tara BalikUju: "Béjana Néng Tita anakPa Kuwu nampik lamaranBang Toyibnya Jo?"Ojo: "Enya cenah mah!"Uju: "Na ku naon nya panBang Toyib téh nya kasép nyabeunghar!" Ojo: "Cenah mah kateuteuari

52 Manglé 2445

Page 54: MSWA - Mangle 2445

beunghar jeung kasep ogé arilebaran tara balik mah."Uju: "Heueuh nya?"

Féndy Sy. CitrawargaBandung

Vikinisasi “Wah panitia ISG Gaul pisan!”“Gaul Kumaha ieu teh?”“Enya kabawa bawa bahasaViki?”“Naha bet bisa kitu tah?”“Tuh ISG alias Islamik Soli-dariti Gim”“Ah beuki teu ngarti ???”“Eta kecap Solidariti teh panmirip gaya bahasa Vikinisasi.”“Oh… Meureunan ngarahrame atuh jang.”“Matakna Indonesia JadiJuara Umum!”

Apih SuratmanCimangkok Sukabumi

Domba KurbanUdin keur nénéangan héwankurban ka pasar héwan. Gokjeung nu ngajual domba.“Sabaraha ieu dombapangaos na?” Udin nanya.“Nu mana? Nu hideungatanapi nu bodas?” témbal nungajual.“Nu hideung.”“Nu hideung mah dua juta.”“Pami nu bodas?”“Nu bodas gé sami, dua juta.”“Euh, kéngéng ditawis?”“Nu mana? Nu hideungatanapi nu bodas?”“Nu hideung wé.”“Nu hideung mah tos pangaospas, teu tiasa ditawis.”“Mun nu bodas kumaha?”“Nu bodas gé sami, tos panga -os pas. Teu tiasa ditawis.”“Ah, sarua baé geuning!”“Bénten jenisna.”“Pan domba Garut wungkulieu mah.”“Nu mana? Nu hideungatanapi nu bodas? Nu hi -deung mah leres ti Garut.”“Pami nu bodas?”“Nu bodas mah, nya sami tiGarut ogé.”“Kumaha ieu téh?”“Kumaha naonana?”“Ari sarua sagalana mah nahabet dibéda-béda atuh?!”“Margi pami nu hideung mahnu abdi.”

“Ari nu bodas?”“Nu bodas gé sami nu abdikénéh.”“Ah, dasar tukang dombalieur!”“Punten atuh, da tukangdomba na mah nuju ngopi diwarung.”“Ari anjeun saha atuh?”“Abdi?”“Enya!”“Abdi gé sami tukang domba.”“Geus ayeuna mah, ieu dombajual ku manéh, beuli kumanéh, kawin ku manéh,dahar ku manéh!”

Ari Ardiansyah

KajebakDudi : Mun misalna manéhkajebak dina botol, kumahacara hayang ka luar?Oman : Gampang atuh! Dudi : Sok, kumaha carana? Oman : Tajongan wé botolna. Dudi : Naha bet ditajongan? Oman : Pan uing kajebaknadina botolna lain di jerobotolna, hehehe...

Miga YuliawatiJl. Ciledug 167 Garut

Budak BadeurAbah Dongdo di golodogjeung budakna nu keur an-teng maén PS:"Jang.. cing pangmeulikeuninuman anu tiis ti warung""Tradisional atawa buatanpabrik pa?""Buatan pabrik waé..""Anu kaléng atawa botol?""Botol..""Botol gedé atawa nu leutik,pa?""Hararésé dititah téh siah!!Pangmawakeun cai téh wéatuh!!""Kana botol atawa gelas ?""Botol!!!!""Panas atawa tiis, pa?" (barianteng maén PS)“Mana sapu, digebug siah!!!""Sapu nyéré atawa sapuinjuk?""Halah... sato wé sugan mahsiah!!""Embé atawa munding, Pa?""Embé, goblog!!!""Bikang atawa jalu?""Sétan siah!!!!""Kunti atawa genderewo?"

"Kumaha sia wé, kaditu siahindit wé lah!!""Kudu poé ieu atawa isuk?""Ayeuna, siah !!""Abah milu atawa moal?!!""Asli.. gélo sia mah, dipaéhangeura !!""Ditubles maké péso atawaditémbak maké péstol??""Di témbak siah ku aing!!!""Sirahna atawa sukuna?"Abah Dongdo sakarat kekeje-tan langsung struk stadium 7nyanghareupan anakna nubadeur..

