mangle 2468

57

Upload: mitrasunda

Post on 24-May-2015

2.319 views

Category:

Education


30 download

TRANSCRIPT

Page 1: Mangle 2468
Page 2: Mangle 2468

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun

No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),

Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG

RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL

PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib rata, Ny. Hana

Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendra yana, Eep Nandang

R, Dede Syafrudin, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETA -

RIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, SEKRETARIS :

Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA

RUPA/PRA CETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,

KORES PONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega

Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). IKLAN Unay Sunardi, Dedi As-

marahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM

Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S., Ade.

Lir cai nu ngocor di walungan, kumaha ti girangna.Mun ti tonggohna hérang ka hilir gé moal boa.Ngan, mun ti sunggapanana kiruh, tong miharep

ka hilir bakal hérang. Kitu deui pamaréntahan, nu pang-pentingna mah huluwotanna.

Ganti pamaréntahan lima taunan, sakuduna mahmedalkeun harepan. Hadé-goréngna garapan gawépamarén tahan natrat karasa ku balaréa. Satutas niténanjeung ngararasakeun salila lima taun katompernakeunbakal écés lebah mana héngkérna, lebah mana punjulna.

Sanggeus kitu, kari nangtukeun tangtungan. Apan,ajén pamaréntahan lima taun ka hareup, ditangtukeundina pilihan umum jeung pilihan présidén 2014.Hartina, nu meunang kapercayaan ti masarakat bohlégis latif boh éksékutif, bakal mangaruhan kana kahiru-pan masarakat lima taun ka hareup.

Dina sistim pilihan umum kawas kiwari, huluwotan -ana ajén pamaréntahan téh gumantung ka partéy puli-

tik. Sabab, nu diasongkeun jadi caleg jeung caprés/ -cawaprés kumaha partéy pulitik.

Dina nyanghareupan piliheun nu ditawarkeun kupihak partey, sabenerna rahayat boga kakuatan. Copelnaboga ‘daya tawar’ nu mun dipaké kalayan hadé, bakalmangpaat keur balaréa. Da, hasil pilihan téh gumantungka nu marilihna.

Miharep hasil pilihan umum, mémang gumantungka sababaraha pihak. Di antarana, deuih tanggungjawab ‘bobotoh’ atawa tim suksés téa. Da, arinyana nubiasa ‘mulas’ calon sangkan kalandep ku balaréa gé. Nya,tangtu wé, ketak kitu gé ilahar naker, lantaran nungaranna ‘tim suksés’ mah balad-balad pihak calon.Ngan, upama mikirna demi kapentingan wargasakumna, tangtu, ketak tim sukses gé lain ukur keurkauntungan pribadi. Hartina, najan jadi bobotoh,sawadina ngutamakeun kapentingan masarakatsakumna.***

Mémérés di Girangna

LLawangSakéténg

Page 3: Mangle 2468

LAPORAN

Kakarén Sora Silung

Lima Taun ka Tukang

........................................................... 8

IMPLIK - IMPLIK

Ngalanglang Gunung Kumbang

Nyusud Tapak Sunda Bihari

......................................................... 10

H. Uu Rukmana

Ngajurung Kaludeung Sunda

......................................................... 48

NU MANEUH

Lawang Saketeng ............................... 1

Kaca Tilu ............................................ 3

Nyusur Galur .................................... 12

Munara Cahya ................................... 14

Tanya Jawab ..................................... 16

Aweuhan ........................................... 41

Gedong Sate ...................................... 42

Katumbiri .......................................... 44

Bale Bandung .................................... 50

Mangle Alit ....................................... 51

Tarucing Cakra .................................. 55

Lempa Lempi Lempong .................... 56

5TAMU

Drs. Inding Gusmayadi, M.Si., Apt.;

Miara Kaséhatan, Maké Resép Karuhun

Po

tre

t : R

eis

ya

n

Resep lamun kumpul jeung babaturankeur di SMP, prukrok. Aya anu geus

pangkat propésor, doktor, jeung doktermani pabalatak. Sumawonna sarjana

hukum jeung insinyur mah. Teu aya anurobah. Angger wé ngoronyohna mah.Ngan anu jadi pangusaha jugala tém-

bong rada béda téh. Hawa dunyameureun. Maké aya anu nyureng sagala

rupa.........

Reuni

JAGAT WANGWANGAN

( 17 - 40 )

Redaksi Majalah MANGLÉ nampi mangrupi-rupi seratan ti mitra MANGLÉ, bohfiksi atanapi non fiksi. Seratanana mangga kintun ngalangkungan pos ka Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 atanapi ngalangkungan email: [email protected] cc: [email protected] seratan teu kenging hilap ngangge identitas diri sareng potret. Seratankaryana tangtos kenging honor.MANGLE ogé nampi kritik sareng saran ti mitra MANGLE, kanggo kritik sarengsaran tiasa ngalangkungan pos atanapi e-mail nu tos kasebat. (rédaksi manglé)

Page 4: Mangle 2468

3Manglé 2468

KKacaTilu

Badminton

Bandung Juara. Éta téh cacan-dran Ridwan Kamil minangkaparancahna dina enggoning

ngurus jeung ngariksa Kota Ban-dung. Juara dina naon waé? Tangtu -na gé dina sagala rupana. Iwalkorupsi. Tapi saayeunaeun mah cankarasa hasilna, da mémang butuhwaktu. Moal lila sugan, da di Ban-dung mah sagala nyampak. Rupa-rupa poténsina tara kungsi saat.

Nu ayeuna keur gedé haté lan-taran bisa jadi juara téh GitaWiryawan. Dina All England minggutukang Indonésia bisa ngagondoldua gelar, ganda campuran (Lilyanajeung Tontowi) jeung ganda putra(Ahsan jeung Hendra). Lilyana jeungTontowi mah komo, jadi juarana téhgeus noron tilu taun. Gita Wiryawan,nu ayeuna keur miluan kana kon-vénsi calon presidén ti PartéyDémokrat, meujeuhna mun ngarasaagul. Waktu Gita diparilih sina jadiKetua Umum PBSI loba anungajebé ngan. Naon urusanana Gitakudu nyekel organisasi badminton.Éta mah rék diarah duitna wé.

PBSI sigana hiji-hijina organisasiolahraga di urang anu geus bogadana abadi. Euweuh alesan lamunpréstasina moyodok téh. Hiji-hijinanu bisa dituding, nu ngurusna wé nueuweuh kabelul.

Ari Bandung apan sakitu natrat -na sajarahna dina urusan badmintontéh. Juara All England anu mung-garan ti urang, dina taun 1959, TanJoe Hok, apan pituin urang Ban-dung. Atuh nu béh dieuna aya Chris-

tian Hadinata, Ivana Lie, Iie Sumiratjeung Taufik Hidayat. Lamundilébaran nepi ka saJawa Barat, di-tambah deui ku Chunchun, ImeldaWigoena jeung Susi Susanti. Naondeui anu kurang?

Ceuk bahasa sepuhna mah, tapaklacakna geus aya, ngan kari nuluy -keun. Karepna mah geus dihanca tibéh ditu kénéh. Iie Sumiratdijeujeuh keun sina boga gedongpikeun dikokolakeun. Maksudnatangtu wé supaya ngalatih nungarora sangkan préstasi urang Ban-dung hususna bisa terus nyambung.Taufik Hidayat salasaurang hasilnatéh. Atuh Susi Susanti sanggeus jadijuara dina Olimpiade Barcelona, nyakitu deui. Ngadegkeun saranabadmin ton di Tasik. Duka kumahabéjana ayeuna.

Matak lamun Ridwan Kamil bogaparancah Bandung Juara, munasa bahpisan. Éta téh kakara dina olahraga,hususna badminton. Acan dinawidang nu séjénna. Atuh lamunteung geul deukeutna Persib bisa jadijuara, ét gé geus aya tapakna. Komoda Persib mah sasat geus diurussagala rupana. Bobotohna anu fana tikmoal aya tandingna. Atuh dina uru-san duit pan geus lila dibébérésna téh.Kacida pantesna lah lamun taun ieubisa jadi juara téh.

Ari ngurus sagala rupa, kaasupolahraga, apan teu bisa tép téwéwét.Kudu leukeun, sabar jeung benerdina sagala rupana. Dina perkarabadminton upamana, harita di Ban-dung téh aya kleub Kotab jeung Mu-

tiara. Kleub Kotab diurusna kupamarén tah Kota Bandung. Nahaayeuna aya kénéh? Asa teu patikacatur keun préstasina.

Anu kabéjakeun kénéh temenwekel ngurus badminton téh kleubDjarum di Kudus, Jawa Tengah.Pabrik roko nu ngurusna téh, kaasuptanggungjawab dina ngamodalan -ana. Asa papalingpang dina lebahdinyana mah nya. Samentara terusngabina badminton, ari produknadiwuwuhan ku labél MerokokMembunuh mu.

Naha Kang Émil di Bandungbakal ngajak pausahaan pikeunngahirupkeun deui badminton?Dina turnamén All England kamari,apan para pamaén ti urang marakékaos blibli.com. Meureun éta téhsalasahiji gawéna Gita Wiryawannya. Ayeuna mah da mémangusumna kitu. Lain nagara teu sang-gup ngabayuanana, ngan partisipasiti pihak séjén gé beuki dieu beukikarasa perluna. Lumrah di mana-mana gé. Jeung warani mayar mahaldeuih maranéhna mah.

Komo deui ieu. Najan jolna tiRidwan Kamil tapi parancah Ban-dung Juara téh kudu jadi cecekelansakumna warga Bandung. Kaasuppara pengusaha anu salila ieu meu-nang rejekina di kota Bandung. Geusdiiket, geus dipangsi, atuh nyarita kubasa Sunda mayeng sarebo sakalingomong Inggris unggal Kemis,bakal leuwih karasa mangpaatna,jeung jadi kaagulan, lamun dibare -ngan ku jadi juara. AM

Page 5: Mangle 2468

Naha Teu Era?

Sampurasun!

Daramang AisPangampih Manglé? Haturnuhun atuh pami daramangmah. Margi éta pisan nudipiharep. Lantaran, meur -eu nan upami teu daramangmah, Manglé téh moalmedal deui. Padahal keursimkuring mah Manglépisan nu dipikameumeutmah.

Nyi Manglé anu geuliswaé, punten simkuring ngi -ring nyerat perkawis moralbangsa. Margi niténanmangsa kiwari, geuningloba kénéh jalma nu teualeucreug, padahalmaranahén ana téh ngalartijeung pinter.

Keur simkuring mah ayanu pati betah karasasa kupolah hiji jalma nu teu érangabolékérkeun urusanpribadi sorangan. Padahaléta urusan téh teu aya pisanpulunganeunana. Saha étatéh? Ah moal disebutkeunari ngaranna mah, ngansidik sok katempo dina tipinu kiwari jadi tongtonanbalaréa. Beu! Manéhnajalma pinter tapi hanjakalna

teu boga budi pangarti.Kaciri mung saukur nga -jurung nafsuna, padahalmanéhna sorangan soknepikeun bebeneran jeungcenah sok mélaan nu bener.

Aya deui kajadian nu ki-wari keur geunjleung,nyaéta nu meunangkatideresa balukar korupsigedé-gedéan. Eta ogé beteuweuh kaéra, bet euweuhrasa salah. Lamun dipikir,naha bangsa urang teu ayadeui jalma-jalma nu jujur?Padahal éta téh jalma pinterdeuih. Hanjakal pinternatéh kabalinger.

Teu saukur kasus ko-rupsi, dalam nelahan patiogé kiwari mah jiga nubiasa. Nyawa manusadisarua keun jeung sasatoan.Naha bet wani jeung tégangalakukeunana? Tangtusaméméh jadi kasalahanpolah sorangan, meureunanieu téh balukar atikan moraljeung ngabebenah bangsanu tanpa tujuan. Disebuttanpa tujuan, da mémangkarasa pisan. Masing-ma -sing diri téh buktina mahkeur lomba-lomba lain keurkamangpaatan, lain keurnulungan bari dirina jujurhayang nulungan. Tapi sidik

nu kasaksian téh keur nara-jang sipat individualistik.Aya saeutik hayang nulu -ngan pédah keur butuh.Lamun teu butuh mah boro-boro hayang nulungan.

Tah, kaayaan sapertikitu, simkuring meredih. Nukahiji ka pihak nu boga tipi,ulah diabur teuing tong -tonan nu teu jadi tungtunan.Naha aya? Sidik jelas pisan.Program nu nyarumputdina widang seni,maranéhna teu ieuh miki-ran kumaha balukarna kanamoral. Kabiasaan uget-igetbari némbong-némbongorat jaba némbongkeun kul-tur batur, apan unggal peu -

ting dikaluarkeun ku étatipi. Budaya nu nga-datangkeun hawa nafsugeus teu jadi panalingapihak nu boga kakawasaanéta tipi. Nu kadua, kapamarén tah nu bogakawasa, sing wani nyarék nuteu penting ditayangkeun.Ari sabalikna, kana masalahatikan naha bet dimomoré -keun pisan?

Sakitu waé. Haturnuhun Nyi Manglé nuparantos ngamuat seratsimkuring.

Wassalam,

Mang DidinTi Majalaya Bandung

Manglé 24684

KKoropak

NgalereskeunDina Manglé édisi 2467 aya kalepatan téhnis ngalebet -

keun ilustrasi gambar. 1. Dina rubrik Lawang Saketeng, gambar ilustrasina

teu luyu jeung eusina. Ku kituna, gambar nu midang di-anggap teu aya.

2. Rubrik Lempa Lempi Lempong, dimuat deui luyujeung gambar sakedahna dina édisi ayeuna 2468.

3. Rubrik Tarucing Cakra, dianggap teu aya. Nuleresna baris dimuat deui dina édisi ayeuna 2468.

Ku kalepatan ieu neda hapuntenna, mugia nedatawakufna. Mudah-mudahan kapayunna henteu kajan-tenan deui.

Redaksi

Majalah Manglé

Nyayogikeun buku-buku Sunda terbitan

PT. Kiblat Buku Utama sareng Pustaka Jaya.

Tiasa digaleuh di Toko Buku Manglé

Jalan Lodaya No. 19 Bandung.

Telepon 022-7303438,

Hp. (Tuti) 0857 21307232

1.Tatarucingan

Rp. 15.000,-

2.Kabungbuleungan

Rp. 40.000,-

3.Cahaya Gumawang

dina Ati

Rp. 20.000,-

Page 6: Mangle 2468

Loba nu ukur wasa ngusap dadamun ngabandungan rahayat teubisa tatamba. Keur rayat leutik

mah, hayang ‘cageur’ gé hésé-bélékénaker. Padahal, rumah sakit nyampak disaban tempat, atuh komo deui Puskesmasnepi ka desa-desa. Tapi, nya kitu, rahayatleutik mah loba kénéh nu teu kapaliré.“Saleresna kawijakan pamaréntah mah,hususna widang kaséhatan mah saépisan. Mung, hanjakal larapna mah teudugi ka nu dipiharep, boh ku nungarencanakeun ana boh ku masarakatna,pangpangna tacan nyugemakeunmasarakat,” ceuk Drs. Inding Gusmayadi,M.Si., Apt, Dosen Universitas Muham-madiyah Prof. Dr. HAMKA, Jakarta.

Ti baheula mula, saperti dina jamanOrde Baru aya program Keluarga Beren-cana, Posyandu, Puskesmas-puskesmas

di Kacamatan malah nepi ka désa-désa.Kawijakan kitu ceuk Inding mah, hadépisan. Kitu deui satutas Orde Reformasi,najan sual KB kungsi melempem, ayeunamah giat deui. “Ngan, nya kitu apanseuseueurna mah mung “lips service”alias omong doang (omdo), saur urangBatawi mah. Ukur saé dina rencana,larap na mah jauh tanah ka langit,” pokna.OMDO saur barudak gaul ayeuna mah,saé dina rarancangna wungkul, tapi dinaémprona pelaksanaan mah jauh tanah kalangit.

Contona cenah, masalah SJSN (Sis-tem Jaminan Sosial Nasional) nu mang -rupa program nasional taun 2014,sakumna masarakat bisa tatamba kalayanharatis téa. Pakarepan kitu hadé kacida.Tapi, larapna mah, angger wé pabaliutkénéh. Hartina, mémang aya ari nu

ngalaksanakeun éta program, tapikarasana ku rahayat mah hésé-bélékénaker. “Misalna anu tos gaduh JAM-SOSTEK gampil cenah robah janten jami -nan Ketenagakerjaan. Tapi, ih da dinapalaksanaanana teu écés,” pokna semuhanjakal.

Samistina, ceuk ieu teureuh Ciamis,Jawa Barat téh, para pagawé di lapangan -ana nu kudu ditataharkeun téh. Misalnawaé ku cara palatihan heula nu daria.“Saterasna hasil palatihan téh dilarap-keun di lapangan nu sabenerna, ulah ukursimulasi bari kaayanana diréka-réka,”pokna.

Dina jaman sarwa maju, kaasupwidang kaséhatan, panalinga kana kasakitgé kudu leuwih daria. Beuki dieu mémangkasakit téh beuki loba rupana. Lantaran,hiji kasakit téh teu saragam, bisa rupa-

5Manglé 2468

TTamu

Paniatan pamaréntah

miara kaséhatan masarakat

mah alus. Ngan, da teu

cukup ku karep wungkul.

Naon palakiahna sangkan

masarakat tetep séhat?

Naha enya resép kaséhatan

karuhun Sunda ‘matih’

kénéh keur miara

kaséhatan? Kumaha ceuk

dosen Farmasi UNTAG

UHAMKA teureuh Ciamis?

***

Drs. Inding Gusmayadi, M.Si., Apt.;

Miara KaséhatanMaké Resép Karuhun

Page 7: Mangle 2468

rupa. Mun baheula mah digubedkeun,misalna, disebutna téh kasakit konéng,tapi ayeuna mah ditetek deui warna-warnina. Jadi, kasakit konéng gé bisarupa-rupa, anu intina mah panyakit ayadina ati. Ati ruksak alatan sababarahasabab, bisa karacunan, bisa aya bakteri,aya lantaran virus, anu saterusna bisangabalukarkeun haté urang anu pungsinangaluarkeun racun, jadi teu bisa ngaluar -keun racun tina badan.

Ubar KaruhunNu tumali jeung kaséhatan, ceuk ieu

alumni Farmasi Universitas Gajah Madja(UGM) téh, loba rambat-kamaléna.Misal na waé, kasakit gé bisa raket tumali -na jeung kadaharan. Mun, ukur nyumpo-nan pangabutuh dahareun gé ngarasasusah, atuh nu jadi tinimbanganpangheulana mah, lain kadaharan alus,tapi nu penting aya, najan sabenerna mahjauh tangéh keur ukuran kaséhatan. Dinakaayaan masarakat kawas kitu, bisa jadingabalukarkeun awak teu séhat, nuantuk na mah loba nu gering. Lian ti éta,aya ogé nu lantaran kabawa ku ‘sakaba-kaba’. Saperti OKB (orang kaya baru),dina barangdahar gé bisa tuturut mun -ding. Batur ngadalahar fastfood, miluanngadahar da géngsi téa. “Padahal mahkatuangan urang Sunda kaasup katua -ngan séhat, lalaban téh saleresna mah saépisan dikonsumsi. Lian ti seueur ngan-dung antioksidan, ogé serat, mineral-mineral sareng vitamin-vitamin,” cekInding nu ogé aktip di PERHIPBA (Per-himpunan Peneliti Bahan Obat Alami)témbrés. Malah karuhun Sunda ge geus

maraké obat-obatan nu payus keneh keurkatuangan sehat mangsa kiwari. Sapertiantanan, lampuyang, jawér kotok, ki-tolod, handeuleum sareng sabangsana.Lampuyang keur ubar nu tos ngajuru, ko-neng temen keur ubar napsu barang-tuang, daun baluntas keur bau awak,antanan kanggo ubar raheut, ogé pucukdaun jambu batu keur diare. Ngan han-jakal cek Inding, éta katuangan séhat tikaruhun téh teu dimumulé saperti nudipolés jadi jajamu di Jawa. “UrangSunda mah kirang merhatoskeun kanaubar karuhun. Rupina, pédah tos ngaraosbiasa sok naruangan lalab-lalaban,”pokna deui.

Kasehatan mémang penting pisan.Nu gering gé misti diubaran, kajeunkumaha carana! Matak, teu anéh upamaka dieunakeun pangobatan ‘alternatif’ gébeuki mahabu. Sabenerna, ceuk ieu ahliobat-obatan téh, pangobatan alternatiptéh lain ukur maké obat herbal, da bisawaé ‘pijat’ refleksi, tusuk jarum jeungsabangsa na. “Ari nu disebat obat herbalsaleresna mah sami sareng jajamu.Bahan-bahan obatna asalna tina tutuwu -han, sasatoan atawa bagian-bagianana,naha daun, buah, tulang, kulit jeungsajaba na. Obat herbal mangrupa obatalter natip, atanapi pilihan séjén lian tiobat kimia. Diolahna basajan, sapertidigodog, diparud, digeprék atawa digerusterus diperes, saterusna diinum,ditémpél keun atawa dioléskeun kanabagian awak nu karasa teu sehat,” poknaimeut naker.

Kiwari mah obat herbal gé loba nu di-olah sacara modern, bahanna disarikeun

atawa diekstraksi, nu diarah saripatinawungkul. Saterusna, diolah dijadikeuntablet, kapsul jeung sajabana. “Tapisaleresna obat anu sapertos kitu tos teutiasa disebatkeun obat herbal deui, da tosbénten tina bentuk aslina,” cek pangurusIAI (Ikatan Apoteker Indonesia) Jakartatéh.

Keur kaséhatan masarakat, ceuk ieuApoteker nu kungsi tolab élmu di Aus-tralia téh, ubar tina tutuwuhan téh aluspisan keur kaséhatan, asal teu dicampurku obat kimia. “Mung seuseueurna obatherbal mah langkung cocog kanggo miarakaséhatan batan kanggo nambaan. Tahanu janten masalah dina waktos ayeuna,seueur pengobatan alternatip, utaminaanu ngaku nganggo herbal sering disebatherbalis, nanging dina prakna ngobatandicampur aduk sareng perdukunan,dicampur sareng obat kimia, dicampur‘penipuan’, nu ahirna pasén téh siga nuenya cageur padahal jero-jerona mahpanyakit na leuwih parna,” pokna.

Ku lantaran kitu, cenah, nu kudu di-watesanan téh lain obat herbalna, tapi nunambaanana. “Mun bukti méngpar tinatetekon pangobatan herbal nya kududitindak,” pokna tandes.

Kaséhatan gé raket tumalina jeunglingkungan. Saperti di Tatar Sunda JawaBarat nu baheula éndah alamna, ayeunamah geus salin rupa. Lian ti kitu, padu-muk nu tuluy-tuluyan nambahan, beukipadedet padumuk, ogé sok ngabalukar -keun lingkungan beuki ruksak. “Tumalisareng demografi tiasa jadi ageungpangaruh na kana kasehatan masarakattéh. Undakna jumlah padumuk nu kacida

Manglé 24686

TTamu

Inding Gusmayadi (calik palih kénca). Waktu di Curtin University of Technology Australia Inding Gusmayadi (x) waktu leutik

Page 8: Mangle 2468

lobana, ngabalukarkeun alam sabu -deureun ana ruksak. Nu tadina asri, pinuhku tatangkalan, pasawahan umpluk-aplak, wahangan hérang, robah jadilingkungan anu keumeuh. Tah, nu kawaskitu gé bisa jadi turunna ajén kaséhatanmasarakat,” pokna.

Tibelat ka Sarakan Ciamis

Upama ayeuna Drs. Inding Gusma -yadi, M.Si., Apt., icikibung dina widangkaséhatan, da mémang angen-anegnna tibubudak. Keur leutik gé kahayangna téhjadi dokter. Da sakanyaho baheula mah,nu sok nambaan nu gering téh dokter jururawat atawa mantri. Kanyahona kitu, In-ding gé boga anggapan, nu bisa nulunganbatur mah, jalma nu gedé mangpaatna.

Ieu Apoteker nu ogé dosen téh, lahirdi tutugan Gunung Sawal, di KampungBangbayang Kidul, Desa Bangbayang, nuharita mah katelahna téh Desa Cieurih(Taun 80-an dimekarkeun janten 2 desa,Desa Cieurih sareng Desa Bangbayang),Kacamatan Cipaku Kabupaten Ciamis.“Abdi mah ti lembur singkur. Malihansesah kapendak sanaos dipilari dinaGoogle Map ogé,” cek Inding alumniSMAN Kawali angkatan 1983 nineung kamangsa baheula.

Tapi najan urang lembur, kananyuprih élmu mah tetep sumanget naker.Kitu téh, lantaran teu weléh meunangpapa tah ti ramana. “Tong tinggaleunSolat, ulah masiat! Kudu handap asorulah adigung-adiguna, kudu hampangbirit. Mun migawé hiji pagawéan kuduanggeus!” pokna malikan kekecapanrama na, H. Enos Kusdanamiharja (alm.)atawa katelah Haji Muhammad Nuh,pangsiunan kepala sakola. Nya tangtu wé,

barudak junun diajar téh, lantaran panga -ping ibuna deuih, Hj. Ratna Komala(almar humah).

Tumali jeung diajar, jinek kekeca-panan gé. Cenah, ramana mah, moalngawariskeun harta, da teu boga, tapimun ménta élmu sok sakola sakurang-kurang na taman SLTA. “Alhamdulillah,sadudulur sarakolana lulus minimalSLTA, tina dalapan urang sadulur opatanneraskeun ka paguron luhur, opatan deuilulus SLTA, nu saurang lulus SMA,saurang lulus SMEA, sareng saurang deuilulus Madrasyah Aliyah,” saur ieu carogéRita Kardia, S.Sos téh. Atuh tina peurah -na doa ti sepuhna, Inding gé ahirna bisanyuprih élmu ka UGM nu mangsa harita,mémang teu babari bisa asup ka paguronpavorit samodel UGM mah. “Ngan haritamah, milih farmasi teh teu ngahaja, lan-taran sama sakali teu terang naon duniafarmasi téh,” pokna.

Sabada lulus ti Farmasi UGM, taun1993, Inding kungsi digawé heula dipabrik obat, “Tapi, teu betah kaluar deuiwé,” saur ieu rama Hadiyan MaulanaMuwahid sareng Huzaimah MaulaniMardliyah téh. Nu lalaki kelas opat SD, nuawéwé mah kakara umur tilu taun.

Basa aya lowongan jadi dosen di Uni-versitas 17 Agustus 1945 Jakarta (UNTAGJakarta), inyana ngalamar, tur ditarima.Mimiti jadi dosen Luar Biasa, saterusnajadi dosen tetep. Lantaran Inding loba numercaya jeung jadi dosen teladan sa Uni-versitas 17 Agustus 1945 Jakarta, ahirnaaya dibéré luang keur neuleuman deuiélmu pangweruh. Atuh, dina taun 1997,Inding gé bisa nyuprih élmu di Perth diCurtin University of Technology, Facultyof Education Australia. Di éta paguron di-ajar nyieun kurikulum, teknik ngajar,

pedagogik, assessment jeung sabangsana.Teu cukup ku élmu pangaweruh ti

mancanagara, Inding nu lahir 15 Juli1968, dina ahir taun 1997 kuliah deui S2di Pascasarjana UGM, kuliahna widangTeknologi Farmasi. Lalakon saterusnamah, pindah deui ngajarna, jadi ka Uni-versitas Muhammadiyah Prof. Dr.HAMKA (UHAMKA) 2003-2005kalawan jadi dosen Luar Biasa. Kakaradina taun 2005 diangkat jadi dosen tetepPersyarikatan. Taun 2008 diangkat jadiWakil Dekan I di Fakultas FMIPAUHAMKA, nepi ka taun 2013. “Ayeunamah janten dosen biasa deui wé,” pokna.Ngajarna di Farmasi UNTAG Jakartajeung di Farmasi UHAMKA, di S1 Prog -ram Studi Farmasi jeung di Program Pro-fesi Apotekerna.

Cekel gawé di Batawi, ka lemburkaruhun Ciamis teu weléh sono. Ayakénéh sabaaneun dulur-dulur, barayajeung mertua. Malah keur ubar kasono,Inding gé jadi matuh, lantaran sabulansakali mah, sok ngajar di STIKESMuhammadiyah Ciamis Jurusan D3 Far-masi.

Guluburna kahirupan Jakarta, hatéDrs. Inding Gusmayadi, M.Si., Apt., teuweléh tibelat ka bali geusan ngajadi.Ciamis, banjar karang pamidangan, teuweléh nyésakeun pangalaman éndahmangsa keur budak. Baréto, keur leutik,biasa ulin ka sawah, ngurek, nguseup dibalong, ngabedahkeun, ngala lauk,nyirib, ngaheurap jeung sajabana. Ulinjeung babaturan kumaha usum-usumanana, ngapungkeun langlayanganlanglayangan gugusuran ku palapahkawung. “Pokona mah ka lembur mahmatak tibelat waé,” pokna ngumbarpanineu ngan. *** (Ensa/Rudi)

7Manglé 2468

Inding Gusmayadi (keur rumaja). sumanget nyuprih élmu Sareng ibu rama sabada lulus nyuprih élmu di UGM

Page 9: Mangle 2468

Wanci haneut moyan, nyuru -put cai kopi nu disuguh -keun ku wawakil rahayat.

Kituna téh, mayeng saban bulan. Nuhadir hempak ngadédéngékeun lapo-ran garapan gawé wawakilna nu di-laksanakeun sabulan saméméhna.Saterusna, nu ngariung gé nepikeunkereteg haténa ka éta wakil téh.Akrab, sugema, silihpercaya, jeungsilihajénan. Tah, kitu ketak wawakilrahayat mah, nyaho jeung bisangararasakeun keteg haté masarakatnu milihna. Jangji kompanyenangabukti. Mupus sora silung rahayatnu dialamatkeun ka wawakilna. Dimana éta téh, naha dina résés anggotadewan di Tatar Jabar? Hanjakal, nudicontokeun ku Prof. Dr. KarimSuryadi, M.Si., di luhur téh, lain diurang, tapi di nagri deungeun,saperti nu biasa dilaksanakeun kuBarrack Obama, waktu inyanaanggota senat nagara Bagian Illinois,Amerika Serikat. Cara kitu, mémangkabiasaan senator Illionis nu ogébiasa kasaksén di sabara tempat di étanagri.

Ngadatangan rahayat, ngajug -jugan kahayang jeung pakarepnana,ceuk Prof. Karim mah, wujud tinatanggung jawab wawakil rahayat kanu milih atawa konstituénna. Matak,ngaran éta riungan gé, ConstituentCoffe. Enya, teu jauh ti ngaranna, danu ngariungan téh ukur disuguhansacangkir kopi kalayan lalawuhnadonat hiji séwang. Tapi, cara kitu téh,loba mangpaatna, lantaran garapan

gawé senator téh kudu keuna mama-ras rasa masarakat. Carana, lian tinepikeun garapan gawé nu enggeusjeung eukeur dilaksanakeun dinasaban bulan, ogé garapan gawé sa -bulan ka hareupna deui. Da, mémangriungan téh maneuh sakali dina sa -bulan.

Di urang , mémang aya ‘résés’,waktuna anggota déwan ngadatanganmasarakat di dapilna. “Ngan, nu di-caritakeun dina éta kagiatan téh tarajinek, da puguh éta anggota déwantéh teu boga konsep anu jinek ,” ceukieu Dekan Fakultas Ilmu Pengeta -huan Sosial (IPS) UPI Bandung téh.

Upama wawakil rahayat loba nunguciwakeun, ceuk Prof. Karim, lan-

taran mémang lolobana mah, parawakil rahayat téh teu jinek ajén-inajén na. Saperti pasaratan jadi calegogé teu jinek ukuranana. “Padahal,kudu écés standarna, naon sababnaéta jalma bisa jadi calég?” poknasemu nanya. Patalékan kawas kituogé kudu dilarapkeun ka sakumnacalég boh ka nu masih kénéh jenengboh ka nu anyar.

