sabi lulu ngan

Upload: diky-kurniawan

Post on 13-Oct-2015

50 views

Category:

Documents


0 download

TRANSCRIPT

SABILULUNGAN

Sabilulungan, dasar gotong royongSabilulungan, sifat silih rojongSabilulungan, genteng ulah potongSabilulungan, persatuan tembong

Tohaga, rohakaTeguh rengkuh perbawa sabilulunganSatia, sajiwaSegut singkit ngabasmi pasalingsingan

Sabilulungan, hirup sauyunanSabilulungan, silih pikahemanSabilulungan, nulung tinulunganSabilulungan, kukuh persatuan

Santosa, samaptaTeuneung ludeung ngajaring kawibawaanSaihwan, sapahamNagri nanjung berekah sabilulunganKARATAGAN PAHLAWAN

Teu honcewang sumoreangTekadna pahlawan bangsaCadu mundur pantang mulangMun maksud tacan laksana Berjuang keur lemah caiLali rabi tur tegang patiTaya basa menta pamulang tarimaIkhlas ridho keur korban merdeka

Sinatria danalagaBela bangsa jeung nagaraDibarengan tekad suciBerjuang keur lemah cai Teu ngingetkeun ka dirinaAsal nagri bangsa waluyaKadar jembar raharja mukti wibawaGembleng tujuan Pahlawan Bangsa

KARATAGAN PEMBANGUNANKABUPATEN BANDUNG

Bandung, Kabupaten Bandung

Dina iuh-iuh gunung2X

Dina aisan CitarumHaget sumangeut ngaheuyeut dayeuh

Ngesto amanatna galeuh maneuhNgesta budaya kerta raharjaNgariksa dulur ngaraksa lemburWarisan para leluhur

Hayu ngawangun sing jucungPadagang jugala patani marugiPagawe rancage walagri nyantriSomeah hade kasemah menakCacah sarua senang kurip gustiWaras abdi

Bandung repeh rapih Kerta Raharja

MANUK DADALI

Mesat ngapung luhur jauh di awang-awangMeberkeun jangjangna bangun taya karingrangSukuna ranggaos reujeung pamatukna ngelukNgapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul kana tandangnaGandang jeung pertentang taya bandingannanaDipikagimir dipikaserab ku sasamaTaya karempan kasieun leber wawanenna

Manuk Dadali manuk panggagahnaPerlambang sakti Indonesia JayaManuk Dadali pangkakon caranaResep ngahiji rukun sakabehna

Hirup sauyunan tara pahiri-hiriSilih pikanyaah teu inggis bela patiManuk dadali ngandung siloka sinatriaKeur sakumna Bangsa di Nagara Indonesia