Abah Téa

Nyanyi SexUbed : Ubed mah rék nyanyisex ah...Guru : Hust!!! Teu kénging!!!Ubed : Sexuntum mawarmerah, yang kau berikankepadaku...Guru : Aaahh.. maksakeunpisan manéhna...

Miga YuliawatiJl. Ciledug 167 Garut

Laporan“Juragan! bade laporan!”“Laporan naon Cepot ?”“Tempe tahu pangaosnanaek!”“Naon sababna Cepot?”“Numawi pan kadelenanaek!”“Usul anjeun naon atuh

Cepot?”“Peryogi artos sa Milyar badebudaya melak tempe buahnatempe!”“Pamohalan Cepot, da eu-weuh tangkal tempe!”“Muhun pamohalan abdimah, kedahna mantra-mantrijuragan.”

Apih SuratmanCimangkok Sukabumi

TelatNyai : A aaaaaaaa...! Aa : Iya bebs.Nyai : Enéng telat 2 bulan. Aa : Hah!!?? ceuk Aa gé naon,nyai gugahna énjing-énjingpisan geura, janten moal telatwaé!Nyai : Naha jadi kieu?

Rahayu H.Jl. Sutisna Senjaya 89

Tasikmalaya

TaririsOban : Asa tiris kieu nya peu -ting téh?Ibro : Geus biasa...Oban : Naha ngomong geusbiasa?Ibro : Pan geus biasa, da pa-gawéan urang jeung manéhmah nyieunan és balok.

Rahayu H.Jl. Sutisna Senjaya 89

Tasikmalaya

HA HA HA Pinilih Agustus 2013KALIWAT TAPI TEU DIIWAT

HA HA HA Pinilih September 2013 geus miheulaandibéwarakeun dina MANGLÉ minggu kamari. Horéng sabadadiimeutan, nu bulan Agustus 2013 kaliwat can kaumumkeun.Sabada kaselang, hampura yeuh ka nu ngarep-ngarep pa -nyecep, wadya balad pangarang HA HA HA. Dina bulan Agus-tus 2013 mah ngan aya tilu nomer Mangle nu medal: 2436,2437, jeung 2438. Lantaran aya péré lebaran, MANGLÉ teumedal sakali.

Tah, tina tilu nomer MANGLE nu ngamuat HA HA HA,Bapa Dadang Mulyana, M.Si, salaku Dekan FKIP UniversitasPasundan milih tur mersénan 3 judul HA HA HA pinilih. Tah,geuning nu dianti-ani ku wadya balad pangarang HA HA HAtéh datang ogé, pamersén anu masing-masing Rp. 125.000,-(saratus dua puluh lima rébu rupiah) téh gubragna ka: “Pelit”dina no. 2436 kénging Holid A. Gani ti Cihampelas - Bandung,“Heureuy” dina no. 2437 kénging Garini Gantini ti Lido –Suka bumi, sareng “Bener Oge” dina no. 2438 kenging AnisaWulansari ti Cipadung - Bandung. Wilujeng nya, sok sanajankaliwat, tapi henteu diiwat panyecep mah.***

Manglé 2445 53

Page 55: MSWA - Mangle 2445

54 Manglé 2445

Tacan jelas, kumaha kaayaankasenian Sunda, hususna senipagelaran, di sakuliah tatar

Sunda, mangsa kiwari. Soalna, lapo-ran ngeunaan kahirupan kasenian disakuliah Propinsi Jawa Barat jeungBanten, tacan pada ngagarap dimedia massa. Kitu deui FestivalKasenian Propinsi Jawa Barat jeungBanten, nu sakuduna mangrupabarometer kamekaran kasenian sa-tatar Sunda, tacan pada ngagarapkalayan mayeng. Iraha bakal di-ayakeun festival kasenian di Garut,Tasik, Sumedang, Subang jeungkota-kota sejenna? Ieu oge teu jelas.

Komo deui pagelaran rutin digedong kasenian. Ieu mah langkapisan. Di mana geura urang bisalalajo kendang penca, tari, kawih,tembang, wayang, sandiwara, teatermoderen, filem jeung rupa-rupakasenian sejenna? Hese pisan, ku-lantaran gedong kasenian tacanhirup. Ieu teh karandapan di kotagede saperti Bandung jeung Bogor.Komo deui di kota-kota leutiksaperti Cianjur, Purwakarta, Cikam-pek, Kuningan, Garut jeung sajaba -na.