Nu katitén kiwari, lolobana, ceukieu panitén pulitik urang Bandungtéh, paracaleg leuwih gedé ka-hayangna batan kamampuhanana.“Ilikan wé tina paripolahna boh nukagambar dina poto-potona ogébaliho na, apan lolobana mah ukurnémbongkeun ‘napsu’ hayang kapilih

Manglé 24688

LLaporan

Prof. Dr. Karim Suryadi, M.Si.

Kakarén Sora SilungLima Taun ka Tukang

Jangji kiwari

lain nu bihari. Da, nu bakal

kasorang mah, tacan bisa

dipastikeun ti ayeuna.

Ngan, upama

rahayat inget deui kana

jangji nu teu ngabukti,

kumaha balukarna?

***

Page 10: Mangle 2468

batan némbongkeun kamampuhan,”pokna.

Da mistina mah, cenah, lain ukur‘gumeulis’ jeung ‘gumasép’ dina poto,lain ukur mulas rurupaan kawas‘seleb ritis’, tapi nu leuwih pentingmah, nétélakeun kamampuhanananu geus dilaksanakeun ku dirina numangpaat keur balaréa, copélna dilemburna. “Nu penting mah sangkanaya conto nyata tumali jeung kamam-

puh si éta caleg,” pokna.Mémang, sasaha gé boga hak

milih jeung dipilih. Tapi, ceuk ieuakademisi urang UPI mah, tetep wélian ti kudu ngukur kakujur téh, ogékudu apal kana kahayang jeungangen-angen masarakat nu baris di-wakilanana. “Saban calon kuduwanoh ka masarakat di masing-ma -sing dapilna,” pokna.

Tangtuna gé, wanoh téh, cenah,dina harti anu jembar, kaasup wanohkana budaya masarakatna. “Ulahnepi ka ngungkulan pasualan di hijidaérah ku maké cara-cara di daérahséjénna atawa daérah si éta paming-pin,” ceuk ieu teureuh Subang JawaBarat téh.

Ceuk ieu guru besar UPI Bandung,nu milih gé kudu asak jeujeuhan.Tangtu, cenah, matak milih gésangkan nyugemakeun. Hartina, nukapilih nu panghadéna ti antara pili-

heun anu nyampak. “Milih téh kudunu alus jeung nu dipikawanoh,”pokna.

Dina mangsa butuh sora saloba-lobana, masing-masing caleg téhbutuh balad. Tangtu, butuh pihak-pihak nu jadi panumbu catur antarapihak nu ‘gaduh’ maksad jeung pihaknu rék milih atawa konstituen. Tah,di antara dua pihak bieu, bisa waé aya‘nu nyiliwuri. “Malah, teu jarang ukur

nipu demi kauntungan pribadi si étatim suksés,” pokna.

Tim sukses kawas kitu, atawa‘bobotoh’ nu kitu, bisa akon-akonboga sora loba. Ngaku bisangumpulkeun sora keur kapentingansi caleg nu dibobotohanana. “Pada-hal, ukur nipu ka ditu ka dieu,” ceukieu guru besar nu remen ditanggappamanggihna dina televisi di Batawitéh.

Mahing nu nyiliwuri, hartina,masing-masing pihak, nu rék milihjeung nu rék dipilih, kudu silih-pikawanoh. Nu milih wanoh ka calonnu rék dipilihna, nu rék dipilih wanohkana kabutuh jeung harepanmasarakatna. Kitu ceuk ieu Prof.Karim Suryadi mah.

Ngantengkeun Tatali BatinSora-sora kuciwa, remen kapireng

ku balaréa. Tapi, da teu bisa disingka-

han, malah kitu kuduna, saban limataunan, misti medalkeun harepananyar. “Kari kumaha nu rék milihna,”ceuk Prof. Karim Suryadi. Ngan,tangtu, cenah, misti aya parobahan tinu enggeus-enggeus. “Ulah ukur ra-hayat téh diarah sorana lima taunsakali, geus kitu mah cul wé teu di-paliré,” pokna.

Da, mémang, cenah, remen kasak-sén. Saperti di mana-mana aya‘rumah aspirasi’. Éta téh, maksudnamah, ngajaring angen-angen jeungkereteg haté masarakat nu aya dimasing-masing daérah pilihan.“Hanjakal na, éta rumah aspirasi téhukur dug-deg dina mangsana kompa-nye, lain salila lima taun waktu inya -na jeneng jadi wawakil rahayat,” ceukProf. Karim.

Tempat nu sakuduna jadipangjugjugan rahayat saupamaboga pasualan, lapur lantaran nungadegkeun éta tempat gé teuembol-embol. Atuh, jangji-jangjinagé laas ku mangsa. “Janten,masarakat gé beuki kuciwa nubalukarna, teu anéh upama lobasora silung nu dialamat keun kawawakil rahayat,” pokna.

Geusan ngantengkeun tatali batinantara wawakil rahayat jeung numilih na, perelu pisan aya acara ma-neuh kawas ‘constitueunt coffee’ caradi batur téa. Teu sing hésé, lantarancarana gé apan basajan naker, ukurngadatangan rahayat heug ngariungngadédéngékeun angen-angen jeungbangbaluh hirupna. Teu kudungarasa karoroncodan, da mun téamah, kudu nyuguhan, moal ieuhkudu ngodok saku sorangan, da ayawaragadna saban résés ogé. Tah, étawaragad, cenah, bisa dipaké susuguhmah, rék ukur nyayagikeun cai entéhrek ukur cai kopi ditambah lalawuhnanu pangajina teu sabaraha. “Ku caraayana ‘forum’ kawas kitu, bakaltumu wuh rasa percaya masarakat kawawakilna,” pokna.

Prof. Karim percaya, pasiptanurang Sunda mah, tara ngorobokan.Pasiptan kitu, butuh kasurti ti parapamingpinna. Nya ku lantaran kitudeuih, pereluna pamingpin wanohkana pasipatan masarakatna téh. ***(Ensa/Rudi)

9Manglé 2468

Caleg dipiharep ningalikeun kamampuhna

Page 11: Mangle 2468

Manglé 246810

Salasa Kaliwon, 25 Fébruari 2014, timimiti wanci janari, masarakat anudumuk di sabudeureun suku gu-

nung Kumbang ngabring muru hijipatempatan, ibu-ibu ngaleut ngais bobokobari jeung ngajingjing rantang seng,leumpang mapay pasir di suku gunungKumbang Brebes muru lembur DukuhJalawastu di Desa Ciseureuh, KacamatanKetanggungan, Kabupaten Brebes, JawaTengah. Maksudna, milu upacara adatNgasa.

Tempat anu dipaké keur ngagelar upa -cara adat Ngasa téh “Pesaréan Gedong”atawa sok disebut oge hulu dayeuh kuurang Jalawastu mah. Di éta Pasareannyampak sababaraha urang nu papakéan -

ana sarwa bodas dariuk dina samak. Paraibu tarapti kalayan dijajarkeun nyimpenrupa-rupa kadaharan tina kaolahan sarwajagong.

Kasepuhan anu sok disebut juru kunciPesaréan Gedong nyaéta ki Mahmurbareng jeung para kasépuhan séjénnaleumpang muru ka tempat Pasaréan.Disatuka ngeun rombongan aya ogé KabagHumas dan Protokol Setda Brebes Drs.Atmo Tan Sidik, Kasi Sejarah danKepurbakala an Disparbud KabupaténBrebes, Widjanarto jeung Ir. Titi Yuliatipajabat Bappeda Kabupatén Brebes.

Nurutkeun Dastam, pamangku adatJalawastu, aya aturan atawa pantrangananu kudu disingkahan ku masarakat, diantarana: pamali melak bawang beureum,suuk, kadelé, kacang hideung, jeung ka-cang buncis. Pamali ogé ngawangun imahmaké batu bata, semén, kenténg, keramik,jeung sabangsana. Suhunan imah teumeu nang leuwih ti hiji. Wangun suhunankudu lempeng (wangun saung), pamalilamun wangun paris, inten, joglo, limasan,julang ngapak, jeung sabangsana. Ingon-ingon nu dipantang téh nyaéta: munding,domba, soang, jeung meri. Nanggapwayang golék, ngagantung goong ogé ka -asup anu dipantrangkeun.

“Aya kaarifan lokal (local wisdom) disajeroning aturan adat nu masih di -mumulé ieu téh. “Lamun urang nurutancara tuang anu “végétarian” sapertos anudilakonan ku Guriang Panutus, insya Allah

Ngalanglang Gunung KumbangNyusud Tapak Sunda Bihari

Juru kunci Patilasan Gunung Sagara ki Mahmur (katuhu)

Pamangku Adat Gugun Gunadi, S.Pd (Dastam) nepikeun biantarana dina upacara adat Ngasa.

IImplik-implik

Page 12: Mangle 2468

11Manglé 2468

awak urang bakal séhat jauh tina kasakitgula (diabetes mellitus), kasakit nu geussohor jadi balukar mawa mamala,” kituceuk Gugun Gunadi nu biasa dilandihDastam dina biantara upacara adat Ngasa.

Upacara saperti kieu diayakeun ogé dilembur-lembur lianna di sabudeureunGunung Kumbang saperti di Salagading,Permana, sarta di Ciputih jeung Gandoanganu kawengku ku Kacamatan Salem.

Upacara adat Ngasa téh dilaksanakeunku warga sabudeureun suku gunung Kum-bang. Éta téh turun-tumurun ti mimititaun 1882 jaman pamaréntahan AdipatiArya Candra Negara, bupati Brebes nukasalapan.

Nurutkeun salah saurang sesepuhJalawastu Gugun Gunadi, S.Pd KapalaSDN Ciseureuh 02 nu dina Perdés No. 1Taun 2013 meunang pancén jadi pa-mangku adat, kecap ‘ngasa’ téh bisadiharti keun ngasa-ngasa, maksudnangasaan sangu jagong pikeun nu tacannyoba dahar sangu jagong. Ngasa ogé bisadihartikeun ngaso, reureuh, atawa istira-hat sabada meunang sawatara poé nga-garap sawah ti mimiti ngawuluku,ngagaru, nepi ka tandur. Ngasa diharti -keun ogé du’a. Midu’a ka Nu Mahakawasa,nu ngawasa langit bumi saeusina tinasagala pancabaya nu salilana ngadodohosakabéh jalma, sumawonna nu darumukdi suku gunung. Taneuh rugrug, hujanangin, sato galak, jeung réa-réa deui. Étaperdés (peraturan desa) téh diputuskeunpikeun mitembeyan dina ngalaksanakeunprogram rintisan kampung budayaJalawastu.

Ngariksa Manusa Nurutkeun kapercayaan masrakat di

sabudeureun suku gunung Kumbang nuturun tumurun ti générasi ka générasi,

urang Jalawastu téh turunan patapa saktianu ngaranna Rasul Guriang Panutus.Inya na dibéré pancen ka marcapada kuBatara Windu Buana pikeun nepikeunajaran keur kasalametan umat manusaenggoning hirup di alam dunya. Salilahirupna Guriang Panutus téh ngan ukurdahar sangu jagong, dangdaunan, bung-buahan, beubeutian, jeung tara dahar da -ging. Minangka wujud hormatna kaGuriang Panutus téa, unggal poé SalasaKaliwon dina pranatamangsa kasanga sa-taun sakali nya diayakeun upacara adatNgasa.

Upacara adat Ngasa ieu téh minangkasimbol tanda sujud sukur ka Gusti anuMaha Kawasa kana sagala nimatna.

“Sapertos di daérah basisir aya hajatlaut, di tengah-tengah lembur aya hajatbumi. Nya kitu deui sareng di dieu anucaket ka gunung aya adat atanapi kabiasa -an ti luluhur ngayakeun upacara adat hajatgunung,” ceuk Dastam.

Upacara adat Ngasa ieu digelar tiapSalasa Kaliwon dina Mangsa Kasanga.Gelaran Ngasa ieu dilaksanakeun dina jerosataun sakali.

Drs.Atmo Tansidik minangka KabagHumas dan Protokol Kab. Brebes haritanyuluran ibu bupati anu teu bisa hadir,nétélakeun yén “Sirna ilang kertaningbumi, wong wadon ilang wirangé, wonglanang ilang kaprawirané, lurah ilangwibawané, raja ilang pituturé, lan guruilang piwulangé. Nu hartina Nalikamangsana hiji bangsa leungiteunkawibawa an pamingpinna, nalika jelemakeur aya dina jaman édan, nalika bangsaIndonésia keur nandangan krisiskapaming pinan, para inohong adat masihbisa dipercaya pikeun memenermasarakatna. Lebah dieu perluna pranataadat dimumulé. Di dieu perluna kaarifan

lokal nu aya dina hukum adat dilarapkeundina kahirupan sapopoé.

Pamaréntah ngarojong pisan kanausaha pamaréntah désa Ciseureuh katutpara inohongna enggoning ngawujudkeunJalawastu sangkan bisa jadi “pilot project”pikeun dijadikeun kampung budaya.

Upacara Ngasa dipungkas ku du’adina basa Sunda buhun nu dipingpin kuMahmur (90 taun) juru kunci PatilasanGunung Sagara nu matuh di Jalawastu.Réngsé ngadu’a, acara diteruskeun kanaacara dahar bareng mangrupa sangujagong, deungeun sanguna rupa-rupakayaning: angeun waluh, hui, iwung, jeungbangsaning lalab rumbah nu aya diwewengkon éta lembur.

“Pamaréntah kabupatén mah kantuntutwuri handayani ku nyiapkeun infra-strukturna,” ceuk Ir. Titi Yuliati pajabatBappeda Kabupatén Brebes dinaobrolanana jeung Manglé.

Kitu deui Widjanarto Kasi Sejarah danKepurbakalaan Disparbud KabupaténBrebes. Sapamadegan jeung ibu Titi dinangaronjatkeun karaharjaan masrakat disabudeureun kampung rintisan budayaJalawastu, pamaréntah Kabupatén Brebesgeus tatahar pikeun méré bantuan mang -rupa bibit lauk emas, nila, sarta bibit sapiJabrés (Jawa Brebes).

Lian ti para gegedén Brebes, upacaraNgasa ogé diluuhan ku Redjéh DjuandaCamat Ketanggungan, Sodikin, S.PdKepala UPTD Pendidikan KacamatanKetanggu ngan, perangkat désa Ciseureuhsarta rombongan Kelompok Kerja KepalaSekolah (K3S) ‘Cerdas’ UPTD PendidikanKacamatan Ketanggungan nu diluluguanku Gugun Gunadi. S.Pd.***

(Itang D.S/Uu Trismawan di -sarungsum ku AS)

Rupa-rupa susuguh anu kaolahanana kabéh tina jagong

Page 13: Mangle 2468

Manglé 246812

NNyusur Galur

Tanggal 4 Desember 1980, dumasar kana sk.Menteri Dalam Negri No. 131.32-422Tanggal 1 Desember 1980, jeung Gupernur

jawa Barat H. Aang Kunaéfi, R.h. lily sumantridieureunkeun kalayan hormat tina kalungguhanBupati Kepala Daérah TK. II Bandung, sakaligusdilakukeun sérén sumérén kaungguhan ti R. H. LilySumantri ka Kolonél (Purn) Sani Lupias Abdurach-man,

Kitu deui Ibu Lily Sumantri Ketua UmumDharma Wanita Cabang Kabupatén Bandungmasrah keun kalungguhanana ka Ibu Sani LupiasAbdurachman.

R. H. Lily Sumantri dina upacara sérén sumérénkalungguhan bupati Bandung nganggo saragemABRI héjo lengkep jeung tanda pangkat militérkatut tanda-tanda séjénna, ari kolonel (purn) SaniLupias Abdurachman nganggo saragem sipil.Lianti dileler piagem panghargaan, Bupati Ban-dung manten R.H. Lily Sumantri ngaleler cincinemas. H. R. Lily Sumantri jeneng Bupati Bandungka II, 11 taun langkung sabulan, ti tanggal 4 Ok-tober 1969 tepi ka 4 Desember 1980. Ku kitunasagala rupa kagiatan anu dumasar kana gagasanperencanaan jeung palaksanaan paangwangunansacara pisik calon puseur dayeuh Kabupaten Ban-dung di Desa Balééndah, di Desa Ciheulang jeungDesa Jelekong, praktis dieureunkeun sacara total,dibolaykeun.

R.H. Lily Sumantri diistrénan jadi bupati Ban-dung dina yuswa 41 taun, tina kalungguhan Bu-

pati dina yuswa 52 taun. Saterusna R. H. lilysumantri mulang deui ka Siliwangi aktip deui dilingkungan ABRI. Sabada lapor ka panglimakodam VI Siliwangi, nya sacara resmi ditarimajeung diangkat jadi perwira Menengahdiperbantu keun ka Panglima siliwangi.

Tanggal 17 Januari 1981 resmi diangkat jadikepala Staf Kekaryaan ABRI ngarangkep jeung jadiAsisten Laksusda Jawa Barat. Ti mimiti 1 Oktober1982 dingkat jadi anggota MPR RI masa kerja 5taun. Dipangsiun ti lingkungan ABRI ti tanggal10 pebruari 1983.

Sagala rupa hal anu geus ditaratas ti awal Re-pelita I taun 1969 1970 ti mimiti pembahasan,perumusan atawa gagasan jeung cita-cita nga -wangun puseur dayeuh Kabupatén Bandng diluarkota bandung, di tengah-tengah rayatna sorangan,jeung ti mimiti ngararancang tepi ka tahapan-tahapan palaksanaan pangwangunanana sacarapisik anu ménta waktu 10 taun lilana téh, ahirnadina taun 1980 sacara total kabéh dieureunkeun.Tepi ka kiwari katingal kénéh tatapakanana,gedong-gedong anu geus jadi mah dimangpatkeunkeur kantor, Rumah sakit Al ihsan ngajenggléngagréng, beuki dieu pasénna beuki loba, kajojo kunu daratang ti mana-mendi sabudeureun kabu-patén Bandung.

Kajeun teu tulus jadi puseur dayeuh, sabadaBupati Lily lungsur kaprabon balééndah terusngawangun, malah ngageder. Kitu nurutkeun cate-tan wartawan MANGLÉ, Jalan ka galih purwarti

R.H.Lily Suantri;Mulang Deui ka Siliwangi

Dianti ku Sani Lupias Abdurachman

Page 14: Mangle 2468

13Manglé 2468

pamukiman para wartawan geus ampir teu kati -ngal jelas sabab lebah dinya dugdeg pangwangunanpertokoan, restoran jeung pamukiman. Komplékmiliter ogé geus ampir kakurungan ku komplékpertokoan jeung réstoran.

Kendaraan ti Bandung liwat Bojogsoang anurék ka majalaya-ciparay nyarojot jalan jambatananu brasna ka komplek militer, atuh beuki ramébaé kaayaan lebah dinya téh. Isi jalan kéncakatuhu ti bojongsoang liwat jambatan ayeunamah geus ngajajar toko-toko jeung Toserba pase-lang jeung réstoran- réstoran. Bener-bener geusjadi kota satelit ayeuna mah balééndah téh, kajeunbolay dijadikeun puseur kota tapi jadi ku manéhwawangunan kotana.

Kol. (Purn) R. H. Lily Sumantri dibabarkeun diBandung 15 Januari 1928. Waktu tatahar rék lebetpendidikan di SESKOAD Reguler angkatan ka 8taun 1970 jeung ditetelakeun lulus, harita kénéhkapilih jadi Bupati Kabupaten Bandung nu ka 20ngagentos almarhum Letkol Masturi.

H. Nanang Iskandar Ma,soemKonglomerat Sunda ti CikalangTatang Sumarsono mah nyebutna téh “Gatot-

gaca ti Cikalang”. Éta téh sesebutan keur pangu -saha Sunda anu jugala, Haji Nanang IskandarMasoem, anu ceuk Tatang kénéh, pribadi anumahiwal atawa béda ti batur, nalaktak atawakreatip anu tara ngajentul nangkeup harigu atawaukur nangggeuy gado anu bangun jarauh panineu -ngan. Manusa kréatip mah yakin hakkul yakin,pasti nalaktak, sagala hayang nyaho, hayang nyoba,uteukna muter bari luluncatan tina hiji gagasankana gagasan lianna, tangtu baé hentu gancangputus asa. Kitu pisan Nanang Iskandar Ma,soemogé. Loba gagasan Haji Nanang anu ngawujudjadi rupa-rupa garapan anu kaitung rohaka. HajiNanang iskandar Ma,soem matuhna memang diCikalang Cileunyi kulon.

Al Ma,soem kiwari geus jadi ‘trade mark’ rupa-rupa widang usaha. Ti mimiti kolam renang,apotek, réntal alat berat, KBLH, pendidikan tepika Bank. Teu kaliwat kolompok widang sosial . Arikokojona mah SPBU jeung produk PERTAMINAséjénna. Mimiti ditaratas taun 1950 ku ramanaNanang nyaéta almarhum Haji Al Ma,soem.Mimiti na éstuning teu handap pisan, tina dagangminyak tanah di Rancaékék, sapoéna ukur sablek(20 léter), tapi grafikna nérékél terus tepika jadikolompok pausahaan jugala anu jumlah pagawénaleuwih ti 2000 urang, kapan luar biasa. NanangIskandar cikal tiantara salapan sadulur putra al-

marhum H. Ma,soem geus bisa ngabuktikeun yéndirina mampuh ngajugalakeun pausahaananatepika AL Ma’soem grup nu dipingpina bener-bener jugala, geus dibuktikeun yén urang Sundaaya anu mampuh jadi konglomerat. SPBU Al Ma’-soem aya dimana-mana sakuliah Jawa Barat, AerMineral Al Masoem ti poé ka poé nyumponanpangabutuh masarakat dimana baé mangkukna.Anyar-anyar ieu pingpinan pausahaan Sunda anupangjugalana di bumi Tatar Sunda NanangMa,seom ngagebrag dunya Sejarawan di JawaBarat. Prof. Dr. Nina Herlin Lubis tepi ka ngarasahéran, kakara ayeuna saurna téh aya pangusahaanu sakitu jugalana ngabuktikeun kacintana kanaSajarah. Haji Nanang Iskandar ngahaja ngulemprof. Nina Lubis pikeun maparin sarupaning kuliahumum widang sajarah di universitas WydiatamaJalan Raya Cipacing Saluyu jeung pamundut HajiNanang iskandar Ma’soem, Prof. Nina anu pangala-man welasan taun dina ngaugulung élmu sajarah,ngagalantang ngungkabkeun Sajarah Sunda ti wi-witan tepi ka ahir henteu ngabosenkeun tepi kapara mahasiswa lir anu kasirep ngaregepkeunpedaran Ibu Profesor. Yén Karajaan Sunda kungsiaya, moal bisa diungkir sabab loba kakantunsajarah na. Nu ti Galuh ngalih ka pakuan pajajaran,éta téh Sunda, nya di dieu nyakrawari ngabahudenda , Sri Baduga Maharaja. Dupi nu gugur diBubat, éta mah éyangna Sang Prabu Sri BaduaMaha raja anu mashur Prabu Lingga buana. PaHaji Nanang Iskandar kacida kasengsremna kulalakon tragedi Bubat ieu tepi ka Prof. Ninamundut supaya carita gugurna sang Prabu di tegalBubat ditulis deui maing imeut, leuwih jejeg dibenerna leuwih écés bukti-buktina. Prof. Ninanyanggupan tapi iraha-irahana tacan dipastikeun,masih kudu dirarancang saurna téh. Para maha-siswa di kampus Al Ma’soem kacida aktipna dinatanya jawab jeung Prof. Nina. Para mahasiswa mi-harep supaya acara-acara saperti kitu téh ulahngan sakali baé, tapi kudu sering dilaksanakeun dikampus Al Ma’soem.

Saperti anu geus pada terang, Yayasan Pen-didikan Al Ma’soem tepi ka ayeuna ngalaksana -keun pendidikan ti tingkat SD- SMP - SMA-Pasantren Siswa, ngawujudkeun genersi Cageur=Bageur-Bener-Pinter. Geus boga perguruan tingginu disebut ‘MM UTAMA’ ( UNIVERSITAS Widya -tama) anu fokus kana pendidikan Bisnis anu basis -na Kompetensi E- Busines. Program MagisterManajemen. Widyatama tempat ngamekarkeunkompetensi jeung Muka Karir poé ka hareup.**HRS**

Page 15: Mangle 2468

Manglé 246814

MMunara Cahaya

Hirupna manusa di alam dunya,ngan saukur ngaliwat. Manusadi dunya téh saukur ngumbara.

Lantaran umur manusa mah moal lila.Kitu deui umur manusa téh ngurangan,sarta tiap amal nu dipilampah bakal di-conténgan. Conténgan lampah benerjeung salah ogé moal pahili, lantaran nusaéstuna bakal aya nu marengan,malaikat Rokib jeung Atid nu diutusAlloh robbul izzati keur nulis tiap lam-pah manusa keur bahan tanggung-jawabeun manusa di yaomil hisab alamahérat.

Margi kitu, cicingna manusa di alamdunya kacida rugina upama teu apalkana pibekeleun hirup. Naon téa? Saural-Qur’an, Dzalikal kitaabu laa roiba fiihihudal lil muttaqin. Nyaéta al-Qur’an mi-nangka pituduh keur jalma-jalma nu mi-harep takwa. Dina hartos jalma numiharep sangkan kuat ngalampahkeunnu bener jeung miharep jauh tina lam-pah salah.

Pituduh al-Qur’an ogé lain saukurjadi rohmat tapi ogé jadi tuturus keurbekel nyalametkeun hirup. Lantarandina pidutuh éta seueur pisan élmupanga weruh bahan atikan diri. Naon baéatikan diri nu ngalatarankeun urangbakal salamet? Patarosan bieu hayuurang lenyepan kana tujuh rupa atikandiri keur ngubaran kayakinan ka AllohSwt.

Kahiji, atikan jasmani. Ti mimitigubragna manusa ka alam dunyamangsa leutik nepi ka ayeuna, biasananu pangheula dipulasara mah sualjasmani na. Orok nalika diékahan, dicukur buukna, di ngaranan, éta téhnuduhkeun sangkan jasmani manusakudu kapiara. Mémang kitu kuduna, lan-taran awak urang téh apan ngawengkudua, aya jasmani aya rohani. Jasmani nukatingal, rohani mah nu teu katingal.Geus beuki gedé, sarua awak téh sok di-dama-dama dipiara. Malah teu saeutikasup mangsa murohék mah, mangsahayang ngageulis jeung ngasep, apanawak téh beuki dipiara. Geus déwasaatawa geus rumah tangga, ngurus gé

beuki nambahan. Kitu nu ngaranna jas-mani manusa. Nu tadina jagjag waring -kas, lila-lila mah beuki leuleus beukilungsé. Waktu rumaja tara keuna panya -kit, geus kolot mah apan narémbongan.Kitu deui tetempoan, nu asalna cékasrobah jadi remeng-remeng.

Parobahan jasmani mémang geussunatulloh. Umur manusa bakal ngura -ngan, jasmani manusa bakal ngorotan.Nu jadi patarosan ayeuna. Naon pangnajasmani kudu di urus? Jawabanana loba,tapi nu paling penting aya dua. Kahijisangkan mampuh ngajalankeun tugashirup. Kadua sangkan pinter sukuran.Naon tugas hirup téh? Tandes dina al-Qur’an surat Az-Zaariyat ayat 56,

Nu hartosna, ‘jeung teu pati-patiKami nyiptakeun jin jeung manusa,angin keur ngalaksanakeun ibadah kaKami.’

Sedengkeun nu kadua, sangkan pin-ter sukuran. Kacindekan ieu kaunggeldina al-Qur’an surat Ibrohim ayat 7;

Nu hartosna; Jeung (sing inget),nalika Alloh ngadawuh; Saéstuna upamamaranéh bisa syukuran, pasti Kamibakal nambah kani’matan ka maranéh,jeung sabalikna upama maranéh ingkar(kana nikmat Kami), mangka saéstunaazab Alloh leuwih peurih.

Tandes, di dieu aya palajaran atikankeur jasmani nyaéta tumuwuhna jas-mani nu salawasna henteu saukur beukikuat, beuki séhat tapi aya palajaran

séjénna, nyaéta kudu dipulasaraan kuibadah ka Alloh Swt.

Kadua, atikan kasopanan. Nyaétangalelempeng létah (ucapan) jeungngoméan sakabéh kaayaan turpertélaanana. Ngatik ngadidik ahlak nuhadé éta téh kawajiban. Lantaran upamateu dipiara, teu diatik, lampah bakalsasar. Seueur conto dina al-Qur’an nunémbongkeun gambaran jalma numibanda ahlak mulya. Kitu deui seueurconto ahlak nu mazdmumah atawa nuruksak. Nabi Ismail as. sakitu mulyanalantaran jadi conto dina milampah ahlakka sepuhna ogé ka papada manusa.Sabalik na Kan’an putra Nabi Nuh as, nuingkar kana paréntah Alloh, nepi kakokopéhan kaséréd cai kacaahan.

Seueur gambaran dina al-Qur’an nungabédakan manusa nu ahlakna mulyajeung ahlakna ruksak. Ngan hanjakal,mangsa kiwari polah manusa saperti nulolong. Lampah pimulyaeun dijauhan,lampah piruksakeun di deukeutan.Margi kitu, atikan kasopanan kacidapentingna keur ngajaga hirup di alamdunya. Kudu kamana nyontona? Kang-jeng Rosul jéntré minangka sahidan,saksina kamulyaan agama Islam dinananjeurkeun atikan kasopanan hirup diieu alam dunya. Inna buitsu liutamimmamakarimal akhlak.

Katilu, atikan akal pikiran.Diciptakeun ana manusa téh béda jeungmahluk-mahluk séjénna. Nu ngabéda -keun ana téh nyaéta manusa dibéré akaljeung pikiran. Li ulil albab, nyatanamanusa dibéré akal sangkan benerngalampahkeun papagon hirup. Manusasanggeus dipaparinan alam, ogé lainsaukur keur témbongkeuneun. Tapi di-paparin alam téh sangkan manusa bisangokolakeun keur pimaslahateun.Kaunggel dina surat Al-Imron ayat 190:

Tujuh Atikan Mageuhan KayakinanKu RH. Tarmidzi

Page 16: Mangle 2468

15Manglé 2468

“Saéstuna diciptakeunana langitjeung bumi, silih gantina peuting jeungbeurang, éta téh palajaran keur nubaroga akal.”

Manusa jeung akalna ogé lain saukurkeur pinter tapi dibéré akal téh sangkanaya dina bener. Lantaran lamun saukurkeur pinter, manusa bakal pinter ka-balinger. Saur Alloh, sing inget alamdiciptakeun keur manusa, sangkanmanusa apal kana tanda kakawasaanAlloh Swt. Upama geus apal yén éta téhkakawasaan Alloh, mangsa pék lam-pahkeun tugas anjeun, nyaéta ibadah kaAlloh Swt.

Kaopat, atikan kaparigelan. Nyaétangalatih gawé geusan nyiar rejeki kabu-tuh hirup. Usaha keur nyumponanpangabutuh, dina al-Qur’an kudu di-dasaran ku dua perkara, nyaéta ku imanjeung takwa. Hartina kaditu-dituna mah,naon nu rék disiar, kudu luyu jeungpapa gon agama.

Dawuhan Alloh Swt. "Wama mindaabbatin fil ardi illa 'alallahi rijkuha".Hartosna, sakur mahluk anu kumarayapdi ieu bumi rijkina geus ditangtukeun kuAlloh. Sanajan rejeki geus ditangtukeunku Alloh, tapi ayat saterusna nginget -keun deui, "Waya'lamu mustaqorrohawamustaoda 'ahaa kullun fii kitaabimmubiin. Hartosna, 'jeung Alloh uningakana padumukanana (di dunya) jeungpamatuhanana (sabada maot). Sakabéh -na dicatet dina kitab anu tétéla”.

Urusan rejeki numutkeun hak mah,ditéanganana kudu nu merenah. SababAlloh Maha Uninga kana naon perkaranu dilakukeun ku manusa. Loba jalmanu sok ngajauhan panto rejeki. Salian tipanyakit pangedulan, 'teu bisa digawé'atawa teu payaan. Éta ogé nu nga-balukarkeun jauh tina rejeki. Geuningsok aya basa kolot baheula. Saurna,jalma belik berewit mah sok jauh rejeki".Ieu mémang bisa dirasakeun jeung se -ring kabandungan, jalma nu gindi-pikirbelang-bayah, goréng pucus teu kaopan,digetrik saeutik ngajanggilek pundung,sanajan bari salah, anjeunna tetep teunarima kana naséhat batur. Kitu deui,upama batur meunang rejeki, haténa pu-denghel langsung katerap panyakit 'sirik-pidik, alias iri hati bari boga sikepsuudon téa. Nu kitu, panyakit sirik-pidikbakal ngajauhan rejeki, ku Alloh ogédipikaceuceub sarta ku papada manusabakal dipikasebel téa.

Kalima atikan ilmiah, nyaéta upayangalengkepan manusa reujeung élmupangaweruh anu bener tur ajén guna.Agama Islam téh mulya. Ngan ka-mulyaan agama téh lolobana mah sokdiruksak deui waé ku umatna. Manusanu teu ngalaksanakeun paréntah agamangalantarankeun teu kabita ku Islam.Jalma nu teu kabita ku Islam, lantarandina diri manusa tara dipiara jeung di-pageran. Di piara téh ku lampah hadéjeung dipageran ku élmu pangaweruh nubener.

Ku kituna, kacida pentingna diriurang téh dipiara ku amal ibadah jeungdipageran ku élmu pangaweruh. Lan-taran upama diri urang saukur dipiaraku amal ibadah bari teu dipageran,mangka kadituna ogé bakal gancangrobah. Sedengkeun jalma nu terusna di-pageran ku élmu, mangka jalma étabakal terus napel jeung babari méréconto ka jalma séjénna. “Inna ja’alnaamaa ‘alal ardi jiinatan lahaa linab -luwahum ayyuhum ahsanu ‘amalan.“Saéstuna Kami geus ngajadikeunsaniskara anu aya di ieu bumi jadi pa-paés eukeurna, pikeun Kami nyobamaranéhna saha ti antarana anu pang-hadé-hadéna amalna. (QS. Al-Kahfi : 7)

Kagenep, atikan sosial, nyaétangawanohkeun kana hak-hak jalmalianna. Hirupna manusa teu bisa soso-ranganan. Lantaran kitu, Islam ngajar -keun sangkan kudu apal kana hak-hakmanusa séjénna. Islam kacida mulyanangajarkeun sikep ka tatangga. Islamkacida mulyana, lantarana ngajarkeunsangkan kudu béréhan. Malah Islamngajarkeun zakat, infaq sodaqoh, lan-taran di antarana rejeki nu dipaparin tiGusti téh, lain jang sadirieun tapi ayahak-hak jalma lianna. Islam ngatik kanawidang sosial seueur dijelaskeun dina al-Qur’an. Ngan, hanjakal manusa sora -ngan, sok patojaiyah jeung kakuduanagama. Boro-boro méré sodaqoh, apanngajak hadé ka tatangga atawa silih tulu -ngan ogé apan sok hararésé.Wataawwanu alal birri watakwa, walataawwanu alal itsmi wal udwan. Pék silihtulungan dina jalan takwa, tapi ulah silihtulungan dina jalan kagoréngan.

Katujuh, atikan rohani. Nyaétangaronjatkeun rohani geusan sumam-bung reujeung Sang Kholiq Alloh AzzaWajalla. Dina asal muasalna mah,manusa téh sarua jeung barang séjénna.

Manusa nu diciptakeun tina taneuh,sarua jeung keusik, batu atawa barangséjénna, nu teu aya hargana. Tapisanggeus manusa dipasihan kamulyaan,mangka darajat manusa ditingkatkeun,digolongkeun kana héwani jeung rohani.Tah, palebah dieu, naon pangna manusabutuh ku urusan rohani? Lantaranmanusa téh lemah jeung teu boga kakua -tan. Sanajan katingalna jalma téh pintertur jagjang waringkas, boga jabatanpenting malah bisa tutunjuk keur nitahbatur, tapi sabenerna manéhna téhlemah. Dawuhan Alloh Swt.

Nu hartosna: Alloh baris ngénténg -keun ka maranéh, karana manusa téhdiyugakeun lemah (laip). (QS. An-Nisa:28).

Margi kitu, tarbiyah ruhaniyyahkacida pentingna. Carana? Urangsalawasna kudu deukeut tur sumerahka Alloh Swt nu Maha Kawasa. Lan-taran teu aya hiji jalma nu bakalngaleuwihan kakawasaan Alloh Swt.Hirup nu sakadar numpang dina alamkagungan Alloh, lila-lila mah bakal di-taros tina kelamahanana. La haola walakuwwata illa billahil aliyyil adim.Kalemahan manusa deuih, lain saukurdina raga nu ahirna bakal tepung jeungtaneuh, tapi ogé dina pasipatankagoréngan manusa nu teu bisa ditutu-pan tina diri urang. Sahenteuna ayaopat kagoréngan nu salawasna matakngabolékérkeun kalemahan urang.Kahiji sok tikoséwad kana lolong haté,goréng pakasaban, goréng kadaharanjeung goréng ahlak. Opat kagoréngannu matak tikoséwad kana lampahsalah, hiji bukti manusa téh lemah.Pangna kitu, ruhani urang kudu di -piara, nyaéta salawasna neda pitulungtina kalemahan urang ku cara leketibadah ka Alloh Swt. Mudah-mudahanurang sadayana kagolongkeun kanajalma nu salawasna kénging panang-tayungan Alloh Swt. Amin.

***

Page 17: Mangle 2468

Manglé 246816

PARIBASA nu unina “bengkungngariung bongkok ngaronyok”téa piraku teuing ku urang

Sunda ayeuna maké rék dipuhit ona-man. Da mungguh apan éta paribasatéh geus teu merenah pisan jeung pa-jamanan kiwari. Ayeuna mah jaman -na urang Sunda teu kaci ngotokngowo waé di lembur sorangan téh.Urang Sunda kudu mencar. UrangSunda kudu jarambah. Da geuning aringumbara mah urang Sunda t{eh sokjarareneng, hirupna jarugala.

Mun jadi pagawé pamaréntah,karirna téh sok nyongcolang. Nya kitudeui nu digawé di pausahaan swasta,atawa anu usaha sorangan. Nuarusaha, réa nu ngabogaan pagawéurang pribumi, urang Sundana jadidunungan, jadi bos. Ku kitu téa mahkaharti, naon sababna urang Sundanu ngalumbara karéréanana hirupnakawilang senang. Da apan ari di lem-bur batur mah henteu bisa ngagugu-lung baé kaéra, nagegedékeun“géngsi”. Gawé naon baé, lakar halal,teu burung digarap, sangkan bisamertahan keun hirup (survive). Ari dilembur sorangan mah apan teu weléhgedé kaéra. Migawé itu éra, migawéieu éra, antukna ngahunted, tayapisan nu dipigawé. Pikeun hirupsapopoé, rek ngandelkeun saha deuimun lain kolot sorangan. Leuheungbasa mun boga kolot téh jegud. Anahirupna paspasan atuh matak jadi pa-sualan.

Gubernur Jabar kungsi nganjur -keun malar Urang Sunda, utamanapara nonoman, daraék ngumbara kalembur batur. Basa biantara dinapangéling-ngéling Tepung Taun

Paguyuban Pasundan nu ka-98,Guber nur Jabar netelakeun yén Pa-maréntah Jawa Barat rék ngagerak -keun Program Sunda Jarambah. Étaprogram mibanda udagan malarUrang Sunda, pangpangna paranonoman ana, daraék ngumbara kalembur batur. Pangalaman hirup dilembur batur diterapkeun deui di lem-bur sorangan sabada jagana mulangdeui ka Tatar Sunda. Teu gampangnganjurkeun Urang Sunda malar daékngumbara téh. Malar jarambah, ulahngotok ngowo waé di lembur sora -ngan. Malar nurutan bangsa Cina nuti awal mula geus ngalaksanekun ka-giatan “diaspora”, ngumbara ka manamendi.

Pangna Urang Sunda hésé ingkahti lemburna sorangan téh, ti TatarSunda, ku lantaran gugon kana “ajén-inajén” bihari sakumaha nu kaunggeldina paribasa nu ditétélakeun di luhurtéa. Antukna nya kitu téa, ti mimitinini-aki, anak-incu,katut turunansatuluy na, ngaronyok di imah nu ngansagowok, di tanah nu beuki dieu beukikari sacangkéwok. Nu legana mahapan tanah téh salin jinis jadi pabrik,iwal ti robah jaradi imah téh. Sagalakasengker, sagala teu laluasa. Teumustahil, saban poé teu weléhpagétréng dulur jeung dulur, papa -séan papada baraya. Réa pisanbahlana upama Urang Sunda Kiwarimuhit kana éta “ajén inajén” biharitéh.

Lahirna babasan, nu tuluy sok di-anggap “ajén inajén” téh, tangtudiluyukeun jeung pajamanan harita.“Téks”, babasan téa, tangtu kudu luyujeung “kontéks”na, boh alamna boh

budayana. Urang teu terang, dinamangsa kamekaran budaya jeungkondisi alam Tatar Sunda jigakumaha, kolot urang ngalahirkeunbabasan “bengkung ngariung bongkokngaronyok” téh. Bisa jadi, Tatar Sundaharita téh masih kénéh lega, aripadumuk na, Urang Sunda, can patiréa. Tangtu wé moal kurup mun étababasan téh dibaca deui kiwari. ApanTatar Sunda téh beuki ngaheureutan,da tanahna réa nu geus alih-fungsi. Nuasalna sawah atawa kebon, pan ayeu -na mah geus salin jinis jadi pabrik.Apan padumukan gé jlug-jleg di manamendi. Babasan “bengkung ngariungbongkok ngaoronyok” geus teu mere-nah diterapkeun dina pajamanan ki-wari. Kiwari mah meujeuhna UrangSunda téh jarambah, daék ngumbaraka lembur batur. Da apan ari daékngumbara mah urang Sunda téh sokmaracakal. Mun jadi pengusaha, sokjadi pengusaha gedé. Atuh mun jadiPNS pangkatna téh tara handap-han-dap teuing.

Atawa bisa jadi pangna UrangSunda kudu “bengkung ngariungbongkok ngaronyok” téh ku lantaranbutuh ku tanagana. Apan urang Sundatéh pakasabanana kana ngahuma. Aringahuma téa apan kudu ngabakbakleuweung, sangkan aya lahan pikeunmelak binih paré. Ari ngabukbakleuweung pikeun pihumaeun sok taranguyang tanaga ka tatangga, da puguhjauh jeung tatangga ogé sarua tataharpikeun ngahuma. Antukna nya mi-harep mara sabondoroyot kudu ulahkamanana, kudu “bengkung ngariungbongkok ngaronyok” téa.

***

DI KIWARI MACA BIHARI (36)Catetan Budaya

YAYAT HÉNDAYANA (Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas)

Sunda Jarambah

Page 18: Mangle 2468
Page 19: Mangle 2468

Manglé 246818

CCarita Pondok

TeuteupanKasumkosong. Pase-lang merelekheuay nyang-hareupan

lawang. Kahayangna mahgolédag deui, disimbut,guher tibra. Tapi kudusakola, jaba can nganteur -keun endog ka haji Iwa dapeutingna kaburu kapegathujan. Ceuk indungna tongteuing maksa bisi labuhkuriak nu rék dianteur -keun ana pareupeus. Lapurmoal jadi duit.

Rét ka lebah dapur,nyawang nu keur nyieunkadaangan jang sasarap.Indungna. Moal jauh timenu éta-éta kénéh. Munteu sangu goréng basajan,cukup wé ku sangu karogoréngan atawa bala-bala tiwarung Haji Endun. Tiba-

lik, ari endog ka HajiIwakeun, ladangna di-tukeurkeun kana barangmurah kayaning nu karari -tu wé teri jabrig, tahutémpé. Ngarah amba ceukindungna mah.

Nu disebut dapur téhdeuih tibang kahalanganhardéng. Bubuhan ti tepaska dapur blag baé jiga ulag,jaba ulag anakna. Leutik,heureut. Iwal enggon nudipindingan téh. Kituna géteu ieuh saragam jeungdingding luar nu ku tém-bokan bari can anggeus.Bata beureum naék wétuluy dibanjur tinyuhansemén tamba rembes kajero. Enggon mah cukup kugé-ér-cé. Mirupa témboktéa mah. Sakitu gé uyuhankaiuhan. Alhamdulilahtinekanan indungna bo-gaeun imah. Nu tadina mah

pan keur saung butut téhna taneuh batur. Berekahdeuih najan basajan ti nupangbasajanna teu makéaya bucuran. Manan -manan Haji Iwa nugedongna sigrong, usumhujan mah mindeng néangMang Ahdi tukang bangu-nan da teu ari témboknaseueur nu jemblang.

“Anggur mandi Cum,bisi kabeurangan.”

“Keudeung sakolana gépoé ieu mah Ma ceuk ka-mari gé.”

“Geuning?”“Rék aya acara guruna.”“Rék aya kitu rék aya

kieu angger kudu dibiasa -keun cara sasari. Ké tuman.Endog naeun can dijajap-keun.”

“Nyaaa, arék ieu gé.”Tuluy nguniang. Kenclingka cai nyalindang anduk

pinuh ku ceti.***

“...tanggal dua puluhdua désémber biasa dipe -ringati sebagai hari apaanak-anak?” Ibu guru dihareup.

“Hari ibuuu...” “Kunaon pang kudu

diperingati?”“Margi ibu mah ageung

jasana,” ceuk saurang.“Alus, tuluy saha deui...”“Margi nu ngurus urang

ti aalit.”“Bener, tuluy cung...”“Margi indung mah

eu...nu ngalahirkeun urang.Ngurus, teras...eu...” budakawéwé.

“Uuuh...” diaraukan kubudak lalaki da loba eu-na.

“Jep-jep tong tingaraukatuh.

Enya jasa ibu téh age-ung. Rupa-rupa di antarana

Hari Ibuna EmaCarpon Onnok Rahmawati

Page 20: Mangle 2468

19Manglé 2468

sakumaha nu tos disarebut -keun ku hidep. Cikan tenge-tan kumaha ari mamah-mamah hidep di bumi. Pak-pik-pek di dapur lah,nyeuseuhan pakéan hiedplah, ngurus itu ngurus ieu,bener teu? Malah bari nudidamel ka luar ti bumisapertos ibu gé yeuh kudungajar hidep di sakola,raripuh pisan. Numatakkedah dihargaan ari indungtéeh. Ka kum kaum ibuséjénna lain ema urangwungkul. Aya nini, uwa,bibi, jeung réa deui kaumibu nu kedah dihargaanjasana dina kahirupansapopoé. Ngartos?”

“Ngartooos...”“Geura, kumaha cara

miélingna ka mamah-mamah hidep?” Ibu gurudeui. Nu ngajawab rupa-rupa. Ku cara upacara. Ayanu nyebut ku cara mérékado. Aya nu rék nurutmun dipapatahan. Aya nurék ngadungakeun. Aya ogénu rék babantu di dapur.Lah rupa-rupa abongpamikir budak és-dé. Komobudak lalaki mah ditaros kuibu guru téh kalah ting -kélémés.

“Enya sukur hidep pa -linter. Tos apal kumahacarana meraktékkeunmiéling hari ibu anu nyatadina kahirupan sapopoé.Sanés ayeuna wungkulpédah ninggang tanggal na-sional, tapi kudu salawasna.Kahartos?”

“Kahartooos.”Bari diajar téh si Kasum

campur nagalamun. Munseug indungna téh jadi ibuguru kawas guruna. Capé-tang perténtang ngawulang.Pakéanna saragam. Teuweléh tegep saregep. Nuutamana mah unggal bulannampa gajih. Meureunmoal dug tinetek capéeunteuing. Jaba dihormat kumurid ku masarakat. Atawa

teu indungna ogé manéhnaisukan mun kataékanhayangeun pisan jadi guru.Isuk-isuk mangkat gawépasosoré balik gawé. Gaji-hna rék dipaké nyenang -keun indungna. Cita-cita nutara dibéja-béja. Da saka -lina ngomong ka babatu-ranana gé sok matak nyerihaté, diparoyokan. Dipeu-peuh ku nu aragul. Da ge-uning baturna mahcita-citana téh manilaluhur. Nu hayang jadipilot, tentara, pulisi, kiayi,malah artis. Numatak disi-dem wé ka batur mah iwalti ka indungna.

“Euleuh hayang jadiguru nyah, Cum? Junghayang jadi naeun-naeungé, Jang. Sing pareng. Ngankumaha tuh Ema béyana?Kétang milik mah teumungguhan. Dungakeunwé Ema sing jagjag panjangumur sangkan bisa usahajangeun nyakolakeunhidep. Peupeuriheun Ema,ninggang di anak mahatuh....” bari remenkatangén ku si Kasum téhdisumput-sumput gé in-dungan sok tuluy nyusutancimata.

“Nya sakadar cita-citawé Ma. Pan saur PresidénSoekarno gé gantungkanlahcita-citamu setinggi langit.Cita-cita mah ciga ngimpi,Ma. Keun wé haratis jeunghalal ieuh atuh.”

“Halal haratis ngimpi,cita-cita, nagalamun. Méhsarua. Ngimpi mah hadésaluhur naeun ogé. Munseug keur ngimpi tuluyujang ragrag? Ciriningmanéh saréna kurang katengah, heueuh? Heuheuydeuh,” sok dibauranheureuy indungna mahngarah lééh suasana numatak marudah.

“Si Ema mah,” barimanéhna gé jadi milukaubaran ku seuseurian.

Sakapeung sok nga -bayangkeun indungna téhsiga pamajikan Haji Iwaatawa copelna pamajikanMang Udung tukang baso.Pamajikan Haji Iwa mahberesih baé da tara barang-gawé. Ménak atuh sagalakari nunjuk. Atuh pama-jikan Mang Udung gé teukatempo capé tibang nam-panan, mulangan duit diwarung basona jadi kasir.Nu laladangna mah badega.

Béda jeung indungna.Nu kudu dugtinetek sora -ngan. Jaba aya di lemburtéh kaitung anyar kénéh.Da sababara taun ka tukangmah ti méméh manéhnasakola téka, indungna téhnganclang baé nyaba. Jauhka Saudi. Mulangna gé duataun sakali. Sok diparoyo -kan ku babaturanna, cenah,si Kasum mah indungnakeur néangan duit sagedépanto.

Baréto mah can patinyahoeun kunaon indung -na euweuh waé. Nu jadikolot téh ukur ka nini, aki.Saha nu jadi bapa gé teuapaleun. Horéng ceuk béjati nini akina, bapana téhteuing di mendi ayana tisaprak pipisahan jeung in-dungna gé. Basa Kasum nakandungan kénéh. Nyeripeurih nu jadi indung di -silibkeun kana niat tawekalnyiar rijki najan ka taneuhdeungeun. Jangeun ning -katkeun darajat hirup.Ekonomi nu pejét. Niniakina nyiruruk di taneuhbatur. Jadi mahluk butu -tina. Numatak indungnangagejrad lahaola. Berekahteu cara batur nu remen ka-caturkeun aya nu meunangmamala dipahala dunung -an atawa béja-béja goréngséjénna.

Tina sababara balikantéh kabeuli taneuh indung -na mah, nagenkeun duasuhunan leutik. Jangeun

nyaungan anak cenah,nyéta Kasum. Hiji deuinyaungan nini akina. Dise-but misah da satapel. Sa-tadina mah tina pulanganting ka Jidah téh hayangkabedag meuli sawah jeungbalong. Teu kataékan, ukurbalongna wungkul. Emanakaburu capéeun tur bogapanyakit eungap. Numatakmulang ti panyabaan nupanungtung mah teumangkat deui. Sésa sim-penan ladang buburuhnadipaké usaha leuleutikanngingu meri, molah sawahbatur, bari jeung naeun wénu sakirana jadi pausahaan.Panghayap tatangga gé nukadada kaduga ku tanagaindungna sok ditedunan.Kiwari mah keur katamba-han kana ngurut. Lumayanngan kudu gedé tanaga.Tampolanna ari keurngembrek mah sok teu ariladangana téh erep paké kamantri. Cenah mah ayakalana panyakit nu diuruttéh sok tepa ka nu ngurut.Wallohualam teung ukurdédéngean si Kasum munkolot keur darebrol....

“...sabab ibu bapa guruaya rapat, hidep bisa maru-lang kalayan pangajarankudu diteruskeun di bumimasing-masing. Peupeu-jeuh tong sumarimpangarulin nya. Ka-em pingpindoa sesudah belajar.”

Ngong ka-em. “Berdoamulai. Audzubillahiminas-saitoonirrojiim. Bismil-laahirrohmaanirrohiimSubhanakalloohummawabihammdika ashadual-laailaahailaa anta astag-firuka waatubu ilaiih.

Siap beri salaaam. Ass-lamu’alaikum warohmat-ulloohi wabarokaatuh....”Tuluy pahibut paheula-heula sasalaman.Tingkocéak tingalacrit. Ayanu tuluy mulang baé, nujarajan heula, nu jangjian

Page 21: Mangle 2468

Manglé 246820

CCarita Pondok

itu jangjian ieu.“Cum ulin yu mikat

manuk?”Agus.“Moal euy rék néang

duit endog tadi isuk cankabawa Haji Iwana eu-weuh. Isukan deui wé.”

“Euh sia mah. Nya balikheula wé beurang kénéhieuh. Ké disampeur kuurang. Alus siah kamari gési Adih meunang manuksiki nangka mani tilu. SiFajar meunang jalak jeungkacamata.”

“Nyao euy kuma engkéwé.”

“Heueuh, didagoan nyaké urang nyampeur.”

“Empék nyampeur mah.Ngan mun indung nyaréknya moal indit.”

“Heueuh lah sip.”***

Geus maneuh datang kaimah téh arang nyampakindungna. Mun teu keurngurus meri paling kasawah. Teu keur molah gésok rajin ngala keting,betok. Atawa nyir kéongjang parab meri. Ngalelesmah sok nampa buritwungkul mun geus salsé.Mun teu meuseul, aya nunitah ngalicin gé sok dita-mpa. Ku Haji Iwa mahdiandeg ngaréncang matuhkajeun teu ngéndong mahasal balik soré, da uninga -eun urut gawé di Saudi geustangtu alus. Ngan indungnahoréameun. Geus capébalas di Arab cenah nu beu-rang peuting méh tayaereun na. Hayangeunngasab cara urang lemburbaé.

“Cum, Cum...geus mu-lang?” Keur ucul-uculsaragam sora indungna tiluar.

“Nyaaa.”“Mun geus dahar gan-

cang ka dieu bantuan Emanyacag kéong.”

“Acan da wareg kénéh.Ké wé.”

“Karep atuh. Geuwat kadieu nya.”

“Nya ieu keur salinheula.”

Rérés ganti baju regot-regot cai hérang. Aya seu-pan hui kamayung,capék-capék heula sapasi,regot deui. Réngsé nyapékkutatang-kotéténg néangancéko. Céko kameumeutpaméré Haji Iwa. Karun-yaeun rujit mun ngurusmeri. Welaseun ku daék -anna cacak bebenjit kénéh.Geus kapanggih rap dipaké,gidig nyampeurkeun in-dungna. Teu réa omong gékdina jojodog.

“Tah kari nyacag. Ayanaon atuh di sakola téh ki-wari geus mulang? Mubahwaktu atuh. Sakitu kolotmah isku-isuk téh mani sokmentingkeun.”

“Lain nang hayang atuhMa, aya rapat. Jaba apanhari ibu Ema ayeuna téh ih.Ibu guruna gé rareureuhsugan disenangkeun hariibu mah.”

“Oh hari ibu, tanggalsabaraha dih ayeuna?”

“Ih ari Ema ni pohokana tanggal. Dua puluhdua désémber.”

“Euh enya nya. Asa ba-heula mah keur jaman Emabiasa waé teu kudu peré.Paling ngayakeun upacara,mikeun hadiah ka ibu-ibujuara mun aya lomba urus -an ibu-ibu. Atawadikarabaya wéh ari jelemagedé mah dipakantorancara hari Kartini.”

“Apan ceuk tadi gé bariaya rapat, cenah. Ari hariibuna Ema kumaha?”

“Cuuum, Cum. Ema

mah hari ibu waé pan ieuh,”walon indungna.

Si Kasum ka dituna teuréa omong.

Najan jero batinna mahgalécok kabina-bina. Nganrék nyebut, “Ma selamathari ibu” téh kararagok nalétah sabab teu biasa.

Teu cara urang kotameureun ka indungna téhkaritu. Kalah nyengir so-rangan. Untung teukatangéneun ku indungna.Heuheuy deuh.

Keur manéhna mah in-dungan leuwih ti indung-indung batur. Indungna nupantes dibéré piagem hariibu mah.

Super Ema meureunindungna mah dumasarkana sakanyahona ngeu-naan kumaha perjo ang anéta awéwé pikeun kahiru-pan kulawargana.

Kabayang deui panga -deg ibu guru.

Disurap-surup mun téamah éta téeh indungna.Ganti kana mun jadi kawasibu Haji Iwa nu juragansagala rupa usahana.

Sarua indungna gé geushaji. Tapi sok dijarebian dadisebutna gé haji tékawéteu saharkat jeung hajimangkat berdi kari nukanyahoan inditna, mu-langna, aya oléh-oléhna.

Bérés ngabayangkeunjiga bu haji Iwa mindahkana ngalamunkeun kawaspamajikan Mang Udungbaso. Diteundeun di manawaé ogé indungna mahpantes. Bulukusutun soténku kaayaan.

Da mun didang dananmah geulis siga indungbatur. Anyar mulang tiSaudi mah komo beresih.Na kunaon bapana nepi kakiwari lebeng taya raratan?

Kasum sok ngarasa hé-meng. Mun ditanyakeun géindungna tara réa waleran.Hayangna mah kawas baturnu indung bapaan. Tapiembungeun ai bapa térémah. Basa éta gé aya nungajakan dicandung.Kasum wera. Untung in-dungna gé teu kabitaeun.Pokna rék ngagedékeunanak baé heula.

“Tong malaweung atuhtah ngamprot kapiceunan.Geus kaituh ai cangkeulmah keun éta ku Ema, karinyampur bulgur ieuh.”

“Teu. Tuh da rék bérés.Keun bulgur gé ku Acum,jig wé Ema rék ngaso mah.”

“Kawas bisa. Gaya deuihEma kiwari ngaso?”

“Bisa Ma bisa. Sok Emareureuh.”

“Ensok-ensok wébabarengan méh téréhbérés tapi tong malaweung.Nyaah ngamprot mah Cum,kéongna keur hésé kudujauh nyiarna ka sawah te -ngah.”

Si Kasum teu lémékukur bisa mencrong nu jadiindungna. Haténa mahngagerendeng, ”Selamathari ibu Ema.” cenah.

Ngan keukeuh teuwasaeun ngedalkeun.Éraeun téa da teu tumankikituan sajleg apal hari ibugé. Nya minangkamiélingna téh nawarkeunjasa nangkes pagawéanngurus meri.

Horéng indungna géteu surtieun.

Abong enya deuih, ung-gal poé gé indungna mahhari ibu baé.

Sagala rupa ku sorang -an.***

Ciamis 14.12.13

Page 22: Mangle 2468

21Manglé 2468

Reseplamunkumuljeung ba-baturankeur di

SMP, prukrok. Aya anugeus pangkat propésor,doktor, jeung doktermani pabalatak. Suma-wonna sarjana hukumjeung insinyur mah. Teuaya anu robah. Angger wéngoronyohna mah. Ngananu jadi pangusaha jugala

témbong rada béda téh.Hawa dunya meureun.Maké aya anu nyurengsagala rupa.

Pokna téh, “Aéh, sahatéa nya? Abdi mah hilapdeui!”

Padahal éta si bedulbaheula mah kabina-binapikasebeleunana. Sokmoyokan, atuh diudag-udag bari diamang-amang jidar. Gawémeulian jidar keur ne-

unggeul manéhna.Ayeuna nyebut ‘saha

téa nya, abdi mah hilapdeui’. Ceuk saréréa mé-mang kitu. Déwi mu-langkeun panineunganka jaman keur di SMP.

CCarita Pondok

ReuniCarpon Hana Rohana Suwanda

Page 23: Mangle 2468

Manglé 248822

CCarita PondokCeuk Dewi kénéh,

“Padahal nanaonandatang ka dieu nya? Arigeus teu wawuh ka sasahamah! Manéhna mémanghébat jadi pangusahana.Hubunganna jeung paraputra présiden numalashur.”

“Oh, paingan atuh! Aringaran mah Halid. Tapijauh tina kapribadianHalid bin Walid.”

“Tapi ari disampeur -keun mah galécok. Sokgeura deukeutan, komomun dicium mah pipikénca katuhuna ku Dewi.Hay hay, dadaaah,” ceukDadang, apotéker beung-har.

“Ah siah maké cuam-cium sagala rupa.Haram!” ceuk Mariah,urang pasantrén LoaCondong.

“Tuh pan, ceuk ahlipasantrén mah,harommm….!” Dadangngéngklakan.

“Moal enya poho,meureun karasa kénéhnyerina digebug ku jidarbaheula,” ceuk Dewi.

Mémang saréréa gényaho, Halid baheulanaksir ka Dewi BinarumMurod, parawan centiltapi loba kabisa. Lamungeus ngiprah ngibingGréni, peresis widadariturun ka bumi.

“Tamat SMA ku aingrék ditanyaan!” ceukHalid ka Sobirin sobatna.

“Moal dibikeun ku PaKolonel,” ceuk Sobirin.Bapana Dewi mémangkolonél ARMED.

Ari Halid lahir di te -ngah-tengah kulawargapangusaha beus anu ju-gala.

“Kuma ilaing wé atuh.Ngan jigana ulah ari sata-matna SMA mah. Dacenah Dewi mah arékneruskeun ka SastraUnpad atawa Gama,”ceuk Sobirin.

“Oh kitu? Ah aing maharék ka AKMIL wé atuhngarah jadi jénderal!”ceuk Halid. Saréréa ju -mu rung da atuh kaba -danan ku Halid mah jaditentara téh. Tapi tétélanurun ka bapa geuni -ngan, kalah ka jadi pa -ngusaha beus. Dewi mahdipileueuheungkeun kumayor jénderal nu gagahnya kasép, ménak Sundaterah Cikundul deuih,masagi. Ka Dewi, sebutandeudeuhna téh EndénMayjen Erlanngga.

Riungan silaturahmitaun ieu gé ditanggungsagala rupana ku NyonyaMayjen. Tempatna dihotél méwah wewengkonCipanas Cianjur.Kayungyun juragan jén-deral téh ngahaleuangmamaos Cianjuran. La-guna Mangu-mangu.Moal salah, éta lagutéhanu dihaleuangkeun kualmarhum Dadang Sulaé-man, “Sareupna lebahLabuan…” Dadang téhcenah idolana. Da sora PaJénderal ogé sada soraDadang. Nu matak reueustéh, éta perwira tinggi nugeus ngalalana ka Afrika,Eropa sababaraha welastaun lilana téh kana ka-sundaanana pageuh pi -san. Pinter kénéh ngaha leuang Cianjuran, kawihMang Koko. Luar biasa.

“Bagja Dewi bogasalaki pinter ngaha -leuang. Kacipta saban rék

bobo, dipépéndé Endéntéh,” barudak nu gusharuisan ngagonjak.

“Nya atuh…” ceukDewi bari mésem leleb.Mémang Dewi mah re-sepna kana lalaguanklasik karya JohanStraus, Bethoven. KaPranawengrum Katamsimeumeut pisan. Mundipénta kaul, pangpangnadina riungan Persit, milihlaguna téh ‘Cintaku Jauhdi Pulau’ atawa ‘Mawar’jeung ‘Dewi Anggraeni’.