Jadi, tembong pisan, di tatarSunda teu aya kabijakan mekarkeunkasenian nu “menyeluruh”. Upama -na wae, kabijakan nu nyambung an-tara ngayakeun festival kasenianjeung pagelaran rutinkasenian.Padahal, ayana festival teh,di antarana, minangka pangdorongsupaya pagelaran rutin ubyag dimana-mana. Geura festival, kitudeui pasanggiri rupa –rupa kaseni -an, osok, malah kungsi remen di-ayakeun, tapi teu tembongdampakna kana ramena pagelarankasenian. Pasanggiri tembangkungsi mayeng diayakeun sabantaun ku Daya Mahasiswa Sunda, tapidi mana urang bisa lalajo pagelaran

tembang?Pasanggiri Drama Sundakaitung remen diayakeun ku TeaterKiwari, tapi di mana urang bisalalajo pagelaran drama, kitu deuisandiwara Sunda?

Masalah heubeul

Langkana pagelaran kasenianSunda mangrupa masalah heubeul.Geus remen pada ngadurenyom -keun dina saban seminar jeung riun-gan sejenna. Tapi,hanjakal nepi kakiwari tacan tembong hasilna.Angger wae masarakat tacan bisanyaksian hadirna pagelaran seniSunda nu “murah, terjadwal dan ter-jangkau”. Gedong kasenian nu geusaya saperti Taman Budaya PropinsiJawa Barat, Rumentang Siang,Gedong YPK, Gedong Sabuga ITB,kitu deui gedong kasenian di mu-seum jeung kampus, tetela tacanbisa nyumponan pangabutuhmasarakat. Nu jelas, tacan tembongayana pagelaran kasenian numayeng tur puguh jadwalna. Me-mang Gedong Rumawat Padjadjarantembong aktip ngayakeun pagelaran,tapi angger tacan bisa nedunanpangabutuh masarakat.

Nu jelas, nepi ka kiwari, tacanbisa kapidangkeun pagelaran sabankasenian kalayan mayeng. Palingsaeutik pan jadwal pagelaran kudumampuh mingguan, ulah saukurbula nan komo deui taunan. Ngannyaeta atuh, kanyataanana, tacanaya gedong kasenian di kota Ban-dung, upamana,nu mampuh sabanminggu midangkeun pagelarankasenian.

Luareun gedong kasenian

Memang kudu tuluy diupaya -keun supaya gedong kasenianmampuh ngayakeun pagelarankasenian saban minggu. Teu bedajeung bioskop nu mampuh muterfilem komersial saban waktu.

Tangtu wae pagelaran kasenianteu kawatesanan saukur di gedongkasenian. Di saban tempat oge bisadiayakeun, upamana ku carangayakeun panggung-panggung ter-buka. Tah, “peluang” kieu sakudunamah dimangpaatkeun. Pagelarankasenian di panggung terbuka bisaubyag, diramekeun di saban kaca-matan. Tradisi 17 Agustusan alusnamah dituluykeun di bulan-bulansejen na.

Memang, ayeuna geus biasananggap pagelaran musik pop dimall. Ngan tangtu wae kawatesanansemet musik pop wungkul ku -lantaran eta nu umumna dipikare-sep ku nu balanja. Padahal, tangtunaoge, sakumna kabeungharan seniSunda nu luhur ajenna kudu bisakumelendang di masarakat.

Ana kitu, pagelaran kasenian,hususna kasenian Sunda, masingkumaha wae oge kudu ubyag di-ramekeun di ditu di dieu. Kaomseni-man, aktipis, “petarung”, ”pen-dekar” kasenian, usik!

Karno Kartadibrata.

Ngaramekeun Kasenian

Page 56: MSWA - Mangle 2445

Manglé 2445 55

KA GIGIR:1. Kawajiban umat Islam dina bulanRomadon4. Gelaran raja Mesir baheula7. Guyur8. Manuk sabangsa gagak9. Sawala11. Masarakat Ekonomi Eropa12. Masalah14. Hirupna dina cai17. Tujuan umat Hindu di ahérat20. Sarupa hileud dina jero taneuh22. Alus keur orok23. Mulya, luhur25. Bagian tina suku26. Bendungan27. Wadah paranti barang cair28. Bangsa di Aprika

KA HANDAP:1. Guna2. Sopan3. Tahan lila4. Obat-obatan5. Surat ménta dikabulkeun panuhun6. Hasil pertambangan10. Ukuran lega13. Henteu15. Méméh dijadikeun Undang-un-dang16. Kajadian nu teu diharepkeun18. Buuk palsu

19. Sanget20. Omongan/tingkah nu aya ajénnapikeun ngabéla kahormatan/ngajagakasalametan21. Niat23. Panutup do’a24. Ngaburusut (taneuh)

Waleran diserat dina kartu pos, témpelan Kupon Tarucing Cakra No.1411. Kintunkeun ka Majalah MangléJl. Lodaya 19 Bandung 40262 palingleuir dua minggu saparantosnamedal.