Tapi dina riunganalumni di Cianjur mahmilih lagu Sunda ‘TaucoCianjur’. Cenah geuning“Lamun urang tas ti Cian-jur, mo poho oléh-oléh numashur, réncang sangumatak uruy, éta taucoCianjur….’

Ka mamana ogé KangJénderalna tara ting gal -eun. Salawasna nyan ding keun Endén.

Sok digonjak ku ing -kang carogé balik tinariungan téh.

“Sakitu réréncangan diSMP garagahna, nahaEndén milih soldadu?”

“Nu mana heula sol-daduna atuh Kang,” tém-pas Dewi bari ngadilak.

Saenyana Mayjen Er-langga téh keur dines diItali kungsi nikah ka pra-mugari urang Polandia.Tapi basa di nagara urangriributan G 30 S/PKI, NyiPramugarina mundur,ménta enggeusan rumahtangga. Erlangga teu bisamaksa ka nu geus tayaduriat. Ti Itali ka TimurTengah, malang mulin-tang hirup nyorangan dinagara deungeun. Keur diAbudabi tepungna jeung

Dewi téh. Harita ramanaDewi ditugaskeun diKBRI Arab Saudi jamanDubesna Jenderal AhmadTirtosudiro. Sakolanakakara nincak sma. Teumilu ka Arab, Dewi diJakarta neruskeunsakola, diaping ku bibina.Lulus SMA ditarima di UInyokot Sastra luyu jungngen-angenna. Haritapisan tepung asihnajeung kang Jenderal téhméméh jeneng pangkatmayjen, enya brigjenkénéh. Maké dibéré asa-asa, asa daéek asa em-bung rék boga buah hatésoldadu turta sasatnaduda. Tapi ahirna hatéteu burung maskét.Tepung di Arab menerankeur usum tiris. Panas teukarasa panasna, tiris teukarasa mucicidna da hatékeur kagémbang ku dudangora anu kasép terahingmenak Cikundul, kari-kari ibu rama bangun anukacida doana.

“Kajeun teuing duda,da teu témbong tilas,lin?” saur ramana. Dewimésem kaisinan. Enyaduda, kumaha tuh?

“Ieuh geulis, ulah lobapipilih. Lamun sakirahaté geus ngarasa srekmah, tarima baé. Manakitu éta jodo Nyai anusaéstuna!” saur ibuna.

Dewi sadar yén sae -nyana tibarag tepung ogéhaté geus nyantél ka nugagah téh. Ari asa-asamah lumrah, da di mana-mana ogé misti aya pili-han. Hayang jeungembung, bogoh jeunghenteu. Tapi upama di-rasa-rasa tétéla bangbungranggaék, tadi embung

Page 24: Mangle 2468

23Manglé 2468

ayeuna daék. Dewi nye-but ‘mangga’ ka nu naros -an. Waktu ramana ditarikdeui ka Jakarta, ka De-parlu, harita Pa MuhtarKusumaatmaja Menluna,Dewi langsung dilamar.Teu lila terus dirapalan diMasjid Istiqlal. Résépsinadi Hotel Sangrila.

“Teu ngondang karayat leutik mah,” ceukSobirin.

“Heueuh da teu nyahoalamat sarilaing atuh!”Dewi némpas.

Reuni harita lobagogonjakanana batanacara serieus. Ketua pani-tia, Rudini Samsu didasinyeprit, jasna pulas abu-abu, mani kasép. Dinabiantarana Ibu Jenderalwé anu diabsén téh, pé -dah nanggung waragadkariaan kitu? Pédahalumni panghébatnakitu? Dewi mah mésemwé leleb.

Keur garogonjakanjeung mulangkeun pa-nineungan kitu, sumpingtamu istri geus sepuh.Barudak curinghak, lang-sung marunjungan sopanpisan.

“ibu Yohana. Bu wilu-jeng sumping, kumahadamang?” Dewi pang -heul ana nyolongkrongmunjungan.

“Alhamdulillah… Al-handulillah barudak, ieuIbu maranéh anu galaktéa. Anu céréwéd téa,”saur Ibu Yohana.

Dewi jeung barudakawéwé séjénna murubutcipanon, kagagas waas kaguruna anu baheula sokjadi kembang catur lan-taran galak jeung céré -wéd. Ngajar Basa Inggris,kudu wé diawalan kulagu, “Utamana jalmakudu loba batur…” ti Ing-gris ka Cikurubuk ceuk

barudak téh. “Ieu téh Dewi nya?

Mana akangna?” BuYohana nanya ka Dewituluy diwanohkeun kaJenderal Erlangga.

Bangun anu ngaraossugema tur bagjaeun ibuguru téh. Sugema murid -na jadi Nyonya Jenderaljeung nanjung dina hi -rupna. Unggal murid di-taros, mungguh rambisakIbu Yo tiasa nyaksianmurid-muridna jaman diSMP naranjung jadi jalmaceuk sepuh téa mah.

“Tah ieu mah moalsalah Rusadi anu ka Ibusok nyebut The Queen,nya?”

“God save the presi-dent, Bu!” Ceuk Rusadi.Ibu yo gumujeng.

“Sukur anaking,maranéh geus ngahontalcita-cita,” ceuk Bu Yo.

Caroge Ibu Yo, pangu -saha marmer anu saenya -na maju, kagungan pal sapah, “Ari nasib jeungtakdir mah Alloh anunangtukeun. Kajeun majulamun saur anjeunnakudu nandangan cocobaheula, mo majar kumaha.Ibu Yo ogé kapan, salah-saurang putrana tas di-wisuda di istana di Ja karta, mulangna manggihmusibah. Kendaraan anumawa rombongan ku-lawargana ti Cianjurtabrakan. Putra anu boapijenderaleun teu katu-lungan nyawana, Innalil-lahi wainnailaihi roji’un.

“Kang, urang kaCikun dul wé mulihnanya. Ulah waka ka Ja -karta,” Dewi aya paménta ka Jenderalna.

“Nya kumaha Endenwé Akang mah. Badényampeur bibit kitu kanyi Haji Uneh,” Erlangangagoda pédah Haji Uneh

ngajangjikeun arék mérépais bibi lamun EndénDewi nganjang.

“Di Balong urang gétingbelengep bibit mah.”

“Ih kapan ieu mahpaisna ti Bi Haji Uneh.Aéh bener. Sohor paislauk Haji Uneh mahkétah,” Dewi haget nga-hayukeun.

“Nu kudu émut mahEnden, nu panén sayuranrék malayar cenah, palaysetor ka Enden!”

“Oh muhun, manggaatuh sakantenan ari kitumah.”

Kebon sayuranna mé-mang lega, henteu dikon-trakkeun ka pangusahakajeun nalawar mahalogé, tapi ngahaja dibagigarap ka tatanggana kabatur salembur.

Aratoheun kabagéanjadi buruh ngebon téh,kajeun sacangkéwokséwang ogé.

Dewi jeung Erlanggangarasa bungah bisababagi rejeki jeung anulaleutik anu mémang tu-lungeun, jeung jalujurdeuih ari rayat leutikmah. Tara aya anu mo-tong tiheula sanajan geuspuguh oge bagian ma -ranehna saanu, Endensaanu. Harayangna tinapanangan Endén baéjeung Adén. Lebah dieuatikan kajujuran larapnaka urang lembur téh.Ngarasa gembleng diper-caya, maranéhna mayarku kajujuran anu gem-bleng.

Kasampak mémanggeus hempak patani téhaya kabéh, ku Si Bibikapercayaan Dewi di lem-bur geus disuguhansagala aya.Maranéhanana ogémarekel, atuh mani jigakariaan baé, katedaan

mani ngabarak. Teu acanoléh-oléh ti unggal patanihaturan Endén, sagaladibawa sanajan éta kabéhhasil tani di lahan kebonEnden jeung Aden.

Tapi cenah éta mahlain pepelakan husus anudipelak di kebon enden,tapi hasil pepelakan dinalahan sésa, saperti dinaalengan, dina sésa lahananu henteu dikebonan.Kitu wé geuning pepela -kanana téh kacang suuk,boléd, sampeu, jagongjeung sajabana.

Baralikna kasoréna -keun sok diongkosan étatéh. Nu matak tara ayaanu itung rugi patani téh,ku alus-alusna sikep anuboga tanah, alusna Endénéta téh.

Mulangna ka Jakartabada asar, mobil nyem-prung nyokot jalan Pun-cak. Teu sumpang- sim pang ieuh, terus wényemprung, sabab tiCikundul mula geus ditu-turkeun ku méga hi -deung. Langit ogé mimitingahideungan jiga-jigabakal turun hujan. Jeungenya wé kaluar ti tol téhdibagéakeun ku hujanpraspris anu tungtungnabeuki gagedéan terusngagedéan. Tungtungnabreg hujan gedé.

Isukna telepisi geuswawar deui, banjir diJakarta tacan ngorotan.Lain jalma-jalma anumarangkuk di bantaranCiliwung wungkul anuimah-imahna kakeueumtéh, tapi komplék gedo -ngan ogé.

Anu sakumahasigrongna ogé ayeunamah kakeueum, kacaa-han. Naha kitu Gusti téhnuju bendu? AllohuAkbar! Dewi gageren-deng.***

Page 25: Mangle 2468

Keur ngan-teur Wandi,kandidatdoktor an-thropologi dihiji universi-

tas, ngaprak ka pilemburan.Néangan carita rayat nuunik-unik. Folkloré. Bohwinangun dongéng lisan,adat kabiasaan, boh warisanbudaya non-benda, sapertikadaharan, dangdanan,jeung rupa-rupa deui nulahir tina kahirupan sapopoémasarakat nu tacan kagiri -dig teuing ku pangaruh luar.

Eureun di lembur pa-nungtung nu bisa kasaba kumobil. Ka dituna kudu leum -pang. Meuntas waha ng anrada badag. Terus nanjak.Nyorang pasir, saméméhnepi ka lembur pangmen-cilna. Keur nikreuh katongggohkeun, hareup eunaya nu leumpang. Nénjowarugana, pantesna geuskolot pisan. Tonggongnageus bongkok. Leungeun di-akodkeun ka tukang. Sirah -na diiket batik leuseuh. Betinget ka tokoh Aki Jamung -kuk dina "Burak Siluman"karya Moh.Ambri. Gancangdisusul. Dipiheulaan. Nga-haja rék megat. Rék diajakngawangkong. Malum kolotdi pilemburan mah sok réadongeng nu araranéh. Geusdeukeut, gancang ditanya:

"Sampurasun, Aki ...badé ka mana atawa tos timana? Kersaan nyorangtanjakan sakieu panjangnetekna?"

"Rampés, Adén,”manéhna ngalieuk. Sorana

cempréng. "ah biasa wé akimah kieu. Ngukur pudunan,mapay tanjakan. Komo tan-jakan ieu mah, nu katelah"Ceurik Onah", kameumeutaki."

"Ceurik Onah?” Wandimilu nembrong. "Sugan téh‘Ceurik Oma’. Aya sarsilahnapanginten, Ki?"

"Nya aya wé ... mun teusalah mah ..." jawab aki-aki.Panonna nu semu pétét,hérang, gular-giler. Tatang-gahan nenjoan tatangkalannu rajeg sapanjang jalan. Kaileuweung karahot. Bangsarasamala, jamuju, huru.Campur jeung bungur,asem, tanjung, jeung saja-bana kai tareuas.

Pantes kituna téh, datanjakan nu ceuk Si Akikatelah "Ceurik Onah" aya disisi leuweung tutupan.Sakalian reureuh, bar Wandingamparkeun terpal nu nye-lap dina ranselna. Ngalu-arkeun tilu botol cai mineral,roti, katut kadaharan séjén,Ditundaan luhureunana.

"Aki sok nyesep?" Wandinanya.

Si Aki gideug. Gap kanabotol cai. Dibuka tutupna.Diasongkeun ka Si Aki. "Ieuatuh ngaleueut....." Botol caiditampanan. Tapi henteulangsung nginum. Anggursok ditunda deui. "Engké weAki mah nginum téh ari geussalsé," cenah semu papa-haré.

“Wios atuh, mangga,”Wandi rada héraneun. "Cingmanawi aki uninga kumahalalakon ieu tanjakan dugi kadingaranan ‘Ceurik Onah’?"

Méméh némbalan, Si Akingarénghap jero pisan.Kawas nyidem bangbaluhbeurat kacida, "Panjangpisan, Adén. Lalakon numeubeut meulit ka ditu kadieu ..."

"Cobi atuh pami Aki teukaabotan, didongéngkeunayeuna," Wandi giak. Gan-cang nyiapkeun HP keurngarekam caritaan Si Aki.Sabada dua tilu kalingarénghap, paralak Si Akinyarita. Lancar tur mérélé."Mun aya kajadian dursila,saperti perkosaan, pacogré-gan rumah tangga, nu nim-bulkeun korban, boh jiwa,boh perasaan, di tanjakanieu sok ngadadak aya soratanpa jirim. Sora ceurik nga-bangingik ... kanyenyerian ...Tanjakan ngadadak sahéng.Angin ngahiuk, hujan ngage-brét. Semu hayang mindi -ngan sora jerit kanyenye rian, inghak kanalangsa, nukedal tanpa jirim. Ti hijimahluk nu kungsi ngalamankabetah hirup di alamdunya. Ngan ujug-ujug ka-ganggu ku paripolah jalmatelenges ka bina-bina ..."Bulu punduk ngadadakruyrey. Nyaliara kasaawak-awak. Mawa kale-wang jeung kakeueung nuteuing ti mana jolna. Ngankapegat ku sora Si Aki nucempréng, neruskeun cari-tana, "Ieu jalan nepungkeunlembur Ciceuri jeung Baba -kan Séba. Tangtu moal ayanu apal ka éta dua tempat.Lantaran ukur lembur leu-tik. Di hji désa mencil.”

Eureun heula cacaritana

Si Aki téh. Ngarenghap pan-jang. Jegoh batuk. Tapi teupangangguran nginum.Anggur nuluykeun cacaritadeui, "Tah di Babakan Sébateh aya budak geulis.Parawan jekékan. Umurtujuh belasan. Fatonah.Nénéhna Onah. Geus sakolaka SMA di kota bari masan -trén di uana, Neng Onahbeuki mohér baé. Keureutanbeungeut ngumbang jeungdedegan awak. Mimiti ka-gawar-gawar ku urang luar,basa aya pangwangunansakola di Ciceuri. Mandor nukeur gawé di dinya, ujug-ujug kapincut. Sanajan geusboga anak dua, bari jeungpangkat ukur mandor pro -yék heuheuleutan, ngawani -keun manéh nanyaan. Atuhditolak sapajodogan. CékNéng Onah harita: "Sanajanurang kampung bau lisungogé, da ngambeu sakola,kungsi ngaji. Moal bisa di-paksa ku sasaha pikeunmikacinta jeung dipika -cinta," jawabna tandes basaditanya ku indung bapananaha nampik mandor.

"Tapi basa aya lalakikasép, beunghar jeung bogakalungguhan, ngadeukeu-tan, Néng Onah léah. Komobarang itu ngajak kawin,mani giak. Kajeun kawinsiri. Ukur ijab kobul disak-sian ku kulawarga ogé.Komo dijangjian rék diajakumroh, disakolakeun jeungengké dijadikeun pamajikannu poko. Kajeun nyérahkeunpamajikan nu kolot. Prukbaé ... " Si Aki ngarénghappanjang. Ngeluk.

Manglé 246824

PPuridingPuringkak

Ceurik OnahKu Usép Romli HM

Page 26: Mangle 2468

25Manglé 2468

Hég dangah ka langit.Ngalieuk ka Wandi. Nanyaku sora haroshos, "Adénpercanten ka lalaki boga pa-nyakit mahiwal? Napsu kapamajikan tapi teu bisakukumaha lantaran geuskabiasaan lacur? Ari kaublag mah segut?"

"Kantos nguping. Nukitu teh kelainan jiwa,cenah," témbal Wandi.

"Kelainan jiwa, nyah?” SiAki ngarenyu. “Tah lalakikasép, beunghar, jeneng, nungawin rerencepan NéngOnah, kitu pisan. Salia opatpoé, pamajikan digaley digu-ley, tapi teu bisa sapatémonda parabotna miley waé.Tapi ari ka ublag mah, kaPSK, biasa hirup. Malahnagen, heuras pisan. Numatak poé kalima, NéngOnah disérahkeun. Nitahanpagawéna ka Babakan Séba,mawa carita ngaragragkeuntalak. Atuh matak reuwassaréréa. Neng Onah mahnepi ka ngajehjer. Geus élingterus malaweung. Ngabigeuteu daék nyarita...."

"Innalillahi." spontanmaca istirja. "Iraha kajadi-anana, Ki?"

"Kurang leuwih sapuluhtauna ka tukang ..." jawab SiAki. Panonna beueus. "NéngOnah katutuluyan gering,teu cageur deui. Malah luasnemahan pati. Mayitna ka-panggih ku nu ngala suluh,ngagulantung dina tangkaltanjung ... tuh béh ditu!" SiAki nuduhkeun ka béhlebak. Rey deui bulu pun-duk. Wandi élékésékéng."Nya ti harita, di ieu tan-jakan sok kadéngé sora ing-hak awéwé. Ceurik pinuhkanyeri kapeurih. Nelah wetanjakan ‘Ceurik Onah’ jegohdeui Si Aki batuk. Péknyokot daun tina éndongna.Digayem. Daun ubar batukmeureun.

"Ari lalakina kumaha?"

panasaran nanya. Ambéh SiAki gancang mungkas cari-tana.

"Pikarunanyaeun, Adén!Saminggu ti tas Néng Onahmaéhan manéh, lalaki urutsalakina kapanggih geusngababatang di hiji kamarhotél. Keur nindihan awéwégeulis. Ungkluk nu bisanyugemakeun napsuna.."

"Na'udzubillah..." manibareng maca ta'udz jeungWandi.

Si Aki katingal éléké -sékéng... "Tragis ... tragis ..."Nu leuwih tragis, "Si Akirikat nyambung. "Mayit étalalaki nu keur hirupna cenahkasép, beunghar, luhurpangkat, jeung sajabana, teu

ditarima ku alam kubur. Teudipikayang ku dunya manu -sa, da geus paéh téa. Gawénangulayaban. Mindeng nga -dédéngékeun inghak popo-tonganana ti alam gaib. Nepika danget ieu pisan ..."

Angin ngahiuk. Panon-poé ceudeum. Tanjakan asangadadak canéom. Si Akicengkat. Ngilicid indit.Léngkahna semu ngang -kang. Gancang diburu. Di-tanya: "Ké Aki, ari aki sahajenengan? Teras lalaki popo-tongan Néng Onah sahadeuih jenenganana?"

Mureleng seukeut, Si Akinembalan ku sora jero semungagerem: "Teu perlungaran jelema nu geus paéh

kasarad dosa jeung dorakamah ... Pan éta lalaki téh, akipisan! Na saha kitu?"

Teuing katurelengan,teuing enya ngajehjer teuéling. Pokona tetenjoanujug-ujug poek. Bumi alamasa muter. Reuwas jeungsieun. Mun teu kaburu di -séréd ku Wandi , boa ngaju-rahroh kana jungkrang sisitanjakan. Durugdug mudun.Sakalumpat lampét. Teuinget tincakeun. Gejebur kawahangan. Ngalieuk katukang, jirim aki-aki geus teukaténjo.

Ngiles tukangeunrungkun gerembel atawateuing ka mana boa.Marakayangan meureun.***

Page 27: Mangle 2468

Sultan Agung po-hara pogotnangadangukeuncarita Ki Ukur,ngaraos gang-garateun, saurna:

“Tah ari geus kitu, kuma -ha tuluyna?”

“Saparantosna émut deui,dina kaayaan tatu anu saka -lintang répotna, sakiat-kiatneraskeun perjalananana.Lumampahna kenging saba -baraha sasih anjog ka patapanPandita Buda, anu katelahPandita Reksa. Dupi pere-nahna di wewengkon Pur-worejo. Ku Pandita dirawat,dugi ka saéna pisan. Jalarankénging wartos, yén KangjengRaja Pajajaran, Sri BadugaRatu, katut sadaya pangi -ringna kasambut di medanjurit, samalah Sang PutriPitaloka pipanganténeun téanelasan salira ku anjeun,bébéla ka nu jadi rama.

Kitu deui nagara Paja-jaran, saparantos kakantun kunu jadi ratu, ngadak-ngadakilang tanpa karana, rahayatnapaburencay katawuran, narahdijajah ku Majapait. Ku margiéta pun buyut téh henteu teras

ka Pajajaranana, lajeng baébebetah di patapan, ngiring kaSang Pandita, guguru meu -seuh salira milari gelaringGusti Lami-lami ku Sang Pan-dita diangkat jadi lulurah parasantri, malah dugi ka dipu-lung mantuna pisan, kaula-nun”.

“Euh paingan ari kitu mahsajarahna. Jadi manéh téhsanyatana turunan ti kulon,terah urang Pajajaran.”

“Henteu pindo damel,”walon Ukur.

“Ayeuna manéh seja ku-maula ka salira kami, heug di-tarima, samalah kami géngaraos bungah, bakal bogakapetengan ti tatar kulon

Pikeun saheulaananmanéh ku kami diangkat jadiprajurit, sarta baris disérén -keun ka Senapati Ronggo -noto, supaya diwarah tata-cara sugrining kaprajuritan.Tah kumaha maneh sang-gup?”

Gasik Ukur ngawalon,berag bawaning ku atoh, hasilpamak sudanana, pok unjuk -an.

“Nun Gusti, ditampi kuasta kalih, ngaraos bingah

amarwata suta, nampi pa -ngasih dampal Gusti, abdiGusti badé didamel prajurit,kaulanun.”

Kangjeng Sultan poharakatajina ku piunjukna KiUkur, hadé basa hadé tata,nyaho tetekon karaton.

Énggal anjeunna ngada -wuh ka Ki Senapati Rong-gonoto, anu harita ngiringsinekawa reujeung para pong-gawa séjénna :

“Ronggonoto, kaula mas-rahkeun ieu jajaka, Ki Ukur,Ku andika kudu dipalajartata-titi tindak tanduk, wi-waha yuda nagara, ulah arékaya nu kaliwat, supaya mang -kéna bisa ngabantu-bantuandika.”

“Gusti, sumeja ngembandawuhan. Samudayaning ka -santikan kadigjayaan tinang-tos ku abdi Gusti ditamplok keun, kaula nun,” walonRonggonoto.

Magelaran henteu lilatuluy bubaran. Ki Ukur ngi -ring Senapati Ronggonoto.

Ari éta senapati téh hijijalma nu adigung kumalung -kung. Boga rasa manéhna di-asih ku Panembahan Sultan.

Harita ogé, dina haténa mahhenteu ngarujukan, Ukur di-tampi ku Sultan téh. Ku ki-tuna ka Ukur téh henteu pisanméré bubudén; kekecapananaestuning sagala sugal, ulatnakuraweud hangseur.

Ti harita saban poé KiUkur diajar jeung prajuritlianna rupa-rupa, elmu-pa -nemu kaprajuritan, kayaningngolahkeun tumbak jeungpedang, manah, bandring,tumpak kuda, jrrd. Dina jerotilu-opat bulan baé kanasagala rupa geus mahérpangabisana. Anu malajar kamanéhanana, bangsa pangkatbintara jeung prawira munjaman ayeuna mah, kabéhgeus katitih pangaweruhna.Mungguhing Ki Ukur, lain baépinter calakan jeung rosatana-gana, tapi éstu lain jajakasamanéa, kuat lahir jeungbatinna. Ku Kituna atuh kusakabéh prajurit, anu loma kamanéhna taya taya sauranganu wani ngunghak, kabéhpada ngarajénan, sanajanpara prawirana pisan. Ari adattabéatna, ka nu leutik ka nugedé hadé tata hadé basa,soméah jeung hadé budi.

Manglé 246826

{ 22 }

Ku Rohendy SumardinataDipasieup deui ku Supis

CCarita Heubeul

Page 28: Mangle 2468

Barang kadangu ku senap-ati Ronggonoto, yén Ki Ukurpada muji pada ngajénan, an-jeunna bendu. Ari pangnabendu téh babakuna mah tim-bul rasa sirik pidik, pédah an-jeunna mah henteu aya numikacinta. Karaos yén anjeun -na mah réa anu mikaceuceub,sarta réa abdina anu ngijingsila béngkok sembah.Kumaha henteu kitu, da pu -guh Mas Ronggonoto mahkabisana téh ngan bebengisjeung hohoak wungkul, cékbabasan téa mah ambeknasakulit bawang, sakecapkadua gobang.

Ku kituna Ki Senapatiboga rasa aya nu mapadani,nyasat rék aya nu ngarebutkakawasaan. Cék dina haténa:“Kawasna lain antepeun, anakieu mah, keun sia ku aingarék diwarah, disasaak direre-jet, sangkan ulah jadi pangha-lang kana kaagungan diriaing.”

***

II. Diangkat jadiSenapati

Harita keneh SenapatiRonggonoto tuluy miwaranghiji tamtama nyaur Ukur,sarta kudu kairingkeun pisan.Kabeneran tempat pamatuh -an Ukur henteu jauh ti bumi -na Ronggonoto. Atuh henteukungsi lila Ukur geus aya di-payuneunana.

“Ukur,” saurna SenapatiRonggonoto, bari kecut ha-seum budi, “kami ngadengebeja, yen maneh ayeuna geuswasis tina sagala rupa kasan-tikan, enggoning ngolah gaga-man. Kumaha enya?”

Gasik Ukur ngawalon,henteu reuwas henteu kaget:“Kana eta pamariosan, abdidalem henteu tiasa nyangga -keun waleran, jalaran henteupisan gaduh karumaosan, yenabdi dalem parantos wasistina perkara kaprajuritan.Estu tetebiheun pisan kanawasis teh, henteu acan taram-taram acan. Menggah carios -an mah, dampal dalem lang kung uninga, biasana oge

langkung harus batan bukti,kulanun.”

“Arek tumarima arek hen-teu, ku kami hamo dihalang-halang. Ngan ieu mahngingetkeun kana dawuhankangjeng Sultan, yen manehbaris dicadangkeun kananyekel kalungguhan prawira-utama, supaya dina perlunabisa ngawakilan kami. Tahkitu geuning dawuhan Kang-jeng Sultan, basa manehkakara datang ti lembur. Apanku maneh oge kadenge?”

“Henteu pondo damel,kakuping pisan sugri anu di-dawuhkeun ku kangjeng Sul-tan dina waktos harita.

Namung karaosna ku abdidalem dugi kana wangkid ieu,raos tebih keneh pisan, kanatiasa nyumponan sarat-saratkaprawiraan. Menggah abdidalem mah, sanajan tiasatetep jadi prajurit biasa baeoge, estu parantos ngaraosuntung, kulanun.”

Ki Senapati ngadangucarita Ukur kitu, pohara bu -

ngahna, marukan enya baekitu, henteu boga pisan piki-ran rangkepan. Da kitu kabi-asaanana adat tabeat anugede hulu, adigung adigunamah. Anu dipake ukuran ngandirina sorangan: boga pan-garti jeung pangabisa saeutikoge gancang bae tembong ieu-aingna, asa aing pangpin-terna, pangbinekasna.Kabuktianana ngan saukurmawur catur, mudal carita,agul sompral teu aya kabuk-tianana. Tah kitu pangangg-ona Ki Senapati Ronggonotooge, henteu beda jeung anulian. Gancang ngalahir deui:

“Ayeuna mah kieu Ukur,

kami boga maksud rek ngujipangabisa maneh, hayangnyaho geus nepi ka mana ka-majuanana. Engke tinangtukami bakal bisa netepkeun pa-gawean maneh pikeun ka-hareupna.”

“Abdi dalem sumejangiringan sakersa dampalDalem. Bade siang, badewengi henteu ruhun dampal

Dalem, mung sateuacannaperyogi kauninga kairegan,kabodoan abdi Dalem, estutina sagala rupi tuna, tetebi-heun pitiasaeun nedunansakapalay dampal Dalemmiwah Kangjeng Sultan, kula-nun,” Senapati beuki bungahngadangu piunjuk Ukur kitujiga anu hemar-hemir. Me-mang anu di-arep-arep oge, KiUkur teh ragrag tina ujianana,malah dina batin-batinnamah hayang sina bobor kara-hayuan pisan.

Pok ngalahir deui.“Ti ayeuna maneh kudu

ngisat diri, lantaran engkedina bulan hareup kami rekngajakeun senenan, anurongkah arek mintonkeunkasantikanana sababarahatamtama jeung prajurit. Tahdina waktu eta tinangtu ma -neh bakal meunang lawananu petingan enggoningngadukeun kasantikan jeungwewesen. Kumaha manehsanggup?”

Rintih Ki Ukur ngawalon:“Awon saupami abdi

Dalem bade henteu tumutkana dawuhan. Sanaos abdiDalem kedah ngarandapanlara wirang, cek wiwilangan -ana dugi ka pinanggih sarengpati pisan, abdi Dalem sumejakumereb kana pangersa, kau -lanun.”

Sarengsena dadawuh, anukecap-kecapna sararugaljeung ngalelewang, ukur tuluydipiwarang mulang. Sajajalanmanehna teu weleh-welehmikir, naon sababna, anumatak Senapati jiga ceuceubka manehna anu henteu tuahhenteu dosa. Ras inget kanawawangsit eyangna, yenengke di mataram barispinanggih dodoja, anu barisnetepkeun nasibna nu dising-hareupan.Ku kituna Ukurhenteu petot-petot neneda kaNu Kawasa sangkan dijaringdiaping, dinulur karahayuan.Saban poe manehna tiginpisan ngalatih diri, ngalajarrupa-rupa kasantikaan kapra-juritan, anu perlu dipibandaku unggal satria.

(lajengkeuneun)

27Manglé 2468

Page 29: Mangle 2468

Manglé 246828

Bagian

199

CCarita Nyambung

Peuting ka-240

Beuki lila,nini-ninitéh beukimeunangkaper-cayaan ti

Niam. Kitu téa mah, lan-taran éta nini-nini nem-bongkeun pasipatansoléhna. Mun keur ngan-jang ka imah Niam, tarapisan ninggalkeun solat.Lian ti kitu, ogé teu weléhngucel tasbé bari kun-yam-kunyem dikir.

Rék ngalaksanakeunpakarepanana téh lantipnaker. Mun kaparenganaya Nikmatullah, taracacarita nanaon, lian tinyaritakeun sual ibadahjeung kasoléh an. Ku lan-taran kitu, boh Niam bohsalakina gé jadi resepeunka éta semah téh.

Waktu Niam nyora -

ngan da salakina mahbiasa usaha, nini-niniwakca. Cenah, kacida tu-marimana ka Niam téh.Atuh, remen pisan ma -néhna ngadoa sangkanpribumi meunang kabag-jaan jeung aya dinakasalametan.

“Ngan, bakal leuwihhadé nyai langsungngada ta ngan jalma-jalmasoléh ménta didoakeunsangkan pinanggih jeungkabagja an,” ceuk nini-ninimimiti masang pitapak.

“Enya sabenerna mahkuring hayang pisannepu ngan jalma-jalmasoléh téh, hayang sigaema, suhud ibadah,” ceukNiam.

Nini-nini seuri.Haténa bungah lantaraneupanna mimiti disang -gut ku Niam. Ceuk pikir -na, pribumi téh moal hésédibawa kaluar ti éta imah.

“Alus atuh ari ka-hayang nyai kitu mah.Tapi, kudu aya idin heulaboh ti mertua boh tisalaki,” ceuk nini-nini.

“Puguh wé! Kuring gémoal wani indit ti imahatuh ari teu diidinansalaki atawa mitohamah.”

Dina séjén waktu,Niam bébéja ka mitohaawewe yén rék nyabanepungan jalma-jalmasoléh guru si nini-nini.Ngan, mimitina mah, mi-tohana téh teu ngidinan.Kitu deui salaki na, saruateu ngidinan, da cenah,mun téa mah rék guguruka jalma soleh guru sinini, engké wé geus nyal -sé, ngarah dibarengan kumanéhna. Dina sajero -ning can meunang idin,nini-nini mah terus nyu-mangetan sangkan Niamsagancangna bisa nurutkana saran ma néhna.Nya, ku bisana si ninicacarita, Niam gé beuki

kaolo nu antukna mah,da tang deui ka mitohanabé béja deui. Ngan, anggerwé, indung salakina téhteu ngidinan, henteu aringa hu lag mah. Cenah,mun maksa mah kumahakarep wé.

Taksiran, nini-nini gétuluy-tuluyan metakeuntarékah. Ahirna, waktuNiam keur nyorangan, dasalakina mah keur ka luarkota, si ini-nini ngajakpribumi indit ti imah.Cenah, da moal lila,méméh salaki Niam balikgé maranéhna geus ayadeui di imah.

Antukna, pribumi téhpercaya. Indit wéh kaluarti imah, kalayan rerencep -an, lantaran sieun kanya-hoan ku nu séjén.

Di satengahing lalam-pahan, Niam teu tatanya.Kumaha nu mawa wé. Ki-tuna téh mémang teu apalrék dibawa ka mana-man-ana. Nu pasti, ceuk pikirNiam mah, manéhna téh

Page 30: Mangle 2468

29Manglé 2468

rék ditepungkeun jeungjalma soleh nu payus di -guruan.

Waktu nepi ka wawan-gunan nu sakitu sigrong -na, Niam kakara ngarasapanasaran. Da, sakanyo -na, jalam-jalama solehatau syéh mah, tara cari -cing di tempat mewah.

Saterusna, Niam téhditempatkeun di kamar.Cetrék dikonci ti luar.Geus kitu mah, nini-niningaléos bébéja ka guber-nur.

Nu mingpin éta we -wengkon, kacida bungah -na. Nini-nini nu ditugas keun sina neangan abidserenkeuneun ka holipahgeus nembongkeun hasil.Harita kénéh, gubernurpaparéntah sangkan pa-gawéna nyadiakeun rom-bongan nu baris indit kaDamaskus mawa Niam.

Sanggeus aya di kamarkalayan dikonci ti luar,Niam kakara sadar, dirinatéh diculik ku nini-nini.Tapi, kumaha pipetaeun,da tangtuna ogé sakur nuaraya di dinya téh sa -pongkol jeung nini-nini.

Méméh dipasrahkeunka Damaskus, gubernurngadatangan heula Niam.Ngabuktikeun kageulisanNiam saperti nu dido -ngéngkeun ku nini-ninitéa. Tétéla, enya, éta abidtéh kacida geulisna, moaléléh ku rurupaan awéwéterah karaton.

Sanggeus cocog sagalarupana, gubernur marén-tahkeun rombongan sinamiang mawa upeti.

Kituna téh dibarenganku surat nu ditujukeun kaholipah.

Waktu asupkeun kanatandu, Niam teu bisa

majar kumaha. Ukurceurik dina haténa, lan-taran rumasa teu ati-atisarta teu nurut ka salaki.Apan, Nikmatullah mahkurang kumaha peupeu-jeuhna. Ti heula gé écéspisan caritaanana téh.Heug, cenah, rék nga-datangan jalma-jlamasoleh mah, tapi engké wédibarengan ku manéhna.

Rombongan ti Kufahnu diparéntah ku guber-nur ahirna mah, nepi kapuseur kota Damaskus.Kituna téh lungsur-langsar pisan, da taya ha-langan-harungan di ja la anna gé. Malum, rom-bongan gupernur nu rékngadeuheus ka holipah,tangtuna gé pada nali-nagkeun ku sakur aparatkaamanan nagara.

Sadatangna rombong -an ka nu dituju, Niam

langsung dipasrahkeun kabagian nu narima upeti.Ari suratna, langsung di-tarima ku holipah sartadibaca harita kénéh. Geuskitu mah, holipah téhmaréntahkeun sangkanNiam ditempatkeun di ro-hangan husus nu biasa di-paké keur selir holipah.

Najan ditempatkeundi nu sarwa alus, Niammah teu ngarasa bungah.Malah, nu puguh mahbeuki bingung jeungkaduhung wé. Da, geuskajudi ku dirina gé, ma -néhna téh dipake upetikeur pamingpin nagara.

Ras ka salakina, Niamsumegruk ceurik. Tayapikir sacongo buuk kudungijing sila bengkok sem-bah ka salaki. Rumasa,tina abid naék harkat téhku kulawarga salakina.Atuh, saterusuana, apansalakina téh sakidu mi -kaasihna ka manehna.

Kasedih Niam kitu,kayahoan ku salah sau -rang badega nu biasa di-gawé di éta tempat. Kulantaran ngarasa hari-wang, papanggihananatéh dibejakeun ka salahsaurang wanoja nu tayalian ti adina holipah.

Sakanyaho éta wanoja,abid nu kakara anjog kaéta tenpat téh, biasa wéabid nu anyar dibeuli.Mun téa mah, sedihmeureun pedah papisahjeung jalma-jalama nudeukeut jeung manéhna.

Peuting geus ngagayuhka subuh. Saperti biasa,Syahrazad mungkasheula caritana, sartajangji rek neruskeun deuiéta lalakon peuting eng -kéna. ***

(Hanca)

Page 31: Mangle 2468

Manglé 2468

PPanineungan

Leuwih ti satengah abad Abah jeungAmbu babarengan, ngurus jeungngagedékeun kuring sadudulur anu

jumlahna sapuluh. Bororaah kagungangajih nu tetep Abah jeung Ambu mah, dakasabna gé ngan jadi patani leutik. Ngolahsawah ngurus kebon; salsé tina makaya -keun lahan Abah sok rajeun ka pasar, kituwé ngadon dadagangan leuleutikanan.Jadi, cindekna mah kahirupan kolot kuringteu leupas tina dunya tatanén, dadagangan,miara lauk di kulah jeung sawah, jslté.Hasilna, sajaba pikeun kaperluan daharkulawarga téh jeung keur ngawaragadanatikan anak. Alhamdulillah, tina saduluranu sapuluh téh saeutikna taramat ari és-ém-a waé mah.

Kungsi dina hiji poé sanggeus kuringboga incu, ngalongok Ambu jeung Abah.Harita, dulur nu sapuluh (kaasup nubungsu) geus imah-imah sorangan. Atuhmun dina istilah pagawé nagri mah Abahtéh geus tepi ka mangsa pangsiun.

Indit ti Sukabumi ngahaja isuk-isuk,tepi ka lembur kira-kira jam sapuluh. Han-jakal Abah teu kasampak. Ceuk Ambu mahmeureun keur nempo cai ka sawah nupengdeukeutna. Sabot nungguan Abahdatang ti sawah, ngadon uplek ngobroljeung nu jadi indung. Sagala dicaritakeun,utamana ngaguar deui lalakon kuring keurleutik. Asa balik deui ka jaman keur budak,sabot nungguan sangu asak téh siduruhareupeun hawu. Ngabubuy hui boléd,atawa meuleum asin peda dina ruhak nuburahay. Harita mah karék aya kuring, adinu salapan can lahir. Harita, mun kuringgeus teu kuat nahan lapar, sedengkeunAbah can mulang waé. Ku Ambu sok di-hempékkeun dahar tiheula, tapi ari han-cengan Abah mah ku Ambu sokdipisahkeun dina wawadahan anu bédaparantina. Mun Abah mulang ti pagawéan,kuring mah geus ka mana boa ngablu teupuguh, kawantu keur meujeuhna resepulin. Jadi, tangtu wé teu kabandunganmangsana Ambu jeung Abah mun keurdalahar mah. Harita, bari ngobrol ha -reupeun hawu téa, kabiasaan kuring sate -ngah abad kaliwat lain waé asa nembongandeui, tapi dipraktékkeun deui. MireungeuhAmbu pak-pik-pek popolah, teu karasa

beuteung kukurubukan. Padahal mah teupira, jauh mela-melu mun dibandingkeunjeung pasakan sapopoé pamajikan di imahnu sok sagala aya jeung diaya-ayakeun.Ambu mah pira gé masak lodéh (tepi kaharita ogé Ambu mah nyebutna masihkénéh “sambel godog” cenah) nu kumplitmaké térong, kacag panjang, pucuk dauntangkil, jéngkol sepi dikeureutan aripisdiémbohan cabé héjo jeung diseungitanhumut honjé. Cipatina kaciri mani lekoh,ngagolotrok dina panci leutik, da ari pancigedé mah geus heubeul dipangsiunkeun.

Laukna sarua teu pira. Bororaahdugang-daging, cukup lauk selar “diba-juan” ku tipung béas, dicampuran bawangdaun digalokeun, digoréng téh tangkaangin-anginan seungit. Katambahan basaAmbu ngeurihkeun sangu pandanwangitina aseupan, ngakeul dina dulang diban-tuan ngahihidan ku kuring, seungit sangupulen mani geus asa dina tikoro.

Ambu mah ti baheula gé surti, basamireungeuh kuring elok-elokan kabita téhngahempékkeun nitah dahar tiheula. “keunwaé Abah mah, biasana gé engké deukeutka waktu duhur” ceuk Ambu.

Komo geus dihempékkeun, da tadinagé rék miheulaan dahar. Sabataé nyelebeksorangan di hareupeun hawu, dibandun-

gan ku Ambu anu keukeuh nungguan Abahdatang. Alhamdulillah, teuing nambahsabaraha siukan, nyaho-nyaho geussababaraha kali teurab ampir kamerekaan.

Masih kénéh pipir hawu nu seuneunageus dipareuman, neruskeun obrolanjeung indung. Enya wé, deukeut ka waktuduhur, Abah ngulutrak datang. Da pastigeus maphumeun, waktuna dahar téh ku -ring mah teu miluan deui, duaan wé aye-una mah nu dalahar téh Ambu jeung Abah,tinggal kuring nu ngabandungan.

Karérét Ambu mukaan sangku sangu,horéng geuning hancengan Abah mah geusngahaja dipisahkeun di dinya, sangu-sayurkatut lodéh jeung sagala deungeunna. Par-alun, jadi keur Abah mah lain sésa nga-hanca kuring tadi. Abah ngajémprak sila,sor ku Ambu dideukeutkeun. Karérét saa-can Abah ngamimitian mah, Ambu teu mi-heulaan ngahuap. Sagala pasakan kuAmbu diasongkeun, dideukeutkeun kaAbah. Teu cukup ku sakitu, peuteuy sélongatawa malanding beuneur dipangmo -célankeun. Tegesna Abah mah kari nga -huap keun téh lain bobohongan. Ari Ambumah dahar téh sakadarna, da bari teu kaopngawaskeun Abah bisi aya kakurang atawaaya paméntana.

Ti bihari jaman kuring keur leutik, tepika kiwari mangsana kuring geus incuan,sikep Ambu ka abah taya robahna. Abah kuAmbu bener-bener dianggap jeung di-jungjung lungguh jadi “raja” di rumahtangga.

Bada réngsé solat duhur di tajug, ku -ring balaka ka Abah yén kacirina Abahbagja pisan nyandingkeun Ambu anu satiasatuhu. Ari ceuk Abah harita, “ Ah, rajananahaon da Ambu mah ti baheula gé kitutaya robahna. Jadi raja sapoé meureunkawas keur papangantén,” saur Abah barinyerebungkeun haseup bako molé kase-nengna. Ari ras kana cariosan Abah, anucenah anjeunna mah raja sapoé. Jeung kuenyana siga nu geus aya kila-kila, sabulanti harita Ambu ti payun ngantunkeun.Abah teu aya nu ngawulaan deui. Abahnyalira deui, nunggu-nunggu Dawuh tepika cunduk waktuna. Enya boh kuring nujadi anakna, atawa Abah boa-boa sabarahapoé deui kumelendang di ieu dunya…***

Mupujuhkeun”Raja”Ku Endan Sukanda

Hormat tilawat, pamajikan ka salaki,anak ka bapa, incu ka aki.

30

Page 32: Mangle 2468

31Manglé 2468

PPanineungan

Jadi Wawakil Rakyat Awal Orde Baru

Ku E. Saefullah Wiradipradja *)

Dina hiji soré taun 1968 kuringjeung pun bojo keur jalan-jalan diAlun-alun Bandung. Di ha -

reupeun bioskop Radiocity, hawar hawaraya pangumuman dina Radio anu nyebutngaran kuring diangkat jadi anggotaDPR-GR/MPR RI. Ku lantaran nyangkaatawa teu hir teu walahir, éta béwara téhteu iyeuh diperhatikeun kalawan teu jadipikiran. Barang geus nepi ka imah, raributnétélakeun aya pangunguman dina tele-visi (hideung bodas kénéh) yén kuring di-angkat (ditunjuk) jadi anggotaDPR-GR/MPR RI, jeung isuk kudu kaJakarta geusan dilantik. Peuting éta kur-ing tatanya ka babaturan ogé nu diJakarta. Jawabanana sarua, enya kuringcenah dipeto jadi anggota DPR-GR/MPRRI. Kuring bingung naha enya kitu?Jeung kudu kumaha? Maké baju naon?Mawa baju keur sabaraha poéeun?

Pondokna carita, subuh-subuh ku ringmiang ka Jakarta, ka Senayan, bari mawakoper keur salin. Enya wé kurang leuwihtabuh sapuluh, sanggeus néken daftarhadir kuring dilantik. Asa ngimpi. Haritakuring panggih jeung para inohongKAMI/KAPI saperti Fahmi Idris, CosmasBatubara, Zamroni, David Napitupulu,Sugeng Saryadi, Rafmuli, jeung sajabana.Kuring kakara ngarti yén kuring ditunjukjadi anggota DPR-GR teh lantaran kuringharita jadi Ketua Umum SEMMI (SerikatMahasiswa Muslim Indonesia) hasil Kon-grés di Makasar taun 1966. Ari SEMMItéh anggota Presidium KAMI Pusat,sarua jeung HMI, PMII, GMKI, PMKRI,GMSOS, jeung sajaba ti éta, anu kate-lahna Angkatan 66. Dipetona Angkatan66 jadi anggota DPR-GR/MPR nyaétangeusian korsi nu lowong urut PKI nugeus dibubarkeun.

Lucuna, mun ayeuna mah meureundianggap bodor, nyaéta waktu kuring di-lantik teu mawa surat-surat nanaon, ka-jaba béja tina radio jeung televisi wé. Nyakitu deui waktu rék dilantik teu ditanyananaon, kajaba ngaran jeung alamat naha

bener (disaluyukeun jeung KTP).Sanggeus dilantik kakara dibéré formulirnu kudu dieusian kalawan surat-suratkaterangan nu kudu dilampirkeun. Nyaatuh kuring saréréa nu ti “daérah” mahsina baralik deui ka daérahna masing-masing ngumpulkan surat-surat nudiperlukeun (sapeti Ijazah, surat ti Desa,Kacamatan, Kotamadya, dst). Jadi haritamah dilantik heula kakara ngurus surat-surat nu diperlukeun (kaasup Surat Kat-erangan Kelakuan Baik ti pulisi, kate rangan kasehatan ti Rumah Sakit).Sanggeus réngsé sagalana, kakara kuringdibéré Kartu Anggota DPR-GR nu rupanabeureum, ditandatangan ku Ketua DPR-GR RI KH. Achmad Syaichu.

Fasilitas anggota DPR-GR/MPR RIwaktu harita mangrupa tiket kareta apikeur sakuliah Jawa (nu di luar Jawa meu-nang fasilitas pesawat udara keur balikdina waktu reses). Transportasi lokal diJakarta teu aya, perumahan anggota teuaya. Keur nu ti luar Jakarta, dibere duitnakeur transporatasi umum (taxi, beus kota)jeung keur ngotrak imah biasa (laingedong nu alus, kajaba mun rék nom-bokan sorangan). Kuring jeung babaturanurang Yogya jeung Probolinggo ngontrakimah di daerah Pejompongan, ngarahdeukeut ka Senayan. Kabéh gé teumarawa bojo. Unggal poé mun rék sidangleumpang meuntas jalan Gatot Subroto(harita sisi jalanna can dipager kawas aye-una). Lamun rék rapat jeung mitra kerjanu tempatna di luar gedong DPR, kuringsok kana beus kota, lamun babarenganjeung batur sok nyéwa taxi, atawa ngilu kanu bogaeun mobil – nu diiluan téh mi-mindengna Pak Wartomo nu boga mobiljeep Landrover geus kolot). Kuring balikka Bandung, tiap poé Jumaah soré lan-taran poé Saptuna kudu méré kuliah diUnpad, balik deui ka Jakarta Senénsubuh. Bulak-balik Jakarta – Bandungsok naék karéta api Parahiyangan. Munaya sidang nepi ka peuting sok balik téhkana Parahiyangan nu pan untup nyaéta

nu tabuh 09.00/10.00 peuting.Zaman harita, nu ku kuring kaala-

man, upama rapat-rapat, boh Komisikomo Paripurna mah, éstuning ruangantéh ampir pinuh waé, jarang aya nu bolos,sigana boga rasa tanggung jawab kabalaréa, sanajan sabenerna jadi anggotaDPR-GR/MPR téh teu dipilih, tapi di-angkat/ditunjuk, ngan ku lantaran dise-butna “wakil rakyat”, atuh aya rasatanggung jawab kudu ngabéla kapenti -ngan rakyat jeung aya rasa salawasna di-talingakeun ku rakyat.

Hiji mangsa, di pelabuhan TanjungPriok aya puluhan mobil Holden nu teupuguh saha importirna (meureun ayasangkut-pautna jeung Orla), sigana disitaku nagara. Eta mobil téh ditawarkeun kapara anggota DPR-GR anyar, bisi rékdibareuli, tangtu hargana leuwih murah(mungkin lantaran béa masukna dibé -baskeun). Secara spontan kabéh anggotabaru (diluluguan ku eksponen 66) nolakkana éta tawaran. Alesanana mendingkénéh dilélang, duitna asup kana kas na-gara pikeun kaperluan nu leuwih pentingti batan ngan saukur keur para anggotaDPR-GR, sok sanajan teu kabéh baro-gaeun mobil.

Kuring jadi anggota DPR-GR/MPRtéh nepi ka taun 1971, nyaéta nepi kaPamilihan Umum ka-2 sanggeus Indone-sia merdéka. Lantaran para calon kudu tipartai pulitik, kuring teu milunyalonkeun, jadi kuring jadi anggotaDPR-GR/MPR teh ngan nepi ka taun1971, saterusna nepi ka pangsiun ti pa-gawe nagri (PNS) taun 2008 kuring tetepjadi dosen di Fakultas Hukum Unpad.Rarasaan kuring jadi anggota DPR-GR/MPR RI teh beurat pisan, boh tang-gung jawabna boh pagawéan pisiknajeung pikiranana.***

*) Ketua Pusat Studi Sunda, GuruBesar Hukum Udara & Ruang

Angkasa Unpad

Page 33: Mangle 2468

Manglé 246832

CCarita Nyambung

Haritakaayaannagarakeurmeumeu-jeuhna

harénghéng balukar krisismonétér. Hahargaan ngadak-ngadak patingtérékél.Pangabutuh sapopoé, kayan-ing minyak atawa gula, ujug-ujug lus-les laleungitan. Ariduit sama sakali ngagejrétpangajina. Nya tina lantaranéta, antukna di kampus karasangahéab. Katugenah katut ka-teusugema ka pamaréntahanu mangtaun-taun dikuburmimiti tingboréngkal deui.Tul-tel wéh béja di papadamahasiswa. Cenah di kampusanu geus tatan-tatan, di kam-pus anu mimiti nyieun gera -kan, jeung sajabana deui.

Saenyana ti saprak clo ku-liah ogé kuring sok rajeunngadéngé haréwos, yénkakawasaan Juragan Ato téhgeus mimiti doyong. Tapi teunyangka ari bakal dihin pinastisakitu gancangna mah. Tiranianu samakta ku senjataangkatan darat téh teu mang-

gapulia ari kudu adu hareupanjeung rahayat mah. PeristiwaTrisakti anu jadi palatukna.Mahasiswa anu geus teu sabarmaksa rék ngajorag ka Sena -yan. Tapi karék gé semet la -wang gerbang kampus geusditeregteg pélor mantén. Atuhbruh-brah korban. Opat urangtiwas sapada harita.

Nyel wé timbul kakeuheul.Pamustunganana di unggalkota réwuan mahasiswa barijilti kampusna séwang-séwang,lir nyiruan dikeprak tinasayangna. Tuluy waé ngahijijeung rahayat anu sarua pada-pada neundeun kaceuceub.Émbaran ti aparat sangkandémonstrasi kudu di sabu -deur eun kampus geus teu di-paliré deui. Malah saterusnakakacowan tuluy ngabebela diJakarta. Nya basa keur usumdémo kuring panggih jeungMelani téh.

Mahasiswi D3 JurusanEkonomi Koperasi, saang -katan jeung kuring. Awaknajangkung leutik. Pakulitanbodas. Ari lebah rupa nga-harib-harib urang Cina. Semusipit bari irung mancung leu-

tik. “Sanés yéy, abdi mah

Sunda asli da. Linggih gé diBandung,” cénah dibarungseuri, basa harita munggaranwawuh di PKM, saméméhmiang ka Gasibu.

“Manawi téh Joan Chen.Puguh ti mangkukna ogé asahéran, aya chinese kuliah didieu. Da biasana ogé apansakolana téh sok di luar negeri.Di Jerman, Amerika, atanapiAustralia. Minimalna ITB,”cék kuring deui bari saruaseuri.

“Sipit mah tos ti ditunatuda, sanés kahoyong. Ih, sokmerhatoskeun nya. Mani teuwartos-wartos. Padahal pamiterang aya nu nyérangkeunmah abdi ogé badé pasangaksi heula.” Manéhna malikngoconan. Teu karasa dijieun-jieun, teu karasa cetaan. Éstusaujratna nyarita kitu téh.

“Sok atuh ayeuna. Meung-peung abdi nyandak mégapon.Bilih waé hoyong gagarawa -kan di dieu.”

“Nya engké atuh di ditu, ditéater terbuka. Kateuteuari didieu mah.”

“Kersa kitu engké orasi diditu? Pami badé ku abdi di-daptarkeun.”

“Nyaéta... alim. Jantenbarisan belakang wé abdimah, ngabagi-bagikeun kon-sumsi.”

Kitu wawanohan kuringjeung Melani téh. Tina tadinasok milu lalajo mimbar bébasdi lapangan téater terbuka,irid-iridan di PKM, laju satu-luyna babarengan turun kajalan.

Amis budi, pikacongga-heun, pinter gaul ongkoh. Kitukesan anu mimiti timbul ti

manéhna téh. Resep kana ilu-biung dina kagiatan, deuih.Najan boga tangtungan pikau-ruyeun, teu matak jadi halang -an papanasan di lapangan.Atawa milu asup kana barisan,silih dorong jeung patugaskaamanan. Malah basa miangka Jakarta ogé manéhna teukaiwalkeun. Padahal ka ditutéh tumpak mobil pul angingelebug, alias treuk diterpalan.Turta didedet deuih di jeronaogé. Carékna diéntép pindang,lir muatan iangkeuneun kapasar induk.

Nya tina lantaran éta ku -ring laju kataji ku manéhna.Aya deui kétang. Kuring ogékataji ku pangabisa manéhnadina bab ngését biola.Sakumaha ilaharna démon-strasi harita, di tengah-tengahacara téh sok diselang ku pen-tas seni. Horéng manéhnamah embung sotéh lamun di-titah orasi. Barang dipéntapentas di luhureun panggungmah tara kalékéd. Turta teukaciri geumpeur deuih, waktunangtung hareupeun réwuanjalma téh. Jajauheun kanasamar polah mah. Éstu per-caya diri nakeranan. Salangsurupna lagu bisa katuturkeunkalawan imeut. Padahal teukungsi maké gladi resik-gladiresik sagala. Da puguh dida -dak pisan. Ari kalacat naék,langsung jréng maén (éta gépanitia duka apaleun ti sahalamun manéhna tabah kanangését biola. Turta biola anudipakéna téh lain meunangmawa sorangan, tapi geusnyampak aya di dinya).

Enya, kuring kataji kumanéhna. Lain kataji ku ru-pana waé, tapi ogé ku priba -dina. Asup kana babasan

Layung Ngempurdi Kampus Bungur

Ku Lugiena De

1212

Page 34: Mangle 2468

33Manglé 2468

miyuni kembang téa. Wajarsaupama anu hayangeun lainukur hiji dua. Carékna nu sokulukutek di PKM mah pada-pada ngahéroan. Tapi diker-sakeunana téh manéhna tuluydeukeut jeung kuring. Sapan-jang kagiatan teu weléhbabarengan. Komo waktukeur di Jakarta mah, manéhnatuluy montél teu lésot-lésot.Ari kuring mah nya sidik bu -ngah nu aya, asa dicukangangeusan meuntas. Padahal keurnyanghareupan kaayaanriceuw nu matak bangreungharita téh.

Turta lain semet cauambon dikorangan geuning.Tina deukeut salila sabulan,tétéla manéhna gé maliknandéan.

Saumur hirup asa kakaraharita kuring kebek ku kabagjaanu sakitu gedéna, basa timanéhna kedal narima. Co-hagna tuluy surak dina jerohaté. Komo deui teu lila tiharita nyusul Suharto ngun-durkeun diri tina korsi ga -dingna. Surak enyaan ayeunamah, babarengan jeung pu-luhan mahasiswa séjénna, baringagembrong telepisi di PKM.Surak ku hiji ku dua kuringmah. Cacap kasuka téhsaenyana.

Najan teu kungsi dikedal -keun ku lisan, sawatara bulanti harita kuring sorangan bettuluy boga ingetan hayangdaria jeung manéhna téh.Mungkin waé cék kailaharanmah humayua téa kasebutna.Heueuh, tuda kuliah gé kakaranincak tingkat tilu, bari umurrék manjing dua puluh dua.Tapi mémang kitu nu karasaku kuring mah. Sagala rupa nunyampak di manéhna asa copjeung lelembutan, sapagodosjeung angen-angen sorangan.

Kuring ogé sok rajeun tu-manya na jero haté: nahaayeuna mah rasa nu nganciktéh béda jeung tiheula-tiheu -la? Padahal lain manéhnawungkul awéwé anu kungsijadi éntri dina kamus hirupkuring téh. Tapi jeungmanéhna kuring mimitimanggih hartining jodo. Pa -ngaruhna ka diri sorangan ogé

asa gedé kacida. Kalakuanrada eungkeut-eungkeutrobah, teu tunggul dirurudcatang dirumpak teuing.

Tapi da mungguhing kudukitu caritana. Kabagjaan anudiwangun ku kuring jeungMelani téh sasatna nanjeurluhureun kapeurih batur.Enya, kapeurih Astri. Hubu -ngan sataun leuwih tung-tungna pungkas basa Melaningandih tempat manéhnadina jero haté. Kuring soran-

gan rumasa, yén talajakmegatkeun manéhna téhsaenyana mah teu leuwih tikalakuan bubudakeun. Tapijustru kituna téh lantaran ku -ring manggih hiji hal anu céksorangan mah teu bubuda -keun. Jeung Melani kuringmanggih sumanget pikeun

neuteup poé isuk. Hirup anuasalna asa sahinasna ujug-ujug bruy-bray ku rarancangjeung harepan.

Perkara éta kungsi ditepi -keun ka Astri. Naha manéhnabisa surti atawa henteu, teukungsi kapaluruh. Da anupangheulana némbrak timanéhna téh nyaéta cimataanu murubut. Palias létahnamah teu engab sakecap-kecapacan barang ku kuring dicari-takeun kitu téh. Sanggeus

sawatara lila, kakara waémanéhna pok ngomong.

“Nya ari kitu kapalaymah,” cék manéhna pondok.Tuluy cengkat, léos baé indit.Taya basa nerag, taya basanyalahkeun.

Najan ka Melani mah teuwaka betus, tapi meunang

sawatara lila rada kapikiranogé ngeunaan Astri téh.Turug-turug tuluy réa curukanu neumbleuhkeun kasala-han ka kuring. Enya, lebahdinyana mah rumasa. Tapi teunarima ari ditamplokkeunkabéh ka kuring mah. Étapangna anu ngalantarankeunkuring tuluy api lain téh.

Béh dieu-béh dieu kuringsorangan sok rada ngaragapdiri. Sok bijil kereteg hatéhayang ngoméan deui silatu-

rahmi jeung manéhna. Lajuanu tadina sok saperluna tuluyundak jadi nanya tiheula.Turta muncak bisa silihkedalkeun gerentes hatéséwang-séwangan, duaminggu kamari, sapoé satu-tasna sidang.

(lajengkeuneun)

Page 35: Mangle 2468

Reuay anak, galitukincu ku rupa-rupapisan pamolahna. Nu

lalaki nu awéwé sarua waé,utamana mun geus nga-heureuyan akina. Tapi bawi -rasa, heureuyna ogé sawatesheureuy barudak, tetep wématak lucu pikayungyuneunkeur nini-akina mah.

Sanajan saumur hirupcan kungsi ngareuah-reuahulang taun, dina harti wetonkalahiran kuring dipéstakeunkawas ilaharna barudak ki-wari, tapi basa itungan geuspanceg kana umuran 60 taunmah anak incu satengahmaraksa sangkan kuring nga -yakeun ulang taun. Enyangan ceuk itungan, da wetontéh kuring mah dipaparah,anu napel kana sarupaningSK ogé sabenerna mah“paméré” Kapala S.R. (SakolaRa’yat). Bihari nalika Abahngasupkeun kuring ka sakolateu mawa catetan (man-akomo akteu mah can ilahar),kawantu di lembur manyang-munyung. Nyakitu Ambu ogépungak-pinguk, tumerapnamah tanggal katut taun ka -lahiran téh dipaparah ku Ka-pala Sakola.

Kaitung ramé ogé dirén -céng-réncéng téh. Nyakitu SiAmbu ti subuh mula geuskaprak-keprek numpeng dameureun geus dibadamian.Anak-incu kaitung kumplitngarumpul di patengahan,

saréréa ronghok lalajo eusilép-top anu disebrotkeun kuinfocus kana témbok. Tiapbagian caritana kaitung ngag-uluyur, dimimitian ku “CintaLawas Aki & Nini” kuringjeung Si Ambu tangka nga -rénjag basa mireng aya potolawas hideung bodas. Teuingdikarumahakeun, poto lawashideung-bodas maké bisa ayanu ngaréndéng jeung paka -léng-kaléng sagala.

Barang bras kana “CintaAki-Nini Masa Kini”, bréhanu harayang kenalan jeungkuring. Kabéh ogé mojangkeur meujeuhna “kolot kala -pa” pikeun saumuran kuringnu geus deukeut ka pangsiunmah. Ti mana ti mendi, méréadrés cenah mah hayangwawanohan. Anéh, ahéngjeung hemeng da teu rumasakungsi masang “iklan” anuceuk incu mah dina Twooparanti lalayaran di dunyamaya.

“Tah engking, ieu mahaya ti Sumatera sagala, ayanu ti Jambi sareng ieu aya nuti Bali. Ti Sukabumi mah, tuhtos teu kaétang deui,” ceukincu bari ngutak-ngatik lép-top. Kumah aya nu ka-manah?” tanya incu nu hijideui.

Bari rada garo-garo teuateul, kuring tumanya kuma -ha bisana kitu? Ari bréh téhdata kuring dina layar.Paingan atuh matak héroy

pikaresepeun ibu-ibu (éhm)da poto nu dipajang téhwaktu kuring keur belekesen-teng kénéh. Keur opat puluhtaun, meujeuhna sagala-galana! Teu kawas kiwari nugeus sarwa kurang sagala-galana.