Nu kagiliran kénging hadiah Tarucing Cakra No. 1409:

1. Alisha PutriKP. Muara Ciwidey Gg. Leles No.

B35Cilampeni _ KatapangKab. Bandung2. Adi Setiadi

Jalan Ahmad Yani 123/42Tasikmalaya

3. H. SuheriBumi Harapan Blok E2/65Kab. Bandung

1411K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

Page 57: MSWA - Mangle 2445

“Beuki téréh baé, Mang.”“Téréh naonana, Lo?”“Téréh nepi kana waktuna nyaté,

ngagulé, ngéré, jeung sajabana.”“Ih, geuning?”“Maksud téh geus téréh nepi

kana waktuna ngolah daging kur-ban.”

“Oh.”“Ti awal bulan Oktober gé, cenah,

sapi ti para peternak geus réa anubéak kajual.”

“Beu.”“Atuh anu tacan kajual, Mang….”“Hargana beuki mahal nyah,

Lo?”“Enya, Mang.”“Pantes ku kituna mah.”“Pantes kumaha, Mang?”“Pantes rék mahal ogé, lantaran

kapan setok sapi di urang téh masihkénéh kawilang kurang.”

“Bener, Mang. Mana komo dinanyanghareupan Idul Adha, per-mintaan meningkat ceuk istilahtukang dagang mah.”

“Untungna téh domba jeungembé mah réa kénéh, Lo.”

“Ku ayeuna mah teu bisa disebutuntung, Mang?”

“Har?”“Lantaran kiwari mah réa jalma

anu katarajang kasakit darah tinggi.”“Hubunganana jeung kurban?”“Tangtu baé leuwih réa anu milih

daging kurban sapi tibatan dombajeung embé, lantaran sieun darahnaék, Mang.”

“Aéh, enya nya.”“Hanjakal harga sapi téh mahal

kénéh baé.”“Sapi deui, si sapi deui.”“Nu ngaganggu kahirupan

ékonomi urang téh nyah, Mang?”“Enya, Lo.”“Enya. Aya politikus nu riweuh

kabaud kasus sapi. Rék lebaran ri-weuh ku ngajaulna harga dagingsapi. Geus aya daging sapi impor,masih kénéh riweuh, da cenahkualitas na goréng. Nepi ka kiwarinyampeuk ka Idul Adha, geus ri-

weuh deui ku sapi.”“Muga-muga baé atuh, Mang…..”“Muga-muga harga sapi gancang

turun deui nya, Lo.”“Asa teu mungkin ari kudu turun

hargana mah.”“Ari kitu, muga-muga naon atuh,

Lo?”“Muga-muga baé réa kénéh anu

kabedag kurban sapi, sok sanajanhargana kawilang mahal.”

“Amin.”“Lantaran kapan taun kali urang

bisa curak-curak ngolah sarta nuangdaging babarengan téh.”

“Bener, ari kituna mah. Tapi…”“Tapi kumaha, Mang?”“Papadaning kitu….”“Enya tapi téh papadaning kitu.”“Urang ulah nepi ka poho kana

hakékat Idul Adha.”“Yaktos.”“Nyaéta nyurahan deui sarta

nula dan kana lalampahan NabiIbrohim jeung Nabi Ismail, anungalantarankeun ayana kawajibankurban keur jalma anu mampuh.”

“Yaktos. Éta pisan nu utamanamah.”

“Papadaning kitu….”“Ih, kadinya deui geuning,

Mang?”“Urang minangka manusa éstu

manusiawi lamun engké ngarasaatoh meunang bagian daging kur-ban, Lo.”

“Komo lamun daging sapi mah,Mang.”

“Enya. Mana komo kiwari dagingsapi téh keur mahal.”

“Leuh.”***

Sapi Deui

56 Manglé 2445