Nuhun nya bageur, kukamotékaran hidep aki-ninimasih keneh bisa seuri. Panceuk hidep ogé “sangat tidakelok” aya aki-aki nini-ninisamutut jamomom, pipi ke-mong lantaran tawéhwoh.Harita sakalian papagah kaanak-incu, yén sabenerna

Kangjeng Nabi ogé osokulang taun dina saban dintenwetonna, nyaéta Senén. Nu-matak disunnahkeun puasasunat Senén-Kemis ogé.Ngan tangtu wé tara nyeu -ngeut lilin jeung muter pilemmah. Waktu aramitan, incucikal nu motékar sanajanawéwé rada panglilana dita-han dina keukeupan, bari di-haréwosan sangkan data dinaTwoo sagancangna dipupu-san. Karunya kanu harayangwawanohan, kuriak waé aki -na disangka tokroh-tokrohsombong.***

Heureuy IncuKu Aki Endan Sukanda

Manglé 246834

Page 36: Mangle 2468

Si Ijul Kapiuhan

Ieu mah pangalaman tatangga diCilembu. Jalan ka kampung Cilembupasti nu arapaleun mah ngabirigidig

lebah tanjakan. Nya loba tatangkalan nyateu aya lampuan. Sisi kénca jeung katuhujalan pinuh ku tatangkalan. Dapuran awi,séngon, jéngkol, ongkoh anu apal mah kajerona aya astana. Sabada adan magribogé kacipta poékna.

Budak tatangga kuring anu cikalngaranna Ijul. Umurna kakara lima belastaunan. Budak ludeungan. Lamun kapeu -tingan balik, kolot ogé loba anu ngurilingjalan ka perumahan, ngarah teu ngali-watan tanjakan anu poék téa. Tapi si Ijulmah henteu kitu. Sorangan ogé ngaliwatka dinya, bari nikreuh, ludeungeun.

Tapi salain ludeungan, si Ijul ogé jailka batur. Lamun nyahoeun ka jalan tan-jakan téa rék aya anu ngaliwat, si Ijultatan-tatan ngaheureuyan. Babakuna mahsok maké mukena indungna, terus nagogdina tangkal jéngkol. Atuh anu ngaliwat,komo anu tadina ngawani-wani manéhmah, patingbalecir baralik deui. Da puguhlumpat ka tonggoh mah nanjakna netek,nya anu gampang mah balik deui ka han-dap. Malah kungsi aya anu satengah-jamna henteu bisa ditanya. Meureunbakat ku reuwas jeung capé.

Atawa cara jailna téh sok malédog -keun taneuh ngeprul ka anu ngaliwat.Tina tangkal jéngkol kénéh ari tempatnamah. Atuh tanjakan téh jadi katelahsanget. Da puguh anu kungsi disingsieu-nan téh ngadongéng ka sasaha. Si Ijul mahseuri wé sorangan lamun aya anungadongéng sangetna tanjakan téa.

Mimitina mah teu aya anu apaleunanu sok nyingsieunan lebah tanjakan téhsi Ijul. Tapi hiji peuting mah anu balikngobor manggihan si Ijul ngabebengkangdi handapeun tangkal jéngkol. Anu ngo-bor téh mimitina aranéheun, naha si Ijulsaré di handapeun tangkal jéngkol. Tapibarang diguyah-guyah henteu hudangwaé, gancang waé si Ijul dipangku, dibawaka lembur.

Sadar sotéh si Ijul sanggeus diceu -ceuhan jeung irungna ditémpélan lamakdiminyakseungitan. Sapeuting éta mah siIjul henteu bisa ditanya. Saréna ogé dibat-uran ku amangna. Isukna kakara si Ijulbalaka. Manéhna cenah anu sok nyingsi -

eunan lebah tanjakan téh. Tah peuting kamari, da

apal aya anu rék ngaliwat katanjakan téa kira-kira jamsalapanan, si Ijul kukurubu-

tan ka kebon, terus naék kana tangkaljéngkol. Taneuh ngeprul keur pamalédogdijingjing dina kérésék pelastik. Tapi acanogé si Ijul malédogkeun taneuh, aya anumiheulaan tina dapuran awi. Taneuhmara lak saukur kana tangkal jéngkolwungkul cenah. Si Ijul reuwas. Barangditingali ka lebah tukang, kana dapuranawi, si Ijul calawak rék ngagorowok teubisa. Terusna mah ragrag jeung teu ingetnanaon cenah.

Nepi ka ayeuna, ampir sapuluh taunanti kajadian éta, si Ijul henteu daékeunngadongéngkeun naon anu aya dina da-puran awi téh, anu nyababkeun manéhnaragrag jeung kapiuhan. Ngan ti harita,lamun kapeutingan balik téh, si Ijul tarawanieun ngaliwat tanjakan. Kajeunnguriling, sok ka jalan perumahan waéanu caraang. ***

Lina Herlina – Bandung

Awéwé Kuleuheu

Geus biasa, ari naék angkot téh taraluak-lieuk. Buru-buru baé murujuru, sabab éta posisi nu paling

cocog keur nundutan, ngalamun atawangoprék hapé.

"Bah dituan!" kadéngé sora awéwé nudiuk di lawang panto nyelengkeung.Dirérét ku juru panon, wanoja di gigireun -ana tuluy ngised, jadi pahareup-hareupjeung kuring. Niat ukur ngarérét wungkul,jadi nambahan asa hayang niténan najanbari maling-maling ogé.

Sapatu palastik kelir konéng nutupansukuna. Tiung jeung bajuna geus lalayusekar, komo samping nu dipaké ngais bu-dakna mah geus teu katingali gambar-gambarna acan. Bélél jeung kuleuheu.Budak nu diais ku éta awéwé ceurik. Teupati atra, ngan katénjo beungeutnawungkul dibulen ku samping kebat. Basaéta awéwé diuk rada déngdék katénjo nudiais téh orok kénéh pisan. Buru-burumanéhna ngaluarkeun botol susu tinakantong badag kelir kopi.

Euleuh? Cai hérang wungkul? Ah, pi-raku? Boa cai pikeun ninyuh susu? Di-tungguan sababaraha detik, sugan éta

awéwé ngaluarkeun susu kaléng atawasusu kentel amis. Tapi, sidik pisan éta eusibotol ukur cai herang nu langsung di-bunikeun kana aisan. Implengan kuringmah diasupkeun kana biwir éta orok, datuluy jempé. Tapi teu lila orok ngéar deui.Lapar kénéh meureun. Rék waregkumaha tuda, ngan ukur cai hérang? Euh,deudeuh teuing… Éta awéwé siga nukeuheul, tuluy cruk-crék bari luh-lah.

Sihoréng kaayaan kitu téh lain ukurkuring wungkul nu nempokeun, ayasababaraha panumpang nu niténan. Asadipelong ku si Euceu nu maké tasma, étaawéwé ngadilak tuluy najong! Geus tangtupanumpang séjén reuwas kacida bari silihpelong. Hareugeueun nénjo paripolah étaawéwé. Nini-nini nu diuk di tukangeunsupir mah nepi ka turun ogé seuri konéngteu ngartieun. Kuring buru-buru ngasup-keun hapé nu keur dioprék, paur bisi ayanaon ku hanteu.

Panumpang kari opatan, kuring, siEceu, awéwé éta jeung orokna. Angkotméngkol ka jalan Caringin, si Euceu nga -luarkeun ongkos. Duh, kumaha atuh siEuceu rék turun? Jaba Leuwipanjang jauhkénéh. Kari kuring meureun nu nyang-hareupan éta awéwé. Kusiwel nyokotongkos tina lokét, rék milu turun.

Éta awéwé nangtung. Tah, geuning…nuhun Gusti manéhna rék turun. Ger-entes kuring jero haté. Atoh kacida. Tapi,naha rék turun téh teu nyebut "kiri" atawangeureunkeun supir? Ieu mah kalahkangajengjen? Bari ugag-igeug suku étaawéwé nahan oyagna angkot. Manéhnaujug-ujug nonggéng bari muka calanapanjangna, tuluy calana jerona.

Wééééérrr...

Ningali kitu, si Euceu ngahalanganbudak nu diais, hariwangeun bisi labuh,da deukeut pisan ka lawang panto angkot.Siga jelema nu teu boga dosa, gék deui étaawéwé diuk. Manéhna tuluy ngaluarkeunlokét kelir oranyeu. Panonna gular-gilirnémbongkeun lokét. Dibuka, ditutupkeundeui. Tuluy diasupkeun kana kantongna.Kuring papelong-pelong jeung si Euceu.Najan ukur jero haté tapi kabaca tinapanon si Eceu, lokétna mah alus.

Anjog ka Pasar Caringin,"Kiri!" étaawéwé ngajorowok. Reg, mobil eureun.Jrut, manéhna turun. Léos, teu mayar.***

Nyi Roro

35Manglé 2468

Page 37: Mangle 2468

POLISIGuru SD keur nanya cita-cita kamurid-muridna.Guru: “Cing engke mun geusgede cita-citana hayang jadinaon?”Murid 1: “Abdi mah hoyong jan-ten polisi laut sapertos punbapa!”Murid 2: “Abdi mah hoyong jan-ten polisi militer sapertos Aki!”Murid 3: “Abdi mah hoyong jan-ten polisi tidur, supados tiasabobo wae bari damel teh.”

Malik RamadanJl. Situ Sanghiang No. 19

Parongpong – Garut

Malsapah"Eusi tapi kosong, kosong tapieusi?""Ih maneh mah ari nyarita tehsok jero naker, malsapah sagala.""Naon kitu?""Eta nu bieu, pan maslasahpisan.""Ah, teu malsapah. Ieu mahdompet uing, eusina mah eusitapi eusi duit batur."

Malik RamadanJl. Situ Sanghiang No. 19

Parongpong – Garut

ULANG TAUN“Uing lahir tanggal 29 Februari,ulang taun teh opat taun sakali.Da dina kalender teh lolobanatiap taun teh ngan nepi ka tang-gal 28.”“Keun alus atuh, jadi karasa spe-cialna ari nunggu nepi ka opattaun mah.”

Malik RamadanJl. Situ Sanghiang No. 19

Parongpong – Garut

Menta MaapPoe ieu hebat pisan, aheng, nepika loba jelema nu menta maap.Kabeh marenta maap, nepi kabasa di ATM ge, aya tulisan kieu“Maaf saldo anda tdk men-cukupi” emmmhhh.. nasib...

Imam SaefullohAstana Anyar No. 56

Lebay+ Aanyirrrr... etaa status manehlebayyy...- kuma uing we, status-statusuing..

+ Lain kitu, cik atuh update tehdina facebook.- Pan ieu ge dina facebook.+ lain ge facebook eta mah, tapitembok imah wa haji.

Imam SaefullohAstana Anyar No. 56

Teu puguhAni : aku orang sunda loh!Adul : naha nyaritana geuningindonesia?Ani : sebab aku orang indonesia.Adul : ah, plin-plan maneh mah!

Tata RohimanCiganitri No. 23

PopoeanOmon : Maaa maaaa....Ema : Naon sateh gogorowo -kan!!!!Omon : Hujang gede maaa!!!Angkat popoean bisi kahu-janan...Ema : (mikir heula) Naha da emamah teu moekeun baju poe aye-una mah!Omon : eta moekeun kentengma, angakatan geuwat bisibaraseuh!!!!

Tata RohimanCiganitri No. 23

DitanyaIbro di tanya ku bu guru..Bu Guru : “Ibro, kunaon kamari

teu lebet?”Ibro : “Sereg, bu.”

Lita LestianiLeuwigajah-Cimindi No. 34

Salah pokIman : “Néng! Tos gaduh salaki?”Unah : “Teu acan a!”Iman : “Sami atuh, aa gé canboga salaki da.”Unah : “Haaar!”

Lita LestianiLeuwigajah-Cimindi No. 34

KésangDudu : ku naon nya munhareudang sok kaluar késang?Dadi : Éta téh proses metabo-lisme tubuh epek tina panas.Dudu : Tapi naha atuh bet kudukaluar késang sagala, naha teusakalian wéh kaluar kota supayarada jauh?Dadi : Hayang ditampilingmanéh mah nya?

Reni TresnasariJl. Cibadak No. 45

Tarucing Adud : Naon persamaanana Ninikuring jeung Nini manéh?Ucil : Sarua Nini-Nini!Adud : Anyiiiirrr! Teu raméeuy!!!

Reni TresnasariJl. Cibadak No. 45

Manglé 246836

Page 38: Mangle 2468

IklanNyai : Mun ceuk iklan mah kieu,"Truk aja gandengan, masakamu engga" hahahaaIbro : fitnah siah, yeuh... uing géboga gandengan (bari nungtundomba)

Dodi IrawanBabakansari No. 88 Garut

NanyaGuru : "Maneh sok sabaraha kalimandi?"Murid : "Tilu kali, pak!"Guru : “Iraha wae?"Murid "Kamari, isukan, jeungpageto."Guru : Beu!

Dodi IrawanBabakansari No. 88 Garut

Liga Nyeri BeuteungPanar: “Sit ... liga mengbal manasiah nu kabeh pamaenna nyareribeuteung?”Kesit: “Ah … asa can ngadangu …meureun aya beritana dina wanstop putbol mun aya mah.”Panar: “Taluk can…?”Kesit: “Euweuh ah! Taluk.”Panar: “Aya ... liga jerman!”Kesit: “Naha …?”Panar: “Ngaran liga na ge‘MULES GILA’, jawara liga na,taun kamari ‘NGAYERMICEUN’”Kesit: “Dibejakeun siah… ka An-gela Merkel!!!”

DemuhKp. Pasir Luhur – Cibeber

Cianjur

Salah CicingHafiz: “Sit, saha cing pamaenbola awewe nu maen di ligalalaki..?!”Kesit: “Mahiwal, dicarekan FIFAatuh… PSSI teu apaleun...? sahaeuy…?”Hafiz: “Mpo Naryo Astaman.”Kesit : “Aeh... heu’euh nya!”

DemuhKp. Pasir Luhur – Cibeber

Cianjur

TumarosEgi: “Kuliah jurusan naon, Li?”Ali: “Sastra Perancis, Gi.”Egi: “Cik ngomong Perancisatuh!”Ali: “Je voudrais oublier letemps, Pour un soupir, pour uninstant.”

Egi: “Wih, jago lah. Kerén…”(bari teu ngarti)

Iqbal Maulana SuryanaSMA Negeri 15 Bandung

Cigugur Girang Kec. Parong-pong

Kab. Bandung Barat

PemiluP: “Ih basa pemilu kamari, kur-ing salah nyirian.”Q: “Naha maké salah? Apan ayainstruksina.”P: “Heueuh poho dibaca.”Q: “Émang salahna jigakumaha?”P: “Ku kuring kalahkah dibuleu-dan, inget ka UN.”Q: “Euh… Dasar budak SMA!”

Iqbal Maulana SuryanaSMA Negeri 15 Bandung

Cigugur Girang Kec. Parong-pong

Kab. Bandung Barat

Diasupkeun“Diasupkeun, tapi kalah nololkaluar, naon cing?”“Ah, maneh mah pikirananakotor wae.”“Yey, saha nu pikiran kotor, etaali jeung curuk. Sok kadinyaasupkeun, kan kalah nolol kaluar, lain buni.”“Eh, heueuh nya. Hampuraatuh!”

Noni Sunandar – Sukabumi

Hahariringan“Rek sedih, rek ambek, rek suka,rek bungah. Pasti teu weleh ha-hariringan.”“Saha tea? Nu gelo nya?”“His, lain. Eta tukang nyanyi.”

Noni Sunandar – Sukabumi

Néangan nu AsliKaamanan: “Rék iraha euy eu-reun kana nginum téh?”Tkg nginum: “Lamun kuringgeus manggihan inuman kerasnu bener-bener keras.”Kaamanan: “Sok dibéjaan kukami mun saratna ukur kitumah, asal manéh jangji rék eu-reun nginum.”Tkg. nginum: “Maksudna?”Kaamanan: “Tinggal meuli wébangsaning wiski. Terus asup-keun kana kulkas sina jadi és.Tah éta inuman keras nu bener-bener keras mah.”

Uus RukasahJl. Raya Cicalengka KM 24

Kab. Bandung

KatipuNu nanya: “Ari Nini yuswa téhsabaraha taun?”Nini: “80 taun.”Nu nanya: “Euleuh-euleuh sa -kitu tos sepuhna éta rambutmani gomplok sareng hideung.Naon éta téh rusiahna?”Nini: “Asal gaduh artos wé. Kan-tun ngagaleuh rambut palsu.”

Uus RukasahJl. Raya Cicalengka KM 24

Kab. Bandung

BalukarnaNini: “Naha atuh nya ka kami téhbet nyarebut waé nini?”Incu: “Nya pantes atuh da Ninimah tos sepuh?”Nini: “Enya ari kituna mah. Tapibalukarna keur Nini jadi goréng.”Incu: “Maksad Nini?”Nini: “Jadi tara aya nu naksir.Matak naon atuh nyarebut téhnona, tong nini. Meureun geusloba kabogoh téh.”

Kusda GunawanGang Aman 13

Jl. Gunung Sabeulah Tasikmalaya

Tina KaiIncu: “Nini ieu téh naon maniraos kieu?”Nini: “Pan lémbér éta téh Jalu.”Incu: “Leres cenah nya lémbertéh asalna tina ceuli nu maot?”Nini: “Enya.”Incu: “Ih atuh arijid nya?”Nini: “Ah henteu. Da nu paéhnagé lain jelema, tapi tangkal kai.”

Kusda GunawanGang Aman 13

Jl. Gunung Sabeulah Tasikmalaya

SaengabnaNu datang: “Abdi teh usaha kituusaha kieu, ngan bangkrut jeungbangkrut wé. Cik nyuhunkeunbongbolongan, kedah kumahaatuh abdi téh?”Dukun: “Na susah-susah teuing.Tinggal tong usaha wé aribangkrut waé mah”Nu datang: “Har?”

Kusda GunawanGang Aman 13

Jl. Gunung Sabeulah Tasikmalaya

37Manglé 2468

Ngalucu ku Basa IndungHirup huripna Basa Indung téh, ayeuna tos jadi tang-gung jawab sakumna jalma unggal bangsa di sakuliahdunya. Basa indung téh tos jadi salahsahiji konvénsi

PBB (Unésco) sarta Indonésia gé geus ngaratifikasi sartaboga kawajiban ngayakeun pangéling-ngéling Hari Ba-

hasa Ibu International unggal tanggal 21 Februari .Ras kana pangalaman macaan Hahahaha dina majalah

Manglé, tétéla unggal basa indung téh miboga kakhasanmasing-masing. Hahaha dina basa Sunda asa ngeunahdibacana. Mun pareng éta lulucon téh dibasa-Indonési-

akeun, karasana sok rajeun cawérang atawa garing.Ku kituna Hahaha anu ngeunah dibacana téh anu ditulis

ku nu tapis kana basa indungna jeung bisa ngajiwaan eusina.

Hahaha anu medal dina bulan Februari 2014 kamaridina Manglé no. 2462 – 2465, lalucu sarta anu tiluan

mah kapilih jadi pinunjul anu kénging hadiah Rp.250.000,00 (Dua Ratus Lima Puluh rébu rupiah) ti PaDrs.H Dadang Mulyana,M.Pd, Dékan FKIP Unpas. Nu

tiluan téh, Kahiji “ Mihapé” M 2462, kénging Sdrk. Asep Mahpudin ti SDN Haruman Sari-Garut.

Kadua “Calistung” M 2464, kéngingAyah Kawunglarang, Rancah 46387,

Katiluna “Préman jeung Budak”, M2465, kénging Ida Farida, Jl.Soekarno Hatta km 14- Bandung.

Nyanggakeun !***

Page 39: Mangle 2468

Manglé 246838

CCarita Pondok

Meunangbéja téhdisms kuKangWahyu:Ajengan

Emin ngantunkeun! Ngagebegna gé lain dikieu -

na. Panasaran ditelepon balik,teu diangkat-angkat. Tayohnamah kagok di jalan atawa teu-ing di tempat pagawéananakénéh. Nelepon kapiadi numatuh di lembur, enya cenah.Bada subuh ngantunkeunanatéh. Dikurebkeun poéan étakénéh, palolohor. Meunangsawatara jongjongan mahngadon ngahuleng waé, asateu percaya. Asa diheulang téhlain bobohongan. Dua poékatukang, mangkukna pisan,panggih jeung ajengan téh.Basa kuring nyelang ka lem-bur. Harita panggih téh pa -beu beurang, di saung balong.Teu ngahaja-haja nepungan,balik nyekar ti makam nemponu keur ngawur-ngawurkeunhuut dina galengan balong.Nilik tangtunganana moal betkapalingan, ajengan. Disam-peurkeun waéh.

Teu cara sasari, harita mahngobrol téh rada lila. Sagaladiobrolkeun sagala di-

dongéngkeun, najan ajengan -na mah mindeng nyebut ‘Amamah poho deui’ atawa nyebut -keun ‘Ama mah teu inget’.Pangpangna mah sakalieunkuring nyaritakeun pangala-man baheula basa kuring dia-jar ngaji di tajug anjeunna.Teu nyana panggih jeung ajen-gan di saung balong mang -kukna téh, panggih keurpanungtungan.

Ditingali salila ngobrol, és-tuning teu matak pikahari-wangeun. Nyarios sakumahamisti, ngoncrang. Saliranakatingal cangker kénéh najantos sepuh gé. Matak harita kia-teun lolongok ka balong gécingcirining jagjag kénéh.Ngan cenah panonna geuslamur pisan, talag-tolog teubisa nempo jauh saurna téh.Katangénna téh basa disam-peurkeun ku kuring, olohokneges-neges beungeut kuring.Teu sirikna socana dibelél-belélkeun. Kuring salam baringarawu dampal pananganna.Diambung tuluy diteueulkeunkana pipi, teu ieuh kahalanganku panangan ajengan bobolo -kot adonan huut. Olohok waéajengan téh bari teu ngiceup-ngiceup.

“Saha ieu téh?” saurna

neges-neges.“Adang,” cék kuring bari

teu leupas tina panangan an -jeunna. Angger kénéh ajengantéh hulang-huleng.

“Adang Mama… Adang,Mantri Oyo!” cék kuringwaléh, karunya ka nu hulang-huleng.

“Lailahailalloh… JangAdang ieu téh putra MantriOyo?” cenah bari ngageubig-geubig leungeun, “Irahadatang? Saréréa? Kumahasaréhat?”

Kuring ukur nyéréngéh,bingung ngajawab diteregtegpananya.

“Tadi énjing, Mama. Abdiwaé nyorangan, da pun anakmah teu acan libur.”

“Geningan? Saréhat tapi?”“Alhamdulillah aya hibar,

pidu’a ti Mama. KumahaMama, damang?” kuringmalik nanya.

“Ah, kieu waé Dang,saséhat-séhatna kolot. Geustara kajeueung ka mana-mana. Paling ukur ka dieuwaé, pédah karunya lauk tayanu maraban,” cenah bari nun-juk lauk nu patingkucibekngadaharan parab.

Harita, sanggeus ubral-obrol sakeudeung, tuluy anje-unna ngajak nguriling ni nga lian kebon. Kuring ngicliksatukangeun ajengan. Salilaningalian kebon téh dibarunguplek ngobrol. Bras ka kebonhui peuntaseun balong. Ajeng -an tadah-tuduh kana pelak huinu mararontod hadé urus.Nongtoréng kénéh saucap-saucapnana téh.

“Hanjakal can usumdiala,” cenah bari ngoréhkeun

areuy hui, “Rék lila meureundi lembur?”

“Ah, moal Mama, sontengé wangsul deui.”

“Ning mani saelol pisanngalongok lembur téh?” saurajengan nyelang mencrong be-ungeut, “ Mama sono kénéhhayang ngobrol. Hésé ayeunamah hayang pendak jeungAdang téh. Manasina baréto,basa Adang leutik kénéh, soré-soré geus cindekul di imahMama.”

Kuring ngélémés ajengannyarita kitu téh. Rumasa ba-heula sok pangheulana datangka bumi ajengan. Bada asargeus norojol, tara kapiheulaanku batur éta téh. Pagawéanmatuh, kop kana sapu, Ges-ruk-gesruk sasapu di paka -rangan bumi ajengan. Palebahtangkal balingbing, tukangeunkamar Nok Diah, ngahaja sokrada lila sasapu téh. Sajeron-ing nyapukeun runtah téhpanon mah teu weléh ngaling -ling kana jandéla kamar.Nyérangkeun nu boga kamar.Laluasa da jandéla kamar nujangkungna méh satangtungtéh sok siga nu ngahaja nge-blak.

“Sugan téh rék lila di lem-bur?” saur ajengan. Lamunankuring peuray.

“Kumaha atuh, Mama, dateu libur di tempat padamelanmah,” témbal kuring. Be-ungeut Nok Diah ngolébatdeui, lalakon keur budaknarémbongan. Katangén dijero kamar, Nok Diah dibu -bulen kénéh mukena, tas solatasar tayohna mah. Rét ka pale-bah kuring, Nok Diah unggeukbari belenyéh waé imut leleb.

WasiatCarpon A. Budiman

Page 40: Mangle 2468

39Manglé 2468

Kaciri liang undur-undur dinapipi kénca katuhu.

Dibalédog imut ku nugeulis téh kuring kekelepekan,eungap hésé ngambekan.Nyeueung biwirna nu kareu -eut, awak kuring ngadadakjadi ngoléang, kakalayangan diawang-awang mupu réwuanbéntang. Leungeun kuringtipepereket nyekelan gagangsapu nyéré.

Bagja lain caritakeuneundisuguhan imut ku nu geulismabucuy téh. Sasapu beukisegut. Daun balingbing nugeus meunang ngumpulkeundiabrekkeun deui kana tapaksapu, nu geus lening dirunta-han deui. Hayang lila sasapupalebah dinya. Malah ka-hayang mah hayang ngadadakaya angin gedé ngagelebugnebak tangkal balingbing.Ngarah daun balingbingmurag kabéh, ngarah lila sa -sapu, ngarah lila aya di dinya,ngarah lila neuteup liangundur-undur.

Nu di jero kamar kawas nungahajakeun, nilepan sajadahteu kaur anggeus. Ditilepandibuka deui, dikebut-kebut,ditilepan deui tapi teu kaurdisimpen. Rét deui ka palebahkuring, belenyéh imut deui.Leuwih kareueut batan nutadi. Luk waé tungkul baringungucel ramo nu laléncopberesih. Nempo ramo-ra-mona, kuring ratug jajantung.Beuki tarik ngarames gagangsapu nyéré.

“Urang di saung ngobrolnangarah nyalsé,” cék ajenganngagebah deui lamunan. Ku -ring unggeuk. Suku ngaléng -kah nuturkeun ajengan muruka saung balong. Gék diukluhur palupuh, pagigir-gigir,bari nyawang lauk kancra nupatingsoloyong nangtangkénéh parab.

Teu nyangka saeutik ogé,mangkukna kuring diukpaduduan di saung balong téhpoé panungtungan babare -ngan jeung anjeunna. Kunaonatuh kuring harita teu sadarkana sakur cariosan ajengan.Da seug lamun kuring haritasurti yén sakur anu dicarios -keunana téh kila-kila, cadumoal deuk ninggalkeun ajen-gan. Kabayang kénéh rarayna,

peta, jeung réngkakna harita.Patingsulusup deui sakur ca -riosan ajengan, basa diukpaduduaan dina saung balong.

“Baheula Mama boga cita-cita ngawangun pasantrén didieu,” saurna bari neuteup kasabudeureun tempat, “Tuh,palebah tangkal jeruk pi-masjideun téh, ditueunna keurkobong lalaki. Éta, palebahkebon boléd, piimaheun. Gi-gireunana keur kobongawéwé, bisi aya nu rek mon-dok,” saur ajengan tadah-tuduh. Kuring unggut-unggutan.

“Hanjakal teu kabiruyu -ngan, Mama kaburu kalotmantén.” cenah semu ngara -huh. Jep jempé meunangsalila-lila. Kuring ngahulengteu lémék. Beungeut Nok Diahbeuki atra, ririakan luhureunbalong, ngajak imut.

“Baheula ogé Mama bogaimpian hidep nu bakal nerus -keun cita-cita Mama.” cenah.

Ngagebegna gé lain diki -euna ngabandungan cariosanajengan bieu téh. Gentakngalieuk ka ajengan, tuluyneuteup salila-lila. Nu diteu-teupna bangun anu jararauhpanineungan. Kawas nu keurnganjang ka jaman baréto,jaman anjeunna keur ngora.Ngaheneng waé kawas numéré lolongkrang ka kuring,sina ngabadé bakal ka manabrasna cariosanana. Kuringteu lémék, luk tungkul deui.Teu wasa neuteup deui rarayajengan. Sajeroning tungkultéh pipikiran mah ka manaboa, hémeng ku cariosanajeng an.

“Didu’akeun ku Mamasing sukses, sing junun, singbeunghar. Sugan jeung suganAdang bisa nuluykeun cita-citaMama, ngawangun pasantréndi dieu,” saurna deui. Kuringbeuki bingung. Bingung kudunyarita naon, bingung pipeta -eun.

“Adang….” cék ajengannyariosna teu kebat. Ngadonngahuleng meunang sawatarajongjongan. Sanggeus nga -réng hap jero pok deuineruskeun deui nyariosna,“Ayeuna mah Mama hirupukur paduduaan jeung SiEnok,” sorana dareuda. Ku -

ring ngarénghap tuluy ngahu-leng, bingung kudu kumaha.Sorot socana teleb, kuringtungkul beuki jero dibarungratug jajantung.

“Sakapeung mah sokkarunya kana nasib Si Enoktéh,” cenah dareuda, “Teu bo-gaeun dulur pakukumaha. Daapan Ama jeung Ambu gésasat ngumbara hirup di dieutéh. Cukleuk leuweung cuk-leuk lamping sasatna. Komo SiEnok anak Ama ngan hiji-hi-jina, éstuning hirup nunggelislamun jaga Ama maot téh.Kari-kari kitu ditinggalkeunpisan maot ku salakina.”

Kuring teu lémék, tungkulbeuki jero. Ngararampa ca -rios an ajengan. Lamun seugwasa mah hayang ngolésédharita kénéh ti payuneunajeng an bari nyarita, Mama,abdi sanés kirang sono kalere-san aya bujengeun kénéh,hayang kitu ngan ieu biwirmani rapet, bororaah bisanyarita. Kalah kapiheulaanpok.

“Adang,” saur ajengan nu-luykeun deui cariosanana.Kuring hayang ngaberengbenglumpat ninggalkeun saung.

“Baheula basa Adang leu-tik kénéh Mama boga cita-citangajodokeun Adang jeung SiEnok, anak Mama nu nganhiji-hijina. Ngan lah…”

Asa dibéntar gelap tengahpoé éréng-éréngan téh lainomong bohong ajengan nya -rios kitu. Sora ajengan les-lesan. Asa beuki jauh asa beukijauh, nepi ka lesna teu kadé -ngé pisan. Teuing ka manaboa. Sakuriling bjungkingkarasa combrék.

Kuring rampang-reum -peung teu puguh cabak, diukélékésékéng. Teu nyangkasacongo buuk ayeuna dinamangsa kuring geus déwasa,dina mangsa kuring reugreugpageuh rumah tangga, ajenganbet nyarios kitu. Palupuh nukeur didiukan ngadadakrungseb. Rumasa baheula,keur budak, sok bungahlamun ku batur dijangjaruh -keun ka Nok Diah téh. Asa di-alungkeun ka awang-awanglamun sakalieun babaturanaya nu moyokan kuring kabo-goh Nok Diah téh. Kuraweud

biwir mah api-api ambek, tapihaté mah ieuuung… bungahnalain caritakeuneun. Moal rékdidingding kelir disumputsalindungkeun kuring kungsiboga impian hirup babareng -an jeung Nok Diah. Tapi han-jakal, jodo pati bagja cilaka teubisa diatur ku kuring. Kiwariawéwé nu panungtungankatempo ku kuring saméméhreup di tempat pangsaréan téhlain Nok Diah. Rumasa kuringsumerah kana kulak cang -geum bagja awak.

Meunang salila-lila kuringjeung ajengan taya nu lémék.Ngabaretem. Keur anteng pat-ingharuleng, katingali ren -tang-rentang aya nu nyam peurkeun ka saung balong. Di-titiung bari keupat. Beukideukeut beuki deukeut, kuringbeuki tagiwur. Kuring nga -rénghap narik napas, meperjajantung nu teu pupuguhngadon ratug.

Itu, nu keur mapay gale -ngan balong, kaciri semu nungajenghokeun. Tuluy me -mener tiung nu katebak angin.Léngkahna bangun nu asa-asa. Beuki deukeut beuki tém-bong, gamuleng. Beuki deu keut beuki atra, ramo-ramonalaléncop bareresih. Kuringngarames palupuh dibarungngageder angen. Belenyéh waénu datang ka saung balong téhimut mani kareueut. Atrapisan liang undur-undurkénca katuhu. Kuring nga -layang ka awang-awang ning-galkeun saung balong.

“Pah….” sora halimpulapat-lapat kabawa angin.Kuring ngarénjag.

“Sauwisé Papah mulihsongko kampung, ko mela-mun waé? Ada apa sih?“ beukilila beuki écés sora nu asupkana ceuli téh. Pipikiran nam-per. Rét ka nu nangtung gi-gireun. Didadaster ngalélékébari dikongkoyong andukbaseuh urut mandi.

“Ajengan Muhaéminmeninggal, tadi subuh!” cékkuring ngalieus.

“Innalillahi… Arep mulihmenéh neng kampung?”

Kuring haget unggeuk. ***

Perum Panorama IndahPurwakarta

Page 41: Mangle 2468

Manglé 246840

DDongeng Aki Guru

Halodo meujeuhnaentak-entakan. Ju-jukutan gararing,

tatangkalan kari kalakay.Solokan jeung balong anulaleutik mah réa anu saat.Halodo ampir sataun atuh.Sakur sasatoan anu bumetahdi Gunung Ganggongraripuh. Oray, bangkong, ba-jing, anu salila halodonyirekem di liang anu baseuhtur jero, mimiti keselen jeunglapareun. Loba sasatoan tibulan-bulan kamari kénéhgeus ngungsi ka gunung-gu-nung anu cenah geus mimitiusum ngijih. Tapi réa ogé satoanu bertahan di GunungGanggong. Maranéhna yakin,hujan sakeudeung deui bakalturun.

Sakadang peucang kaa-sup anu henteu galideur.Basa kuda, embé jeung ke-lenci ngajakan ngungsi,manéhna gigideug. “Halodotéh geus lila teuing. MaenyaPangéran ogé ngantep ka-susah keur mahlukna. Kuringmah yakin, hujan téh moallila deui,” cenah kitu alesannatéh. Atuh sobat-sobatna teubisa kukumah deui,maranéhna indit ngabringsubuh-subuh.

Tangtu waé boga pa-madegan kitu téh kudu diper-juangkeun ku sakadangpeucang. Ampir unggal poémanéhna asruk-asrukan ka

jero leuweung néangan bung-buahan atawa jujukutan anumasih bisa didahar. Hiji poésakadang peucang ampirsapoé jeput asruk-asrukannéangan kadaharan, tapi hen-teu saeutik ogé aya jukut anumasih héjo, komo deui bung-buahan. Beuteungna geusmurilit ti tadi kénéh. Teu ka-haja balikna mapay-mapaysolokan garing. Naha atuhhandapeun solokan garingtéh aya situ anu caina masihpinuh. Di sisi situ aya tangkaljambu anu sigana mah keurmeujeuhna leubeut.

Sakadang peucang gan-cang tuturubun turun. Enyawaé jambu anu ti tonggohmah katempona laleutik téhgeuning mani keur meu-jeuhna arasak. Tapi disidik-sidik téh geuning aya anukeur ngalaan, nyaétasakadang monyét. Kabeneranyeuh, aya anu mangalakeun,gerentes peucang.

“Sampurasun, dulur. Ge-uning nuju ngersakeunngadamelan jambu,” ceuksakadang peucang adabnaker.

“Sampurasun sampura-sun… rék ménta jambukituh!” témbal monyét barirunyah rényoh.

“Sumuhun kitu, ki sobat.Sugan gaduh katresnasakedik mah, sim kuring téhhayang dialungan jambu dua

siki mah.”“Dular dulur sibut sobat…

maké ngaku baraya sagala!Déwék mah teu boga dulursiga silaing. Hayang jambumah naék atuh!”

Sakadang peucangnyenghél seuri konéng. Beucilaka kaya kieu mah,hararésé geuning nyaritajeung mangkluk teu gablegpucus mah, gerentesna.

“Upami naék mah apan kisobat ogé uninga sim kuringmah pauran. Cing atuh geuralung hiji mah, anu bareubeugé teu sawios.”

“Lamun teu bisa naék,tuh loba anu marurag, anugeus baruruk.”

Sakadang peucangngahuleng. Gerentesna, dasarmonyét mangkluk teu gablegpucus, teu bisa dipidulur, teubisa dilemesan. Sugan kuduku cara garihal mangkluk teuboga cedo siga kieu mah.

“Hey, kunyuk! Dasarmangkluk teu boga pucus!Teu bisa diajak nyarita lemes,teu bisa dipidulur. Nyacapluktéh précis urang gunung teuboga kanyaho. Moal méré ogéatuh ngomong-ngomong anulemes. Dasar kalakuan hen-teu berbudi, mahluk teu bogacedo, henteu gaul! Dasarmahluk kelas handap!”

Sakadang monyétreuwaseun diésék-ésék jeungdihina siga kitu. Tara aya anu

wani nyebut kunyuk kamanéhna. Komo deui ditam-bahan ku nyebut mahlukkelas handap. Teu antaparahdeui, belewer belewer wésakadang peucang téh dibalé-dogan ku jambu. Sakadangpeucang ajleng-ajlengan baringahina, pokna teh: “Geuningngan sakieu pamalédog sipanjang leungeun téh! Hanaswé ramo rangoas ari malédogsiga anu ngusapan!”

Puguh wé sakadangmonyét beuki napsu. Jambumani murubut malédogansakadang peucang. Aya étaoge hiji dua anu keuna, tapiku sakadang peucang henteudirasa. Sanggeus pangrasanajambu téh loba anu murag,sakadang peucanggogorowokan: “Meugeus!Meugeus monyét budug!Sakieu ogé meujeuhna keurkuring mah. Sésana mah keurisuk wé,” cenah bari caca-muilan dahar jambu. Sésanadibungkus ku daun tisukdibawa balik.

Sakadang monyét molo-hok mata simeuteun.Sanggeus peucang henteukatempo deui kakaramanéhna sadar. Jadol téh,katipu tah ku si peucang, ger-entesna. Tadina mah moalméré hiji-hiji acan, jadi meke-lan bawaeun sagala.***

(Lina Herlina)

PeucangJeung Monyét

Page 42: Mangle 2468

41Manglé 2468

Sekolah Tinggi Keguruan danIlmu Pendidikan (STKIP)Pasun dan Cimahi, salasahiji

paguron luhur nu aya dina iuh-iuhYayasan Pendidikan Tinggi (YPT)Pasun dan. Dina ngalarapkeun pro-gram atikanana, ieu paguron teu weléhngutamakeun ajén atikan ‘moral’. Ki-tuna téh dilarapkeun keur nanjeur -keun karakter nu luhur ajénna, bohkeur para réngréngan civitas akademikoge keur para mahasiswa sangkan bisanyantri, nyunda, nyakola, luyu jeungvisi misi Paguyuban Pasundan,‘luhung élmuna, pengkuh agamana turjembar budayana’.

Mun STKIP Pasundan pada nga-jugjug ti sukakna ti siklukna, mémanglantaran pikareueuseun. Ku kituna ieupaguron payus kacida jadi andelankeur nu rék néangan élmu panga -weruh ka paguron luhur. Disebut kituogé, lantaran ieu paguron luhur dinangamalirkeun programna teu weléhngutamakeun ajén atikan moral turngawewegan atikan agama Islam.

Para lulusan STKIP Pasundan di-wajibkeun kudu ngabogaan karakternu luyu jeung dunya atikan. Hartina,ngawangun sarjana-sarjana STKIPunggulan anu leber wawanén, wedelkaweruhna dibarung ku iman, takwa,kréatif, inovati, demokratif, aktif turcerdas.

Kitu sakumaha nu ditétélakeun kuKetua STKIP Pasundan Drs. H. EdiKmarudin, M.M., dina biantara acaraWisuda Sarjana (S1) jeung Pasca -sarjana (S2) ka XXVIII taun akademik2013-2014, Rebo, 12 Maret 2014, diSabuga, Jalan Tamansari, Bandung.Nurutkeun data, jumlah wisudawankeur S1 aya 1.565 urang, jeung prog -ram magister aya 82 urang.

Acara wisuda STKIP Pasundanloba nu ngahadiran, di antarana ayaKordinator Kopertis IV Jabar- Ban-ten, Ketua Umum Paguyuban Pasun-dan Prof. Dr. HM. Didi Turmudzi,M.Si., Sekjen Paguyuban Pasundan

Dr. H. Dedi Hadian, Ketua YPTPasun dan Drs. H. Makbul Mansyur,M.Si., Direktur Pasca Sarjana STKIPPasundan Prof. Dr. H. Idrus Affandi,réngréngan civitas akademika STKIPPasundan sarta para tamu ondanganséjénna.

H. Edi Komarudin ngécéskeun

deui, yén tugas manusa keur ngalarap -keun hirup téh, teu ngan ukur cukupwedel ku kapinter, tapi ogé kudu wedelrohani, nyatana imanna kudu kuatsarta teu weleh ngalampahkeun taqwaka Alloh Swt. Ku kituna, STKIPPasun dan éstu salawasna ngutama -keun atikan nu berbasis karakter, eng-goning ngawangun manusa anuahlakul karimah.

STKIP Pasundan manjangkeunlalakon. Kituna téh, ieu paguron luhurmémang geusan nyitak calon-calonguru nu unggul tur ayana kompetensioge jadi prioritas utama di saban juru-san.

STKIP Pasundan geus dipika -wanoh ka jauhna. Rupa-rupa préstasijadi bukti. Sapertina waé, dina widangolah raga, remen jadi duta dina kajua -ran-kajuaran nasional. Dina PekanOlahraga Nasional (PON) sababarahakali digelar, ti salasaurang mahasiswaSTKIP Pasundan, remen nyumbang -keun emas keur daérahna. Sababarahawidang olah raga séjénna, STKIPPasun dan mawa kareueus, sapertidina widang ngojay, hoki, futsal, jeungsajabana. ***

STKIP PasundanNgutamakeun Ajén Atikan Moral

AAweuhan Pasundan

Kagiatan wisuda STKIP Pasundan

Ketua STKIP Pasundan, Drs. H. EdiKmarudin, M.M.

Page 43: Mangle 2468

Manglé 246842

GGedong Saté

Beja nu geus sumebar dimasarakat,perkara Gunung Ciremai diKuningan Jawa Barat téh geus di-

jual sarta geus dibeuli ku pausahaanAmerika Serikat nyaeta Chevron Geother-mal Indonesia Ltd, nu pangajina nepi kaRp. 60 triliun.

Malah Chevron dianggap bakal sagan-cangna ngawangun puseur PembangkitListrik Tenaga Panas bumi (PLTP) di gu-nung nu pangluhurna di Jabar ieu teh.

Saperti anu dikutip dina forumhijau.com anu netelakeun yen GunungCiremai geus dijual ka Chevron nu gedenaRp. 60 triliun. Dijualna gunung ieu téhpatalina jeung ayana sumber panas bumi,emas jeung uranium.

Proyek Geothermal Ciremai geus posi-tif ti taun kamari. Proyek ieu geus di -saluyuan ku gubernur Jawa Barat AhmadHeryawan sarta ngayakinkeun yen proyekGeothermal di Gunung Ciremai ieu teh“ramah” lingkungan, henteu ngarugikeunmasarakat.

Pangwangunan pembangkit Geother-mal, dianggap bisa ngaruksak stabilitastaneuh. Pasokan cai bersih bakal kurang.Malah bakal ngajadikeun gempa minoranu ngabalukarkeun bituna Gunung Ci -remai.

Chevron Geothermal Indonesia Ltdngabantah isu nu sumebar di media sosialanu netelakeun yen Gunung Ciremai, JawaBarat, geus dijual ka pihakna saharga Rp60 Triliun.

"Sadaya investor tiasa ngiring tender,Chevron kenging prospek ieu téhngalangkungan tender terbuka," ceuk IdaBagus netelakeun.

Manager Policy, Government, & PublicAffair Chevron, Ida Bagus Wibatsya nga-jentrekeun yen pausahaanana miluanproses tender terbuka anu dilaksanakeunku panitia tender pamarentah ProvinsiJawa Barat. Korporasina ningali ajenwilayah kerja panas bumi Ciremai mang -rupa salah sahiji prospek panas bumi diIndonesia.

Nurutkeun Ida Bagus Wibatsya,Chevron mah ngan saukur meunang ten-der pikeun ngamekarkeun proyek panasbumi di lokasi gunung Ciremai.

"Ieu sanes hartosna ngagaleuh saper-

tos anu tos diberitakeun yen pihakChecron ngagaleuh Ciremai" pokna jentre.

Dina mekarkeun proyek panas bumiieu, Chevron bakal babarengan jeungBadan Usaha Milik Daerah (BUMD) JawaBarat luyu jeung pasaratan nu dipenta pa-marentah daerah. Dumasar kana dataKemen terian ESDM, Chevron bakalngawangun pembangkit listrik tenagapanas bumi (PLTP) anu kapasitasna 2x55megawatt (MW).

Staf Khusus Presiden Bidang Bencanadan Bantuan Sosial Andi Arief mairanpasua lan gunung Ciremai. "Teu ayakawija kan atanapi rarancang programsamasakali kanggo ngajual Gunung Ci -remai ka Chevron nu hargana Rp 60 tril-iun," pokna.

Gubernur Jawa Barat AhmadHeryawan ngabantah isu dijualna GunungCiremai ke pihak asing. Ahir-ahir ieu isudijualna gunung ieu teh geus sumebarpangpangna ngaliwatan internet.

Gubernur negeskeun yen kawasanhutan Taman Nasional di Gunung Ciremaiteu meunang dijualan atawa dialih-fungsikeun lian ti sektor kehutanan.Nurut keun Aher, hal ieu luyu jeung SKMenhut 424/2004, ngeunaan penetapankawasan hutan Gunung Ciremai mi-nangka Taman Nasional.

Heryawan ngajentrekeun, isu pausa-haan asing anu bakal ngokolakeun Gu-nung Ciremai téh bohong. Ayana SK téhlain hartina keur ngabuka pausahaan asingasup, tapi keur ngamumule gunung Ci -remai minangka Taman Nasional

Ngaliwatan akun twitter resmina,Heryawan netelakeun ayana sumberkakayaan Geothermal nu aya diluarTaman Nasional. Sakabeh potensi Geot-hermal ieu aya di luar kawasan TamanNasio nal Gunung Ciremai, jadi dimana ieupotensi dimangpaatkeun moal ngaruksaklingkungan.

"Geothermal teh sumber energi listrikanu paling ramah lingkungan, poharadiperlukeunanakanggo urang sadaya,"ceuk Heryawan.

Ku ayana energi Geothermal bakalngurangan katergantungan kana Energifosil anu teu ramah lingkungan.

Nurutkeun Heryawan, Geothermal téh

sabenerna merlukeun kondisi hutan anukapiara, kusabab gumantung pisan kana“pasokan” cai.

"Geothermal sama sakali henteungaluarkeun gas beracun saperti anu tosrame dibewarakeun," pokna tandes.

Pikeun Jawa Barat perkara Geother-mal lain perkara anyar, kusabab Jabarboga sababaraha tempat eksplorasi panasbumi, saperti di Gunung Salak, WayangWindu, Kawah Darajat, Kawah Kamojang,jeung Karaha Bodas Patuha.

"Anu nuju proses di TangkubanParahu, Tampomas Sumedang, sarengCisolok Sukabumi," pokna.

Gubernur oge ngabantah ayana bejayen masarakat bakal digusur upamanaeksplo rasi Geothermal dilaksanakeun.Soalna, aktivitas Geothermal ieu jauh tikawasan padumukan warga, malah bakalmere mangpaat keur masarakat. Di-antarana saperti; pangwangunanekonomi, pariwisata, pangwangunaninfra struktur, jeung lapangan gawe disabudeureun kawasan geothermal.

Dimana engkena bakal kaluar numeunang keun tender, gubernur miharepkakayaan alam ieu digarap ku pribumi lainku pangusaha asing.

"Di jaman sim kuring aya tilu tendergeothermal, nyaeta Tangkuban Parahu,Tampomas sareng Cisolok. Sadaya nukenging tenderna teh pausahaan dalamnegeri. Kanggo Ciremai, sing saha wae nukenging kedah tiasa gawebareng sarengBUMD Jabar," ceuk gubernur.

Kepala Dinas Energi Sumber DayaMineral (ESDM) Jawa Barat, SumarwanHS ngabantah oge ayana transaksi jualbeuli gunung Ciremai ka pausahaan asing.

"Éta téh lepat, anu leres mah Chevrontéh kalebet pamilon lelang penanammodal atanapi investor PLTP, tender anuizinna oge teu acan ditandatangan kuguber nur," ceuk Sumarwan tandes.

Nurutkeun Sumarwan, hal ieu téhmasih ngaliwatan heula proses konsor-sium jeung pamilon lokal (dalam negeri).Memang Chevron geus ditetepkeun nujadi “pemenang” dina taun katukang. Tapi,pikeun ngamimitian eksploitasi, Chevroncan nyekel Izin Usaha Pertambangan(IUP).*** AS

Genjlong Gunung Ciremai

Page 44: Mangle 2468

43Manglé 2468

Hubungan demokrasi jeung kara-harjaan teu “bersifat” linier –kausalistik, tapi nonlinier-kondi-

sional nu ngalibetkeun sababaraha faktor,saperti pengalaman sejarah, basis sosial,struktur masarakat, tingkat pendidikan,penegakan hukum, kemantapan, jeungkelenturan institusi politik. Demokrasimere lolongkrang kana ngawujudna rasaaman, tengtrem, jeung bagja saluyu jeungperluasan akses aktualisasi diri jeungpangakuan identitas. Nya akses ieu pisananu sakuduna jadi modal dina upayangawujudkeun karaharjaan.

Demokrasi prosedural nyaeta nunekenkeun kana aspek-aspek aturanjeung prosedur berdemokrasi, memang“mahal”. Tapi, waragad sosial jeung poli-tik nu dibalukarkeun ku rezim semi-otoriter jeung otoriter dina mangsademokrasi terpimpin jeung Orde Barujustru leuwih mahal deui dibandingkeunjeung waragad demokrasi pascarefor-masi. Naha sabanding pertumbuhanekonomi Orde Baru jeung leungitna paraaktivis, atawa jeung marginalisasi etnisjeung agama kalayan asmana stabilitasnasional, kitu deui jeung praktik kolusi,korupsi jeung nepotisme nu ngancurkeunsistem ekonomi nagara, oge jeung kong -lomeratisme nu ngancurkeun ekonomirayat? Ringkesna, ikhwal biaya demokrasimah hiji hal nu relatif, gumantung kanaperspektif pamahaman nu digunakeunku urang.

Tapi, urang ge kudu “napakuran”naha jeung kunaon demokrasi nu geuslumangsung ampir 16 taun teh can mam-puh ngeureunkeun praktik-praktik KKN,malah diduga numuwuhsuburkeun prak-tik KKN nepi ka sakuliah lemah cai, nahabener kitu? Atawa justru kusabab urangngajalankeun demokrasi, jeung sakabehinstrumenna, saperti keterbukaan infor-masi publik, kabebasan pers, undang-un-dang tindak pidana korupsi nu anyar,jeung dibentukna Komisi PemberantasanKorupsi, ku kituna praktik-praktik KKNnu bisa jadi dina mangsa Orde Baru hesediungkabkeunana, kiwari jadi leuwihgampang ditembrakeun ka publik?

Ikhwal isu demokrasi jeungkaraharja an ieu, lamun prasarat funda-

mental teu katohonan, demokrasi bakalngabalukarkeun stagnasi ekonomi, malahbisa ngajanggelek jadi bencana sosialjeung politik. Tapi, tanpa jaminan kara-harjaan sacara konkret, demokrasi justrugede gunana pikeun nyoarakeun jalmalapar, kamiskinan, pangangguran, tanpaperumahan, jeung barudak kateug/putussakola sangkan bisa diungkulan. Kukitu -na jalan demokrasi geus sakudunaditeruskeun. Jalan ieu bisa digunakeunpikeun ngadurenyomkeun: naon nu jadiharungan-halangan pamarentah dinangaronjatkeun karaharjaan rayat, saha nusok ngahalang-halangna, naha aya usahakeur ngungkulanana, jeung bisa teu saka -beh eta diungkab.

Karaharjaan rayat dina sistemdemokrasi dijalankeun ku cara nempat -keun pamarentah salaku regulator jeungfasilitator pikeun para pihak (stakehol -ders). Kebijakan pamarentah nu jiga kitukudu brukbrak/terbuka aksesna keursakabeh pihak nu rek kakeunaan ku atu-ran pamarentah, sapanjang aya pakaitnajeung “hajat hidup bersama”. Dina kon-teks Indonesia, katingalina aturan-aturannu dijeun boh mangrupa undang-un-dang, peraturan daerah, atawana peratu-ran di sahanadapeunana nu aya pakaitnajeung “hajat hidup orang banyak”, sapertinu aya pakaitna jeung hal ngokolakeunsumber daya alam, reremenna hesekeneh diakses ku publik. Tapi ngis-aratkeun ngan ukur bisa diakses kusajumlah elite politik jeung elite ekonomi.Kaimpleng bakal kumaha jadina lamunseug kajadian aya babaladan/ “per -sekongkolan” antara kakuatan elite poli-tik, elite ekonomi, sarta elite akademisijeung agenda nu teu brukbrak ka publikdina ngararancang saniskara peraturanperundang-undangan nu pakait jeung“hajat hidup orang banyak” dina konteksberdemokrasi. Tanwande demokrasi nubakal lumangsung ge bakal kontrapro-duktif.

Dina upaya ngahadirkeun karaharja -an rayat, ngagerakkeun ekonomi rayatsarta nyiptakeun pemerataan, pamaren -tah bisa patareman jeung swasta deminumuwuhmekarkeunn ekonomi jeungmemfasilitasi elemen-elemen masarakat

daerah. Pamarentah kudu ngeureunkeunbantuan-bantuan nu sifatna konsumtifjeung karikatif, sabab masarakat salilanabakal gumantung kana bantuan, moal“berdikari”, kapanan cek babasan gelamun rek mere mah useupna lainlaukna.

Sangkan bisa kaluar tina praktikdemokrasi nu beuki pakucrut, teu pastijeung “saling konci” antarlembagasuprastruktur politik atawana infrastruk-tur politik, agenda ka hareup nu kududipigawe diantarana: kahiji, praktikdemokrasi teu bisa kitu wae ukurdiprosedur keun unggal lima taun sakalingaliwatan pemilu atawa pemilihankepala daerah. Proses demokrasi teruslumangsung unggal waktu, ngaliwatanpamekaran partisipasi rayat jeungpangua tan kapasitas institusi perwakilanrayat. Kadua, numuwuhkeun kulturdemokrasi di kalangan elite atawanamasa warga ngaliwatan atikan politikkewarga an (civic education) nu kritis nubisa nyadarkeun hak-hak jeung kawaji -ban salaku warga.

Katilu, “rule of law” jeung nanjeur -keun hukum nu tegas jeung teudiskrimina tif, nepi ka aya kapastianjeung kadariaan “aturan main” sartasangkan “trust( kapercayaan)” publik bisabalik deui sarta legitimasi pamarentahbisa dikuatan. Kaopat, ngarojong paroba-han model pangwangunan ku jalan fokuskana investasi sosial keur pemberdayaansosial-ekonomi masarakat. Kalima, nu-muwuhkeun “moral hazard” dina praktikpolitik, pamarentahan, jeung pangwan-gunan, ngaliwatan pangawasan ku insti-tusi nonnagara keur ngungkab rupa-rupaanggaran nu diselewengkeun, penyaluranproyek investasi, eksploitasi sumber dayaalam nu teu jujur, nepi ka ngungkab jeungngabuburak “mafia peradilan”.

Lamun seug urang babarengan bisangalaksanakeun agenda-agenda eta dinalumangsungna demokrasi, rek ngajalan -keun demokrasi ku waragad nu triliu nange moal “kapiran(moal matak rugi)”,sabab dina pamustunganana aya kenehharepan rayat mangrupa buah demokrasinyaeta karaharjaan sarerea jeung ka -adilan keur sakabehna.Cag.***

Laku Hianat ka Demokrasi jeung KaraharjaanKu Dede Mariana

(Guru Besar Ilmu Pemerintahan Unpad – Pupuhu Pangurus Cabang AIPI Bandung)

Page 45: Mangle 2468

Manglé 246844

KKatumbiri

Jlug-jlegna gedong nu laluhur disakuliah Kota Bandug, éstumangrupa tangtangan pikeun

Dinas Kebakaran (Diskar) Kota Ban-

dung geusan leuwih rancingeus jeungtangginas dina nyanghareupan musi-bah kahuruan, ku cara ngalengkepansarana prasana sarta ningkatkeun ka-

mampuh personilna. Éta halditétélakeun ku Kepala Dinas Kebaka -ran Kota Bandung, Drs. H.HikmatGinan jar, ka Manglé sababarahawaktu nu kaliwat di kantorna.

“Poténsi kahuruan sanés mungdina usum halodo atanapi dina hawapanas wungkul, tapi ogé dina usumngijih. Kajantenan kahuruanseuseueurna alatan koslét tina kabellistrik, tina kompor, ogé katalédoransanésna dina nganggo alat-alat nutiasa ngalantarankeun kahuruan.Dina usum hujan, rata-rata sabanbulan na aya lima dugi ka tujuh kajadi an kahuruan. Dina usum halodomah dugi ka puluhan kajadian,” ceukHikmat.

Pikeun ngungkulan musibahkahuruan, Diskar Kota Bandungsalian ngalengkepan sarana jeungprasarana téh ogé nambahan per-sonil, ku cara ngarékrut ti dinas séjén.Lantaran kiwari Diskar Kota Bandungngan boga 184 urang personil. DiskarKota Bandung ogé terus metakeuntarékah pikeun ningkatkeun kamam-puh aparatna, ku cara ngalaksana -keun pelatihan. Lian ti kitu, sabanpersonil ogé teu weléh dibina sangkanmibanda ahlakul karimah, lantaranmancén tugas di Diskar mah,kuduboga itikad geusan babakti jeungibadah, alatan aya patalina jeungkasalametan manusa.

Hikmat ngémbohan, dina prak-prakanana ngungkulan musibahkahuruan, éstu butuh ku armada anunyumponan kabutuhan. Kiwari,Diskar Kota Bandung boga 32 unitmobil blangbir (mobil pemadamkebaka ran), sarta sababaraha unitmobil tangga, ogé 25 hidran nu mang -

Dinas Kebakaran Kota BandungTerus Ningkatkeun Kamampuh Personalna

Kepala Dinas Kebakaran Kota Bandung, Drs. H.Hikmat Ginanjar

Kamampuh personil Diskar Kota Bandung terus ditingkatkeun (nét)

KORESPONDEN: Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Dede Syafrudin, Enung, Den Jaya (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali

Sumarli, S.Pd. (Sumedang). Distam (Brebes)

Page 46: Mangle 2468

45Manglé 2468

rupa sumber cai pikeun mareumanwangunan nu kahuruan, salian tiwalungan nu aya di lokasi kajadian.Lamun dibandingkeun jeung leganaKota Bandung nu ngahontal16.729,50 km, sarta jumlah padumuknu ngahontal 2,5 juta jiwa, éta saranajeung prasarana nu aya di Diskar téhkudu ditambahan.

Léngkah-léngkah lianna pikeunngungkulan kajadian kahuruan,nyaéta ngahiap para pangusahasangkan babarengan metakeun ihtiarpikeun ngungkulan sarta nyingkahankajadian kahuruan. Éta hal di-jalankeun ngaliwatan sosialisasi cara-cara nyingkahan kajadian kahuruan.Ceuk Hikmat, para pangusaha éstu

ngabagéakeun pisan kana éta uarpangajak. Ku alatan kitu, di sabangedong teu weléh dilengkepan kualat-alat pikeun mareuman seuneu,sangkan mun aya kajadian kahuruanpagawé pausahaan bisa gancangngungkulanana, saméméh datangpatugas ti Diskar.

Lian ti kitu, Diskar ogé ngalak -sana keun sosialisasi ka masarakat,ngaliwatan program penyuluhanngeuna an cara-cara sarta léngkah-léngkah nu kudu dilaksanakeunpikeun nyanghareupan sarta nyingka-han kajadian kahuruan. Sosialisasitéh lain ngan ukur dilaksanakeun kajalma déwasa wungkul, tapi ka baru-dak ogé diwanohkeun cara ngungku-

lan jeung nyingkahan kajadian ka -huruan, utamana ka barudak sakola.Ku remenna sosialisasi, dipiharepjumah kajadian kahuruan terusturun.

“Padetna jumlah padumuk di KotaBandung ngalantarankeun sabanwilayah peryogi dilengkepan ku UPTatanapi Unit Pelaksana Teknik. Ki-wari nu tos aya UPT téh nembé diwilayah Gedébagé. Éta UPT bakalsagancangna ngungkulan kahuruannu kajadian di sakuliah BandungWétan. Dipiharep di wilayah nusanésna gé saénggalna ngadeg UPT,supados langkung énggal ngungkulankajadian kahuruan,” pokna.***cucu/dédé

Balukar data “bodong”(datahasil tina kabohongan-réd) réapamilon nu lulus ujian CPNS

di Kabupatén Bandung, kaancammoal diangkat jadi PNS. Salian ti kitu,réa pihak anu protés alatan ratusanCPNS nu lulus ujian téh teu saluyujeung katangtuan, di antarana cankungsi ngabdi ka Pemkab Bandungboh jadi tanaga kontrak bohsukarélawan (sukwan).

Éta hal ngalantarankeun KapalaBadan Kepegawaian PendidikanPelatihan (BKPP) Kabupatén Ban-dung, H. Erick Juriara, rék mariksadeui data-data CPNS anu geus lalulusujian. Tina 3000 leuwih pamilonujian dina ahir Désémber kamari, nululus ukur 1.013 urang tur 700urangna pikeun profési guru. Lamuntina hasil pamariksaan data kabuktianaya nu maké data palsu, lain ukurmoal moal diangkat jadi PNS, tapikalulusannana ogé bakal dibedokeun.Éta aturan sipatna nasional.

Data palsu, ceuk Erick, lolobanadipilampah ku pamilon ti Dinas Pen-didikan & Kebudayaan (Disdikbud).BKPP bakal méré sanksi ka pajabat

kapala Organisasi PamaréntahDaérah (OPD) nu geus nandatangandata palsu, malah bisa dituntut sacarapidana. Salian ti kitu, pamilon ujiannu ngarasa dirugikeun bisa ngagugatéta pajabat ka PTUN.

Sedengkeun Ketua PersatuanGuru Honor Indonesia (PGHI) Kabu-patén Bandung mah, Dedi,

nétélakeun yén dirina teu panujukana léngkah nu dijalankeun kuBKPP. Ceuk Dedi, teu kudu ngaya-ngaya aturan, anu geus lulus mahlulus wé, teu bisa dibedokeun kitubaé. Malah kuduna mah kabéh guruhonor diangkat jadi PNS. Lainngabedokeun pamilon nu geus lulusujian CPNS.***nung

CPNS nu Datana Palsu Moal Diangkat PNS

Kepala BKPP Kabupatén Bandung, H. Erick Juriara

Page 47: Mangle 2468

Manglé 246846

KKatumbiri

Pamingpin kudu bisa ngaragapjeung nganteur karep sartaharepan nu dipingpinna.

Naon rupa nu jadi bangbaluh jeungpasualan anu karandapan kumasarakat nya kudu diungkulan kupamingpin. Pamingpin ulahsakadar narima laporan “dina luhurméja” jeung bentik curuk balas nun-juk wungkul, tapi kudu langsungsingkil nyaksian naon anu kaala-man ku masarakatna.

Para pangagung anu keurmaranggung, saéstuna kudu ajegpanceg kana jangji anu dikedalkeundina jangji-jangjina saméméhmanéhna kaburuyungan jadipanga gung. Anggota Dewan Per-wakilan Rakyat (DPR) upamana,boh nu di puseur boh di propinsisarta di tingkat kabupatén- kota, nuteu weléh ngumbar jangji dina kam-

panyeu. Lantaran jangji téh wajibhukumna dilaksanakeun. Lamunhenteu, tangtu baris jadi mamala.

Masarakat éstu kacida bungahnalamun dilongok sarta ditepunganku salah saurang pamingpinna, anubisa ngawakilan jeung nyoarakeunaspirasina. Saperti anu dilaksana -keun ku Agus Gumiwang Karta -sasmita (AGK), anggota DPR RI tipartéy Golongan Karya (GOLKAR),nu nyekel kalungguhan Wakil KetuaKomisi I. Kiwari keur turun gu-nung-unggah gunung, nyorang lem-bur mapay babakan ti wewengkonka wewengkon nu aya di KabupaténBandung Barat jeung KabupaténBandung, minangka daérah pilihan -ana.

Éta tokoh pituin Sunda téhkacida sumangetna ngagedurkeun“gerakan kapamingpinan Sunda” di

kancah nasional. Lantaran kiwari,di kancah nasional nu nyekelkalungguhan ketua atawa pupuhuboh di partéy pulitik boh di lembaganagara (DPR) euweuh saurang géurang Sunda. Hartina, urang téhkeur nandangan krisis kapaming-pinan. Lamun urang hayangngarobah nasib, nya tangtu kududatangna ti urang sorangan. Munurang aya kahayang boga paming-pin ti sarakan sorangan keur mi-dang di tatar nasional, hartinaurang pada-pada urang Sunda kudusareundeuk saigel, sabeungkeutan“sagorowok“’ nyoarakeun anusasora.

“Urang Sunda dina taun 2014ayeuna geus waktuna boga paming-pin anu baris makalangan di tingkatnasional,” pokna ***

nay

AGK Turun Gunung Unggah GunungBukti Nyaah ka Sarakan

Masarakat Gunung Halu, Kabupatén Bandung Barat ngabagéakeun AGK

Page 48: Mangle 2468

47Manglé 2468

Sok seuri konéng, imut kanjut,atawa ngabarakatak, lamun ngili -kan gambar kartun dina majalah

atawa surat kabar nu ngambarkeunkaayaan pulitik, ékonomi, sosial, jsb.Lamun diimeutan leuwih teleb mah,kartun téh éstu pikiraneun sababréréana mangrupa kritik sosial numatak “ngabetrik” kana mamaras haténu boga dosana, tapi dipidangkeun kugambar-gambar nu lucu, pikaseurieun.Cindekna, ku média gambar kartun, Siseniman umajak ka sing saha waé numaca/ngilikanana sangkan “ngaji diri”kana lampah kahirupan.

Salah saurang inohong/tokoh kar-tun nu geus moyan, nu karyanaremen/maneuh midang dina médiacitak nyaéta Priyanto Sunarto (makésandi asma “Pris”), nu ti taun 1977 ieuDoktor lulusan seni Rupa ITB (2005)téh ngeureuyeuh jadi kontributor édito -rial kartun majalah Tempo nu kungsi“dibredel” taun 1994. Dina tanggal 24Pébruari nepi ka 13 Maret 2014, MasPris (kitu nénéhanana) jeungPrinka(Syahrinur Prinka/S. Prinka)geus mamérkeun karya-karya kartun -

na. Paméran nu dingaranan PaméranDua Empu “Opini Dan Delegasi” –Wajah Kita Dalam Gambar, lumang-sung di Galeri Soemardja Faluktas SeniRupa dan Desain ITB, Jalan Ganesha10 Bandung.

Priyanto, seniman kalahiran Mage-lang 10 Mei 1947, lulusan Seni RupaITB taun 1973, kaasup seniman numotékar/kréatif bari jeung hirupnabasajan. Kiwari nganjrek jeung kula -wargana di wewengkon Sékéloa, wéta-neun kampus Unpad jalan DipatiukurBandung. Dina lampah senina kungsingadegkeun PT. Decenta bareng jeungAD.Pirous, G.Sidharta, Adri Palar,T.Sutanto, jeung Sunaryo. Mas Prisharita jadi Perancang Grafis. Mas Prisgé kaasup panaratas jeung pangajar diDesain Grafis (Desain Komunikasi Vi-sual) FSRD ITB. Ogé ngajar di studioKomunikasi Grafis dan Seni Grafis,FSR-IKJ (1978), sarta jadi salahsaurang nu ngalantarankeun ngadegnaStudi Desain Grafis FTSP-Tisakti diBatawi. Karir akademis lianna Priyantogé kungsi jadi Ketua Program PascaSarjana Doktor, Ilmu Seni Rupa dan

Desain ITB (2006-2012). Tug nepi kakiwari ngeureuyeuh ngaping maha-siswa S2 jeung kandidat doktor dialmamater na jeung paguron luhurlianna di Bandung jeung di Batawi.

Préstasina, kungsi jadi Pinunjul de-sain logo 450 taun Kota Jakarta, PemdaDKI Jakarta Raya (1977), jeung AsosiasiKontraktor Indonesia (1978), pangajénUnique Design, Lomba Logo “RegionalDa’wah Council of Southern AsiaandPacific, di Kualalumpur (1982).Sababaraha kali karyana meunang“award” nepi ka pembredelan Tempotaun 1994. Dina taun 2010 Priyantodilélér “Number One Press Card” kuPWI Pusat, prédikatna “lifetimeachievement di bidang jurnalistik”.

Tah, S. Prinka mah saruadipikawanoh minangk seniman gam-bar. Dina taun 1977 resmi jadi ilus-tratos, desainer, jeung rédakturartistik majalah Tempo nu nyieun“gebragan anyar” dina “editorial artand design” nu dipaké nepi ka kiwari.Éta seniman nu dilahirkeun di Bogor27 Pébruari 1947 téh riwayatakademisna rada unik. Lantarankuliah na di Teknik Mesin ITB (1967)ngan ukur kuateun sataun, saterusnapindah ka Jurusan Seni Rupa(Grafis), Fakultas Teknik Sipil danPerencanaan ITB nu katompér-nakeun jadi FSRD-ITB. Prinka sartasobatna, Priyanto, keur mahasiswanaaktif di teater STEMA (Studi TeaterMahasiswa-Seni Rupa) -ITB ping-pinan Sanento Yuliman (Suargi).

Prinka dipikawanoh minangkapanara tas, guru, nu ngamekarkeunpendidikan Desain Komunikasi Vi-sual, sarta jadi pajabat Ketua ProgramStudi DKV. Wakil Dekan FSR-IKJbidang kemahasiswaan jeung anggotaSenat IKJ. Prnk ogé geus nempat -keun pendidi kan bidang seni rupasarta peran jeung eksistesni DKVFSR-IKJ jadi salah sahiji nu pang-hadéna di Nusan tara.***

Asép GP

Paméran Dua Empu KartunPriyanto – Prinka

Priyanto Sunarto (Pris), sang Empu Kartun wedalan FSRD-ITB

Page 49: Mangle 2468

Manglé 246848

Loba nu ngangluh, magar urang Sunda teu loba nu boga karep ici -kibung dina pulitik. Mun enya gé kitu, hartina kudu aya robahan

sangkan saterusna mah, teu sungkan makalangan dina pulitik. Saha nu gedé kaludeung téh?

Di antarana, H. Uu Rukmana, inohong Sunda.

Uu Rukmana, calon anggota DPD RI(poto Tatang Sumarsono)

Page 50: Mangle 2468

Teu ukur ngusap dada Kang Uumah. Komo deui rumahuhmah dipahing pisan. “Nya

kudu teuneung ludeung atuh, daurang Sunda gé boga kamampuhannu satata jeung sélér séjén,” pokna.

Kekecapan Kang Uu mah, lainukur lalambé. Puguh pék, jeungprakna dina rupa-rupa widang.Apan karepna kitu, dimitembeyanicikibung dina partey pulitik, dainya na gé sadar ancrubna kana puli-tik téh kudu maké kandaraan parteypulitik.

Satutas jadi anggota Dewan Per-wakilan Rakyat Daerah (DPRD)Propinsi Jawa Barat, dina pilihanumum ayeuna mah, 2014, Kang Uuboga karep miang ka Senayan jadiwawakil tatar Jawa Barat di tingkatnasional.

Kanyaah Kang Uu ka Sundaatawa ka Jawa Barat, apan écésnaker. Rupa-rupa widang garapannu tumali jeung kamajuanSunda/tatar Sunda teu weléh meu-nang pangrojong ti ieu inohong.Malah, loba kagiatan kasundaan nudikokojoan ku Kang Uu. Matak, teuanéh teu sing upama ieu pituinurang Bandung téh, logor ka ditu kadieu. Da, kang Uu mah, najan jadipulitisi gé tetep wé inohong Sundajeung budayawan nu mitineungmasarakat Sunda.

Najan ketak jeung léngkah-léngkahna mikanyaah Sunda geus

katara jeung karasa ku balaréa,Kang Uu masih kénéh boga angen-angen, hayang leuwih némbong -keun ketak Sunda di tingkatnasional. Atuh, saterusna mahmakalangan dina pulitik gé teu nganukur ngantor di gedong saté, dakarepna téh jadi anggota DewanPerwakilan Daerah (DPD) RIngawakilan masarakat Jawa Barat.

Meunang PangrojongKa mana waé Kang Uu datang,

teu weléh loba balad tur padangabagéakeun. Pada nepungan,pada ngariung-riung. Kituna téhbari jeung ngedalkeun harepansangkan Kang Uu terus makala -ngan, sangkan Sunda leuwih nan-jung. “Akang loba nu ngadongsoksangkan milu jadi calon anggotaDPD RI,” pokna.

Paménta balaréa kitu, keur KangUu mah, sarua jeung amanah.Hartina, masarakat téh bogaharepan geusan mapag hirup jeunghuripna. “Najan kanyaah Kang Uugeus karasa ku balaréa, tapi komodeui upama anjeunna gaduhkakawasaan meureun leuwih lobadeui nu bisa digarap ku anjeunnademi kapentingan Jawa Barat,” ceuksalah surang tokoh Sunda nu mi-harep Kang Uu jadi anggota DPDRI.

Bukti Kang Uu pada ngarojong,apan dina nyumponan pasaratan gé

teu susah, da loba nu hideng sora -ngan mangngumpulkeun photocopydukungan keur Kang Uu. “Nyanganuhunkeun ka masarakat nu tosngarojong sim kuring,” pokna.

Pakarepan Kang Uu kitu, teunogéncang. Da, bukti apan pang -rojong masarakat ka Kang Uusangkan jadi anggota DPD téh jul-jolti mana-mana. Buktina mah, sapertilembaga survey medalkeun hasilsurveyna, Kang Uu kapilih, kaasupnu meunang sora panglobananurut keun versi Social WeatherIndo nesia (SWI).

Sawatara waktu ka tukang, SWIngayakeun panalungtikan (survey)ngeunaan ‘kamampuhan’ para -kandidat boh nu jadi caleg boh nunyalon jadi anggota DPD RI. Eta sur-vey téh ngajugjugan ‘kapercayaan’masarakat ka nu disurvey tea. Hasilitung-itungan SWI, saperti keuranggota DPD RI asal Jawa Baratmangsa bakti 2014-2019 téh, kahiji,Uu Rukmana, satrusna disusul kucalon-calon anggota DPD RI lianna,saperti Aceng Fikri, Syarif Basta-man, Ella M. Giri Komala, Nu’manAbdul Hakim, Tb. Dasep, OniSuwarman jeung Ratu Arimbi.

Hartina, masarakat téh ceuk étasurvey, di anntarana, mercayakeunka Kang Uu sangkan jadi salasuranganggota DPD RI mangsa bakti 2014-2019, ngawakilan tatar JawaBarat.***

49Manglé 2468

Ngalanglang lembur nepungan masarakat Jawa Barat (poto TatangSumarsono)

Ngadedengekeun harepan masarakat (poto Tatang Sumarsono)

Page 51: Mangle 2468

Manglé 246850

BBalé Bandung

“Sekali berarti,sudah itu mati”, kituceuk panyajak Chairil Anwar dinasajak na Diponegoro. Estuning pilihanhirup nu puguh tur tandes. Tapi, nyaetaatuh, teu kitu geuning kahirupan persSunda mah. Ieu mah kalahka hirup teuneut paeh teu hos tea. Padahal, masingkumaha wae oge, salila hayang kume-lendang hirup mah, seuhseuhanananya kudu netepkeun pilihan.

Milih media pers Sunda hirup nan-jung? Nya atuh kudu puguh pameulina.Upamana wae, puguhkeun, reugeujeug -keun heula pausahaanana. Ngan pausa-haan walagri nu bakal mampuhmedalkeun produk media pers nutegep. Tah, lebah bieu hengkerna persSunda teh. Nu matak teu heran mun reanu nepi ka tiwasna oge, kulantaranpausahaanana hengker. KoranSipatahoe nan, majalah Warga, majalahCandra, majalah Sari, Campaka,Langen sari, Sunda, mingguan Kujangjeung nu sejenna apan geus lila nga -hiang. Cukang lantaranana nya ku -lantaran lemah dina aspek usahana. Daari materi eusina mah sabagian mediapers Sunda geus aya nu manjing. Masingkumaha wae oge, tokoh pers Sunda

saperti Moh. Koerdi, MO Koesmanjeung nu sejenna, ngartieun basa asing,paling saeutik basa Walanda, sartatangtuna oge ngagulang gaper koranjeung majalah ti Eropa nu bisa di-jadikeun model.

Memang , pamarentah boga kawaji -ban ngabayuan. Tapi, apan moal bisasaendeng-endeng kulantaran kabijakankitu sarua jeung ngajurung pers Sundagumantung ka batur. Bantuan tipamaren tah memang poharadiperlukeun ana, tapi ngan saukursaheulaa nan, satuluyna mah kudusatekah polah bisa mandiri.

Hengker sagala-galana

Dibandingkeun jeung media persbasa Indonesia saperti koran Kompas,majalah Tempo, majalah Intisari, maja -lah Femina, tabloid Nova jeung nusejen na, memang media pers Sundahengker sagala-galana. Nu paling parnalebah pausahanana nu ngalantarankeunmedia pers Sunda sakitu katinggaleun -ana, lain wae dina produk nungawengku eusi, tata citak jeung“pengemasanana”, tapi oge dina widangmanajemenna, masarkeunana, kitu deuilebah ngajaring iklan, numuwuhkeunSDM nu maher jeung aspek sejenna.

Ana kitu, jelas, upaya ngajaitkahirupan pers Sunda mangrupa upayabadag nu merlukeun ketak tisababaraha pihak, upamana wae, pihakpamarentah, kaom pulitisi, kaom ahli,kaom usahawan, kaom jurnalis jeungpihak sejenna. Satuluyna perlu aya lem-baga minangka mediator nu mampuhnepung lawungkeun sakumna pihakbieu enggoning ngajugjug pers Sundanu walagri. Konsorsium pers Sunda numangrupa organisasi gabunganpausaha an media pers Sunda mang -rupa hiji pilihan pikeun ngayakeunupaya mediasi di antara pihak-pihak nu

boga kapentingan ngahiruphuripkeunpers Sunda.

Lembaga bieu boga pancenmeredih, ngadongsok pamarentahjeung lembaga wakil rayat enggoningngagolontorkeun dana bantuan keurpausahaan pers, ngatik insan persSunda boh mangrupa atikan jeungpelatihan jurnalistik boh atikan manaje -men, ngahudang sumanget insan persSunda ku jalan mere panghargaanjurna listik jeung manajemen, ngaadvo -kasi media pers Sunda jeung upayasejen na.

Mun Nepi ka Tiwasna

Tangtu wae sagala upaya bieu perludipuguhkeun tahapan-tahapanana. Pa -ling gancang dina waktu lima taun,upamana, kudu puguh naon wae nukudu geus bisa kahontal. Atuh palingsaeutik, sakur robahan bieu, kudu bisakahontal ku media pers Sunda nu geusaya ayeuna saperti majalah Mangle,maja lah Sunda Midang, mingguanGalura jeung majalah Cupu Manik.Satuluy na engke dipiharep bisangusikkeun media pers Sunda lianna,kaasup oge ngadorong muncul mediapers Sunda anyar. Leuwih rosa kom-petisi nya sugan bisa leuwih ngadorongusaha pers Sunda leuwih profesional.

Sajeroning kitu, taya salahna urangoge ti ayeuna ngiker-ngiker skenario“paling buruk” , upamana wae kumahamun seug media pers Sunda nepi katiwas na. Tah, naon nu bisa dilakukeun?

Lebah dieu, kaom jurnalis bisakeneh ngajalankeun pancenna, upama -na matak naon mun nulis buku? Taunlima puluhan Adinegoro apan nulisbuku Melawat ke Barat, Undang Odjohnulis Lolongok ka Baduy? JamesCoates, wartawan Chicago Tribune, taun90an, nulis In Mormon Circles? ***Karno Kartadibrata.

Mun Kajadian Nepi ka Tiwasna

Page 52: Mangle 2468

51Manglé 2468

Adi-adi, sobat uranganu nuju midang

ayeuna namilengkepna MochamadAghna Gaisan Hakim.

Putra Bapa DeviVaulana Hakim, SH

sareng Ibu LilisSuryani, S. Sos ieu

dibabarkeun di Bandung ping 8 Méi

2011. Upami tos ageung, palay jantenolahragawan sanés,nyaaa...? ngala kaibuna anu kantos

janten atlit poli JawaBarat. Ditaros téh,

kalah ka umat-imut.Titip salam baé saurna

téh kanggo Enin Hj.Nani Rohani, Hj. TitiSumiati, sareng Engki

H.R Syarief Hakim, SHkalih H. Mamun

Sunandar. Teu hilap,salam ka sadaya sobat

Manglé Alit.***

Page 53: Mangle 2468

Manglé 246852

“Damédayo Nobuo!Soré wa shitsuréi!” ceukOtoosan. Sarua wé jeungOkaasan, kitu

pok-pokanana téh.Pihartieunana mah,”Teumeunang kitu, Nobuo!Éta téh teu

sopan!” cenah.Sugan téh moal kaja-

dian digambréng ber -untun jiga kitu. Da ariceuk kuring mah asa

taya salahna ngabélabatur salembur. Enya,harita téh pareng ayashiai (pertandingan)deui jeung kasawelasanPépép. Kuring, pasti jaditim sakola Jepang.

Malah cenah kuringtéh pamaén alus ceukpelatih mah. Harita teu-ing kunaon kasawelasanPépép téh mana ripuh-ripuh teuing, tinggaleunskor na jauh teuing.

Kuring, sobat Pépép.Rumasa loba dibérékasenangan lamun keurulin jeung maranéhna dilembur. Rarasaan téh teusalah-salah teuing lamunkuring méré hiji waémah gul ka maranéhna.Teu mikir dua kali, kur-ing api-api ngalakukeunhijikasalahan di kotakpinalti, nepi ka timPépép bisa ngasupkeungul tendangan pinalti.

Sacara aturan maénmah éta gul téh bisa jadiubar kacapé keur Pépép

CCarpon Nyambung

Si Obu (6)Ku Téh Narti

Page 54: Mangle 2468

53Manglé 2468

sabatur-batur.Tapi sugan téh moal

manjang buntutna.Réngse tanding, kabéhbubar, iwal tim sakolaJépang. Tah, di dinyakuring dihaok ku Sénséitéh. Bisa jadi, kasawe-lasan lembur anu haritakeur bébérés ogésalurtieun ari soal di-carékan mah, da dinabasa nanaon ogé nu di -sebut ngambek mahkatingali tinapoporongos na. Radauntung na téh ngam-bekna maké basaJepang, jadi kuring teuéra teuing ku Pépépsabatur-batur. Orokayaku babaturan sorangan,kuring asa teu beungeu-tan. Komo basa réngsédicarékan ku Sénséi, SiNaoki babaturan sakelaspipilueun ngomong bari

nyabit-nyabit bibitbuit.

“Datté, Indonesiajinwa baka dané?!” nyel téhhaté ambek kacida. Étakecap téh pihartieunanakurang leuwih: atuh da,urang Indonésia mahbelegug nya?

Ngadéngé kitu kuringasa kacida dihinana. Raska indung sorangan,Nini, Aki, Mang UtarUtar, Pépép sabatur-batur...kapan kabéhurang Indonésia. Kabéhbalageur, jeung tayasaurang gé anu belegug.Komo Okaasan mah,najan nepi ka ayeunakuring kadang-kadangteu ngarti kana sikepOkaasan anu hésé ngartikana kahayang kuring.Padahal Okaasan téhapan insinyur pertanian,lulusan salah sahiji uni-versitas negri nu kawi -lang hadé di Indonésia.Basa Inggrisna pinter,

matak kungsi disako-lakeun deui ka Jepangogé. Mulang ti Jepang,lian ti lulus S2, basa Jé-pangna ogé jadi lancar.Atuh nu séjén saruadeuih, euweuh nubelegug. Mang Utar keurkuliah. Nini, Aki, pangsi-unan guru, malah Akimah pangsiunna téh tinaKepala SMP.

Pépép sabatur-batur,apan sarakola. Malahaya leuwihna,maranéhna mah teucééhan. Ngadahar naonbaé, beuteungna téh tarakua-kieu. Teu jiga SiNaoki anu meus-meusméncrét, meus-meus kadokter, meus-meus kalaboratorium. Ku asa teusararéhat! Kuring rasinget kana buku 50Tahun IndonésiaMerdéka nu kungsi

dibaca di imah Pépép.Kaunggel dina buku éta,yén Indonésia téh kungsidijajah ku bangsa Jé-

pang. Dasar aya getihpenjajah ti luhurna, ceukhaté. Ngarasa kahinalain meumeueusan, teuantaparah deui, nganjekok waé Si Naoki nuasa pangjepangna téh di-tonjok irungna nepi kagetihan. Atuh der deuikuring dicarékan ku Sén-séi.

Diceramahan soalkabiasaan di Jepang mahhubungan jeung babatu-ran téh kudu kieu-kieu-kieu, kitu-kitu-kitu.Malah nepi ka poknapisan Sénséi téhsasauran,”Lamun diimah aya kabiasaan nubéda jeung tata caraurang Jepang, cing atuhrobah, kapan manéh téhanak Jépang!”

Biasa, ari geus ma-mawa Jepangna téh.Kuring mah sok seringngarasa, dihenteu-hen-teu ogé angger baé sokaya bédana perlakuanSénséi ka anak campu-

ran téh, asa beurat waéka itu. Éta nu mataksakapeung mah kuringteu betah di sakola téh.

Salila ieu gé kuringtéh ngabebetah manéh,nguat-nguat manéh lan-taran resep ku cara dia-jarna. Di kelas,hubungan murid jeungguru téh karasa raketna,nepi ka lamun aya soalnaon baé anu teu ka-harti, kuring sok waninanyakeun. Lamunsakalieun Sénséi cantiasa ngawaler saharita,sok terus babarenganngotéktak jawabananaku cara mukaan deuibuku-buku anu ayasangkut-pautna jeungsoal nu

can kajawab téa.Katambah-tambah alat-alat peraga ogé loba,praktékna loba tapi PRteu loba teuing. Bédajeung di sakola In-donésia nu kungsikadéngé dongéngna tiPépép. Cenah, jumlahmata pelajaran loba, PRloba, bari gurunerangkeunana tara nepika kaharti. Atuh tung-tungna téh PR-PR, arimigawéna mah anggerwé di sakola isuk-isuk,raraméan niron ka ba-baturan pangpinterna.Pépép ogé kaasup anusok sering katironan kubabaturanana. Saruapinterna jeung Naoki.Tapi bédana, Pépép mahteu sombong jiga SiNaoki. Tara ngomongsaengabna ka batur,ngahina jeung sakape-ung sok wani nepi kanyarékan sawaregna kabatur téh. Nepi ka haritakuring ngarasa perlungawarah ku bogem, jigadina kajadian méngbalharita.***(Hanca)

Page 55: Mangle 2468

Manglé 246854

PPangajaranBasaSunda

Latihan Ulangan

1. Pangalaman sapopoé bisa ditulisjadi hiji carita anu disebut …

a. carponb. tatarucinganc. témad. kalimah

2. Maca nepi ka kaharti pisan eusi hijibacaan disebut.........

a. ngalarapkeunb. ngaregepkeunc. ngajawabd. ngartikeun

3. Kalimah diwangun ku sa babaraha…

a. judulb. témac. kacad. kecap

4. Sanggeus poé Salasa nyaéta poé …a. Juma’ahb. Senénc. Rebod. Kemis

5. Poé ieu poé Minggu. Pagéto poé …........

a. Saptub. Senénc. Salasad. Juma’ah

6. Mangkukna poé Kemis. Ayeunapoé…………

a. Saptub. Salasac. Minggud. Rebo

7. Lemesna huntu nyaéta………..a. leungeunb. sukuc. waosd. irung

8. Taar mangrupa kecap lemes tina…a. pipib. tarangc. beuteungd. tuur

9. “Modem” mangrupa kecap anukaasup kana istilah………..

a. kaséhatanb. kasenianc. téknologid. sajarah

10. “Panyakit Kaki Gajah” mangrupakecap anu kaasup kana istilah…

a. téknologib. kaséhatanc. sajarahd. peternakan

11. “Sisingaan” mangrupa kecap anukaasup kana istilah……….

a. olah ragab. kasenianc. kaséhatand. sajarah

12. Budak leutik bisa........., babakunangapungna peuting. (PupuhKinan ti)

a. macab. nulisc. ngapungd. luncat

13. Lamun seug mungguh tipeu -ting.........nyambuang sapakara -ngan. (Pupuh Sinom)

a. sumeleberb. sumélékétc. susuganand. seuseurian

14. “Mangmacakeun” kecap asalnanyaéta…………..

a. bacab. macac. mangmacad. macakeun

15. Kecap sabalikna tina “jangkung”nyaéta……………

a. panjangb. pendékc. leutikd. pondok

Diajar Basa Sunda Kelas VKu Nila Karyani, S.Pd

Jawaban diserat dina kartu pos nganggo perangko sacekapna, ulah hilapditémpélan kupon UTY no. 1252. Kintunkeun ka Manglé Alit, Jl. Lodaya No.19 Bandung 40262, saelat-elatna dua minggu saparantos medal.

Jawaban UTY No. 1249, Nu leres : HP (Hand Phone)

Nu kénging hadiahna:1. Ifan Hardiansyah Jl. Kopo No. 34 Bandung2. Ilham Rabbani Kp. Murci No. 135 Kab. Bandung3. R. Puspa Anggraeni Kp. Dukuh Warung Rt. 04 Rw. 07 Kadipaten

Urang Teguh Yu!Ngahurungkeun tipi

ti jauhnaHenteu matak kudu répot.

Naon cing?

(Hersandi-Bandung)

Page 56: Mangle 2468

55Manglé 2468

TTarucing Cakra

KA GIGIR:1. Sawah4. Métode7. Campur9. Sato nu cucukan11. Jalma jujur jeung gedé wawanén13. Percaya15. Golongan tingkatan dina agamaHindu18. Cai20. Jurig awéwéna21. Sato anu leueur awakna22. Tutumpakan nu ditarik ku kuda25. Sato padang pasir28. Cahara30. Purah nalingakeun nu digarawé33. Sok dibeulitkeun dina kerah baju34. Tempat matuh nu digarawé35. Alus tur tohaga (wangunan)

KA HANDAP:1. Tempat jauh nu hésé disaba2. Hujan (Inggris)3. Sato dina kapercayaan urang Cina4. Wangun sastra5. Nyanyi bareng duaan6. Kuburan8. Bapana kolot urang10. Paranti méré cisusu12. Kuno14. Ukuran waktu16. Panjara

17. Bentang pilem lalaki19. Sukma, lelembutan21. Sarupa sendal tina kai23. Aksara Arab24. Hurang leutik26. Niat atawa jangji nu bakal dilak-sanakeun mun hasil maksud27. Angkatan Muda Siliwangi29. Kabiasaan31. Kuring (basa kasar)32. Hampas tahu

Waleran diserat dina kartu pos, témpélanKupon Tarucing Cakra No. 1433. Kintunkeun ka Majalah Manglé Jl. Lo-daya 19 Bandung 40262 paling leuir duaminggu saparantosna medal.

Nu kagiliran kénging hadiah TarucingCakra No. 1431:

1. Hj. Latifah NataprawiraJl. Samarinda 38Antapani - Bandung 40291

2. Renny RosmawatiJl. Cisirung RT 04/03Kab. Bandung

3. Adang KadarismanMargaluyu Ciamis Km 10Ciami

1433K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

Page 57: Mangle 2468

Manglé 246856

LLempa Lempi Lempong

“Abong manusa, teu leupas tinakasalahan.”

“Enya. Obrolan urang dina édisikamari ogé salah gambarna, Lo. Ku ki-tuna, neda tawakup ka sakumna nungaos Manglé, kana éta kalepatan.”

“Kumaha atuh, Mang?”“Urang muatkeun deui wé dina

édisi ayeuna.”“Ngiringan baé uing mah, Mang”*“Alhamdulillah.”“Hih, jol alhamdulillah baé, Lo?”“Antukna mah bisal dilaksanakeun

di Bandung, Mang.”“Naon téa?”“Pertandingan Persib ngalawan

Persija, Mang.”“Oh.”“Lantaran mun bedo maén di Ban-

dung, tangtu Persib rugi, moal bisangamangpaatkeun laga kandang.”

“Laga élklasiko disebutna ogé. Nu-rutan istilah dina liga sepanyol, per-

tandingan antara Barcelona lawanReal mandrid téa geuning, Lo.”

“Sok panas pertandingan élklasikomah, Mang.”

“Enya. Tapi di batur mah panasnatéh ukur dina pertandingan, ukur di la-pangan, Lo.”

“Ari di urang?”“Panas nepi ka luar lapangan.

Malah nepi ka tempat-tempat séjénnanu taya hubunganana jeung per-tandingan.”

“Bobotoh silih kakalakeun jeungDe Jék nya, Mang?”

“Enya. Nepi ka aya nu jadi korbankapan. Hal éta pisan nu ngalan-tarankeun pihak kepolisian,sababaraha waktu nu kaliwat, teungidinan pertandingan Persib jeungPersija diayakeun di Kota Bandungjeung kota-kota séjénna di JawaBarat.”

“Bener, Mang. Pacéngkadan antarabobotoh jeung de jék téh bangun nu

geus karahaan, hésé pisan diungku-lanana. Malah Gupernur DKI jeungGupernur Jawa Barat ogé nepi kakungsi madungdengkeun éta pasu-alan.”

“Ku ayana éta pasualan, Persib téhjadi kabawa rugi.”

“Enya.”“Kiwari, bobotoh geus jangji bakal

tartib. Sarta antukna Persib bisangalaksanakeun pertandinganngalawan Persija di Bandung.”

“Ahamdulillah.”“Muga-muga baé bobotoh téh

beuki déwasa, Mang. Henteu milam-pah hal-hal anu matak rugi kasaréréa.”

“Enya. Keun baé ari panasna ukurdi lapangan mah, da ngaranna ogé hi-buran.”

“Kalah jadi leuwih nikmat lalajonanyah, Mang.”

“Nikmat sotéh lamun panasnamasih kénéh aya dina koridor sportip.Lamun nu maraénna panas nepi kabuk-bek mah asa nikmat kénéh lalajotinju.”

“Satuju, Mang.”“Muga-muga baé bobotoh jeung de

jék bisa bener-bener daméy. Sartaengké Persib bisa ngéléhkeun Persija,jeung kleub-kleub lianna, tuluy jadijuara.”

“Amin.”“Pan nikmat ngabandunganana

ogé.”“Ngabandungan naon, Mang?”“Ngabandungan bobotoh tartib,

Persib juara.”***

Persib vs Persija